Kabupatén Tasikmalaya
- Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Tasikmalaya.
ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮒᮞᮤᮊ᮪ᮙᮜᮚ | |
![]() | |
![]() ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮒᮞᮤᮊ᮪ᮙᮜᮚ | |
Motto | - |
Propinsi | Jawa Kulon |
Ibukota | Singaparna |
Lega Wilayah | 2.680,48 km² |
Kordinat | 7°21′38″S 108°06′46″E / 7.3606°S 108.1127°EKoordinat: 7°21′38″S 108°06′46″E / 7.3606°S 108.1127°E |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
1.636.000 (2003) 610 jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
39 - |
Dasar hukum | - |
Tanggal | - |
Bupati | Uu Ruzhanul Ulum |
Wakil Bupati | Ade Sugianto |
Kode aréa | 0265 |
DAU | Rp. - |
Ramatloka: tasikmalayakab |
Kabupatén Tasikmalaya (Basa Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮒᮞᮤᮊ᮪ᮙᮜᮚ) mangrupa kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana Singaparna, kira-kira 380 km beulah kidul wétan Jakarta. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Majalengka di beulah kalér, Kabupatén Ciamis jeung Kota Tasikmalaya di beulah wétan, Samudra Hindia di beulah kidul sarta Kabupatén Garut di beulah kulon
Pamaréntahan[édit | édit sumber]
Kabupatén Tasikmalaya kawengku ku 39 kacamatan, nu dibagi deui kana sajumlah désa jeung kalurahan. Kota Tasikmalaya, baheulana mangrupa bagéan ti wilayah Kabupatén Tasikmalaya, nu kiwari geus ngajadi kota otonom ti ngawitan 21 Juni 2001. Ti harita, sacara bertahap puseur pamaréntahan kabupatén ieu dipindahkeun ka Kacamatan Singaparna.
Géografi[édit | édit sumber]
Sabagéan gedé wilayah Kabupatén Tasikmalaya mangrupa daérah pagunungan, kalayan puncakna Gunung Galunggung jung Gunung Talagabodas. Tasikmalaya mibanda iklim tropis kalayan suhu rata-rata di dataran handap 20°-34 °C jeung dataran luhur 18°-22 °C. Curah hujan rata-rata 2.072 mm/taun.
Pendidikan[édit | édit sumber]
Kabupatén Tasikmalaya miboga sajumlah paguron luhur, di antarana Universitas Siliwangi (Unsil), Institut Agama Islam Cipasung (IAIC) Singaparna jeung Institut Agama Islam Latifah Mubarokiyah (IAILM) Suryalaya. Sajaba ti éta, Tasikmalaya kasohor miboga sajumlah pondok pasantren nu sumebar ampir di sakuliah wilayah kabupatén.
Pariwisata[édit | édit sumber]
- Kampung Naga
- Karajinan anyaman, bordél, kelom geulis, batik tulis, sapatu kulit, mébel, topi, jeung sajabana.
- Gunung Galunggung
- Basisir Cipatujah
- Basisir Sindangkerta
- Basisir Karang Tawulan
- Makam Syech Abdul Muhyi, Pamijahan
Tempo Ogé[édit | édit sumber]
Tumbu Luar[édit | édit sumber]
|