Permén

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
lapak dagangan Permén
Baasha nyaéta salah sahiji permén tradisional rasa kacang-kacangan jeung mint anu aya Asia Kidul

Permén (Basa Inggris:Candy) asal kecap tina basa Pérsia dina mangsa nyebutkeun gula tiwu (cane sugar), jeung sigana ogé tina basa Sanskrit "khanda", nu hartina " sapotong (gula)". Permén disebut ogé gula-gula nyaéta salah sahiji kadaharan anu umumna mibanda rasa amis (kareueut), dijieun tina bahan utamana gula dicampuran jeung bahan-bahan séjéna.

Permén henteu sarua jeung kuéh atawa roti nu ilahar dipotongan heula saméméh suguhkeun atawa dibagi-bagikeun. Permén mah biasana dijieun dina wujud anu mangrupa potongan-potongan leuwih leutik. Permén ogé dina ilaharna didahar dina wanci keur nyalsé.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Hiji pausahaan urang Jepang ngajual permén di " The Great Buddha Sweet Shop " Ti Miyako Meisho Zue ( 1787 )

Antara abad ka-4 jeung ka-6 SM, Urang Pérsia saterusna dituturkeun ku urang Yunani mimiti mikawanoh tatanén tiwu pikeun diperes caina nurutan urang India, anu leuwih tiheula tatanén tangkal tiwu pikeun nyubadanan kana kabutuhan gula sagigireun tina hasil nyiruan anu mangrupa "madu".[2] Tangkal tiwu mangrupa tangkal anu loba kapanggih di daérah tropis Asia Kidul, Potongan gula tiwu dijieun ku jalan ngagolakeun cai meunang méré s tina tangkal tiwu di India kuno katelahna Khanda, nyadi dieu pisan asal muasal kecap permén/candy téh.[3] Saméméh kapanggih ieu gula, permén dijieun tina madu .[4] Baheula Urang mesir, Yunani, Timur Tengah jeung Kaisar Romawi ngamangpaatkeu madu pikeun ngawétkeun bubuahan, kekembangan ku jalan dioleskeun atawa dibalur maké madu .[5] Kiwari permén geus loba dijieun pikeun jadi papaés ogé, Mimiti abad pertengahan ieu permén dicampuran ku rempah-rempah dina mangsa nyieuna, saméméh lumasngsungna révolusiIndustri. Ieu permén dimangpaatkeun ogé pikeun ubar, naha ngubaran panas tikoro atawa bisa ogé ngubaran nyeri beuteung. Permén ogé dijieun susuguh dina mangsa narima sémah biasana nyayagikeun ' permén ' dina hiji jamuan keur sémah-na. Sakapeung disebut ogé rohangan rempah-rempah, di dieu permén, dijieun tina cengkéh, jahé, adas amis, buah juniper, almond jeung siki buah pinus tuluy dianclomkeun kana gula dina wadah anu geus dilééhkeun saméméhna..[4]

Rupa-rupa Permén[édit | édit sumber]

Permén gula rupa-rupa wujudna aya permén anu teuas, permén leuleus, karamél, marshmallow, gula-gula, jeung permén séjéna anu bahan utamana nyaéta gula. Permén gula komérsial, umumna dibagi kana sabaraha rupa disaluyukeun kana jumlah gula anu dicampurkeun jeung struktur kimiana.[6]

Coklat sakapeung perlu ogé dibédakeun pikeun misahkeun tina permén gula.[7] kaasup di jerona bisa waé disebut permén coklat jeung coklat truffle . Tapi henteu kasup coklat panas atawa coklat anu di tinyuh, upamana permén anu dijieun tina coklat bodas. Tapi ari coklat anu di mangpaatkeun pikeun kabutuhan séjén, pikeun nyieun kuéh upamana ieu hésé di golongkeun, atau kadaharan anu dianclomkeun kana coklat, kuéh tart anu dihias ku coklat, ogé kuéh lapis coklat .

Permén bisa waé digolongkeun kana non-kristalin jeung kristal. Permén anu wujudna non-kristalin anu homogén bisa waé leuleus jeung liat, bisa ogé permén teuas, karamél, Permén kristal ngagabungkeun kristal laleutik dina struktur-na, nyaéta krim anu lé'éh tur gampang digayem upamana : fondant jeung fudge .[8]

Bungkus[édit | édit sumber]

Gula-gula biasana dibungkus maké kertas lilin
Loba bahan bisa dipaké Bungkus kado.

Bungkus guna jeung mangpaatna pikeun ngajaga tina karuksakan eusi, rasa jeung seungit-na dina mangsa di teundeun atawa dikirimkeun katempat séjén. Kertas lilin bisa dimangpaatkeun pikeun ngahalngan kekebul, kuman jeung lembab. Plastik ngajaga eusina tetep katempo ogé henteu cepel kana eusina. poliétiléna nyaéta bahan lambaran plastik anu bisa diségel maké panas, jeung bahan ieu loba dipakéu pikeun nyieun kantong rupa-rupa plastik. Umumna aya ogé anu ngagunakeun almaniem foil sagigireun hampang ogé bisa ngajaga tina uap cai anu bisa mangaruhan kana eusina jeung rasa , henteu ngandung racun sumawona bau. .[9]

Bungkus ogé ngabantu dina mangsa ngadagangkeun, Anu meuli pada nyaho di mana kadaharan kudu higienis jeung bersih. Hususna anu meuli-na barudak, Ukuran, jeung kelir anu moronyony éta jadi hiji perhatian pikeun ngaronjatkeun kana pesenan agé anu meuli.[10]

Kandungan Zat[édit | édit sumber]

Utamana dina hiji kabiasaan anu remen ngonsumsi amis-amisan, pikeun lolobana urang Amerika permén henteu kaasup sumber gizi loba atawa énergi pangan. Rata urang Amérika ngonsumsi gula 1.1 kg (2,5 pon ) atawa pangamis unggal mingguna, tapi ampir 95 % kabéh asalna gula - kira-kira 70 gram (2,5 ons ) - séjén tina permén, utamana inuman biasa jeung pangan olahan .[11] Candy dianggap sumber [ kalori ] [ kosong ], sabab nyadiakeun nilai gizi saeutik atawa teu leuwih énergi pangan. Dina mimiti abad ka-20 , nalika ''undernutrition'' ieu masalah anu kawilang serius, utamana di kalangan jalma miskin jeung pagawé, di mana kanyaho ngeunaan élmu gizi ieu widang anyar, eusi kalori luhur anu diwanohkeun minangka hiji kahadéan. Panalungtik nyarankeun yén permén, utamana permén susu jeung kacang, ieu hiji alternatif murah pikeun hidangan normal.[12] Salila taun 1920-an jnepi keun ka 1930-an, malahan toko permén ngajualna pikeun gaganti ompréng (dahar beurang).[13] [14]

Vegetarian[édit | édit sumber]

Permén lolobana ngandung daging atawa bagéan-bagéan séjénna tina sasatoan, ogé loba ngandung susu jeung prodak tina sato anu séjéna. Sababaraha permén, kaasup marshmallow jeung gummi, ngandung gelatin anu asalna tina kolagén sasatoan nyaéta protéin anu kapanggih tina kulit ajeung tulang ku lantaran ieu pisan sababaraha vegan jeung vegetarian ngajauhan. " Gelatin halal " ogé luyu pikeun vegetarian jeung vegan, upamana anu dipibanda tina tulang lauk .[15] Zat séjéna, saperti ager-ager , pektin , pati jeung geutah Arab ogé bisa digunakeun pikeun nyieun gel bagian, an engéena bisa digunakeun ngajadi gelatin .

Kacang jeli mindeng diolesan maké lak .[16]]]Bahan-bahan séjén anu biasa kapanggih jeroeun permén aya ogé anu henteu luyu pikeun diet vegetarian atawa vegan Tulisan déngdékkaasup carmine , kelir beureum dijieun tina bangbung cochineal, glasir manisan, jeung sajabana .

Tempo Ogé[édit | édit sumber]

Dicutat Tina[édit | édit sumber]

  1. Richardson, Tim H. (2002). Sweets: A History of Candy. Bloomsbury USA. pp. 53–54. ISBN 1-58234-229-6. 
  2. "Agribusiness Handbook: Sugar beet white sugar" (PDF). Food and Agriculture Organization, United Nations. 2009. 
  3. See:
    • George Watt (1893), The Economic Products of India, W.H. Allen & Co., Vol 6, Part II, pages 29–30;
    • J.A. Hill (1902), The Anglo-American Encyclopedia, Volume 7, page 725;
    • Thomas E. Furia (1973), CRC Handbook of Food Additives, Second Edition, Volume 1, ISBN 978-0849305429, page 7 (Chapter 1, by Thomas D. Luckey);
    • Mary Ellen Snodgrass (2004), Encyclopedia of Kitchen History, ISBN 978-1579583804, Routledge, pages 145–146
  4. a b NPCS (2013). Confectionery Products Handbook (Chocolate, Toffees, Chewing Gum & Sugar Free Confectionery). India: Asia Pacific Business Press. p. 1. 
  5. Toussaint-Samat, Maguelonne (2009). A History of Food. New Jersey: Wiley-Blackwell. ISBN 9781444305142. 
  6. McWilliams, Margaret (2007). Nutrition and Dietetics' 2007 Edition. Rex Bookstore, Inc. pp. 177–184. ISBN 978-971-23-4738-2. 
  7. Edwards, W.P. (2000). The Science of Sugar Confectionery. Cambridge: Royal Society of Chemistry. p. 1. ISBN 9780854045938. 
  8. Norman Potter and Joseph Hotchkiss (1999), Food Science: Fifth Edition, ISBN 978-0834212657, Springer, Chapter 20
  9. Old Candy Wrappers. Wholesale Candy Store. Retrieved on November 2, 2011.
  10. "Trends in Food Packaging Technology". Journal of Agricultural and Food Chemistry 1 (16): 978–986. October 1953. doi:10.1021/jf60016a002. 
  11. Kawash, Samira (2013). Candy: A Century of Panic and Pleasure. New York: Faber & Faber, Incorporated. p. 11. ISBN 9780865477568. 
  12. Kawash, Samira (2013). Candy: A Century of Panic and Pleasure. New York: Faber & Faber, Incorporated. p. 98. ISBN 9780865477568. 
  13. Kawash, Samira (2013). Candy: A Century of Panic and Pleasure. New York: Faber & Faber, Incorporated. pp. 310–318. ISBN 9780865477568. 
  14. Kawash, Samira (2013-10-15). Candy: A Century of Panic and Pleasure. Macmillan. pp. 287–289 and color plate #15. ISBN 9780865477568. 
  15. Will These Bones Live? Yechezkel 37:3. Kashrut.com. Retrieved on November 2, 2011.
  16. Embuscado, Milda; Huber, Kerry C. (2009). Edible Films and Coatings for Food Applications. Springer Science & Business Media. ISBN 9780387928241. Diakses tanggal 2015-03-25.