Dinosaurus

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Dinosaurus
Temporal range: Triassik AhirAyeuna, 233.23 – 0 Mya (Rentang kaasup manuk (Aves))
(Kamungkinan jejak Triassik Tengah)
Kompilasi rorongkong dinosaurus. Saarah jarum jam ti kiri atas: Microraptor gui (Theropoda buluan), Apatosaurus louisae (Sauropoda gedé), Edmontosaurus regalis (Ornithopoda nu pamatukna siga bébék), Triceratops horridus (ceratopsia nu boga tanduk), Stegosaurus stenops (Stegosauria nu boga pelat di tongkorna), Pinacosaurus grangeri (Ankylosauria nu boga armor kendel)
Klasifikasi ilmiah e
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Klad: Dracohors
Klad: Dinosauria
Owen, 1842
Grup major

Dinosaurus mangrupa sato vertebrata nu ngadominasi ékosistim darat salila leuwih ti 160 juta taun (munggaran mucunghul kira 230 juta taun ka tukang). Dominasi dinosaurus tumpur dina ahir mangsa Cretaceous 65 juta taun ka tukang, alatan kajadian alam nu maéhan spésiés-spésiésna. Para ahli loba nu nganggap manuk modéren salaku turunan langsung ti dinosaurus téropoda.

Ti saprak munggaran kapanggih salaku fosil dina abad ka-19, dinosaurus jadi pangirutan jalma réa di musium-musium di sakuliah dunya. Dinosaurus jadi bagian tina budaya dunya sarta tetep populér, utamana pikeun barudak. Misalna dina pilem Jurassic Park (Taman Jurasik), nu ogé dirojong ku papanggihan-papanggihan nu terus kagali nepi ka kiwari.

Istilah dinosaurus ogé dipaké sacara informal pikeun ngagambarkeun réptil prasajarah, kayaning pélikosaurus Dimetrodon, ptérosaurus jangjangan, sarta ihtiosaurus cai, plésiosaurus, jeung mosasaurus, najan sabenerna mah lain dinosaurus.

Dinosaurus téh naon?[édit | édit sumber]

Watesan[édit | édit sumber]

Rorongkong triseratop di Musium Nasional Sajarah Alam Smithsonian.

Superordo atawa klad "Dinosauria" mimiti dipaké sacara formal ku Richard Owen, lmuwan Inggris, taun 1842. Istilah ieu diturunkeun tina kecap basa Yunani deinos ("kacida badagna") sauros ("kadal" atawa "réptil"). Owen milih ieu istilah pikeun némbongkeun nunjukkeun rasa hélokna kana ukuran jeung "kaagungan" sato nu geus lastari ieu, lain alatan kasieun mun enya nyanghareupan ieu sato raksasa.

Dinosaurus téh rupa-rupa pisan. Aya nu hérbivora, tapi lolobana mah karnivora. Aya nu leumpangna ku dua suku, aya nu ku opat suku, aya ogé nu bisa duanana (misalna Amosaurus).

Dina taksonomi filogénétik, dinosaurus téh kawates pikeun sakabéh turunan karuhun umum (common ancestor) Triseratop jeung manuk modéren.

Ukuran[édit | édit sumber]

Sato nu ngalaman fosilisasi téh perséntasena saeutik pisan, sarta lolobana mah kakubur na taneuh. Ku kituna, para élmuwan ogé meureun teu pasti pisan ngeunaan dinosaurus nu pangbadagna atawa nu pangleutikna. Nu kagali dina kaayaan lengkep mah ukur saeutik, komo nepi ka aya kulit atawa jaringan lemesna mah, jarang pisan. Ngawangun ulang rorongkong ku ngabandingkeun morfologi tulang jeung spésiés nu dipikawanoh sarupa, mangrupa seni nu teu pasti.

Dinosaurus pangbadagna jeung pangleutikna

Ukuran manusa dibandingkeun jeung Tyrannosaurus rex.

Sanajan bukti-buktina teu lengkep, sacara umum mah tétéla yén golongan dinosaurus téh kaasup badag. Ti golongan dinosaurus, nu kasebut raksasa téh Sauropoda. Sauropod pangleutikna leuwih badag batan nu lianna di habitatna, sedengkeun nu pangbadagna dianggap mangrupa mangkeluk pangbadagna nu kungsi kumelendang di alam dunya.

Dinosaurus pangjangkungna sarta pangbeuratna (dumasar rorongkong lengkep), nyaéta Brahiosaurus, nu kapanggih di Tanzania antara 19071912. Rorongkong ieu geus dipindahkeun sarta dipintonkeun di Musium Humboldt di Berlin: jangkungna 12 m, sedengkeun beuratna meureun antara 30.000–60.000 kg (33–66 ton). Dinosaurus pangpanjangna nyaéta Diplodokus: 27 m, kapanggih taun 1907 di Wyoming, AS, dipintonkeun di Musium Sajarah Alam Carnegie, Pittsburgh.

Aya dinosaurus nu leuwih badag, tapi teu pasti pisan, ku sabab kasimpulan ieu ngan dumasar kana sabagian leutik conto fosil nu teu lengkep.

Ukuran rata-rata

"Ukuran rata-rata dinosaurus" di dieu bisa dipadungdengkeun. Bukti nu aya nunjukkeun yén niléyna béda di saban yuga, antara yuga Triasik, Jurasik awal, Jurasik ahir, jeung Krétasius. Ceuk Bill Erickson, "Siger tengah beurat dinosaurus téh antara 500 kg nepi ka 5 métrik ton [...] Dalapan puluh persén biomasa ti formasi Morrison Ahir Jurasik di kulon AS téh mangrupa stégosaurus jeung sauropod; nu panungtung ieu beuratna 20-an ton."

Paripolah[édit | édit sumber]

Interprétasi ngeunaan paripolah dinosaurus sacara umum dumasar kana dedegan fosil awak jeung habitatna, simulasi komputer biomékanikana, sarta tina babadingan jeung sato modéren nu mibanda perenah ékologis nu sarupa. Ku kituna, pamahaman kiwari ngeunaan paripolah dinosaurus téh dumasar kana spékulasi, sarta bakal salawasna kontroversial. Najan kitu, aya kasapukan umum yén sababaraha paripolah nu ilahar aya dina buhaya jeung manuk, dulur dinosaurus pangdeukeutna, ogé ilahar pikeun dinosaurus.

Bukti munggaran ngeunaan polah ngagorombol aya dina papanggihan 31 dinosaurus Iguanodon taun 1878 di Bernissart, Bélgia, nu kakubur sanggeusna tigebrus sarta kakubur dina jungkrang. Bukti nu sarupa ogé aya dina papanggihan spésiés-spésiés dinosaurus lianna. Tapak ratusan (atawa malah rébuan) hérbivora nunjukkeun yén hadrosaurid (duck-bill) pindah ngagorombol, kawas Bison Amérika atawa Antelop Afrika. Tapak sauropod nunjukkeun yén sasatoan ieu migrasina téh babarengan sababaraha spésiés bari salawasna ngajaga anak-anakna tetep di tengah rombongan, sahingga kajaga kasalametanana.

Papanggihan Jack Horner taun 1978, nyaéta mangrupa sayang Maiasaura ("dinosaurus nu indungna bageur") di Montana nunjukkeun yén indung dinosaurus tetep ngasuh anakna sanggeus borojol/megar. Aya ogé bukti nu nunjukkeun yén dinosaurus yuga Krétasius, kayaning sauropod Patagonia Saltasaurus (papanggihan taun 1997), boga kabiasaan nyayang nu sarupa, sarta ngabentuk koloni sayang nu lega kawas pinguin. Maniraptora Mongolia (Oviraptor) kagali dina posisi nyileungleum kawas hayam taun 1993. Tapak ogé ngabuktikeun ayana kabiasaan ngasuh di antara sauropod jeung ornitopod di Pulo Skye di Inggris. Sayang jeung endog mindeng pisan kapanggih, nu nunjukkeun paripolah nu sarupa jeung manuk/buhaya modéren.

Ulikan ngeunaan dinosaurus[édit | édit sumber]

Pangaweruh ngeunaan dinosaurus dihasilkeun tina rupa-rupa catetan fosil jeung non-fosil, nyaéta fosil tulang, tai, tapak, gastrolit, bulu, imprési kulit, jeroan, jeung jaringan lemes. Anapon widang-widang anu ngarojong tumuwuhna ieu pangaweruh, di antarana fisika, kimia, biologi, jeung élmu bumi (di mana paléontologi mangrupa salah sahiji sub-disiplina).

Padungdengan[édit | édit sumber]

Getih haneut?[édit | édit sumber]

Modél dinosaurus di Royal Ontario Museum.

Padungdengan ngeunaan régulasi temperatur awak dinosaurus geus aya ti taun 1960-an. Mimitina mah para lolobana élmuwan téh teu satuju mun dinosaurus bisa ngatur suhu awakna. Ka dieunakeun, éndotérmi dinosaurus malah jadi kasapukan balaréa, sedengkeun padungdenganana pindah kana mékanisme pangaturan suhuna.

Hubungan antara dinosaurus buluan jeung manuk[édit | édit sumber]

 Artikel utama: Dinosaurus buluan.

Manuk jeung dinosaurus lain-unggas mibanda fitur-fitur nu sarupa. Manuk jeung dinosaurus teropod boga leuwih ti saratus fitur nu mirip, sahingga sacara umum diaku salaku dulur kuna anu pangdeukeutna.

Bukti dinosaurus Sénozoik[édit | édit sumber]

Dina taun 2002, paléontolog Zielinski jeung Budahn ngalaporkeun kapanggihna fosil tulang cokor hadrosaurus di El Ojo, Amérika Kidul. Formasi tempat kapanggihna nunjukkeun yén asalna ti yuga Paléosin awal, kira 64,5 juta taun ka tukang. Mun bener, lain ngised ka strata éta alatan kajadian alam lainna, ieu jadi bukti yén aya populasi dinosaurus nu salamet, sahanteuna salila satengah juta taun, nepi ka yuga Sénozoik.

Ngahirupkeun deui dinosaurus[édit | édit sumber]

Kamajuan téhnologi pikeun sabagian jalma kadang dihubungkeun jeung harepan bisa ngahirupkeun deui dinosaurus. Dina buku Jurassic Park karangan Michael Crichton, nu mopulérkeun ieu pamanggih, élmuwan ngagunakeun getih tina fosil reungit nu kakurung ku geutah tangkal jaman Mésozoik pikeun ngawangun ulang DNA dinosaurus, sarta ngeusi jurang kromosomna ku gén bangkong modéren. Mun ditilik sacara ilmiah, téhnik ieu téh hésé pisan kalaksana. Nu utama mah ku sabab DNA téh bakal ruksak kahakan waktu, alatan keuna ku udara, cai, jeung radiasi (luruhna DNA bisa diukur ku uji rasemisasi).

Aya dua laporan ngeunaan hasilna ékstraksi DNA kuna tina fosil dinosaurus, tapi hasil pamariksaan nunjukkeun yén dua laporan ieu teu bisa dikonfirmasi. Najan kitu, péptida visual fungsional ti dinosaurus (téoritis) kungsi dihasilkeun ngagunakeun métode wangun ulang filogénétik kana runtuyan gén spésiés dulurna nu hirup kénéh (réptil jeung manuk).

Mun téa mah DNA dinoasurus bisa diwangun ulang, tetep baé bakal susah "numuwuhkeun" dinosaurus ngagunakeun téhnologi kiwari, sabab euweuh spésiés ayeuna nu bisa nyadiakeun zigot pikeun prosés émbriogenesisna.

Kapanggihna jaringan lemes dina fosil dinosaurus[édit | édit sumber]

Dina jurnal Science bulan Maret 2005, Dr. Mary Higby Schweitzer saparakanca ngémbarkeun matéri jaringan lemes tina jero tulang cokor Tyrannosaurus rex nu umurna 68 juta taun (ti Formasi Hell Creek di Montana). Sanggeus kacokot, jaringan ieu diréhidrasi.

Sanggeus fosil tulang ieu diolah sababaraha minggu pikeun miceun kandungan mineral tina solobong sungsum tulangna (prosésna katelah demineralisasi), Schweitzer manggihan struktur weuteuh kayaning saluran getih, matriks tulang, jeung jaringan panyambung (serat tulang). Pamariksaan maké mikroskop nunjukkeun yén jaringan lemes dinosaurus téa téh malah masih alus nepi ka tingkat sélulér. Watek jeung kandunganana mah can pertéla pisan, sedengkeun kapentingan papanggihan ieu ogé can écés rék ka mana léosna.

Téori kapunahan[édit | édit sumber]

Punahna dinosaurus sacara masal sarta ngadadak, nu lumangsung kira 65 juta taun ka tukang, mangrupa hiji kajadian anu acan bisa kabongkar dina paléontologi. Sasatoan nu séjén gé loba nu ngilu punah dina mangsa harita téh, kayaning amonit (moluska mirip nautilus), mosasaurus, plésiosaurus, ptérosaurus, kuya jeung buhaya hérbivora, bangsa manuk, jeung loba pisan kelompok mamalia. Nu ngabalukarkeun ieu kajadian, geus mimiti ditalungtik ti taun 1970-an. Kiwari, aya sababaraha téori nu diaku ku para ahli.

Tabrakan astéroid[édit | édit sumber]

Kawah Chicxulub di tungtung Tanjung Yucatán, nu kabentuk alatan tabrakan jeung astéroid nu bisa ngabalukarkeun punahna dinosaurus.

Téori tabrakan astérioid, nu munggaran diajukeun ku Walter Alvarez ahir 1970-an, numbukeun kapunahan dina tungtung yuga Krétaséus jeung tabrakan kira 65.5 juta taun ka tukang. Alvarez ngajukeun yén ngaronjatna kadar iridium ngadadak nu kacatet sumebar di sakuliah dunya. Bukti-bukti nu aya nunjukkeun yén banda angkasa nu neunggar Tanjung Yucatán téh diaméterna 10 km, sahingga nyiptakeun kawah Chicxulub nu lébarna 170 km nu ngabalukarkeun kapunahan masal. Para élmuwan can sapuk ngeunaan hal ieu, naha punahna dinosaurus téh gara-gara kajadian ieu atawa kajadian saméméhna. Ceuk sabagian élmuwan, météor ieu ngabalukarkeun nyirorotna suhu Bumi, tapi ceuk sabagian nu lain, kajadian ieu téh justru ngaronjatkeun suhu Bumi.

Najan gancangna kapunahan ieu teu bisa dicindekkeun tina catetan fosil wungkul, sababaraha modél nu kungsi dijieun tetep nunjukkeun yén kajadian ieu téh lumangsung gancang, saharita. Kasapukan para élmuwan nu satuju kana ieu téori nyebutkeun yén kajadian ieu téh sakaligus nyiptakeun kapunahan boh sacara langsung (alatan panas tina tabrakan météorit) sarta sacara teu langsung (alatan nyirorotna suhu balukar tina katutupna sinar srangéngé ku rabengna kebul tina tabrakan tadi).

Hujan astéroid—awan Oort[édit | édit sumber]

Sarupa jeung téori tabrakan Alvarez (nu ngalibetkeun hiji astéroid atawa komét), téori ieu ngunggelkeun leupasna komét-komét tina awan Oort alatan gangguan gravitasi balukar tina aya béntang nu ngaliwat. Hiji atawa sababaraha ti ieu komét nubruk Bumi dina waktu nu méh bareng, sahingga ngabalukarkeun kapunahan saampar dunya. Sarua jeung tubrukan astéroid, kajadian ieu ngabalukarkeun nyirorotna suhu global.

Parobahan lingkungan[édit | édit sumber]

Dina puncak jaman dinosaurus, di kutub téh euweuh és, sedengkeun beungeut laut ayana 100-250 méter luhureun beungeut laut ayeuna. Suhu Bumi ogé leuwih saragam, ti kutub ka katulistiwa téh bédana ukur 25 °C. Rata-ratana mah, suhu atmosfir téh leuwih haneut; di kutub leuwih haneut 50 °C batan ayeuna.

Komposisi atmosfir dina jaman dinosaurus ogé béda ti ayeuna. Kadar karbon dioksida 12 kali ti kadar ayeuna, sedengkeun kadar oksigén di atmosfir gé 32-35% (ayeuna mah ukur 21%). Najan kitu, dina Krétasius tungtung, lingkungan téh ngadadak obah. Aktivitas gunung api nyirorot, sahingga suhu niisan alatan nyirorotna kadar CO2. Kadar oksigén di atmosfir ogé mimiti obah nepi ka tungtungna nyirorot ogé. Sabagian élmuwan boga hipotésis yén parobahan iklim, katambah ku leutikna kadar oksigén, ngabalukarkeun paéhna rupa-rupa spésiés.

Jujutan kapanggihna[édit | édit sumber]

Fosil dinosaurus geus dipikawanoh salila rébuan taun sajarah manusa, najan watek nu sabenerna mah can bener-bener jéntré; ku urang Cina mah dianggap tulang naga, sedengkeun urang Éropah percaya yén éta téh ruruntuk raksasa sarta mangkeluk lian nu paraéh alatan Caah Badag.

Spésiés dinosaurus nu munggaran diidéntifikasi nyaéta Iguanodon, kapanggih taun 1822 ku ahli géologi Inggris Gideon Mantell, nu dianggap sarupa jeung tulang iguana modéren. Dua taun ti harita, William Buckland, profésor géology di Universitas Oxford, ngagali fosil tulang Megalosaurus bucklandii deukeut Oxford. Buckland lajeng jadi jalma munggaran nu ngalaporkeun papanggihanana dina jurnal ilmiah.

Ulikan ngeunaan "kadal fosil raksasa" ngadadak jadi pangirutan élmuwan Éropah jeung Amérika, sahingga taun 1842, istilah "dinosaur" ieu diwanohkeun ku ahli paléontologi Inggris, Richard Owen. Anjeunna manggihan yén ruruntuk nu geus kapanggih, Iguanodon, Mégalosaurus, jeung Hilaosaurus, mibanda fitur-fitur nu béda, sahingga nempatkeun éta fosil dina golongan taksonomi nu béda. Kalawan pangrojong ti Pangéran Albert ti Saxe-Coburg-Gotha, salakina Ratu Victoria, Owen ngadegkeun Natural History Museum (Musium Sajarah Alam) di Kensington Kidul, London, pikeun mintonkeun koléksi nasional fosil dinosaurus sarta banda biologi jeung géologi lianna.

Taun 1858, dinosaurus Amérika munggaran kagali di kota leutik Haddonfield, New Jersey (sabenerna mah geus kapanggih ti saméméhna, tapi can kaulik). Mangkeluk ieu dingaranan Hadrosaurus foulkii, tina ngaran kota jeung nu manggihanana, William Parker Foulke. Papanggihan ieu penting pisan, sabab Hadrosaurus mangrupa rorongkong dinosaurus munggaran nu kapanggih dina kaayaan méh lengkep, nepi ka pertéla watek bipédalna. Papanggihan révolusional, sabab saméméhna mah para élmuwan téh yakin yén dinosaurus téh leumpang maké opat suku, kawas ilaharna kadal.

Baca ogé[édit | édit sumber]

Rorongkong Tiranosaurus Réks atawa katelah T-Réks di Field Museum, Chicago, Illinois.

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Dinosaur, Wikipédia édisi basa Inggris per 15 Pébruari 2006.
  • Kevin Padian & Philip J. Currie (1997). Encyclopedia of Dinosaurs. Academic Press. ISBN 0-12-226810-5. (Artikel-artikelna ditulis ku para ahli).
  • Paul, Gregory S. (2000). The Scientific American Book of Dinosaurs. St. Martin's Press. ISBN 0-312-26226-4.
  • Paul, Gregory S. (2002). Dinosaurs of the Air: The Evolution and Loss of flight in Dinosaurs and Birds. Baltimore: The Johns Hopkins University Press. ISBN 0-8018-6763-0.
  • Weishampel, David B. (2004). The Dinosauria. University of California Press; éd ka-2. ISBN 0-520-24209-2.

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

  1. Ferigolo, Jorge; Langer, Max C. (2007-01-01). "A Late Triassic dinosauriform from south Brazil and the origin of the ornithischian predentary bone". Historical Biology 19 (1): 23–33. doi:10.1080/08912960600845767. ISSN 0891-2963. https://doi.org/10.1080/08912960600845767. 
  2. Langer, Max C.; Ferigolo, Jorge (2013-01-01). "The Late Triassic dinosauromorph Sacisaurus agudoensis (Caturrita Formation; Rio Grande do Sul, Brazil): anatomy and affinities" (dalam bahasa en). Geological Society, London, Special Publications 379 (1): 353–392. Bibcode 2013GSLSP.379..353L. doi:10.1144/SP379.16. ISSN 0305-8719. https://sp.lyellcollection.org/content/379/1/353. 
  3. Cabreira, S.F.; Kellner, A.W.A.; Dias-da-Silva, S.; da Silva, L.R.; Bronzati, M.; de Almeida Marsola, J.C.; Müller, R.T.; de Souza Bittencourt, J. et al. (2016). "A Unique Late Triassic Dinosauromorph Assemblage Reveals Dinosaur Ancestral Anatomy and Diet". Current Biology 26 (22): 3090–3095. doi:10.1016/j.cub.2016.09.040. PMID 27839975. 
  4. Müller, Rodrigo Temp; Garcia, Maurício Silva (2020-08-26). "A paraphyletic 'Silesauridae' as an alternative hypothesis for the initial radiation of ornithischian dinosaurs". Biology Letters 16 (8): 20200417. doi:10.1098/rsbl.2020.0417. PMC 7480155. PMID 32842895. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=7480155. 
  5. Matthew G. Baron; Megan E. Williams (2018). "A re-evaluation of the enigmatic dinosauriform Caseosaurus crosbyensis from the Late Triassic of Texas, USA and its implications for early dinosaur evolution". Acta Palaeontologica Polonica. 63. doi:10.4202/app.00372.2017.
  6. Andrea Cau (2018). "The assembly of the avian body plan: a 160-million-year long process" (PDF). Bollettino della Società Paleontologica Italiana. 57 (1): 1–25. doi:10.4435/BSPI.2018.01.