Adas

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Adas
Siki/ésé Adas
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Order: Apiales
Kulawarga: Apiaceae
Génus: Foeniculum
Spésiés: F. vulgare
Ngaran binomial
Foeniculum vulgare
Mill.

Adas atawa hadés (Foeniculum vulgare Miller) nyaéta hiji tangkal anu diarah sikina pikeun rupa-rupa kagunaan.[1] Ilaharna dipaké bungbu masak jeung ubar, bisa ogé diala minyakna.[1] Adas ku urang Acéh mah disebutna das pedas, di Minangkabau disebutna adeh, manih, urang Jawa nyebutna adas londa, paampas di Manado, denggu-denggu di Gorontalo, adase di Bugis jeung adas di Bali.[1] Adas ngarekahan ku jalan dipelakkeun sikina, jeung bisa ogé dipelak tina sirung anakna.[1]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Kembang Adas

Tangkal adas bisa hirup di dataran nu luhurna kurang leuwih 1800 m luhureun beungeut cai laut, tangtuna leuwih hadé umpama hirup di wewengkon anu leuwih luhur.[2] Tangkalna ngadapur, unggal dapuran aya kana tilu nepi ka lima tangkalna.[2] Hirupna nahun, jangkungna satengah méter nepi ka dua méter.[2] Kelir tangkalna héjo semu paul, umpama di petik atawa dipencét kaangseu seungit.[2] Daunna maréncos kawas jarum, kelirna kembang konéng ngaranggeuy, unggal ranggeuyan mibanda genep nepi ka sapuluh cupat kembang.[2] Buahna lonyod reregetan, buah ngora kelirna héjo robah kelirna jadi coklat jeung kaambung seungit umpama geus kolot.[2]

Nagara Asal[édit | édit sumber]

Tangkal jeung daun

Adas téh tatangkalan asli Éropa kalér jeung Asia, ku lantaran loba guna jeung manfaatna tuluy waé loba dipelak di Indonésia, India, Argéntina, Jeung Jepang.[1][2] Diurangmah ngahaja dipelak pikeun bahan bungbu jeung ubar-ubaran.[2]

Mangpaat jeung kagunaan[édit | édit sumber]

Buah adas anu geus kolot tur asak diala tuluy dipoé nepi ka garing, buah adas mibanda rasa semu amis, lada, jeung haneut.[1] Mangpaat anu geus kanyahoan tina buah adas taya lian pikeun ubar bunghak, sebel, kurang segut kana barang dahar, batuk reuhak, hésé saré (insominia), jeung sajabana.[1] daunna ogé bisa dipaké ngubaran batuk, bunghak, hanaang jeung ngaronjatkeun kamampuan panénjo panon.[1] Pikeun ubar inumeun, godog/kulub buah adas kurang leuwih 3-9 gram, atawa dirieus nepi ka lembut, tuluy ditinyuh ku cai ngagolak, di mana geus haneut hareuheuy kakara diinum.[1] Pikeun pamakéan diluar, buah adas beunang moé dirieus nepi ka lembut tuluy ditaplokeun kana bagéan awak anu karasa umpamana raheut, nyeri huntu, sariawan jeung sajabana.[1]

Bahaya anu ditimbulkeun[édit | édit sumber]

Sagigireun adas loba guna jeung mangpaatna, aya ogé tembahna di mana diinum leuwih tina katangtuan, saperti bisa ngabalukarkeun :

  1. Fotodermatitis taya lian bisa ngabalukarkeun alérgi pikeun saha waé anu henteu kuat, katempo dina kulit bararial kawas anu ararateul umpama katojo ku panon poé.[1]
  2. Kontak dermatitis di mana minyak adas anu kalétak sumawona kateurey matak ngabalukarkeun murel jeung utah-utahan.[1]
  3. Siki adas ngabalukarkeun interaksi jeung ubar séjénna saperti ubar anti-epilepsi.[2] Siki adas malah ngabalukarkeun kejang-kejang.
  4. Thelarche, bijilna pinareup leuwih téréh.[1]
  5. Ngurangan laktasi, lamun seug digunakeun dina jumlah anu loba matak ngurangan cisusu.[1]
  6. Ngaronjatkeun résiko katerap panyakit kangker.[2]
  7. Ngahalangan énzim metabolisme.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n "TANAMAN OBAT di LINGKUNGAN SEKITAR". Niaga Swadaya. Diakses tanggal 20 April 2017. 
  2. a b c d e f g h i j "Adas sebagai Obat, sayur, dan bumbu". Kompasiana. Diakses tanggal 20 April 2017. 
  3. "8 Efek Samping Serius Biji Adas yang Seharusnya Anda Tahu". Perpustakaan Indonesia. Diakses tanggal 20 April 2017. 

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg