Lompat ke isi

Génétika

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Genetika)

génétika (tina basa Yunani genno γεννώ= ngalahirkeun) hartina élmu gén, nurunna sipat, jeung variasi organisme. Kecap génétika (genetics kétang) munggaran dilarapkeun pikeun ngagambarkeun ulikan ngeunaan pola turunan jeung élmu variasi ku élmuwan Inggris William Bateson dina suratna ka Adam Sedgwick tanggal 18 April 1905.

Manusa mimiti ngalarapkeun pangaweruh génétika ti jaman prasajarah dina prakték doméstikasi jeung kawin seléktif tutuwuhan jeung sato ingon. Dina panalungtikan modérn, génétika nyadiakeun alat penting pikeun nyaliksik fungsi-fungsi gén. Dina hiji organisme, émbaran génétik umumna dibawa dina kromosom, dina wujud struktur kimiawi molekul DNAna.

Gén téh nyandikeun émbaran nu diperlukeun pikeun nyintésis runtuyan asam amino dina protéin, nu salajengna migawé rupa-rupa pancén dina nangtukeun fénotipe ahir organismena. Dina organisme diploid, alél dominan dina hiji kromosom bakal nguntup éksprési gén résésif. Frase nyandikeun mindeng dipaké nujul ka gén nu ngandung paréntah ngeunaan cara ngawangun hiji protéin. Modél dina gén nu nyandikeun protéinna. Konsép "hiji gén, hiji protéin" kiwari mah dianggap simplistik, ku sabab bisa baé hiji gén ngahasilkeun rupa-rupa protéin, gumantung kana pangaturan transkripsina. Gén nu nyandikeun runtuyan nukléotida dina mRNA, tRNA jeung rRNA, diperlukeun pikeun sistésis protéin.

génétika nangtukeun lolobana (tapi teu sakabéhna) panémbong hiji organisme, kaasup manusa, sarta meureun paripolahna. Béda lingkungan jeung faktor acak ogé mangaruhan pisan. Kembar (idéntik) monozigot, klon nu dihasilkeun tina awal meulahna hiji émbrio, mibanda DNA nu sarua, tapi béda kapribadian jeung sidik ramona. Tutuwuhan nu idéntik sacara génétik nu dipelak di iklim nu leuwih tiis biasana ngahasilkeun asam lemak nu leuwih pondok sarta leuwih teu jenuh sangkan henteu beku.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Widang garapan génétika

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Publikasi nu patali

[édit | édit sumber]
Subwidang genetika
Genetika klasik | Genetika klinis | Genetika ékologi | Genetika molekulér | Genetika populasi | Genetika kuantitatif
jejer nu patali: Genomika | Reverse genetics
Subwidang umum dina biologi
Anatomi | Astrobiologi | Biokimia | Bioinformatika | Botani | Biologi sél | Ékologi | Biologi évolusi | Genetika | Genomika | Biologi laut | Biologi manusa | Mikrobiologi | Biologi molekul | Asal-usul hirup | Paléontologi | Parasitologi | Fisiologi | Taxonomi | Zoologi