Huma

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Huma nyaéta tempat melak paré di pasir, lain di sawah. Pare anu dipelakna husus keur dipelak di darat. Taneuh huma dina masarakat tradisional Sunda biasana dikokolakeun salila hiji nepi ka tilu taun.[1] Sanggeus éta huma diingkeun jadi leuweung deui.[1] Dina prosés ieu, aya sawatara istilah, nyaéta reuma jeung leuweung.[1]

leuit pikeun neundeun pare huma

Masalah Ngahuma[édit | édit sumber]

Ngahuma nyaéta hiji sistem/pola tatanén anu ngarobah leuweung jadi leuweung garapan, pikeun tujuan ngahasilkeun pangan anu utamana paré.[2] Prosés éta lumangsung sacara tuluy-tinuluy.[2] Dina sajarahna sistem/pola tatanén, ngahuma mangrupa hiji tahapan dina evolusi budaya manusa ti budaya moro sato ka budaya tatanén.[2] Ngahuma dipikawanoh saprak manusa nyurtian prosés alamiah tumuwuhna pepelakan.[2]

Lamun jumlah masarakatna saeutik, loba lahan nu can dimangpaatkeun,jadi tradisi ngahuma salaku pakasaban urang Sunda nu loba dilakonan.[1] Unggal geus panén di huma patani nyieun lahan anyar atawa ngagarap taneuh huma nu séjén nu geus balik deui ka asal, tapi kaayaan geus robah.[1] Jumlah masarakat beuki loba, pamukiman beuki parinuh loba lahan anu dibuka pikeun nyumponan kabutuhan piimaheun.[1] Ieu nu jadi masalah pikeun patani huma, ku sabab lahana nu beuki saeutik.[1] Sajaba ti éta kaayaan ayeuna mah loba karuksakan leuweung nu diakibatkeun tina lahan nu anyar.[1] Ngabukbak leuweung, muka taneuh garapan nu jadi ancaman lingkungan, sabab haseup nu ngebul jadi polusi pikeun masarakat nepi ka nagara tatangga.[1]

Masarakat Jawa Barat, hususna masarakat Sunda minangka masarakat pedalaman, geus mikawanoh sistem ngahuma saprak sawatara abad ka tukang, sahenteuna saprak jaman Neolitikum.[2] Ku alatan éta, masarakat Sunda di Jawa Barat mimitina nyaéta masarakat tatanén.[2] Saluyu jeung kamajuan jaman, dina hiji sisi pangaweruh manusa ngeunaan tatanén di wewengkon Jawa Barat, kajaba di Baduy, sistem ngahuma lila kalilaan leungit.[2]

Sistem ngahuma robah jadi sistem tatanén sérang sarta/atau tumpang sari.[2] Bukti anu nunjukkeun yén masarakat Sunda geus mikawanoh sistem ngahuma nyaéta dina naskah sunda anu nyaritakeun pakasaban sarta istilah anu dipaké dina tatanén, contona dina naskah Carita Parahyangan jeung wawacan Sulanjana.[3] Naskah Carita Parahyangan nyebutkeun lahirna lima urang titisan Panca Kusika, nyaéta Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba, sarta Sang Wretikandajun. “... Sang Mangukuhan njieun maneh panghuma, Sang Karungkalah njieun maneh panggerek, Sangkatungmaralah njieun maneh panjadap, Sang Sandanggreba njieun maneh padagang”.[3]

Hartina:“... Sang Mangukuhan jadi tukang ngahuma , Sang Karungkalah jadi tukang moro , Sang Katungmaralah jadi tukang sadap (nu nyieun gula beureum ti nira enau), Sang Sandanggreba jadi tukang dagang”.[3] Ieu némbongkeun yén ngahuma, moro, jeung nyadap nyaéta jenis-jenis pakasaban sarta jadi kabiasaan masarakat Sunda dina jaman baheula[3]

Prak-prakan Ngahuma[édit | édit sumber]

pare huma dicokot saperluna

Sacara umum, kagiatan ngahuma bisa dikelompokeun jadi 5 tahap, anu dina saban tahapannya sok dibiruyungan jeung upacara selamatan sangkan usaha tatanén teu nyanghareupan bangbalu atawa keuna ku hama.[1]

  1. Ngabuka leuweung anu baris dipaké minangka ladang ku cara ngabersihkeun jukut atawa tatangkalan nu aya. Dina masarakat Sunda pakasaban ieu disebut kalayan istilah nyacar.[1] Pakasaban ieu biasana dipigawé ku lalaki kalayan ngagunakeun pakakas antara séjén bedog sarta parang.[1]
  2. Motongan tangkal badag kalayan ngagunakeun kapak, patik, atau baliung (sajénis kapak badag).[1] Saterusna, dipigawé pembakaran sésa régang kai sarta taneuh leuweung anu geus dituar pikeun ngagancangan prosés burukna sakaligus ngarahkeun zat nutrisi taneuh (mangrupa lebu leuweung anu geus dibeuleum) dina pepelakan nu ngahasilkeun pangan anu geus dipilih, ku kituna sampurnana prosés ngabakar jadi penting pikeun nangtukeun hasil panén.[1] Sanggeus dibeuleum, biasana taneuh henteu langsung disambut, tapi diingkeun sababaraha jam nepi ka taneuh jadi tiis.[1]
  3. Melak binih mangrupa pepelakan biji-bijian sarta padi-padian.[1] Di tatar Sunda, pakasaban ieu dipikawanoh kalayan istilah ngaseuk, ku cara ngabolongan taneuh pikeun melak binih ku aseuk (pakakas mangrupa iteuk kai kalayan panjang kira-kira 1.5méter sarta tungtung anu dijieun rada runcing).[1] Kagiatan ieu dipigawé ku lalaki sarta wanoja, pepelakan anu dipelak sajaba jenis biji-bijian sarta padi-padian, dipelak ogé kacang-kacangan sarta jagong.[1]
  4. Ngoyos atawa lahan tina jukut-jukut anu tumuwuh di kira-kira pepelakan sabot nungguan mangsa panén salila 3-4 bulan saterusna.[1] Dina awalna, pahuma ngan ngagunakeun leungeun waé sabot menyiangi jukut, tapi sanggeus aya perkembangan pakakas mangrupa pacul sarta kored (pacul leutik), mangka pahuma ngagunakeun pakakas dina ngaseuk sarta ngoyos.[1]
  5. mangsa panén.[1] Pakasaban panén biasana dipigawé ku para wanoja sacara gotong royong, sedengkeun lalaki mibanda tugas ngunjalan hasil panén ka imah séwang-séwangan.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v (id)mata pencaharian suku sunda (diaksés tanggal 20 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h (id)Ngahuma di Jawa Barat (diaksés tanggal 20 Oktober 2011)
  3. a b c d (id)masarakat sunda (diaksés tanggal 20 Oktober 2011)


Nulis.jpg