Mikroskop

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Rupa-rupa Mikroskop di Laboratorium
Nempo Reungit ku Mikroskop

Mikroskop nyaéta parabot sabangsa kéker pikeun nétélakeun mahluk-mahluk nu lalembut pisan, anu teu bisa diténjo ku mata.[1] Ku jalan maké mikroskop, bibit-bibit panyakit, babagian getih, jeung sajabana bisa kanyahoan.[1] Aya mikroskop bisa ngagedékeun nepi ka 100.000 kali atawa leuwih.[1]

Kecap mikroskop nyaéta gabungan ti dua kecap Yunani mikro atawa leutik, sarta skopos atawa "panitén".[2] Jadi mikroskop nyaéta "panitén barang-barang leutik".[2] Mikroskop nyaéta pakakas anu dipaké pikeun nempo hal-hal anu pohara leutik anu henteu bisa ditempo ku panon langsung.[2]

Biasana hiji barang katempo leuwih badag lamun tempatna beuki deukeut jeung panon manusa.[2] Tapi lamun jarakna leuwih deukeut ti 10 inci, barang éta henteu écés deui katempo.[2] Ieu dingaranan henteu écés.[2] Ayeuna lamun hiji lensa cembung biasa disimpen di antara panon sarta barang, barang éta bisa dibawa leuwih deukeut ti 10 inci sarta masih tetep écés katempo.[2]

Nu kitu disebutna kaca pembesar.[2] Tapi kaca pembesar biasa sabenerna nyaéta mikroskop-mikroskop basajan, sarta ku ngaran éta mikroskop-mikroskop éta geus dipikawanoh ti saprak jaman baheula.[2] Jadi, lamun nyarita ngeunaan pamanggih mikroskop, sabenerna disebutkeun “mikroskop majemuk”.[2] Tapi sabenerna, jaman ayeuna disebutkeun mikroskop, éta téh barang anu dimaksud.[2]

Nu dimaksud mikroskop majemuk nyaéta mikroskop nu pembesaranana lumangsung dina dua tahap.[2] Aya lensa anu dingaranan obyektif, anu ngahasilkeun gambar utama anu digedéan.[2] Saterusna aya lensa séjén anu dingaranan lensa panon atawa okular, anu ngagedéan gambaran kahiji éta.[2] Dina prakték anu sabenerna, aya sawatara lensa anu dipaké boh pikeun sawatara lensa obyektif boh okular, tapi prinsipna nyaéta prinsip dina pembesaran dua tahap éta.[2]

Mikroskop majemuk kapanggih antara taun 1590 sarta taun 1610.[2] Sanajan teu sauran-urang acan anu bener-bener yakin saha penimu anu sabenerna, pangajén biasana dibikeun ka Gallileo.[2] Saurang ahli ti Walanda anu ngaranna Leeuwenhoek sakapeung digeroan bapa mikroskop, tapi hal éta dimaksudkeun ku sagala rupa penimu anu dimekarkeun ku manéhna tina mikroskop.[2]

Leeuwenhoek némbongkeun yén kumbang penggerek, kutu, sarta mahluk-mahluk leutik séjénna asalna ti endog sarta henteu "dihasilkeun sacara spontan".[2] Manéhna nyaéta jelema kahiji anu nempo wangun-wangun kahirupan mikroskopik saperti protozoa sarta baktéri.[2] Ku mikroskopna sorangan, manéhna nyaéta jelema kahiji anu nempo sakumna peredaran getih.[2] Dewasa ieu mikroskop penting pikeun manusa dina ampir kabéh wangun élmu pangaweruh sarta industri.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press