Asam lemak
| Rupa-rupa lemak dina katuangan |
|---|
| Baca ogé |
Dina kimia, utamana biokimia, asam lemak nyaéta asam karboksilat anu ilaharna diwangun ku buntut/ranté alifatik, boh nu jenuh atawa henteu. Asam lemak dijieun tina hidrolisis beungkeut éster dina lemak atawa minyak biologis (nyaéta trigliserida), ku cara ngaleupaskeun gliserol (baca oléokimia).
Asam lemak téh asam monokarboksilat alifatik nu diturunkeun tina atawa dikandung dina bentuk éster lemak, minyak, atawa lilin sato (gajih) jeung tutuwuhan. Asam lemak alami biasana ngandung ranté 4-28 karbon (teu nyagak sarta jumlahna genap), boh jenuh atawa henteu. Istilah ieu ogé kadang ngawengku sakabéh asam karboksilat alifatik asiklik[1]. Ku kituna, asam asetat gé jadi kaasup asam lemak, padahal bisa leyur dina cai alatan pondok pisan ranté karbonna.
Rujukan
[édit | édit sumber]- Fatty acid. Wikipédia basa Inggris. Disalin 7 Oktober 2008.
- ↑ Prayer Book, (1997). The Gold Book. IUPAC Compendium of Chemical Terminology (Édisi 2nd). International Union of Pure and Applied Chemistry. ISBN 052151150X. Diaksés tanggal 2007-10-31. Pemeliharaan CS1: Tanda baca tambahan (link)
Baca ogé
[édit | édit sumber]Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Lipid Library
- Prostaglandins, Leukotrienes & Essential Fatty Acids Journal Archived 2007-10-12 di Wayback Machine
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |