Pénguin
Pénguin Temporal range: Paleosen-sekarang
| |
---|---|
Gentoo Penguin, Pygoscelis papua | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Infrakelas: | |
Ordo: | Sphenisciformes Sharpe, 1891
|
Kulawarga: | Spheniscidae Bonaparte, 1831
|
Modern genera | |
Aptenodytes |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Penguin . |
Pénguin atawa pinguin (ordo Sphenisciformes, famili Spheniscidae) nyaéta manuk laut nu teu tiasa hiber jeung hirupna di Bumi palih kidul.
Aya 17 – 20 spésiés pénguin[1]. Sanajan pénguin téh umumna hirup di Antartika, tapi tiasa ogé hirup di tempat nu sanés. Aya tilu spésiés pénguin nu hirup di daérah tropis. Salah sahijina nyaéta Pénguin Galapagos nu hirup di Képulauan Galapagos.
Spésiés pénguin nu pang ageungna nyaéta Pénguin Kaisar (Aptenodytes forsteri) anu tinggina nepi 1,1 m jeung beuratna 35 kg atawa leuwih.
Spésiés pénguin nu pang alitna nyaéta Pénguin Peri (Eudyptula minor) anu tinggina kurang leuwih 40 cm jeung beuratna 1 kg.
Umumna, pénguin nu ageung tiasa ngajaga suhu badanna sangkan tiasa hirup di daérah nu tiis. Upami pénguin nu alit tiasa hirup di daérah nu haneut jeung daérah tropis.
Umumna pénguin daharna krill (udang), lauk[1], cumi-cumi jeung hewan laut nu sanes. Pénguin tiasa nginum cai laut pédah gaduh kélénjar supraorbital dina badanna nu tiasa nyaring garam tina aliran darah. Garam éta dikaluarkeun ngaliwatan saluran pérnapasan.
Pénguin henteu sieun ka jelema. manéhna bakal nyaketan ka jelema anu nuju meneliti éta pénguin.
Badan pénguin saé kanggo ngojay jeung hirup di laut[1]. Sayapna tiasa dipaké ngadayung, tapi teu tiasa dipaké hiber. Di darat, pénguin ngagunakeun ekor jeung sayapna kanggo ngajaga kaseimbangan.
Badan pénguin warnana bodas di palih payunna jeung hideung di pengkerna. Ieu digunakeun kanggo kamuflase. Hewan ti handap sesah ningali pénguin pedah warnana nu bodas kacampur ku pantulan sinar matahari. Hewan ti luhur ogé sesah ningali pénguin pedah warnana nu hideung.
Pénguin tiasa ngojay gancangna 6 nepi 12 km/jam. Tiasa ogé nepi ka 27 km/jam. Pénguin nu alit biasana nyelam lamina 1 nepi 2 menit. Upami pénguin nu ageung tiasa nyelam lamina 20 menit.
Galeri foto
[édit | édit sumber]Spesies
[édit | édit sumber]- Aptenodytes – Pénguin ageung
- Pénguin Raja, Aptenodytes patagonicus
- Pénguin Kaisar, Aptenodytes forsteri
- Pygoscelis – Pénguin ekor sikat
- Pénguin Adelie, Pygoscelis adeliae
- Pénguin Chinstrap, Pygoscelis antarctica
- Pénguin Gentoo, Pygoscelis papua
- Eudyptula – Pénguin leutik
- Pénguin Leutik Biru, Eudyptula minor
- Pénguin White-flippered, Eudyptula albosignata
- Spheniscus – Pénguin gelang
- Pénguin Magellan, Spheniscus magellanicus
- Pénguin Humboldt, Spheniscus humboldti
- Pénguin Galapagos, Spheniscus mendiculus
- Pénguin Afrika, Spheniscus demersus
- Megadyptes
- Pénguin Soca Koneng, Megadyptes antipodes
- Eudyptes – Pénguin mahkota
- Pénguin Fiordland, Eudyptes pachyrynchus
- Pénguin Snares, Eudyptes robustus
- Pénguin Erect-crested, Eudyptes sclateri
- Pénguin Rockhopper kulon, Eudyptes chrysocome
- Pénguin Rockhopper wetan, Eudyptes filholi
- Pénguin Rockhopper kaler, Eudyptes moseleyi
- Pénguin Royal, Eudyptes schlegeli
- Pénguin Makaroni, Eudyptes chrysolophus
Réferénsi
[édit | édit sumber]Literatur
[édit | édit sumber]- Anatole France, Penguin Island
- Kevin Schafer, Penguin Planet - Their World, our World. North Word Press, Minnetonka Minn 2000, ISBN 1-55971-745-9
- Géorge Gaylord Simpson, Penguins. Past and Present, Here and There. Yale University Press, New Haven 1976, ISBN 0-300-01969-6
- Tony D. Williams, The Penguins. Oxford University Press, Oxford 1995, ISBN 0-19-854667-X
- Lloyd S. Davies, The Penguins. Species Monograph Series. Poyser, London 2003, ISBN 0-7136-6550-5
- Boris M. Culik, Pinguine. Blv, München 2002, ISBN 3-405-16318-8
- Niels Carstensen, Pinguine. Ellert & Richter, Hamburg 2002, ISBN 3-8319-0081-7
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan: Spheniscidae |