Gizi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Salasahiji conto menu sehat

Gizi nyaéta asal kecap tina basa Arab “Al Gizzai” anu hartina kadaharan jeung mangpaatna pikeun kaséhatan. [1] Al Gizzai ogé bisa dihartikeun salaku saripati kadaharan anu loba mangpaatna pikeun kaséhatan.[1] Di Indonésia istilah “gizi” atawa “élmu gizi” dipikawanoh taun 1952-1955 minangka tarjamahan tina basa Inggris nyaéta nutrition. [2] Numutkeun WHO élmu gizi minangka élmu anu ngabahas pasualan prosés dina organsime hirup. [2] Éta prosés ngawengku cara ngolah zat padet jeung cair tina kadaharan (prosés pencernaan, transport, jeung éksrési) anu diperlukeun pikeun kahirupan, pikeun tumuwuh, pikeun organ awak tur ngahasilkeun énérgi. [2] Gizi ogé mangrupa prosés organisme anu ngagunakeun kadaharan anu dikonsumsi sacara normal ngaliwatan prosés pencernaan, absorpsi, transportasi, penyimpanan,  metabolisme, jeung ngaluarkeun zat-zat anu teu digunakeun pikeun lumangsungna kahirupan, tumuwuh, jeung pungsi normal tina organ-organ, sarta ngahasilkeun énérgi. [3]

Kelompok Zat Gizi[édit | édit sumber]

Unggal jalma ngabutuhkeun lima kelompok zat gizi, nyaéta karbohidrat, protein, lemak, vitamin, jeung mineral dina jumlah anu cukup, teu leuwih jeung teu kurang. [1]

Karbohidrat[édit | édit sumber]

Salasahiji conto karbohidrat.

Karbohidrat mangrupa énérgi utama tur penting keur awak.[4] Zat gizi kakandung dina kadaharan anu diwangun tina unsur Carbon (C), Hidrogén (H), jeung Oksigén (O).[4] Dina jero awak karbohidrat bakal ngahiji jeung sababaraha asam amino ogé glisérol lemak.[4] Sumber-sumber karbohidrat di antarana béas, jagong, gandum, jrrd. [4] Dumasar molekulna karbohidrat dibagi jadi tilu, nyaéta monosakarida, oligosakarida, jeung polisakarida. [4] Fungsi karbohidrat di antarana nyaéta sumber énérgi, nu ngalindungi protein, pencegah kaciptana ketosis jeung pemecah protéin anu kaleuleuwihi, ngadétoksifikasi zat anu ngabahayakeun, jeung ngabantu prosés senyawa-senyawa nu séjén. [4]

Protein[édit | édit sumber]

Salasahiji conto protein.

Protéin nyaéta sumber asam-asam amino anu ngandung unsur Carbon (C), Hidrogén (H), Oksigén (O) jeung Nitrogen (N) anu teu dipiboga ku lemak atawa karbohidrat.[5] Asam amino anu nyusun protéin aya 20 rupa. [6] Protéin aya dina unggal sistem hirup sakumna organisme. [6] Pungsi protéin nyaéta salaku katalisator, anu ngangkut jeung nyimpen molekul séjén saperti oksigen, anu nyampurnakeun sistem imunitas ogé salaku transmitor gerakan syaraf. [6]

Lemak[édit | édit sumber]

Salasahiji buah anu ngandung lemak.

Lemak nyaéta senyawa kimia anu sipatna hidrofobik disusun tina unsur Carbon (C), Hidrogen (H), jeung Oksigén (O). [7] Siga karbohidrat, lemak ogé mangrupa sumber énérgi pikeun manusa. [7] Pungsina nyaéta nu ngalindungi awak tina suhu anu rendah, pelarut vitamin A, D, E, jeung K, pelindung organ vital kayaning jantung jeung lambung, nu nyusun membran sel, ogé nyusun hormon. [7]

Vitamin[édit | édit sumber]

Wortel ngandung Vitamin A.

Vitamin nyaéta zat senyawa kompléks anu dibutuhkeun pisan ku mahluk hirup. [8] Dumasar kelarutanna vitamin dibagi jadi dua, anu larut dina cai nyaéta vitamin B jeung C, sedeng anu teu larut din acai nyaéta vitamin A, D, E, jeung K. [8] Pungsina nyaéta pikeun ngatur zat dina awak, nguatkeun gigi jeung tulang, nguatkeun daya tahan awak, ngabantu dina prosés pencegahan panyakit, ngaronjatkeun kabugaran, jeung jadi katalisator dina réaksi biokimia. [8]

Mineral[édit | édit sumber]

Mineral nyaéta zat gizi anu diperlukeun ku manusa, mibanda komposisi unsur murni kalayan rupa-rupa bentuk. [9] Pungsina pikeun ngajaga kaséhatan otot, ngahasilkeun énzim, ngatur tekanan osmotic, nyiptakeun antibody, jrrd. [9] Conto mineral nyaéta kalsium, phospor, zat besi, iodium, jeung cai. [1]

Fungsi Zat Gizi[édit | édit sumber]

Zat gizi miboga fpungsi anu spésifik. Unggal zat gizi pungsina téh rupa-rupa. Di antarana :

  • Zat gizi minangka sumber energi ; Salaku sumber énérgi zat gizi miboga mangpaat pikeun ngusikeun awak jeung prosés metabolisme dina awak.[rujukan?] Zat gizi anu kaasup kana zat anu pungsina jadi sumber énérgi nyaéta karbohidrat, lemak, jeung protéin. [1]
  • Zat gizi pikeun mertahankeun jaringan awak ; Zat gizi mibanda pungsi pikeun nyipta tur ngaganti sél-sél dina jaringan awak manusa. [1] Anu kaasup kana ieu zat nyaéta protein, lemak, mineral, jeung vitamin. [1]
  • Zat gizi salaku pangatur proses metabolisme ; Prosés metabolisme dina awak perlu diatur sangkan saimbang. [1] Ku kituna dibutuhkeun zat gizi pikeun ngaturna di antarana mineral, vitamin, jeung protéin. [1]

Sumber Zat Gizi[édit | édit sumber]

Dumasar sumberna zat gizi dibagi jadi dua, nabati jeung hewani.[rujukan?] Sedeng dumasar jumlah anu dibutuhkeun ku awak sumber zat gizi dibagi jadi dua :

  • Zat gizi makro nyaéta zat gizi anu diperlukeun dina jumlah anu loba kalayan satuanna gram, contona karbohidrat, lemak, jeung protéin. [1]
  • Zat gizi mikro nyaéta zat gizi anu diperlukeun dina jumlah anu saeutik tapi aya dina kadaharan, contona mineral jeung vitamin. [1]

Epidemiologi Gizi[édit | édit sumber]

Epidémiologi gizi mangrupa élmu anu ngabahas sual sebaran jeung déterminan masalah gizi jeung panyakit anu aya patalina jeung masalah gizi, sarta larapanna dina kawijakan jeung program pangan ogé gizi pikeun ngahontal kasehatan masarakat anu leuwih hade.[10]

Tujuan Epidemiologi Gizi[édit | édit sumber]

Tujuan utama tina panalungtikan épidemiologi gizi nyaéta pikeun nyadiakeun fakta ilmiah anu paling hadé pikeun ngadukung pamahaman peran énérgi dina panyakit atawa nyegah panyakit. [10] Sacara klasik, épidemiologi mibanda tilu tujuan :

  • Pikeun ngagambarkeun distribusi jeung ukuran panyakit dina populasi manusa. [10]
  • Pikeun ngajentrekeun panyakit anu pakait jeung gizi. [10]
  • Pikeun nyadiakeun informasi penting keur ngokolakeun jeung ngarencanakeun layanan panyakit anu patali jeung gizi. [10]

Kamekaran Epidemiologi Gizi[édit | édit sumber]

Mimitina épidemiologi gizi ngan museur kana patalina antara kakurangan zat gizi jeung timbulna panyakit. [10] Misalna anémia zat besi, panyakit anu dibalukarkeun tina kurangna zat gizi besi. [10] Sajalan jeung kamekaran téknologi jeung ngaronjatna kasejahteraan manusa anu ahirna ngarobah gaya hirup, fokus epidemiologi ogé jadi robah. [10] Asalna tina panyakit balukar defisiensi gizi jadi ka panyakit balukar kaleuwihan gizi anu umumna kronis. [10] Conto-conto panyakit kronis anu patali jeung gizi nyaéta panyakit jantung coroner, diabetes mellitus, hiperténsi, jeung hiperkolesterolemia. [10]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k Riana, Deny (November 2010). Apakah Gizi itu?. Bogor: Quadra. ISBN 978-979-054-236-5. 
  2. a b c Yuniastuti, Ari (2008). Gizi dan Kesehatan. Yogyakarta: Graha Ilmu. ISBN 978-979-756-303-5. 
  3. Yulianti, Yeni (2015). Gizi dan Kesehatan Anak Prasekolah. Bandung: Rosda. ISBN 978-979-692-697-8. 
  4. a b c d e f "Pengertian Karbohidrat, Fungsi Karbohidrat dan Sumber Karbohidrat" (dalam bahasa en-US). Berbagi Ilmu Pengetahuan. 2017-04-04. http://fredikurniawan.com/pengertian-karbohidrat-fungsi-karbohidrat-dan-sumber-karbohidrat/. Diakses pada 2018-02-10 
  5. http://titisfahreza.lecture.ub.ac.id/files/2016/01/PROTEIN_TS.pdf
  6. a b c Katili, Abubakar Sidik (5 Mei 2009). "Struktur dan Fungsi Protein Kalogen". Jurnal Ilmiah. http://download.portalgaruda.org/article.php?article=40622&val=3587.  Archived 2018-03-03 di Wayback Machine
  7. a b c "Pengertian Lemak : Sifat, Macam, Sumber, Dan Fungsi Lemak - Ngelmu". www.ngelmu.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-02-10.  Archived 2018-02-10 di Wayback Machine
  8. a b c "Vitamin : Pengertian Jenis Fungsi Manfaat, Sumber Vitamin". edyutomo.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-02-10.  Archived 2018-01-06 di Wayback Machine
  9. a b "Pengertian Mineral Beserta Jenis dan Fungsinya - Satu Jam" (dalam bahasa id-ID). Satu Jam. 2017-09-17. https://satujam.com/pengertian-mineral/. Diakses pada 2018-02-11 
  10. a b c d e f g h i j Siagian, Albiner (2010). Epidemiologi Gizi. Erlangga Medical Series. ISBN 978-979-075-331-0.