Suuk

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Suuk (Kacang Taneuh
Tangkal Suuk Arachis hypogea
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Subdivisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
Arachis hypogeae L.
Arachis tuberosa Benth.
Arachis guaramitica Chod & Hassl.
Arachis idiagoi Hochne.
Arachis angustifolia (Chod & Hassl) Killip.
Arachis villosa Benth.
Arachis prostrata Benth.
Arachis helodes Mart.
Arachis marganata Garden.
Arachis namby quarae Hochne.
Arachis villoticarpa Hochne.
Arachis glabrata Benth.
Ngaran binomial
Arachis hypogaea

Suuk ngaran beubeutian nu di pelak sikina, sok disebut ogé kacang taneuh;kaasup golongan kadaharan, diasakanana di kulub, disangray, katut cangkangna, di goréng sikina wungkul.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Suuk (kacang taneuh)mangrupa pepelakan anu asalna ti Amérika Kidul, daérah Brazilia.[2] Penanaman mimiti dipigawé ku urang Indian (suku pituin bangsa Amérika).[2] Di Benua Amérika penanaman ngembang anu dipigawé ku pendatang ti Éropa.[2] Kacang Taneuh ieu mimiti asup ka Indonésia dina mimiti abad ke-17, dibawa ku padagang Cina sarta Portugis.[2] Ngaran séjén ti kacang taneuh nyaéta kacang una, suuk, kacang jebrol, kacang bandung, kacang tuban, kacang kolé, kacang banggala.[2] Basa Inggrisna kacang taneuh nyaéta “peanut” atawa “groundnut”.[2]

Mangpaat Pepelakan[édit | édit sumber]

Di widang industri, dipaké minangka bahan pikeun nyieun keju, mentéga, sabun sarta minyak goréng.[2] Hasil sampingan ti minyak bisa dijieun bungkil (hampas kacang anu geus dipiit/dicokot minyakna) sarta dijieun oncom ngaliwatan ferméntasi suweng.[2] Mangpaat daunna sajaba dijieun sayuran atah atawa dikulub, dipaké ogé minangka bahan pakan ingon-ingon sarta bérak héjo.[2] Minangka bahan pangan sarta kadaharan ingon-ingon anu miboga gizi luhur, kacang taneuh ngandung lemak (40,50%), protein (27%), karbohidrat sarta vitamin (A, B, C, D, E sarta K), ogé ngandung mineral antara séjén Calcium, Chlorida, Ferro, Magnesium, Phospor, Kalium sarta Sulphur.[2]

Séntra penanaman[édit | édit sumber]

Di tingkat Internasional kacang taneuh pangpuseurna di India, Cina, Nigeria, Amérika Sarikat sarta Gombai, saterusna ngalegaan ka nagara séjén.[2] Di Indonésia kacang taneuh pangpuseurna di Pulo Jawa, Sumatra Kalér, Sulawesi sarta kiwari geus dipelak di sakumna Indonésia.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. RA,Danadibrata.2006.Kamus Basa Sunda. Bandung:Gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran.Kaca 665
  2. a b c d e f g h i j k l (id)[1] Archived 2011-11-17 di Wayback Machine(diaksés tanggal 14 oktober 2011)