Lompat ke isi

Bawang bodas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bawang Bodas
Bawang putih
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Allioideae
Tribus:
Allieae
Génus:
Spésiés:
A. sativum
Ngaran binomial
Allium sativum

Bawang bodas atawa Allium sativum L, mangrupa pepelakan anggota familia lilaceae anu loba tumuwuh di Indonésia utamana di Jawa Tengah sarta Nusa Tenggara.[1][2]

Asal Muasal

[édit | édit sumber]

Asia tengah nyaéta lokasi anu mangrupa pusat asal muasalna bawang bodas sarta A Longicuspis anu boga sipat éndemik di Asia tengah, bisa mangrupa tipe nini moyang liarna.[3] Bisa dicindekkeun A Longicuspis ngahasilkeun siki anu bisa tumuwuh, samentara bawang bodas biasana henteu tapi sawatara klon A Sativum bisa ngahasilkeun sababaraha siki anu bisa tumuwuh.[3] Kiwari keur diupayakeun pepelakan anu bisa dikembangkeun ku siki.[3] Bukti isozom terkini nunjukkeun yén misahkeun bawang bodas ti A Longicuspis kurang bener.[3] Aya bukti deui yén bawang bodas téh geus biasa digunakeun di Mesir saméméh taun 2000 SM, jeung di Cina ogé di India leuwih ti 1000 taun ka tukang.[3] Padang ti Eropa mantuan nyebarkeun bawang bodas terus-terusan nepi ka jadi komoditas sayuran anu penting di dunia, minangka bumbu pikeun masakan.[3] Sanajan ngan ukur dipaké sapersapuluhna ti batan bawang beureum, bawang bodas mangrupa Allium kadua anu loba digunakeun.[3] Bawang bodas loba diproduksi hampir ku sakabéh negara,jeung dibudidayakeun anu dimimitian ti khatulistiwa nepi ka lintang 50°.[3] Sanajan tumuwuh sarta rupana rada jiga bawang bombay, bawang bodas béda dina hal daunna anu padet, wangunna ngabentuk hurup V, jeung ngagulung sacar longitudinal.[3] Nu ngabédakeun tinu séjénna nyaéta yén ujung daun bawang bodas teu nendeun kadaharan.

Ciri-ciri

[édit | édit sumber]

Bawang bodas anu penting pikeun ubar nyaéta beuti watangna anu miboga bau anu khas aromatik, rasana lada, uraiana makroskopikna :

  1. Mangrupa beuti majemuk anu bentukna rata-rata rada buleud, miboga garis tengah 4 cm nepika 6 cm.[1]
  2. Warnana bodas diwangun ku sababaraha siung (8 nepika 20 siung), anu sakabéhna kabungkus ku 3-5 selaput ipis warna bodas.[1]
  3. Unggal siungna dibeulit ku 2 selaput ipis, selaput luar warnana ngadeukeutan warna bodas jeung rada logor, sedengkeun selaput luar ngabungkus rakeut dina bagian luar daging siung, warnana jambon, anu babari diesotkeun.[1]

Kandungan zat-zat dina beuti bawang bodas, nyaéta :

  1. Minyak atsiri antara 0,1% nepika 0,5% anu eusina dialildisulfida, alilpropildisufida jeung senyawa sulfur organik séjéna.[1]
  2. Alin (teu miboga bau) anu dina hidrolisa bisa nimbulkeun bau bawang, ku dosis antara 2 gram - 8 gram bisa digunakeun pikeun obat antiseptika, antispasmodika, antiiritansia.[1]

Khasiatna

[édit | édit sumber]
  1. Ngahambat morosotna uteuk sarta sistem kekebalan
  2. Mantuan ngahambat prosés ngolotan
  3. Ngahambat tumuwuhna sél kangker
  4. Kalayan ngonsumsi bawang bodas, resiko katularan kanker bisa dikurangan
  5. Bawang bodas anu dikonsumsi sacara rutin dina jangka waktu nu tangtu bisa mantuan nurunkeun kadar kolésterol
  6. Zat anti-kolesterol dina bawang bodas anu ngaranna ajoene nulungan nyegah penggumpalan getih
  7. Bawang bodas bisa mantuan meredakan stress, kahariwang, sarta déprési, jeung éfék anu leuwih lembut
  8. Bawang bodas ngandung vitamin A
  9. Bawang bodas ngandung vitamin B
  10. Bawang bodas ngandung vitamin C
  11. Bawang bodas ngandung kalsium
  12. Bawang bodas ngandung potasium
  13. Bawang bodas ngandung antioksidan
  14. Bawang bodas ngandung karotén sarta selenium
  15. Ngonsumsi 2-3 siung bawang bodas sapoé, baris nyingcetkeun tina kamungkinan miboga panyakit jantung,
  16. Nyageurkeun tekenan darah tinggi
  17. Ngaringankeun tukak lambung
  18. Nurunkeun kolesterol dina getih
  19. Ngaronjatkeun insulin getih pikeun penderita diabetes
  20. Ngalumpuhkeun radikal bébas anu ngaganggu sistem kekebalan awak
  21. Méré mangpaat pikeun penawar racun (detoxifier) anu nangtayungan awak tina sagala rupa panyakit
  22. Mantuan nambahan napsu dahar lamun didahar atah-atah
  23. Ngajaga stamina awak
  24. Ngandung khasiat antimikroba, antitrombotik, hipolipidemik, antiarthritis, hipoglikemik, sarta ogé miboga antivitas minangka antitumor [4]

Tapi sakumaha hasiatna hiji ubar, lamun henteu dimbangan ku pola hirup nu bener bakalan sia-sia.[4][5]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f (id) Kartasapoetra, G.2006.Budidaya Tanaman Berkhasiat Obat.Jakarta:PT Rineka Cipta
  2. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  3. a b c d e f g h i (id) Rubatzky, Vincent E.1998.Sayuran Dunia 2.Bandung:ITB Bandung
  4. a b (id) Khasiat Bawang (diaksés tanggal 07 Oktober 2011)
  5. Jonathan, Rigg; Jonathan (1862), A Dictionary of the Sunda Language of Java, Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, p. 194