Kaséhatan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Push-up mangrupa salah sahiji tarékah pikeun ngajaga kaséhatan

Kaséhatan nyaéta kaayaan sajahtra tina awak, jiwa, jeung sosial anu ngamanwakeun sakabéh jalma hirup produktif sacara sosial jeung ékonomis.[1] Miara kaséhatan nyaéta tarékah sasadiaan jeung panyegah tina sagala wabah kaséhatan anu merlukeun pamariksaan, pangubaran jeung/atawa pangawulaan kaasup reuneuh jeung kalahiran.[2]

Pangajaran kaséhatan nyaéta prosés mantuan hiji jalma, ku ngalakonan boh sorangan boh sacara babarengan, pikeun nyieun kaputusan dumasar kana nu dipikanyaho ngeunaan perkara-perkara anu mangaruhan kaséhatan pribadina ogé jalma séjén.[3]

Harti anu malah leuwih basajan diajukeun ku Larry Green jeung réngrénganna anu nulis yén pangajaran kaséhatan nyaéta campuran pangalaman diajar anu dirarancang sangkan adaptasi sukarela kana parilaku anu kondusif leuwih gampang pikeun kaséhatan.[3] Data panungtungan némbongkeun yén kiwari leuwih ti 80 persén rahayat Indonésia henteu mampuh meunangkeun jaminan kaséhatan ti lembaga atawa pausahaan di widang pangurusan kaséhatan, saperti Akses, Taspen, jeung Jamsosték.[4]

Golongan masarakat anu dianggep "dianaktérékeun" dina perkara jaminan kaséhatan nyaéta maranéhanana tina golongan masarakat leutik jeung tukang dagang.[4] Dina pangawulaan kaséhatan, masalah ieu jadi leuwih jangar, lantaran dina manajemén pangawulaan kaséhatan henteu patula-patali jeung sawatara jinis jalma hungkul, tapi ogé watek anu husus dina pangawulaan kaséhatan éta sorangan.[5]

Kaséhatan Nurutkeun Undang-Undang[édit | édit sumber]

Dina Undang-Undang anu dimaksud kaséhatan téh ditataan ieu di handap:[6]

  1. Kaséhatan nyaéta kaayaan sajahtra tina awak, jiwa, jeung sosial anu ngamumkinkeun sakabéh jalma hirup produktif sacara sosial jeung ékonomis.
  2. Usaha kaséhatan nyaéta tiap-tiap kagiatan pikeun miara jeung ngaronjatkeun kaséhatan anu dilakonan ku pamaréntah jeung atawa masarakat.
  3. Tanaga kaséhatan nyaéta tiap-tiap jalma anu ngabdikeun manéh dina widang kaséhatan sarta miboga pangaweruh jeung atawa rarapékan liwat atikan di widang kaséhatan anu pikeun jinis anu ditangtukeun merlukeun kawenangan pikeun ngalakonan usaha kaséhatan.
  4. Sarana kaséhatan nyaéta tempat anu dipaké pikeun ngayakeun usaha kaséhatan.
  5. Kaséhatan nyaéta hiji hal yang kacida mangpaat
Keur cageur mah urang bakal ngalaman hirup nu éndah

Tujuan kaséhatan dina sakabéh aspék[édit | édit sumber]

Salah sahiji tujuan nasional nyaéta ngamajukeun kasajahtraan bangsa, anu hartina nyumponan kabutuhan dasar manusa, nyaéta pangan, sandang, papan, atikan, kaséhatan, lapangan gawé jeung katingtriman hirup.[7]

Tujuan pangwangunan kaséhatan nyaéta cumponna kamampuh hirup séhat pikeun unggal masarakat, jadi tanggung jawab pikeun ngawujudna darajat kaséhatan anu optimal téh aya dina sakumna masarakat Indonésia, pamaréntah, jeung swasta kalawan babarengan.[7]

Tujuan jeung wengkuan kaséhatan lingkungan[édit | édit sumber]

Tujuan jeung wengkuan kaséhatan lingkungan bisa dibagi jadi dua, sacara umum jeung sacara husus.[8]

  • Tujuan jeung wengkuan sacara umum, di antarana:[8]
  1. Ngalakukeun koréksi atawa ngoméan sakumna bahaya jeung ancaman kana kaséhatan jeung kasajahteraan hirup manusa.
  2. Ngalakukeun upaya pikeun nyegah ku cata ngatur sumber-sumber lingkungan dina upaya ngaronjatkeun darajat kaséhatan jeung kasajahteraan hirup manusa.
  3. Ngalakukeun gawé bareng jeung ngalarapkeun program terpadu di antara masarakat jeung institusi pamaréntah sarta lembaga nonpamarétah dina nyanghareupan bancana alam atawa wabah panyakit nu nular.
  • Tujuan wengkuan husus kaasup usaha-usaha ngoméan atawa ngadalikeun lingkungan hirup manusa, anu di antarana mangrupa:[8]
  1. Nyadiakeun cai bérésin anu cukup jeung nyumponan pasaratan kaséhatan.
  2. Kadaharan jeung inuman anu diproduksi dina skala gedé jeung dikonsumsi kalawan lega ku masarakat.
  3. Pencemaran hawa akibat sésa pameuleuman BBM, batubara, kahuruan leuweung, jeung gas nu ngandung racun anu matak bahaya pikeun kaséhatan jeung mahluk hirup séjén sarta jadi balukar ayana parobahan ékosistem.
  4. Limbah cair jeung padet anu asalna ti rumah tangga, pertanian, peternakan]], insutri, rumah sakit, jeung lian-lianna.
  5. Kontrol kana arthropoda jeung rodent anu jadi vektor panyakit jeung cara megatkeun ranté nularna panyakit.
  6. Paimahan jeung wangunan anu layak ditempatan jeung nyumponan sarat kaséhatan.
  7. Kagandéngan, radiasi, jeung kaséhatan gawé.
  8. Survéy sanitasi pikeun ngarencanakeun, mariksa, jeung évaluasi program kaséhatan lingkungan.


Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Siti Nafsiah, "Prof. Hembing pemenang the Star of Asia Award: pertama di Asia ketiga di dunia", Gema Insani, 2000, 979915703X, 9789799157034.
  2. Yayasan Lembaga Bantuan Hukum Indonesia, Pusat Studi Hukum dan Kebijakan Indonesia, "Panduan bantuan hukum di Indonesia: pedoman anda memahami dan menyelesaikan masalah hukum", Yayasan Obor Indonesia, 2006, 9799662761, 9789799662767.
  3. a b George Pickett & John J. Hanlon, "Kaséhatan Masyararat Administrasi dan praktik", EGC, 9794488054, 9789794488058.
  4. a b Rudy S. Pontoh, "Janji-janji dan komitmen SBY-JK: menabur kata, menanti bukti", Gramedia Pustaka Utama, 2004, 9792221026, 9789792221022.
  5. Sulastomo, "Manajemen kaséhatan", Gramedia Pustaka Utama, 2000, 9796559552, 9789796559558.
  6. "Undang-undang No.23 Tahun 1992 Tentang Kaséhatan & Undang-undang No.29 Tahun 2004 Tentang Praktik Kedokteran", VisiMedia, 9791043604, 9789791043601.
  7. a b "Etika Kedokteran dan Hukum Kaséhatan", EGC, 9794484598, 9789794484593.
  8. a b c "Pengantar Kaséhatan Lingkunagan", EGC, 9794487961, 9789794487969.