Lompat ke isi

Lipid

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gambar 1: Struktur lipid. Loba lipid nu diwangun ku gugus hulu polar (P) jeung buntut nonpolar (U pikeun nonpolar). Lipid nu ditunjukkeun mangrupa fosfolipid (dua buntut). Gambar nu beulah kénca mangrupa vérsi nu dibadagkeun pikeun gambar nu beulah katuhu, nu bakal dipaké di handap pikeun ngawakilan lipid nu mibanda ranté hiji, dua, atawa tilu.

Istilah lipid ngawengku rupa-rupa molekul, malah kaasup sanyawaan nu rélatif teu leyur na cai atawa nonpolar nu asalna tina mahluk hirup, kayaning malam, asam lemak, fosfolipid, sfingolipid, jeung glikolipid turunan asam lemak sarta terpenoid kayaning rétinoid jeung stéroid. Sababaraha lipid mangrupa molekul liniér alifatik, sedengkeun nu séjénna mibanda struktur cingcin. Sababaraha di antarana aromatik, sedengkeun nu séjénna henteu. Sababaraha di antarana fléksibel, sedengkeun nu séjénna kaku.

Lipid loba mibanda ciri polar ti antara lolobana ciri nonpolarna. Umumna, guruntulan strukturna mah nonpolar atawa hidrofobik ("sieun cai"), nu hartina teu ngahiji jeung pangleyur polar kawas cai. Bagian séjén tina strukturna mibanda ciri polar atawa hidrofilik ("resep cai") sarta condong ngahiji jeung pangleyur polar kawas cai. Sipat ieu ngajadikeun lipid kaasup molekul amfifilik (mibanda boh bagian hidrofilik jeung hidrofobik). Dina kasus koléstérol, gugus polarna mangrupa -OH (hidroxil atawa alkohol). Dina kasus fosfolipid, gugus polarna leuwih badag jeung leuwih polar, sakumaha didadarkeun di handap ieu.

Fosfolipid, atawa, leuwih benerna, gliserofosfolipid, diwangun dina pancuh gliserol nu numbukeun dua "buntut" turunan asam lemak ku beungkeut éster sarta hiji gugus "hulu" ku beungkeut éster fosfat. Asam lemak mangrupa ranté hidrokarbon nu teu cabangan, nu disambungkeun ku beungkeut tunggal (asam lemak jenuh) atawa ku buh beungkeut tunggal jeung beungkeut ganda (asam lemak teu jenuh). Ranténa biasana mangrupa 14-24 gugus karbon. Gugus huluna fosfolipid nu kapanggih dina mémbran biologis nyaéta fosfatidil kolin (lésitin), fosfatidil étanol amin, fosfatidil serin, jeung fosfatidil inositol, nu gugus huluna bisa dirobah ku nambahkeun 1-3 gugus fosfat. Najan fosfolipid mangrupa komponén utama mémbran biologis, nu séjén kayaning sfingolipid jeung stérol (misalna koléstérol na mémbran sél sato) ogé aya.

Dina cai, hulu lipid nyanghareup ka lingkungan cai nu polar, sedengkeun buntut hidrofobikna ngajauhan cai. Buntut nonpolar lipid (U) ngagunduk jadi lipid lapis ganda (1) atawa misél (2). Hulu polarna (P) nyanghareup ka lingkungan caina. Dina lingkungan cairan polar, mun lipidna amfifilik buntut tunggal, mangka bakal kabentuk misél, sedengkeun lipid lapis ganda kabentuk mun lipidna fosfolipid nu buntutna dua (Fig. 2). Misél mangrupa lapisan "lapis tunggal" (monolayer) sarta ngan bisa nepi ka ukuran nu tangtu, sedengkeun lapis ganda (bilayer) bisa leuwih badag.

Misél jeung lapis ganda misah ti lingkungan polar ku prosés nu disebut "pangaruh hidrofobik" (Ing. hydrophobic effect). Nalika ngaleyurkeun zat nonpolar dina lingkungan polar, molekul-molekul polarna (nyaéta cai na leyuran) jadi leuwih katata sabudeureun zat nonpolar nu leyur téa, sabab molekul polar teu bisa ngabentuk beungkeut hidrogén jeung molekul nonpolar. Ku kituna, na lingkungan cai, molekul cai nu polar ngabentuk kurung "clathrate" sabudeureun molekul nonpolar. Nalika molekul nonpolar misah ti cairan polar, éntropi (darajat acak) molekul polar na cairanana naék. This is essentially a form of phase separation, similar to the spontanéous separation of oil and water into two separate phases when one puts them together.

Gambar:Lipid bilapis jeung misel.png
Gambar 2: Pangaturan mandiri lipid.

The self-organisation depends on the concentration of the lipid present in solution. Below the critical micelle concentration the lipids form a single layer on the liquid surface and are dispersed in solution. At the first critical micelle concentration (CMC-I), the lipids organise in spherical micelles, at the second critical micelle concentration (CMC-II) into elongated pipes, and at the lamellar point (LM or CMC-III) into stacked lamellae of pipes. The CMC depends on the chemical composition, mainly on the ratio of the héad aréa and the tail length.

Lipid lapis ganda mangrupa pondasi pikeun sadaya mémbran biologis.

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]