Holosén

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Suhu Rata-rata jaman Pertengahan Holosen

Kala Holosén atawa jaman Alluvium nyaéta kala terahir dina tarikh géologi.[1] Lumangsung kurang leuwih ti saprak 20.000 taun ka tukang.[1][2] Kala Holosén mangrupa bagéan pangorana tina jaman kuarter.[1][3] Jaman kuarter mangrupa bagéan tona jaman Néozoikum atawa Kaénozoikum.[3] Jaman Néozoikum dibagi jadi dua jaman nyaéta tersier jeung kuarter.[3] Jaman kuarter dibagi deui jadi dua nyaéta jaman Diluvium atawa jaman pléistisén jeung jaman holosén atawa alluvium.[3]

Jaman holosén mangrupa jaman terahir tina papasingan sajarah géologi bumi.[3] Ieu hal lantaran holosén mangrupa jaman keur manusa modérn.[3] Jadi lamun aya bancang pakéwuh super anu badag pisan jeung sabagéan manusa maot, mangka mungkin jaman holosén bakal kaganti.[3]

Ciri jaman holosén nyaéta wangun géografis bumi, benua, pulo-pulona henteu loba nu robah siga zaman ayeuna, jeung és di kutub geus loba anu cair[3] Ieu hal lantaran jaman holosén atawa jaman alluvium aya sanggeus kajadian "melting down" atawa és di Bumi anu jadi cair.[3]

Pambagian jaman Holosén[édit | édit sumber]

Jaman holosén dibagi jadi lima jaman anu sakabéhna dingaranan ku kajadian parobahan iklim nyaéta:[3]

  1. Preboréal (10 réwu taun–9 réwu taun),
  2. Boréal (9 réwu taun–8 réwu taun),
  3. Atlantic (8 réwu taun–5 réwu taun),
  4. Subboréal (5 réwu taun–2,5 réwu taun) jeung
  5. Subatlantic (2.5 réwu taun–ayeuna).[3]

Tutuwuhan dina jaman holosén geus jiga ayeuna kalawan didominasi ku tutuwuhan jenis spérmatophyta boh angiospermae atawa gymnospermae.[3] Tutuwuhan lianna saperti paku (pterydophyta) ogé loba tapi henteu dominan.[3] Loba maruncul tutuwuhan kalawan varietas anyar lantaran ayana usaha manusa dina persilangan.[3]

Sasatoan nu aya di jaman holosén ogé henteu siga di jaman pléistosén.[3] Mammot ogé arang langka waktu asup jaman holosén mah.[3] Sanajan mimitina mah masih kénéh katempo, beuki dieu mah beuki langka lantaran kaéréd ku polah manusa nu sarakah.[3] Di ieu jaman muncul ras sato anyar jeung sato doméstik nu kawilang loba.[3]

Jaman Holosén di Indonésia[édit | édit sumber]

Di jaman Holosén mimiti aya spésiés Homo Sapiéns.[2][3] Di Indonésia, ayana kamekaran global loba mangaruhan kamekaran fisik alam Indonésia.[2] Basa lapisan és kutub utara acan cair, wilayah Indonésia bagéan kulon masih ngahiji jeung Benua Asia, ari wilayah Indonésia Timur masih ngahiji jeung Benua Australia.[2]

Basa suhu bumi panas jeung lapisan és kutub utara cair, ngabalukarkeun ayana laut di sababaraha wilayah Indonésia jadi sababaraha pulo anyar.[2] Wilayah anu baheulana ngahiji jeung Asia jeung ayeuna jadi dasar lautan anu disebut Paparan Sunda, ari wilayah anu pernah ngahijikeun sawaréh wilayah Indonésia jeung Australia disebutna Paparan Sahul.[2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c Marbun, M.A (2004). Ensiklopedia Geografi. Bogor: Yudhistira. p. 113. ISBN 979-746-308-7. 
  2. a b c d e f "Zaman Kala Holosen atau Zaman Aluvium". Sejarah-negara.com. Diakses tanggal 29 November 2017. 
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Dary, Wulan. "Belajar Tentang Pembagian Zama Holosen". Learn is Easy. Diakses tanggal 29 November 2017.  Archived 29 Nopémber 2017 di Wayback Machine