Lompat ke isi

Teki

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Teki
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
C. rotundus
Ngaran binomial
Cyperus rotundus
Kembang teki

Teki nyaéta jukut (Cyperaceae) asalna ti wewengkon Afrika kidul jeung tengah, Eropa (kalér nepi ka Perancis jeung Austria), ogé Asia kidul. Teki kagolong jukut liar anu gampil pisan ngarekahan, akarna panjang bisa nyeceb kana jero taneuh nepika saméter, ku lantaran éta pikeun patani jukut teki mangrupa gulma anu hésé dibasmi .[1] Teki dina basa Latin disebut Cyperus rotundus kecap Cyperus tina basa Yunani κύπερος, kyperos, jeung kecap rotundus nyaéta tina basa Latin, hartina " puteran".

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Teki bisa hirup kalawan subur di tempat anu cukup cahaya panonpoé jeung taneuh anu henteu pati garing, gancang ngarekahan jeung hésé dibasmina, akar barijil tina puhu tangkal nyebar ka gigir jeung ka handap (radix adventica), ieu akar bakal ngabeuti lamun umurna geus cukup déwasa.

Tangkalna kagolong hipu, wujudna pasagi tilu panjang 10–20 cm, puhu tangkalna bakal jadi beuti kurang leuwih sagedé kacang suuk tuluy kaluar akar jeung sirung nga jadi tangkal teki anyar.

Daun teki méncos laleutik lebar kurang leuwih dua mili, guguratan, kelir luhurna héjo kolot sedengkeun bagian handapna héjo ngora.[2]


Kembang ngaranggeuy bijil tina tungtung tangkal, dina satangkal aya dua nepi ka opat ranggeuy. Buahna mangrupa siki laleutik pisan, gepéng, dilimpudan ku cangkang (huut) warna coklat. di mana geus kolot sikina bakal marurag sorangan.[3]

Mangpaat

[édit | édit sumber]
Tangkalna segi tilu
Cyperus rotundus L. subsp. rotundus , Herbarium, 1839

Teki mangrupa ubar mujarab pikeun ngajaga kaséhatan utamana pikeun ngubaran nyeri dada, nyeri huntu, nyeri beuteung, nyeri dina mangsa datang bulan, ubar sariawan jeung bisa nyuburkeun kandungan, ogé beuti tangkal teki bisa ngabantu ngaronjatkeun ingetan.[4][5]

Bangsa Arab baheula ngabebek beuti akar teki saméméhna meunang ngabubuy pikeun ngubaran raheut, bisul, bareuh jeung sajabana kitu ogé tabib urang Barat jeung Islam kasup Dioscorides , Galen , Serapion , Paulus Aegineta , Avicenna , Rhazes , jeung Charles Alstongeus mertélakeun mangpaat beuti jukut teki pikeun ubar nyeri beuteung , emmenagogue , deobstruent .[6][7][2]


Nyaéta sipatna anu nolak kana baktéri, beuti jukut teki geus dimangpaatkeun bangsa sudan malahan 2000 taun geus kaliwat pikeun ngajaga kasehatan huntu ngarah henteu koropok.[8][9]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Ngeunaan Informasi spesies
  2. a b Hembing W., Prof H. (2008). Ramuan Lengkap Herbal Taklukkan Penyakit. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 271. ISBN 9789791481526. Diakses tanggal (disungsi – 23 Méi 2020). 
  3. Morfologi tangkal teki Archived 2016-09-10 di Wayback Machine
  4. "Effect of polyherbal formulation on experimental models of inflammatory bowel diseases". J Ethnopharmacol 90 (2-3): 195–204. February 2004. doi:10.1016/j.jep.2003.09.042. PMID 15013181. 
  5. Manish V. Patel (October 2010). "Effects of Ayurvedic treatment on forty-three patients of ulcerative colitis". Ayu. 31 (4): 478–481. doi:10.4103/0974-8520.82046. PMC 3202252. PMID 22048543. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=3202252. 
  6. Aegineta Paulus (translation and commentary by Francis Adams) (1847). The seven books of Paulus Aegineta: Translated from the Greek. 
  7. Charles Alston (1770). Lectures on the materia medica: containing the natural history of drugs. 
  8. Watson, Traci (July 16, 2014). "Ancient People Achieved Remarkably Clean Teeth With Noxious Weed". National Geographic. Diakses tanggal 2014-07-19. 
  9. Feltman, Rachel (2014-07-17). "Pesky weed may have helped prehistoric humans fight cavities, report says". Washington Post: p. A3  from journal PLOS One

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]