Meri

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Meri
Meri spésiés indian runner sajodo
Status konservasi
Domesticated
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Aves
Order: Anseriformes
Kulawarga: Anatidae
Génus: Anas
Spésiés: Anas platyrhynchos
Subspésiés: A. p. domesticus
Trinomial name
Anas platyrhynchos domesticus

Meri (Bucephala albeola) nyaéta sato ingon; unggas anu hirupna di darat, bisa ngojay, pangawakan kawas soang ngan leuwih leutik.[1] Meri asalna tina kulawarga Anatidae.[2]

Pedaran[édit | édit sumber]

Meri geus ilahar diingu pikeun diarah endog jeung dagingna.[3] Meri kasebut ingon-ingon anu hasilna bisa diandelkeun dibarung ku sipatna meri mah henteu gampang katerap hama, bisa dipiara ku jalan diangon (dileupaskeun ka sawah) bisa ogé maké cara intensifikasi (dipiara di jero kandang). [3] Meri ogé henteu hésé mangsa maraban ku lantaran mibanda sipat omnivorus (sagala dihakan) saperti : jujukutan, sayuran, tutut, lauk, beubeutian jeung sajabana.[3][4]

Meri-meri anu kiwari baranahan tur loba dipiara téh turunan tina meri-meri liar anu hirup di alam bébas disebut ogé wild mallard, kajaba éntog (meri Manila) atawa muskovi anu asalna ti Amérika kidul.[3] Anu ngabédakeun meri muskovi jeung meri séjénna taya lian ti ramo-ramona mibanda kuku-kuku anu sareukeut, tur bisa eunteup dina dahan tatangkalan.[3]. Pangawakan leuwih datar (horisontal), leuwih badag, beuratna 3-3.5 kg di tempat asalna ieu meri dipaké pikeun indungan atawa purah nyileungleuman endog meri séjén.[4]

Meri dina basa Inggris disebutna duck kecap duck asalna tina basa Inggris kuno (Anglo-xaxon) ;düce kecap pagawéana jadi ducan anu mibanda harti to duck atawa tungkul ka handap.[2] Ieu ku lantaran nempo kabiasaan kulawarga meri anatidae mangsa keur nyiar kahakanan sok tarungkul teuleum ka jero cai.[2]

Meri neuleumkeun sirahna kana cai mangsa nyiar hakaneun (characteristic upending "duck").

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Meri mibanda suku leuwih pondok dibandingkeun jeung awakna tur mibanda lamad anu ngalingkupan ramo-ramo sukuna pikeun ngabantu meri bisa manju kalawan gancang mangsa ngojay di luhureun cai.[3] Meri anakna anu kakara megar mibanda bulu-bulu anu lemes.[5] Meri mangrupa unggas anu mibanda sipat aquatic atawa mikaresep kana cai/ngojay.[3] Katempo ogé bulu-bulu anu aya dina awakna kawilang kandel tur semu minyakan matakna cai henteu bisa asup kana awakna.[3]

Sajarah[édit | édit sumber]

Meri-meri anu kiwari loba dipiara tur baranahan hususna di Indonesia, ujaring carita cenah baheula meri téh mimitina dibawa ku urang India ka pulo Jawa kurang leuwih dina abad ka VII.[6] Taya lian maranéhna téh pagawé-pagawé anu ditugaskeun pikeun ngawangun candi-candi Hindu/Buda di pulo Jawa.[6] Mangsa harita mah batu-batu anu diéntép jadi wangunan candi téh dirapetna maké endog bobodasna mun kiwari mah Portland Cement (PC).[6] Pikeun nyumponan kabutuhan endog anu sakitu pohara loba, maranéhna mawa sorangan meri-meri endogeun ti nagarana pikeun diingu tur diarah endogna.[6]

Salila ratusan taun meri geus jadi ingon-ingon anu loba diingu ku masarakat, hususna di daérah landeuh anu alus irigasina, deukeut rawa-rawa, situ jeung daérah sisi basisir.[6]

Mangsa kolonial Walanda, kurang leuwih taun 1920 pamaréntah mangsa harita aya andil ogé dina nyebarna meri-meri ka sakuliah Indonesia.[6] Taya lian ngaliwatan pagawé-pagawé kontrak anu ditempatkeun di Sumatra hususna di daérah Deli jeung Lampung.[6] Urang walanda mangsa harita nyebut meri diurang téh Indichie leoopoend (indian runner).[4] Mangsa kamerdékaan, pamaréntah mangsa harita mibanda hiji program pikeun ngaronjatkeun ékonomi masarakat anu katelah RKI (Rencana Kesejahteraan Indonesia).[6] Ieu program téh mibanda tujuan salasahijina pikeun ngaronjatkeun kualitét meri lokal, ku jalan ngadatangkeun meri spésiés Khaki Campbell ti nagara Walanda, ogé Meri Peking anu diimpor ngaliwatan hongkong jeung Singapura.[6]

Rupa-rupa meri[édit | édit sumber]

Meri-meri anu diingu dumasar kana maksudna dibédakeun kana tilu rupa:

Meri endogan[édit | édit sumber]

Meri anu ngahaja dipiara pikeun diarah endogna (petelur), aya sababaraha spesies meri anu diingu pikeun diarah endogna :[6]

  1. Indiana Runner (Indische Loopeend) meri ieu aslina ti nagara Indonesia anu diintroduksi taun 1870 ka Amerika sababaraha spesies Indian Runner (white, buff, jeung fawn white).[3] Meri ieu bisa nagtung ajeg kawas botol matakna disebut Runner, ngahasilkeun endog 180 siki dina sataun.[3]
  2. Khaki Campbell : Meri ieu asal muasalna ti Inggris hasil tina panalungtikan anu diayakeun ku Mrs. Campbell, ieu meri bisa ngendog 300 siki dina sataun, meri khaki cambell mah pang kasohorna.[3][6]
  3. Buff Orpington
  4. Cayuga
  5. Cherry Valley
  6. Meri Jawa (Anas Javanica)
  7. Meri Bali (Anas Sp)
  8. Meri Bornéo (Anas Platurynchos Borneo)
Éntog Muscovy atawa meri manila (Anas Moschata)

Meri Pedaging[édit | édit sumber]

Meri anu ngahaja dipiara pikeun diarah dagingna (pedaging) meri ieu kagolongkeun kana wels harlequin kasohor di Inggris masih kénéh turunan tina meri khaki campbell.[3] Aya sababaraha rupa meri pedaging :[6]

  1. Meri Peking  : Meri ieu aslina ti Cina dina taun 1870 dibawa ka Amerika, ieu meri pedaging anu pangdipikaresepna di Amerika kidul jeung Australia. Bisa ngahasilkeun endog 130 siki dina sataun.[3]
  2. Meri Rouanieu meri asalna ti Prancis bisa ngahasilkeun endog 90 siki dina sataun, kelir endogna semu héjo kelirna.[3]
  3. Meri Aylesbury
  4. Meri Muscovy atawa manila : bisana dipiara di pilemburan anu dimangpaatkeun pikeun nyileungleuman endog meri atawa hayam kampung, meri muscovy diurang mah disebut éntog.[7] Biasana diabur kitu waé ngarah nyiar hakaneun sorangan saperti di balong, situ, rawa jeung susukan sakapeung anu nginguna méré parab tambahan sayuran jeung huut lembut.[7]

Meri hiasan[édit | édit sumber]

Meri anu dipiara pikeun kabutuhan pangaresep wungkul (hobi), henteu mibanda tujuan pikeun diarah daging atawa endogna, aya sababaraha rupa meri hiasan :[3] [6]

  1. Mandarin (Aix galericuta).[2], Blue Swedish, éast India, Call, Crested, jeung meri Wood
  2. Meri manila (Anas Moschata)
  3. Wood duck (aix sponsa) : bulu-buluna mibanda sababaraha kelir  : Cokelat, bodas, Hideung tur buleud beureum dina palebah panonna.[2]


Tempo ogé[édit | édit sumber]


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Setiawan, Ebta; Eko Martanto, Netti Tinaprilla (2012). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Depok: Kemendikbud. 
  2. a b c d e Trubus, Exo (2008). Itik Duo. Jakarta: PT Niaga Swadaya. ISBN 978-979-9369-86-4. 
  3. a b c d e f g h i j k l m n o Ilik Martawijaya, Elang; Eko Martanto, Netti Tinaprilla (2004). Panduan Beternak Itik Petelur secara Intensif. Depok: Agro Media Pustaka. ISBN 979-3702-19-2. 
  4. a b c Moelyadi Sitanggang, Ranto; Tety Yullia , Bagus, Hadi Iswanto, Kristianto P, Lukito AM (2012). Panduan Lengkap Beternak Itik (ed. Revisi). Depok: PT Agro Media Perkasa. 
  5. "Duckling". The American Heritage Dictionary of the English Language, Fourth Edition. Houghton Mifflin Company. 2006. Diakses tanggal 2015-05-22. 
  6. a b c d e f g h i j k l m Agus Murtidjo, Bambang (1988), Mengelola Itik, Kanisius, p. 20-25, ISBN 978-979-413-482-5 
  7. a b Bagus Harianto, Feily (2012). 40 Hari Panen Itik Raja, Itik Pedaging Unggul. Jakarta: PT Agro Media Perkasa. ISBN 979-006-403-9. 

Daptar Pustaka[édit | édit sumber]


Nulis.jpg



Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap