Hileud

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
1. Hulu, 2. Dada, 3. Beuteung, 4. Spirakulum, 5. Kait anal, 6. Tungtung beuteung (abdominal), 7. Ségmén, 8. Tungtung dada, 9. Antén

Hileud nyaéta larva lepidoptera (anggota ordo serangga pikabakaleun kukupu jeung ngengat).

Hileud mibanda ségmén-ségmén awak sarta loba pisan "suku"na. Rewog pisan kana dangdaunan, tumuwuhna morontod, ganti kulit 4-5 kali, lajeng robah jadi bentuk sawawa.

Hileud sabenerna ukur boga genep suku (kaasup héksapoda) na huluna, nepi ka opat pasang ti ségmén tengah nepi ka lebah bujurna, sarta kadang sapasang di lebah ségmén tungtung abdominal.

Hileud teu ngarénghap ngaliwatan sungutna. Hawa asup kana awakna ngaliwatan saruntuyan solobong (tubula) leutik dina sapanjang gigir hulu nepi ka abdomén. Solobong ieu disebut 'spirakel', nu dina jero awak nyambung kana jaringan solobong hawa atawa 'trahéa'.

Hileud teu mibanda panénjo atawa pangrasa nu hadé. Mangrupa gaganti panonna nyaéta genep 'osélli' nu lembut dilebah handap huluna. Pikeun nyiar dahareun, hileud ukur ngandelkeun anténeu.

Loba spésiés manuk jeung sato séjénna nu ngajadikeun hileud salaku dahareun, sabab beunghar ku protéin, antukna hileud téh ngembangkeun cara nyamur. Cara ieu sipatna bisa pasif, agrésif, atawa duanana sakaligus. Aya nu boga 'panon palsu' lebah bujurna, antukna nu rék ngamangsa katipu. Aya ogé nu ngeliran manéh sarupa jeung dangdaunnan sabudeureunana.

Aya hileud nu bisa ngahakan dangdaunnan nu sabenerna toksik pikeun sato séjén. Hileudna teu karacunan/kapangaruhan ku ku éta toksik, tapi dina jero awakna diteundeun antukna ngandung racun mun dimangsa ku sato séjén. Spésiés toksik ieu, kayaning hileud ngengat Cinnabar (Tyria jacobaeae), awakna polét-polét warna nu caang: beureum jeung konéng - kelir 'bahya'.

Agrésivitas ieu ditujukeun pikeun mastikeun yén nu ngamangsa salah sahijina moal buru-buru moro hileud nu séjénna, antukna sahanteuna sawaréh bisa salamet.

Aya ogé hileud nu nyiar salamet ku jalan nyalindung ka sireum. Nu kawentar mah nyaéta kukupu Lycaenid. Hasil panalungtikan nunjukkeun yén komunikasi antara hileud jeung sireumna téh ku cara ngageter/vibrasi jeung kimiawi.

Hileud dina dunya tatanén mindeng dianggap salaku hama, misalna hileud buah.

Spésiés hileud karnivora lianna ogé aya, tapi jumlahna mah kawilang saeutik pisan.

Galéri[édit | édit sumber]

Sumber rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]