Batubara

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dialihkeun ti Batu bara)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Batubara

Batubara Bituminus

Batubara nyaéta daglegan endapan senyawa organik karbonan anu ngawujud sacara alamiah tina sésa-sésa tutuwuhan.[1] Pertambangan batubara nyaéta pertambangan daglegan karbon anu aya dina jero bumi, kaasup bitumen padet, gambut, jeung batuan aspal.[1] Mineral jeung batubara salaku sumber daya alam anu teu bisa dianyarkeun mangrupa kakayaan nasional anu aya dina kakawasaan nagara pikeun sahadé-hadéna karaharjaan rahayat.[1]

Prosés ngawujudna batubara tina tutuwuhan ngaliwatan dua tahap,[2] :

  1. Tahap ngawangun gambut (péat) tina tutuwuhan sering disebut prosés péatification.[2]
  2. Tahap ngawangun batubara tina gambut, sering disebut prosés coalification.[2]

Tutuwuhan anu rungkad atawa paéh , umumna bakal buruk jeung ancur nepi ka sanggeus sababaraha waktu lilana teu katingali deui wangun aslina.[2] Dina enas-enasna mah prosés jadi burukna téh mangrupa oksidasi anu dilantarankeun ku ayana oksigén jeung aktivitas baktéri atawa jasad renik lianna.[2]

Matéri Pangwangun Batubara

Ampir kabéh matéri anu ngawangun batubara nyaéta tutuwuhan.[2]:

  1. Alga, ti jaman Pre-kambrium nepi ka Ordovisium kalawan sélna tunggal.<prob> Endapan batubara tina ieu périodeuu saeutik.[2]
  2. Silofita, ti jaman Silur nepi ka Devon Tengah, mangrupa rundayan tina alga.[2] Endapan batubara tina périodeuu ieu saeutik.[2]
  3. Pteridofita, ti jaman Devon Luhur nepi ka Karbon Luhur.[2] Matéri utama anu ngawangun batubara saumur Karbon Luhur aya di Éropah jeung Amérika Kalér.[2] Pteridofita téh tutuwuhan tan kembang, tan siki.[2] Ngarundayna ku cara nyebarkeun spora, tur tumuwuh dina iklim haneut.[2]
  4. Gimnospermae, ti jaman Permian nepi ka Kapur Tengah.[2] Ieu tutuwuhan téh hétéroséksual, sikina dibungkus dina jero buah (saperti pineus) jeung ngandung kadar geutah (résin) anu loba.[2]
  5. Angiospermae, ti jaman Kapur Luhur nepi ka ayeuna.[2] Ieu mangrupa jenis tutuwuhan modéren, buahna nutupan siki, jalu jeung bikang aya dina hiji kembang, kadar geutahna kurang upama dibandingkeun jeung Gimnospermae, tur umumna kurang bisa diawétkeun.[2]

Rujukan

  1. a b c "Undang-undang Republik Indonésia Nomor 4 taun 2009 tentang Pertambangan Mineral Batubara" dina http://ptba.co.id/id/library/regulations, diaksés tanggal 1 Nopémber 2011
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q Probowati, Dyah. 2008. Batubara Potensi, Penambangan, dan Pemanfaatan. Klaten: Insen Sejati.
Nulis.jpg