Tutut

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Keong sawah
Pila ampullacea pilidae 000.JPG
Cangkang Pila ampullacea.
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Superfamili:
(unranked):
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
Pila ampullacea

(Linnaeus, 1758)
Sinonim

Pila polita

Tutut nyaéta sato anu cangkangan nu hirupna dina leutak.[1] Tutut sok diangeun pikeun deungeun sangu ari didaharnna dikecrok nepi ka beunang eusina.[1] Tutut miboga cangkang anu mangrupa imahna anu wangunna méncos rerenggian.[1] Tutut sabenerna bisa dijadikeun dahareun nu loba mibanda protéin kawilang loba.

Kandungan Giji[édit | édit sumber]

Giji dina tutut (Inggris: snail) atawa basa Perancis disebut Escargot, mangrupa jinis sato moluska.[2] Tutut miboga 100 spesies jeung gumantung kana jinis tempat cicingna.[2] Biasana tutut anu didahar téh anu jinis Helix pomatia jeung Helix aspersa.[2] Tutut jadi kadaharan anu rasana ngeunah, tutut pikeun kadahareu lain di Indonésia waé tapi di nagara-nagara séjén ogé saperti Perancis anu cara sajina téh saperti appetizer, sedengkeun di Amérika jeung Australia, tutut anu disebutna abalone ilaharna didahar pikeun dahareun anu pang utamana, saperti Spaghetti with escargots jeung Abalone in oyster sauce.[2] Tutut loba ngandung protéin, tapi saeutik lemakna.[2] Dina saratus gram bagian anu bisa didahar aya 16 g protéin, jadi lamun urang ngadahar 100 g tutut, dina awak urang bakal aya 32% protéin tina kabutuhan sapopoé.[2] Konsumsi protéin hewani dina dahareun sapopoé dibutuhkeun ku awak salain protéin nabati.[2] Lemak dina 100 g tutut nyaéta 1,4 g.[2] Lemak anu aya dina tutut mangrupa asam lemak essensial dina bentuk asam linoleat jeung asam linolenat.[2] Kandungan vitamin dina tutut rada loba kalayan dominasi vitamin A, vitamin E, niacin jeung folat.[2] Lamun urang ngadahar 100 gram tutut, jadi urang bakal nyumponan 2% vitamin A, 23% vitamin E, 7% niacin jeung 66% folat.[2] Kandungan mineral anu aya dina tutut mangrupa kalsium, zat beusi, magnesium, kalium jeung fosfor.[2] Lamun urang ngadahar 100 g tutut, jadi geus nyumponan 17% kalsium jeung 13,5% zat beusi pikeun kabutuhan awak sapopoé.[2] Zat beusi dina tutut jumlahna 3,5 mg, leuwih loba dibandingkeun zat besi dina daging (2,5 mg) atawa lauk (2,4 mg).[2]

catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e f g h i j k l m n Tutut Kraca – Keong Sawah Yang Kaya Gizi (Dicutat tanggal 21 November 2011)