Panonpoé

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Panonpoé
Srangéngé
Data observasi
Jarak rata-rata ti Marcapada 150,000,000 km
(93,000,000 mi)
Visual brightness (V) −26.8m
Absolute magnitude 4.8m
Physical characteristics
Diaméter 1,392,000 km
Diaméter éelatif (dS/dE) 109
Oblateness ~9×10-6
Lega beungeut 6.09 × 1012 km²
Eusi 1.41 × 1027
Massa 1.9891 × 1030 kg
Massa rélatif ka Bumi 333,400
Dénsitas 1.411 g/cm³
Dénsitas rélatif ka Bumi 0.26
Dénsitas rélatif ka cai 1.409
Surface gravity 274 m s-2
Relative surface gravity 27.9 g
Escape velocity 618 km/s
Surface temperature 5780 K
Temperature of corona 5 × 106 K
Luminosity (LS) 3.827 × 1026 J s-1
Orbital characteristics
Period of rotation  
At equator: 27d 6h 36m
At 30° latitude: 28d 4h 48m
At 60° latitude: 30d 19h 12m
At 75° latitude: 31d 19h 12m
Period of orbit around
galactic centre
2.2 × 108 years
Photospheric composition
Hydrogen 73.46 %
Helium 24.85 %
Oxygen 0.77 %
Carbon 0.29 %
Iron 0.16 %
Neon 0.12 %
Nitrogen 0.09 %
Silicon 0.07 %
Magnesium 0.05 %
Sulfur 0.04 %

Panonpoé nyaéta béntang na tatasurya urang. Planét Marcapada jeung sakabéh dulurna, boh planét terestrial atawa raksasa gas, ngurulingan Panonpoé. Nu séjénna nu ngurilingan Panonpoé kayaning astéroid, météoroid, komét, objék Trans-Neptunius, jeung, tangtu bae, kebul. Panonpoé salah sahiji barang langit anu jadi asal cahya alatan bisa ngahasilkeun sarta mancarkeun cahya sorangan. Panonpoé kaasup salah sahiji béntang ti mangmilyar-milyar béntang anu aya di angkasa.[1]

Ciri fisik jeung nu séjénna[édit | édit sumber]

Panonpoé mangrupa béntang nu kaasup kelas spéktral G2, nu hartina béntang ieu téh leuwih badag sarta leuwih panas batan rata-rata, tapi ukuranana leuwih leutik batan béntang raksasa biru. Béntang G2 mibanda umur runtuyan utama kira 10 milyar taun; Panonpoé téh umurna kira geus 5 milyar taun, dumasar nukléokosmokronologi.

Mangpaat panonpoé[édit | édit sumber]

Panonpoé geus dimangpaatkeun di loba belahan dunya sarta lamun diéksplotasi kalayan pas, énergi ieu miboga poténsi sanggup nyadiakeun kaperluan konsumsi énergi dunya ayeuna dina waktu anu leuwih lila. Panonpoé bisa dipaké sacara langsung pikeun mroduksi listrik atawa pikeun manaskan komo pikeun niiskeun. Poténsi mangsa kahareup énergi surya ngan diwatesan ku kahayang urang pikeun néwak kasempetan. Aya loba cara pikeun ngamangpaatkeun énergi ti panonpoé. Tumbuhan ngarobah sinar panonpoé jadi énergi kimia kalayan ngagunakeun fotosintésis. Urang ngamangpaatkeun énergi ieu kalayan ngadahar sarta ngabeuleum kai. Najan kitu, istilah “tanaga surya” miboga harti ngarobah cahya panonpoé sacara langsung jadi panas atawa énergi listrik pikeun pamakéan urang. Dua tipe dasar tanaga panonpoé nya éta “cahya panonpoé” sarta “photovoltaic” (photo- cahya, voltaic=tegangan)Photovoltaic tanaga panonpoé: ngalibatkeun pembangkit listrik ti cahya. Rusiah ti prosés ieu téh pamakéan bahan semi konduktor anu bisa disaluyukeun pikeun ngalepas éléktron, partikel boga muatan négative anu nyieun dasar listrik.[2] Bahan semi konduktor anu pangumumna dipaké dina sél photovoltaic nya éta silikon, hiji élemén anu umum kapanggih di keusik. Kabéh sél photovoltaic miboga sahenteuna dua lapisan semi konduktor kawas éta, hiji boga muatan positif sarta hiji boga muatan négatif. Sabot cahya bersinar dina semi konduktor, lading listrik menyeberang sambungan diantara dua lapisan ngabalukarkeun listrik nyérélék, membangkitkan arus DC. Beuki kuat cahya, beuki kuat aliran listrik.[3]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]


Surya Mandala
Panonpoé - Mérkurius - Vénus - Marcapada (Bulan) - Mars - Beubeur astéroid - Jupiter
Saturnus - Uranus - Néptunus - Pluto - Beubeur Kuiper - Scattered disc - Awan Oort
Baca ogé objék astronomi jeung daptar objék surya mandala, disusun dumasar radius atawa massana.
  1. (id)[1] (diakses tanggal 22 oktober 2011)
  2. (id)[2](diakses tanggal 1 novenber 2011)
  3. (id)[3](diakses tanggal 1 novenber 2011)