Ragi
Ragi nyaéta tutuwuhan sél hiji anu leutik ku kituna henteu bisa ditempo tanpa ngagunakeun mikroskop.[1] Tapi ragi bisa katempo alatan ragi tumuwuh jadi kelompok-kelompok, anu diwangun ti loba tumbuhan ragi anu tumuwuh babarengan.[1] Hiji koloni ragi ampir henteu boga kelir.[1] Tumbuhan éta henteu boga warna héjo alatan henteu miboga klorofil.[1] Éta pisan sababna naha ragi dingaranan "jamur". Ragi henteu bisa ngahasilkeun kadaharan pikeun dirina sorangan.[1] Dina waktu tutuwuhan ragi tumuwuh sarta ngembang biak, tumbuhan éta nyieun dua zat anu dingaranan enzim-enzim, nyaéta invertase sarta zymase.[1] Enzim-enzim ieu mantuan ngarobah zat tipung jadi gula sarta gula jadi alkohol, karbondioksida sarta énergi.[1]
Ragi bisa dipaké keur nyieun roti sangkan rotina mekar.[1] Rébuan taun katukang, jalma-jalma Mesir manggihan yén ragi nyieun roti mekar sarta ku kituna maranéhanana jadi jalma-jalma kahiji anu ngahasilkeun roti anu mekar alatan ragi.[1] Ragi ogé dipaké minangka bahan pikeun nyieun peuyeum, oncom, atawa peuyeum diragian.[2]
Ragi bisa disebut panghaseuman, sabab jadina peuyeum téh lantaran asal haseum, nu matak rasana peuyeum rada haseum jeung amis.[2] Ragi oncom, atawa ragi témpé asalna tina bungkil biasa, nyaéta bungkil lain beunang ngeueum.[2] Ragi peuyeum ketan atawa ragi sampeu, asalna tina tipung béas dicampuran bawang bodas jeung jahé.[2] Ragi apem, sésa adonan apem.[2] Nyieun apem adonan ayeuna dicampur jeung sésa adonan ti heula, nu matak dina unggal-unggal nyieun apem kudu baé adonanana disésakeun atawa ditinggalkeun saeutik keur nyampuran adonan sabadana minangka ragina.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |