Baliung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Baliung

Baliung nyaéta pakakas dijieun tina beusi, tungtungna seukeut, gagang panyepenganna panjang wangunna kawas kampak [1] bisa dipaké meulah ogé bisa digilirkeun pesona paranti mapas kai (rimbas). Baliung umumna dipaké pakakas tukang kai[2][3]. Gagang leuwih leutik jeung leuwih panjang ti batan kampak, dina kahirupan sapopoé dipaké pakakas tatanén[4], ngala suluh, nuar kai, pakakas tukang kai, jeung réa deui [5].[6]


Sajarah[édit | édit sumber]

Mapas kayu maké baliung

Baliung téh hiji pakakas kanu kacida kolotna, geus dipaké dina waktu anu kacida heubeulna, sahenteuna ditulis dina sajarah. Baliung pasagi mangrupa pakakas anu paling umum dipaké dina jaman neolitikum (mangsa manusa mimiti tatanén). Kapanggih ampir di sakuliah pulo di Indonésia, panglobana kapanggih di pulo Jawa, Sumatera, jeung Bali. Ku alatan ieu pamaggih baliung dijieun hiji patok pikeun nangtukeun iraha jaman neolitikum aya di Indonésia [7]

Baheula baliung dijieun tina batu, ti mimiti batu biasa (gamping) nepikeun ka batu teuas saperti permata, wangun jeung bahan batu pikeun baliung ilaharna dumasar kana dipaké naon engkéna éta baliung, naha pakakas tatanén, upacara, atawa dagangkeuneun (barter), Baliung anu kapanggih di wewengkon sukabumi, dijieun tina batu kalsedon (mangrupa satengah permata) kagolongkeun batu teuas, Mangsana diasah alus pisan nepika ngagenclang hérang némbongkeun gurat-gurat batu anu éndah.[7]

Ahli ngeunaan jaman baheula (Arkeolog) ogé geus manggihan sésa-sésa titinggal anu mangrupa baliung anu dipaké ku urang Mesir kurang leuwih taun 2000 SM. Baliung anu kapanggih di dieu mibanda mata (seseukeutna) tina tambaga ditalian kana gagang kai.[8]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]