Racun

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Simbul bahan miracun

Racun mangrupa zat padet, cair, atawa gas, nu bisa ngaganggu prosés hirupna sél hiji organismeu.[1] Zat racun bisa asup kana awak boh liwat jalur oral (baham) boh jalur topikal (pabeungeutan awak).[2] Dina patalina jeung biologi, racun nyaéta zat nu nyumebabkeun cidera, nyeri, jeung paéhna organismeu, biasana jeung réaksi kimia atawa aktivitas lianna dina dalam skala molékul.

Bapa Toksikologi, Paracelsus, ngedalkeun yén: Sagala rupa téh racun jeung taya nu tanpa racun. Ngan dosis nu nyieun hiji hal jadi lain racun (Dosis solum facit venum).[3]

Terminologi[édit | édit sumber]

Istilah racun téh saru boh jeung kecap toksin boh jeung kecap peurah, saenya mun dilenyepan mah ieu téh béda pisan définisina.[4] Kecap "toksin" didéfinisi minangkana mah racun nu dihasilkeun tina prosés biologi, atawa sok disebut minangka biotoksin. Sedengkeun peurah mah minangka cairan nu ngandung racun nu disékrésikaeun atawa dihasilkeun ku sato dina prosés mertahankeun diri atawa narajang sato lian kalawan macok atawa nyongcong.

Istilah miracun, toksik, jeung peurahan ogé mangrupa kecap nu sabanding mun dipaké pikeun ngébréhkeun watek atawa éfék tina racun. Ngan, tetep aya saeutik bédana dina katila kecap éta téh. Miracun dipaké pikeun sagala hal nu akibatna fatal atawa bahaya mun diasupkeun dina jumlah tinangtu ka mahluk hirdup. Sedengkeun toksik ngungkabkeun watek atawa éfék tina toksin, jeung peurahan mah nujul ka sato nu mibanda peurah.

Klasifikasi[édit | édit sumber]

DIna hiji buku forénsik médis nu ditulis ku JL Casper, racun diklasifikasikein jadi 5 golongan, nyaéta:

  1. Racun iritan, nyaéta racun nu nimbulkeun iritasi jeung radang. Contona asam mineral, fungi miracun, jeung préparasi arsénik.
  2. Racun panyabab hipéremia, racun narkotik, nu kabukti bisa ngabalukar fatal kana uteuk, bayah, jeung jantung. Contohna opium, bako, konium, dogitalis, jll.
  3. Racun nu narajang saraf, jeung ngaracunan getih, organ puseur saraf bisa paéh jeung nimbulkeun nu fatal kayaning kamaotan ujug-ujug. Contohna asam hidrosianat, sianida séng, jeung kloroform.
  4. Racun nu nyumebabkeun marasmus, biasana mah miawatek kronis jeung bisa ngabalukar fatal pikeun kaséhatan sacara ngeureuyeuh. Contohna bismut bodas, haseup timbal, mérkuri, jeung arsénik.[5]
  5. Racun nu nyababkeun inféksi (racun séptik), bisa mangrupa racun kadaharan nu dina kaayaan tinangtu nimbulkeun nyeri Pyaemia (atawa pyemia) jeung tipes dina sato ingon.

Sajarah[édit | édit sumber]

Sajarah awal ngeunaan racun ruket patalina jeung mitos sarta ageman. Taun 2500 SM, bangsa Suméria dipikanyaho nyembah déwi racun nu disebut Gula. Dina mitologi Yunani, nyangkaruk sawatara rujukan ngeunaan racun, di antarana nyaéta kisah ngeunaan Medéa, incuna Helios (déwa panonpoé). Medéa hayang maténi anak téréna, Theseus ku inuman anggur nu diracunan. Ngan, éta tarékah téh dibolaykeun ku Aegeus, salakina Medéa. Tulisan pangbuhunna ngeunaan racun kapanggih di Mesir jeung angkana taun kurang leuwih 3000 SM jeung dokumén ngeunaan panalungtikan pepelakan miracun nu dilakonan ku Menes, raja Mesir.

Dina sajarah Yunani, racun pernah dipaké minangka hukuman pati nu disebut Racun Nagara atawa State Poison. Salah sahiji inohong filsuf nu pernah dihukum pati ku ieu cara téh nyaéta Socrates. Salila mangsa pamaréntahan kakaisaran Romawi, karacunan nalika dahar peuting, utamana di kalangan kelas luhur  mah geus jadi hiji hal anu biasa. Éta perkara mangrupa salah sahiji cara pikeun nyingkahan anggota kulawarga nu teu dipiresep, jiga nu pernah dipilampah ku Nero. Kira-kira taun 246 SM, Cina ngembangkeun hiji drama nu disebut Ritual Chou, nu di jerona nyangkaruk ritual meuleum 5 macem racun.[6]

Asup ka abad pertengahan, dina taun 8 Sanggeus Maséhi, racun mingkin kumembang lantaran ahli kimia Arab ngahasil dina ngarobah arsénik jadi bubuk nu teu mirasa jeung teu bau sangkan teu kadétéksi ayana éta racun. Mangsa harita, racun biasa didagangkeun di apoték jeung dibeuli ku umum téh gampang. Rupa-rupa téks akademis ngeunaan racun ogé dituliskeun ku para biarawan, salah sahijina nyaéta The Book of Venoms (1424) ku Magister Santes de Ardonis nu eusina racun nu dipikanyaho dina mangsa harita, mékanismeu gawéna, jeung cara nyageurkeunna.

Dina abad ka-14 jeung 15, ahli kimia Itali ihtiar nyieun racun nu leuwih kuat tina nu saméméhna jeung ieu perkara téh sumebar ti Itali ka Paris. Ihtiar pikeun ngawates jujualan racun dipilampah ku Louis XIV dina taun tahun 1662 nu medalkeun aturan larangan apoték pikeun ngajual sanyawa racun, iwal ka nu meuli nu geus ngadaptarkeun tujuanna. Taun 1836 jeung 1841, Marsh jeung Riensch sacara papisah ngahasil ngembangkeun métodeu pikeun ngadétéksi arsénik sangkan loba jalma nu ngalakukeun kajahatan, utamana maténi ku racun antukna bisa ditéwak. Dina abad ka-20, racun mimiti ditalungtik pikeun dipaké minangka pakarang. Tumuwuhna widang toksikologi ogé ngarojong kumembangna sistim kontrol jeung sumebaran sanyawa miracun.

Panawar racun[édit | édit sumber]

Panawar racun mangrupa ubar nu bisa ngalawan éfék tina racun.[7] Sawatara panawar racun nu sok dipaké di antarana:

Racun Panawar
Asetominofen NAC(N-asetilsistein).[8]
Antikolinergik Fisostigmin
Antikoagulan (warfarin/coumadin, heparin) Vitamin K1, protamin.
Benzodiazepina Parawatan pangrojong, flumazenil
Botulisme Antitoksin botulinum
Panyekat beta Glukagon
Panyekat saluran kanal kalsium Kalsium, Glukagon
Kolinergik Atropin, Pralodixime dina organofosfat kalawan dosis kaleuleuwihi
Karbon monoksida Oksigen, Oksigen hiperbarat
Sianida Amil Nitrat, Natrium Nitrat, Natrium Thiosulfat, Hidroksikobalamin
Digitoksin Antibodi Fab digoksin
Beusi Deferoksamin
Isoniazid Piridoksin
Timbal BAL, EDTA, DMSA
Methemoglobinemia Methelene Biru
Opiod Nalokson
Alkokol baracun Dialisis, Etanol Drip. Kamumkinan ogé bisa maké inhibitor énzim.
antidepresan trisiklik Natrium bikarbonat

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. (Inggris)Gary D. Osweiler (1996). Toxicology. Wiley-Blackwell. ISBN 978-0-683-06664-7. Page.1
  2. (en)Gary D. Osweiler (1996). Toxicology. Wiley-Blackwell. ISBN 978-0-683-06664-7. Page.1
  3. (Inggris)Horst S. H. Seifert (1996). Tropical animal health. Springer. ISBN 978-0-7923-3821-5. Page.442
  4. (Inggris)Merriam-Webster, Inc (1984). Merriam Webster's Dictionary of Synonyms: A Dictionary of Discriminated Synonyms With Antonyms and Analogous and Contrasted Words. Merriam-Webster. ISBN 978-0-87779-341-0. Page.618
  5. (Basa Inggris)Johann Ludwig Casper (1861). A Handbook of the Practice of Forensic Medicine: Thanatological division. New Sydenham Society. Page.44-45
  6. www.bbc.co.uk (Citakan:ISO date/en). "A Brief History of Poisoning". http://www.bbc.co.uk/dna/h2g2/A4350755 
  7. Merriam-Webster Online Dictionary.
  8. (Inggris) www.uic.edu. "Antidotes to Common Poisons". http://www.uic.edu/com/er/toxikon/antidot.htm