Jahé

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Jahé
Jahé
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Tutuwuhan
Fila: Spermatophyta
Kelas: Monocotyledoneae
Ordo: Zingiberales
Kulawarga: Zingibeaceae
Marga: Zingiber
Spésiés: Zingiber officinale

Jahé (Zingiber officinale), nyaéta tutuwuhan beuti anu pohara populér minangka bungbu sarta bahan ubar.[1] Rasana lada dilantarankeun mibanda sanyawa keton nu ngaranna zingeron.[1] Jahé kaasup suku Zingiberacéae. Ngaran ilmiah jahé dijieun ku William Roxburgh tina kecap Yunani zingiberi, ti basa Sansakerta, singaberi.


Sajarah[édit | édit sumber]

Jahé asalna dianggap ti India, tapi aya ogé anu mercaya yén jahé asalna ti Republik Rahayat Cina Kidul. Ti India, jahé dibawa minangka bungbu nu didagangkeun nepi ka Asia Tenggara, Tiongkok, Jepang, Jeung Timur Tengah. Saterusna dina jaman kolonialisme, jahé anu bisa méré rasa haneut sarta lada kana kadaharan gancang jadi komoditas anu populér di Éropa.

Alatan jahé ngan bisa tahan hirup di wewengkon tropis, melakna ngan bisia dipigawé di wewengkon katulistiwa saperti Asia Tenggara, Brasil, sarta Afrika. Ayeuna Équador sarta Brazil jadi Nagara nu ngahasilkeun jahé pang lobana di dunya.

Ciri morfologis[édit | édit sumber]

Tuwuhan jahé

Tangkal jahé mangrupa tangkal palsu kalawan luhurn 30 nepi ka 100 cm, nu katempo tangkal téh sabenerna palapah tina sakumpulan daun. Akarna ngawangun beuti kalawan daging akar boga warna konéng nepi ka semu beureum jeung ambeu nu nyeureud irung. Daunna nyirip kalawan panjang 15 nepi ka 23 mm sarta panjangna 8 nepi ka 15 mm. Gagang daun ngandung bulu nu lemes.

Kembang jahé tumuwuh dina taneuh kalayan bangun buleud endog sarta panjangna 3,5 nepi ka 5 cm sarta rubak 1,5 nepi ka 1,75 cm. Gagang kembang sisitan saloba 5 nepi ka 7 buah. Kembangna boga warna héjo semu konéng. Biwir kembang sarta hulu putik warnana wungu. Gagang putik jumlahna dua.

Pangolahan jeung pamasaran[édit | édit sumber]

Beuti jahé, utamana anu dipanén dina umur anu masih ngora henteu tahan lila lamun ditunda di gudang. Ku kituna diperlukeun pangolahan sagancangna sangkan tetep bisa didahar. Aya sawatara hasil olahan tina jahé anu aya di pasar, nyaéta:

  • Jahé seger
  • Jahé garing
  • Awétan jahé
  • Jahé bubuk
  • Minyak jahé
  • Oléoresin jahé
  • Permén jahé

Jahé garing[édit | édit sumber]

Mangrupa potongan jahé anu saterusna digaringkeun. Wanda ieu pohara populér di pasar tradisional.

Awétan jahé[édit | édit sumber]

mangrupa hasil pangolahan tradisional tina jahé seger, utamana jahé ngora. Anu pangmindengna dipanggihan di pasar nyaéta acar, asinan, sirop, sarta kristal jahé. Wanda ieu dipikaresep ku pamaké ti wewengkon Asia jeung Australia.

Bubuk jahé[édit | édit sumber]

mangrupa hasil pangolahan satuluyna tina jahé ngagunakeun téknologi industri. Bubuk jahé diperlukeun pikeun kaperluan farmasi, inuman, alkohol sarta jamu. Biasana ngagunakeun bahan baku jahé garing.

Oléoresin jahé[édit | édit sumber]

Nyaéta hasil pangolahan tina tipung jahé. Bentukna mangrupa cacai cokelat kalawan kandungan minyak asiri 15 nepi ka 35%.

Habitat[édit | édit sumber]

Jahé tumuwuh subur dina taneuh nu luhurna 0 nepi ka 1500 méter di luhur beungeut laut, kajaba wanda jahé gajah nu hirup dina taneuh nu luhurna 500 nepi ka 950 méter.

Pikeun bisa ngahasilkeun jahé sacara optimal, diperlukeun curah hujan 2500 nepi ka 3000 mm pér taun, tingkat saab 80% sarta taneuh beueus kalawan PH 5,5 nepi ka 7,0 sarta unsur hara nu réa. Taneuh anu dipaké pikeun melak jahé henteu kaci kakeueum.

Variétas[édit | édit sumber]

Aya tilu rupa jahé anu populér di pasar, nyaéta:

Jahé gajah[édit | édit sumber]

Mangrupa jahé anu pangdipikaresepna di pasar internasional. Bentukna badag lintuh sarta rasana henteu lada teuing. Daging beuti boga warna konéng nepi ka bodas.

Jahé konéng[édit | édit sumber]

Mangrupa jahé anu réa dipaké minangka samara asakan, utamana pikeun kadaharan lokal. Rasa sarta ambeuna cukup seukeut. Ukuran beuti sedeng sarta warnana konéng.

Jahé beureum[édit | édit sumber]

Jahé rupa ieu mibanda kandungan minyak asiri nu réa sarta rasana pangladana, ku kituna cocog pikeun bahan dasar farmasi sarta jajamu. Ukuran beutina pangleutikna sarta warnana beureum kalawan urat nu leuwih badag dibandingkeun jahe umumna.

Produk jahé[édit | édit sumber]

Di masarakat Kulon, ginger ale mangrupa hasil olahan anu dipikaresep. Ari Jepang jeung Tiongkok mah pohara mikaresep asinan jahé. Sirop jahé dipikaresep ku masarakat Tiongkok, Éropa jeung Jepang.

Di Indonésia, sakoteng, bandrék, sarta wedang jahé mangrupa inuman anu dipikarasep alatan sanggup méré rasa haneut dina waktu peuting, utamana di wewengkon pagunungan.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Hembing W., Prof H. (2008). Ramuan Lengkap Herbal Taklukkan Penyakit. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 271. ISBN 9789791481526. Diakses tanggal (disungsi – 23 Méi 2020). 

Harmono, STP dan Drs Agus Andoko, Budidaya dan Peluang Bisnis Jahé, Penerbit Agromedia Pustaka, 2005.

Tempo ogé[édit | édit sumber]