Lompat ke isi

Hiperténsi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Hiperténsi atawa Darah tinggi mangrupa salah sahiji lampu beureum anu pangécésna dina tanda-tanda ayana masalah dina jantung sarta pembuluh getih hiji jalma.[1] Sabot hiji jalma nu dikira-kira ngalaman darah tinggi mangka manéhna mibanda kamungkinan tujuh kali lipet kakeunaan stroke, opat kali lipet bisa panarajang jantung sarta lima kali lipet kamungkinan maot alatan gagal jantung.[1] Dina catetan anu positif, aya léngkah-léngkah anu geus kabuktian dina ngadalikeun tekenan darah tinggi, komo ngabalikkeun karuksakan-karuksakan anu geus lumangsung.[1] Darah tinggi nyaéta kakuatan anu dikaluarkeun ku jantung dina getih dina waktu usik dina pembuluh getih hiji jalma.[1] Lamun hiji jalma ngalaman darah tinggi hartina jantungna ngompa leuwih beurat dibandingkeun nu kuduna. Tekenan getih anu cageur biasana di handapeun 120/80, atawa leuwih alus di handapeun 110/76.[1] Angka 125/85 geus mangrupa tekenan darah tinggi anu hampang. lolobana dokter sapuk lamun tekenan getih aya dina angka 160/100 atawa leuwih luhur mangka baris dikategorikeun minangka picilakaeun.[1] Biasana mingkinan kolot umur jalma, mingkinan luhur ogé tekenan darah tinggina.[2] Tapi, dina nu ngalaman hiperténsi, tekenan getih kasebut di luhur bates normal.[1] Pikeun jalma nu umurna 60 taun, tekenan getihna ulah nepi ka ngaleuwihan 160/90 mmHg.[2] Lamun leuwih ti angka kasebut, berarti manéhna ngalaman hipertensi.[1] Tekenan diastolik nu leuwih 130 mmHg nunjukkeun ayana hipertensi anu daria.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]

Bahaya darah tinggi[tumbu nonaktif]

  1. a b c d e f g h (id) Hipertensi Archived 2012-01-10 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 21 Oktober 2011)
  2. a b c (id) Syamsuri, Istamar. Biologi Jilid II Untuk SMA Kelas XI Semester 1. Jakarta: Erlangga. Kaca 147