Cumi-cumi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cumi-Cumi nu diéntép

Cumi-cumi mangrupa salah sahiji sato laut ti kulawarga Loliginidae, kelas Cephalopoda. Dina basa latin, cumi-cumi dipikawanoh ku sebutan Loligo spp, tapi dina basa Inggris disebut squid[1]. Di Indonesia, cumi-cumi dipikawanoh ogé dipikawanoh maké sababaraha istilah, kayaning enus, nus, sotong atawa sontong bunga[1]. Sato laut ieu biasana diala nalika peuting maké lampu patromaks salaku alat pikeun ngirutna. Sato ieu umuna resep kana cahaya nalika peuting[1]. Golongan cumi-cumi bisa diala maké alat bubu, jaring angkat, jaring insang, pukat cingcin, pukat udang, rawai tuna atawa séro[1].

Kandungan Kimia[édit | édit sumber]

Ditilik tina niley gizi, cumi-cumi miboga kandungan gizi anu loba pisan ku sabab kandungan proteinna kawilang gedé ku sabab protéin anu gedé nyaéta 17,9 g/100 g cumi seger[1]. Daging cumi-cumi miboga kaonjoyan dbandingkeun jeung hasil laut séjénna nyaéta euweuh tulang belakangana, babari dicerna, miboga rasa jeung aroma nu has, ngandung sakabéh unsur asam amino ésénsial anu diperlukeun ku awak[1]. Asam amino esensial anu loba dina cumi-cumi nyaéta leusin, lisin jeung fenilalanin[1]. Ari kandungan asam amino nonesensial anu dominan nyaéta asam glutamat jeung asam aspartat[1]. Dua asam amino éta méré kontribusi anu ngabalukarkeun ayana rasa ngeunah jeung gurih. Éta sebabna, sacara alami cumi-cumi miboga cita rasa anu gurih nu geus nyampak nepi ka dina masakna teu kudu ditambahan penyedap kayaning monosodium glutamat/ MSG[1]. Dina cumi-cumi ogé aya sababaraha rupa mineral mikro jeung makro anu jumlahna loba[1]. Kadar mineral anu aya dina cumi-cumi ogé rupa-rupa sanajan dina spésiés anu sarua[1].Variasi ieu gumantung kana kaayaan lingkungan tempat hirupna, ukuran, jeung umur[1]. Mineral penting anu aya dina cumi-cumi nyaéta natrium, kalium, fosfor, kalsium, magnesium jeung selenium[1]. Lian ti loba proteinna, cumi-cumi ogé mangrupa sumber vitamin anu alus, kayaning vitamin B1/tiamin, B2/riboflavin, B12, niasin, asam folat sarta vitamin larut lemak (A, D, E, K)[1].

Dina cumi-cumi ogé aya TMAO (Trimetil Amin Oksida) anu kawilang loba[1]. TMAO anu loba ieu méré rasa anu has kana daging cumi-cumi[1]. Daging cumi-cumi ogé loba ngandung monoamino nitrogen anu ngabalukarkeun cumi-cumi miboga rasa amis[1]. Kandungan sulfur anu loba ogé dina cumi-cumi ngabalukarkeun cumi-cumi jadi bau hanyir nalika diasakan contona didikulub[1].

Cairan tinta cumi-cumi sifatna alkaloid, nepi ka teu dipikaresep ku prédator, utamana lauk[1]. Cairan anu warnana poék ngandung butir-butir melanin atawa pigmen hideung[1]. Melanin alami nyaéta melanoprotein anu ngandung 10-15 persen protein. Melanin ieu meungkeut protéin ngaliwatan asam amino anu ngandung sulfur nyaéta sistein[1].

Mangpaat[édit | édit sumber]

  1. Anti tumor, liat ti ngeunah cumi-cumi kebek ku gizi, Aya protein, mineral jeung rupa-rupa vitamin. Tinta cair anu dipibogana miboga fungsi pikeun merangan tumor.[1].
  2. Ngarojong pertumbuhan tulang, Fosfor jeung kalsium miboga fungsi pikeun pertumbuhan kerangka tulang, nu matak loba mangfaatna pikeun pertumbuhan barudak[1].
  3. Nyingkahan Osteoporosis, Fosfor jeung kalsiumna og[1] miboga fungsi pikeun nyingkahan osteoporosis[1].
  4. Nurunkeun koléstérol, Kadar lemak daging cumi-cumi kaasup kana asam lemak tak jenuh ganda nyaéta omega 3 anu bisa nurunkeun kandungan koléstérol dina getih[1].
  5. Ngaaktifkeun sél darah putih, Dumasar kana panalungtikan Hiroki University Jepang, tinta cumi-cumi jeung sotong miboga loba fungsi, nyaéta ngaaktifkeun sél darah putih pikeun merangan panyakit tumor[1].
  6. Nyageurkeun kulit bernoda jeung berlubang, Biasana ka nu ngarandapan panyakit cacar, kulit jadi bernoda jeung berlubang[1]. Hal ieu bisa diubaran ku cumi-cumi anu geus digaringkeun, ditutu jeung disaring, tuluy dipaké jadi wedak saméméh saré[1].

Nu Kudu Diperhatikeun Nalika Ngadahar Cumi-Cumi[édit | édit sumber]

Kadar lemak dina daging cumi-cumi relatif saeutik, nyaéta 7,5 g/100 g bahan, anu masing-masing 1,9 g asam lemak jenuh; 2,7 g asam lemak tak jenuh tunggal; sarta 2,1 g asam lemak tak jenuh ganda[1].

Sanajan kitu, konsumsi cumi-cumi anu kaleuleuwihi kudu disingkahan ku sabab kadar kolesterolna lumayan loba, nyaéta nepi ka 260 mg/100 g bahan[1]. Di kelompok lauk laut, kadar kolesterol pada cumi, udang, lobster dan kepiting, memang tergolong tinggi[1]. Namun, kadar kolesterol dina produk éta masih kénéh kawilang leutik dibandingkeun jeung endog kokonéngna, haté, jeroan sarta otak sato ingon.[1].

Dina awak manusa, kolésterol bisa disintésis sorangan dina awak, nyaéta dina bagéan haté, korteks, adrénal, kulit, usus, testis, lambung, otot, jaringan adiposa jeung otak[1].Kurang leuwih 17 persen tina beurat garing otak disusun ku kolésterol. Lamun euweuh kolésterol, struktur otak teu bisa sampurna[1].

Numut panduan anu dikaluarkeun ku National Heart, Lung and Blood Institute (NHLBI), kadar kolésterol total anu alus pikeun awak manusa kurang ti angka 200 mg/dl, HDL leuwih ti 35 mg/dl, LDL kurang ti 130 mg/dl, jeung trigliserida kurang ti 250 mg/dl[1]. Kadar kolesterol anu aya di luhureun 200 mg/dl bisa ngabalukarkeun ancaman pikeun rupa-rupa panyakit kayaning aterosklerosis/penyumbatan pembuluh darah, stroke jeung panyakit jantung koroner[1].

Sanajan dianggap bahaya, kolésterol tetep dibutuhkeun ku awak[1]. Manusa rata-rata merlukeun 1.100 miligram kolésterol unggal poé pikeun miara dingding sél jeung fungsi fisiologis séjénna.[1]. Tina jumlah éta 25-40 persen (200–300 mg) sacara normal anu asalna tina kadaharan jeung sésana disintesis ku awak[1].

Kaunikan[édit | édit sumber]

Cumi-cumi bisa nyingkahan pamangsana sacara gancang ngaliwatan pengerutan otot sacara gancang[1]. Lamun ngan saukur sacara gancang teu pati mantuan tapi ku ayana awan tinta pekat jeung poék bisa dikaluarkeun sangkan musuhna reuwas[1].

Lian ti éta, cumi-cumi ogé miboga sistim perlindungan ku cara ngaganti-ganti warna kulitna sacara gancang, kadang-kadang jadi kabiru-biruan, bodas, beureum atawa coklat. Parobahan warna ieu ku sabab ayana kromatofor anu mangrupa kantong élastis anu eusina pigmén beureum atawa konéng[1].

Sel-sel pigmén anu élastis ieu dikurilingan ku beungkeutan sél-sél otot anu bisa kontraksi sacara gancang, nepi ka sél-sél pigmén jadi leuwih gedé jeung ngabalukarkeun warnana jadi leuwih écés[1]. Mekanisme ieu ngabalukarkeun cumi-cumi jadi robah warnana lamun meunang rangsangan ti luar[1]. Sistem parobahan warna ieu dipaké ogé jadi alat komunikasi[1].

Kamuflase[édit | édit sumber]

Cumi-cumi spesies Onychoteuthis banksii miboga kamampuh kamuflase unik[2]. Bisa ngarobah warnana tina transparan jadi beureum burem atawa sabalikna pikeun nyingkahan musuhna.Hal éta dipikanyaho sabada ditalungtik ku Sarah Zylinski, panalungtik ti post doktoral di Duke University, Amerika Serikat[2].

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at Cumi-Cumi Archived 2011-11-07 di Wayback Machine(diaksés 18 November 2011)
  2. a b Kamuflase Unik Gurita dan Cumi-cumi(diakses 18 November 2011)