Fungisida
Larapan fungisida ku cara disemprotkeun. |
Fungisida nyaéta jinis péstisida anu husus dipaké pikeun maéhan atawa nyegah tumuwuhna fungi (cendawan) anu jadi sabab panyakit.[1] Bentuk fungisida bisa mangrupa zat cair (anu panglobana dipaké), gas, butiran, atawa bubuk.[1]
Pausahaan panyadia siki biasana ngalarapkeun fungisida kana siki, beuti, akar cangkok, sarta bagian propagatif séjénna. Hal ieu tujuanana pikeun maéhan jamur anu napel dina bahan pelak, sakaligus nangtayungan pepelakan ngora tina serangan patogén.[1] Sajaba ti éta, fungisida ogé bisa dilarapkeun ku cara disuntik kana sirung, disemprotkeun langsung (upama cair), atawa dina bentuk fumigan (gas).[1]
Golongan Fungisida
[édit | édit sumber]Fungisida bisa digolongkeun kana dua kategori utama, nyaéta fungisida seléktif sarta non-seléktif. Fungisida seléktif (saperti walirang, tambaga, kuinon, jeung hétérosiklik) digunakeun pikeun maéhan sababaraha jinis fungi nu tangtu tanpa ngaruksak fungi séjénna.[2] Samentara éta, fungisida non-seléktif ngawengku sanyawa hidrokarbon aromatik, anti-omycota, oxathiin, organofosfat, fungisida anu nyegah sintésis stérol, sarta fungisida sistemik séjénna.[2]
Dumasar kana cara kerjana, fungisida ogé bisa dibagi jadi tilu jinis:[3]
- Fungisida kontak: Ngan ukur mangaruhan bagian tutuwuhan anu kakeunaan semprotan sacara langsung.[3]
- Fungisida translaminar: Zatna bisa nyerep sarta pindah tina bagian luhur daun (anu disemprot) ka bagian handapna.[3]
- Fungisida sistemik: Zat anu diserep ku jaringan tutuwuhan, tuluy didistribusikeun ka sakuliah bagian pepelakan ngaliwatan sistem pembuluh (xylem/floem).[3]
Mangfaat Pamakéan
[édit | édit sumber]Fungisida nyaéta sanyawa kimiawi beracun pikeun ngabasmi jeung nyegah perkembangan fungi.[3] Pamakéan fungisida ieu kaasup pengendalian sacara kimiawi. [rujukan?] Mangpaat diala tina pamakéan fungicides nyaéta:[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 McGrath, M.T. (2004). What are Fungicides. The Plant Health Instructor. DOI: 10.1094/PHI-I-2004-0825-01
- 1 2 Hriday Chaube & V.S. Pundhir. (2006). Crop Diseases and Their Management. Prentice-Hall of India Pvt.Ltd. ISBN 978-81-203-2674-3. Kaca 292-305.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 Mueller, Daren. "Fungicides: Terminology". Iowa State University. Diakses 1 Juni 2013. Salah ngutip: Tanda
<ref>tidak sah; nama ":2" didefinisikan berulang dengan isi berbeda