Kabupatén Pangandaran

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kabupatén Pangandaran
Jawa Jawa Kulon

Taman Nasional Pangandaran

Lambang

Jargon: Jaya Karsa Makarya Praja

Peta lokasi Kabupatén Pangandaran
Puseur Dayeuh Parigi
Lega Wilayah
Kordinat
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
450.658 jalma
jiwa/km²
Démografi
 · Séké Sélér
Sunda
Agama
Islam, Kristen
Basa
Sunda
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
10
92 désa
Dasar hukum UU No.21 tahun 2012
Milangkala
Bupati Dr. Endjang Naffandy, M.Si.
Zona Waktu
Kode telepon
WIB
0265
DAU Rp 388.577.785
Tutuwuhan Idéntitas
Sato Idéntitas

Situs web resmi:

Kabupatén Pangandaran (aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮕᮍᮔ᮪ᮓᮛᮔ᮪) nyaéta hiji kabupaten di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Tapel wates ieu Kabupatén nyaéta Kabupatén Ciamis sarta Kota Banjar di kalér, Kabupatén Cilacap di wétan, Samudera Hindia di kidul jeung Kabupatén Tasikmalaya di kulon. Pangandaran robah jadi kabupatén dumasar kana Undang-Undang Nomor 21 Taun 2012. Dina UU disebutkeun yén Kabupatén Pangandaran asalna babagian ti wilayah Kabupatén Ciamis anu ngawengku Cigugur, Cijulang, Cimerak, Kalipucang, Langkaplancar, Mangunjaya, Padaherang, Pangandaran, Parigi jeung Sidamulih.[1]

Dasar Hukum Dijieuna Kabupatén Pangandaran[édit | édit sumber]

  1. Undang-undang Dasar Negara Kesatuan Républik Indonésia taun 1945
  2. Undang-undang Nomor 32 taun 2004 sakumaha nu geus dirobah ku Undang-undang Nomor 12 taun 2008 ngeunaan Pamaréntahan Daérah.
  3. Undang-undang Nomor 12 taun 2011 ngeunaan Pembentukan Peraturan Perundang-undangan.
  4. PP Nomor 78 taun 2007 ngeunaan Tatacara Pembentukan, Penghapusan dan Penggabungan Daérah.
  5. Perda Propinsi Jawa Barat ngeunaan Pengembangan Wilayah Jawa Barat Bagéan Kidul taun 2010-2029.[2]

Visi jeung Misi[édit | édit sumber]

Dina periode pamaréntahan 2019-2021 anu Bupatina H. Jeje Wiradinata jeung Wakilna H. Ujang Endin Visi jeung Misi Pangandaran téh kieu.[3]

Visi[édit | édit sumber]

PANGANDARAN JUARA MENUJU WISATA BERKELAS DUNIA YANG BERPIJAK PADA NILAI KARAKTER BANGSA.

Misi[édit | édit sumber]

  • Ngawujudkeun Pangandaran anu iman, takwa jeung hirup rukun dina kahirupan dumasar asas kaagamaan.
  • Mekarkeun aksesbilitas atikan nepi ka Paguron Luhur, jeung ngaronjatkeun karaharjaan tenaga atikan sarta ngaronjatkeun kompetensi lulusan.
  • Ngawujudkeun reformasi birokrasi anu éféktif, éfisién jeung akuntabel.
  • Mekarkeun wisata kalayan ngalegaan aksés jeung ngokolakeun kalumangsuanganana.
  • Ngaronjatkeun ketahanan ékonomi jeung sosial anu adil nyoko kana poténsi lokal.
  • Ngaronjatkeun pangwangunan infrastruktur, tata ruang jeung mitigasi bencana.

Lambang[édit | édit sumber]

Logo Kabupatén Pangandaran.

Harti logo pangandaran dumasar kana Peraturan Bupati No. 4 Taun 2013.[4]

  • Taméng atawa perisai warna biru anu ngalambangkeun katingtriman jeung karaharjaan masarakat pangandaran. Warna biruna ngalambangkeun cai laut anu jadi ciri utamana pangandaran. Ukuran (skala 1:2) perisai luhurna 17 cm, lega belah kénca 7 cm tina titik tengah lega belah katuhu 7 cm tina titik tengah miboga harti 17 Juli 2007 salaku déklarasi ngadegna Kabupatén Pangandaran.[5]
  • Béntang miboga simbol Tuhan anu Maha Tunggal.
  • Kujang mangrupa simbol pusaka pajajaran. Dina kujang aya lima liang leutik anu ngalambangkeun dasar nagara jeung warna konéng ngalambangkeun kaadilan jeung kaadilan.
  • Paré jeung kapas. Paré mangrupa kadaharan poko masarakat anu jumlahna aya 25 jadi ciri tanggal ngadegna Kabupatén Pangandaran luyu jeung UU No. 21 tauun 2012. Simbol kapas anu ngaruntuy ngalambangkeun karaharjaan sandang jeung pangan, jumlahna aya 10 anu ngagambarkeun bulan ngadegna Kabupatén Pangandaran, nyaéta bulan ka-10 (Oktober) jeung taun (2012) dina jumlah 12 digambarkeunn ku jumlah daun kalapa luyu jeung UU No. 21 Tauun 2012.
  • Tangkal Kalapa warna héjo. Ngalambangkeun tangkal anu loba mangpaatna keur urang Pangandaran ti mimiti tangkalna, buahna jeung daunna. Daun kalapa anu aya 12 siki nuduhkeun taun diadegkeunna Pangandaran.
  • Gunung Warna héjo. Ngalambangkeun kasuburan di Pangandaran. Kabéh pepelakan tropis bisa jadi di taneuh wilayah Pangandaran.
  • Pager. Pager atawa bénténg anu jumlahna aya 10 ngalambangkeun jumlah kacamatan di Pangandaran.
  • Pondasi. Pondasi anu jumlahna aya 21 ngalambangkeun UU No. 21 anu jadi dasar hukum ngadegna Kabupatén Pangandaran.
  • Gelombang 17 jeung 7 Warna Bodas. Ngagambarkeun sumberdaya alam laut di Pangandaran anu mangrupa laut, walungan, balong, tambak jeung rawa-rawa. Gelombang air anu 17 warna bodas nuduhkeun tanggal déklarasi Pangandaran ku Présidium dina tanggal 17 (17 Juli 2007).[4]
  • Kembang Raflesia. Ngalambangkeun kaabadian jeung kaadilan dumasar Pancasila.[6]
  • Gambar Pita Konéng ngalambangkeun persatuan jeung kesatuan.[6]
  • Jargon Jasa Karya Makarya Praja. Jasa hartina kaonjoyan, kaunggulan. Makarya téh hartina ngawangun. Praja hartina nagara atawa nagri.[4]

Ikon[édit | édit sumber]

Lauk Marlin[édit | édit sumber]

Tugu Marlin Pangandaran.

Ikon Kabupatén Pangandaran nyaéta lauk marlin biru. Ieu lauk dijadikeun tugu anu dibangun di bundaran Masjid Besar Al- Istiqomah dina taun 2012.[7] Marlin ogé salah sahiji lauk anu hirup panglilana nyaéta 27 taun. Salian di Pangandaran, Tugu Marlin ogé aya di Kacamatan Cijulang, Pertiluan Cikembulan-Pamugaran jeung Alun-Alun Parigi.[8] Tuluy, dina tuguna tulisan jargon Pangandaran nyaéta Jasa Karya Makarya Praja.[9] Lauk marlin dipilih sabab miboga karakter lincah, atraktif jeung mandiri lamun di habitatna. Dipiharep pangwangunan di Kabupatén Pangandaran ogé terus nérékél salincah lauk marlin, lian ti éta dipiharep Pangandaran bisa mandiri ngokolakeun wilayahna kalawan ngamangpaatkeun sumber daya anu aya ku kabijaksanaan.[8]

Masjid Al-Istiqomah.

Masjid Al- Istiqomah[édit | édit sumber]

Ieu masjid diadegkeun taun 1974. Alamatna di Jalan Baru Nomor 109 Pangandaran, Dusun Karangsalam RT 06 RW 01 Desa Pananjung. Di ieu masjid ogé aya Madrasah jeung Pabukon anu bisa digunakeun ku masarakat umum.[10]

Bandara Nusawiru[édit | édit sumber]

Bandara Nusawiru pernahna di Kacamatan Cijulang, Kabupatén Pangandaran. Ieu bandara legana 50 héktare dikokolakeun ku Dinas Perhubungan Provinsi Jawa Barat kalawan dijadikeun transportasi keur ngarojong pariwisata jeung nganteurkeun hasil laut ka luar daérah.[11] Bandara Nusawiru diwangun taun 1996, ngan kungsi tutup salila mangsa réformasi. Dibuka deui taun 2004. Harita méméh taun 2004 maskapai Merpati Airlines kungsi muka penerbangan doméstik ti Nusawiru ka Bandung kalawan jarak tempuh 30 menit.[12] Salian ti muka layanan transportasi wisata jeung barang, aya ogé penerbangan doméstik Pangandaran ka Jakarta jeung Bandung ka Jakarta. Salian ti éta, bisa ogé ngurus kapal udara (Aircraft Maintenance Center) jeung atikan sumber daya penerbangan (Aviation Training Center).[11] Kiwari, Bandara Nusawiru ngaakomodasi penerbangan kalawan maskapai Susi Air. Kapal udara indit ka Jakarta ti Nusawiru jam 6 isuk-isuk. Ari Susi Air anu ti Jakarta mah mimiti indit jam 8 isuk-isuk. Ti Nusawiru ka Jakarta pernahna di Bandara Halim Peranakusumah téh biasana ukur sajam.[12]

Pangandaran Jaman Baheula.

Sajarah[édit | édit sumber]

Ngaran Pangandaran miboga tilu harti, nyaéta kecap andar, andar-andar, jeung kadaharan + daharan . Andar-andar, dina basa Sunda, hartina ngumbara atawa migran. Hal ieu lantaran wewengkon éta baheulana mangrupa tempat anu dibuka ku pamayang urang Sunda. Disagigireun ti éta, étimologi kadua, kadaharan + daharan ngandung harti "tempat nafkah", sabab ku jalan indit ka laut maranéhna hirup. [13]

Dina folklor anu diciptakeun ku masarakat Pangandaran, Pangandaran dibentuk nalika Désa Pananjung dibuka ku pamayang Sunda. Pamayang Sunda percaya yén bakal gampang pikeun meunangkeun lauk tempo ombak laut anu tenang. Alesan anu asup akal nyaéta ayana lahan anu nyodor ka laut anu bakal ngaréndéngkeun ombak Samudra Hindia anu bahaya ka basisir. Para pamayang tuluy ngagunakeun andar minangka tempat neundeun parahu. Ahirna matuh jeung jadi kampung nu disebut "Pangandaran".[14]

Nurutkeun Asep Nurdin Rosihan Anwar, sesepuh nyebutkeun wewengkon “Pananjung” lantaran ayana tanjung jeung ogé tempat-tempat karamat. Istilah ieu tuluy dimekarkeun jadi pangnanjung-nanjungna (pangsuburna atawa makmur). Saterusna, Pananjung jadi salah sahiji puseur karajaan anu saumur jeung Karajaan Galuh Pangauban anu puseurna di Putrapinggan kira-kira abad ka-14 Maséhi. sanggeus mecenghulna Karajaan Pajajaran di Pakuan. Dipingpin ku Prabu Anggalarang, hanjakal Karajaan Pananjung ditumpes ku bajak laut sabab karajaan teu daék ngajual pepelakanana ka maranéhna, dina mangsa paceklik. Dina mangsa pamaréntahan Hindia Walanda, Pangandaran jadi bagian ti Kabupatén Sukapura. Dina taun 1922, Y. Everen (Résidén Priangan) nyieun Pananjung taman anyar waktu anjeunna ngaluarkeun banténg, tilu sapi jeung sababaraha peucang. Lantaran miboga rupa-rupa sato jeung spésiés tutuwuhan langka dina raraga ngajaga kalumangsungan habitatna, dina taun 1934 Pananjung dijadikeun cagar alam anu legana 530 ha.[14] Taun 1961, sanggeus kapanggihna Rafflesia patma, status Pananjung robah jadi cagar alam. Ku ngaronjatna kabutuhan wewengkon rékréasi, dina taun 1978 sabagéan legana 37,70 ha dijadikeun taman wisata. Taun 1990 wewengkon perairan sabudeureunana ogé dikukuhkeun minangka cagar alam laut (470 ha) sahingga total luas wewengkon cagar alam jadi 1000 ha.[15]

Géografi[édit | édit sumber]

Peta

Sacara astronomi, Kabupatén Pangandaran perenahna antara 108 darajat 30' - 108 darajat 40' Bujur Wétan sarta 7 darajat 40'20" - 7 darajat 50'20" lintang kidul. Dumasar kana posisi géografisna, Wewengkon kacamatan Pangandaran nyaéta 1.011,04 kilométer pasagi dumasar Undang-Undang Nomor 21 Tahun 2012 ngeunaan Ngadegna Kabupatén Pangandaran Propinsi Jawa Kulon. Dumasar kana itungan garis lempeng, jarak antara Kabupatén Pangandaran jeung puseur dayeuh Propinsi Jawa Kulon nyaéta Kota Bandung téh 211 kilométer. Kota pangdeukeutna ka kacamatan Pangandaran nyaéta dayeuh Banjar kalawan jarak 84 km. Kacamatan anu panglegana nyaeta Kacamatan Kalipucang kalawan legana 136,78 kilométer pasagi jeung Kacamatan Sidamulih jadi pangheureutna nyaéta 32,78 kilométer pasagi.[16]

Wilayah[édit | édit sumber]

Samudra Hindia jadi salah sahiji wates Pangandaran.

Kabupatén Pangandaran legana nyaéta 168.509 Ha kalayan legana laut 67.340 Ha jeung panjangna basisir 91 Km.[1]

Batas Wilayah[édit | édit sumber]

Wilayah Administratif[édit | édit sumber]

Ieu di handap mangrupa wincikan kacamatan jeung désa di Pangandaran.

Démografi[édit | édit sumber]

Penduduk[édit | édit sumber]

Dina taun 2020, jumlah penduduk Kabupatén Pangandaran 423,67 rébu jiwa. Ngawengku 212,21 rébu jiwa penduduk lalaki jeung 211,45 ribu jiwa penduduk awéwé, ku kituna angka rasio wanda baga di Kabupatén Pangandaran 100,40 anu hartina aya 100-101 penduduk lalaki dina unggal 100 penduduk awéwé. Lamun ditilik dumasar kacamatan, Langkaplancar miboga rasio wanda baga pangluhurna, nyaéta 102,47, ari anu panghandapna Kacamatan Cijulang nyaéta 96,88. Sakabéh kacamatan miboga angka rasio wanda baga leuwih ti 100,anu hartina jumlah penduduk lalaki leuwih loba, iwal di di tilu kacamatan nyaéta Kacamatan Parigi, Cijulang, jeung Sidamulih. Jumlah penduduk anu panglobana aya di Kacamatan Padahérang nyaéta 68,12 rébu jiwa (16,08 persen). Lian ti éta, kacamatan kalayan populasi pangleutikna nyaéta Kacamatan Cigugur anu miboga 22,80 rébu penduduk. Wilayah Ieu di handap daptar Bupati Pangandaran sanggeus dimekarkeun ti KabuKabupatén Pangandaran miboga tingkat kepadatan penduduk anu .r 1 kacamatan kalayan tingkat kepadatan penduduk leuwih ti 1.000 jiwa/km2 nyaéta Kacamatan Padahérang. Penduduk Kabupatén Pangandaran anu umurna 15 taun atawa leuwih dina taun 2020 nepi ka 319.852 urang. Jumlah angkatan anu kaasup umur produktif nepi ka 245.619 urang, dimana 233.143 di antarana digawé dina sababaraha séktor usaha, sésana 12.476 masih nganggur. Jumlah éta ngagambarkeun angka tingkat nganggur jadi 5,08 persén. Pagawé di Kabupatén Pangandaran didominasi ku lulusan SD ka handap, nyaéta nepi ka 53,87 persén.[16]

Daptar Bupati[édit | édit sumber]

Ieu di handap mangrupa bupati anu kungsi ngajabat di Pangandaran.

  • Dr. Drs. H. Endjang Naffandy, M.Si. Anjeunna jadi pejabat bupati ti ping 22 April 2013 nepi ka 22 April 2015, partaina independen.[19]
  • Drs. H. Daud Achmad. Anjeunna jadi pejabat bupati ping 22 April 2015 nepi ka 17 Februari 2016, partaina independen.[20]
  • H. Jeje Wiradinata. Dilantik jadi bupati ping 17 Februari 2016 nepi ka 17 Februari 2021. Anjeunna ti Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan. Wakil Bupatina nyaéta H. Adang Hadari.
  • Drs. H. Kusdiana, M.M. Ngajabat Pelaksana Harian Bupati 17 Februari 2021 – 26 Februari 2021.
  • H. Jeje Wiradinata dilantik deui jadi bupati anu kadua kalina dina ping 26 Februari 2021. Wakilna nya a H. Ujang Endin Indrawan. Mangsa jabatanana nepi ka 2026.[21]

Déwan Perwakilan[édit | édit sumber]

PDIP Unggul di Pangandaran.

Ieu di handap mangrupa komposisi DPRD Kabupatén Pangandaran dua taun pamungkas. Tina Pemilu 2014-2019 anu dominan téh PDIP kalayan 8 korsi, PKB 4 korsi, Gerindra sakorsi, Golkar 5 korsi, Nasdem 2 korsi, PKS 3 korsi, PPP 3 korsi , PAN 7 korsi jeung Demokrat 2 korsi. Ari dina periode 2019-2014 tetep didominasi ku PDIP 15 korsi, PKB 5 korsi, Gerindra 3 korsi, Golkar 5 korsi, Nasdem 0 korsi, PKS 3 korsi, Perindo sakorsi, PPP 3 korsi , PAN 5 korsi jeung Demokrat 0 korsi. Jadi jumlah anggota DPRD di Pangandaran téh ngaronjat anu tadina periode 2014-2019 nag 35 urang kalayan jumlah partai 9, ari periode 2019-2024 mah 40 urang anggota DPR ti 8 partai politik. [22]

Pamaréntahan[édit | édit sumber]

Sacara administratif di taun 2020 Kabupatén Pangandaran diwangun ku 10 kacamatan jeung 93 désa. Jumlah panghandapna pamaréntahan di Kabupatén Pangandaran dumasar kana unit lingkungan lokal diwangun ku 917 Rukun Warga (RW) jeung 3.196 Rukun Tatangga (RT), kalawan babandingan RT nepi ka RW 3,49. Jumlah Pegawai Negeri Sipil (PNS) di lingkungan Pamaréntah Kabupatén Pangandaran 2020 lobana 3.586 urang, 1.705 urang pagawé lalaki jeung 1.881 pagawé Awéwé. Pamaréntah Kabupatén Pangandaran nyusun APBD (Anggaran Panghasilan jeung Balanja Daerah) salaku wangun rarancang pangwangunan régional. Tatahar anggaran pamaréntah daerah kudu ditataan ku cara ngaronjatkeun kinerja administrasi wewengkon anu oriéntasina kana pelayanan publik. Réalisasi panarimaan Kabupatén Pangandaran taun 2020 téh 1572,22 milyar rupiah. Ari réalisasi belanja taun 2020 ngahontal1547,37 milyar rupiah.[16]

Fasilitas Kaséhatan[édit | édit sumber]

Fasilitas kaséhatan anu deukeut jeung kajangkau ku masarakat nyaéta puskésmas. Ieu di handap daptar alamat puskésmas di Pangandaran.[23]

  • Cimerak bisa Rawat Inap aya di Jalan Sindangsari No. 63 Dusun Patrol RT 03/01 Desa Sukajaya jeung di Jalan Raya Ciparanti Dusun Sindangsari RT 05/02 Desa Legokjawa.
  • Sidamulih bisa Rawat Inap aya di Jalan Raya Cijulang No.93 Dusun Cikangkung RT 01/07 Desa Cikembulan jeung di Jalan Karangsari No 139 RT 01/02 Desa Sidamulih.
  • Kalipucang bisa Rawat Inap aya di Jalan Raya Kalipucang Dusun Empangsari RT 04/05 Desa Kalipucang.
  • Padahérang bisa Rawat Inap aya di Jalan Raya Pangandaran No 753 dusun Balater RT 01/01 Desa Sindangwangi jeung di Jalan Raya Babakan Pikiran Rakyat No 2 RT 01/01 Desa Karangpawitan.
  • Pangandaran bisa Rawat Inap aya di Dusun Bojong Karekes RT 01/16 Desa Babakan jeung di Jalan Raya Cijulang No.93, Desa Cikembulan.
  • Mangunjaya bisa Rawat Inap aya di Jalan Mangunjaya RT 02/01 Desa Mangunjaya.
  • Parigi bisa Rawat Inap aya di Jalan Raya Cijulang No 143 RT 01/01 Desa Parigi jeung di Jalan Dusun Selakambang RT 05/02 Desa Selasari.
  • Langkaplancar bisa Rawat Inap aya di Jalan Raya Bojong, RT 10/03 Jadikarya jeung di Jalan Raya Langkaplancar No 9 Dusun Limusnunggal RT 05/02, Desa Bangunjaya.
  • Cijulang bisa Rawat Inap aya di Jalan Bandara Nusawiru RT 23/25 Dusun Kalensari Desa Kondangjajar.
  • Cigugur bisa Rawat Inap aya di Jalan Raya Jurago Cilembu RT 007/003 Desa Cigugur.

Dina taun 2020, Kabupatén Pangandaran ngawangun RSUD Pandéga di Jalan Merdéka Nomer 412 Désa Pananjung Kacamatan Pangandaran. Ieu rumah sakit kaasup tipe C kalayan layanan BLUD. Legana nepi ka 5 héktar kalayan wangunan 4 lanté. Layanan anu bisa dimangpaatkeun ku masarakat nyaéta Orthopéadi jeung Traumatologi (Bedah Tulang), bedah umum, panyakit dalam, kulit jeung kelamin, kabidanan, neurologi, Pediatri atawa klinik budak, poli mata, kaséhatan huntu budak, panyakit baham jeung réhabilitasi médis. Ieu dijelaskeun data kamer sacara lengkep. Kelas I aya 18 kamer, Kelas II aya 27 kamer, Kelas III aya 73 kamer, ICU aya 10 ruangan, HCU aya 7 kamer, Perinatologi aya 26 rohangan, ICU Tekanan Negatif dengan Ventilator aya 4 ruangan, ICU Tekanan Negatif tanpa Ventilator aya 6 rohangan, ICU Tanpa Tekanan Negatif Dengan Ventilator jeung ICU Tanpa Tekanan Negatif Tanpa Ventilator can boga rohangan, Isolasi Tekanan Negatif aya 98 rohangan, Isolasi Tanpa Tekanan Negatif, NICU Khusus Covid jeung PICU Khusus Covid can boga rohangan, IGD Khusus Covid aya 8 rohangan, VK (Ibu Melahirkan) Khusus Covid aya 2 rohangan jeung Isolasi Perinatologi Khusus Covid aya 2 rohangan.[24]

Lian ti éta, sumber daya manusa atawa tanaga kaséhatanana ogé tangtu geus kompetén pisan. Dokter Umum aya 11 urang, Dokter Gigi 3 urang, Dokter Panyakit dalam aya 4 urang, Dokter Kesehatan anak aya 5 urang, Dokter Bedah aya 6 urang, Dokter Obstetri & ginekologi aya 7 urang, Dokter Anestesiologi aya 8 urang, Ahli Radiologi aya 9 urang, Ahli Patologi Klinik aya 10 urang, Ahli Rehabilitasi Medik aya 11 urang, Dokter Syaraf aya 12 urang, Dokter Kulit dan Kelamin aya 13 urang, Ahli Orthopedi aya 14 urang, Ahli Pedodonsi aya 15 urang, Dokter Panyakit Mulut aya 16 urang, Apoteker aya 17 urang, Asisten Apoteker aya 18 urang, D3 Keperawatan aya 19 urang, D3 Kebidanan aya 21 urang, Dietisien aya 22 urang, S1 Analis Kesehatan aya 23 urang, D3 Analis Kesehatan aya 24 urang, Fisioterapi aya 25 urang, Radiografer aya 26 urang, Elektromedis aya 27 urang, Perekam Medis dan Informasi Kesehatan aya 28 urang, Petugas IPSRS/Teknisi pemeliharaan fasilitas aya 29 urang, Sanitasi Lingkungan aya 31 urang, Petugas Kamar Jenazah / Pemulasaran Jenazah aya 32 urang, Administrasi aya 33 urang, Ners aya 34 urang, Ahli teknologi laboratorium medik aya 35 urang, Tenaga Non Kesehatan Lainnya aya 36 urang, Penata anestesi aya 37 urang, Refraksionis Optisien aya 38 urang, Promosi Kesehatan dan Ilmu Perilaku aya 3 urang.[24]

SMP Miftahul Huda Musri' Pangandaran.

Atikan jeung Data Sakola[édit | édit sumber]

SMP Plus Ma'arif NU Pangandaran.

Sakola Dasar[édit | édit sumber]

Jumlah sakola dasar anu aya di Kabupatén Pangandaran nyaéta 282 sakola negri jeung 2 sakola swasta. Jumlah guruna 2605 guru di sakola negri jeung 13 guru di sakola swasta. Jumlah muridna 32227 di sakola negri jeung 244 di sakola swasta. Jadi rasiona saurang guru ngajar 12 urang murid.[16]

SMP Negeri 1 Pangandaran.

Madrasah Ibtidaiyah[édit | édit sumber]

Jumlah madrasah ibtidaiyah di Pangandaran anu negri téh aya 6 jeung anu swasta aya 55 sakola. Jumlah guru di sakola negri aya 101 urang jeung jumlah guru di sakola swasta aya 451 urang. Jumlah murid di sakola negri aya 1190 jeung di sakola swasta aya 5351. Jadi, rasiona nyaéta saurang guru ngajar 12 urang murid.[16]

Sakola Menengah Pertama[édit | édit sumber]

Jumlah sakola menengan pertama di Pangandaran anu negri téh aya 37 jeung anu swasta aya 15 sakola. Jumlah guru di sakola negri aya 912 urang jeung jumlah guru di sakola swasta aya 167 urang. Jumlah murid di sakola negri aya 11906 jeung di sakola swasta aya 1949. Jadi, rasiona nyaéta saurang guru ngajar 12 urang murid.[16]

SMP Muhammadiyah Pangandaran.

Daptar Sakola[édit | édit sumber]

SMP Muhammadiyah Pangandaran.

Ieu di handap mangrupa daptar lengkep SMP di Pangandaran.[25]

  • SMP NEGERI 4 LANGKAPLANCAR aya di Jalan Raya Bojong Jadikarya, Langkaplancar.
  • SMP MUHAMMADIYAH PANGANDARAN aya di Jalan Merdeka Nomer 27, Pangandaran.
  • SMP NEGERI 1 CIGUGUR aya di Jalan Jurago No.178 RT33/11, Cigugur.
  • SMP NEGERI 2 MANGUNJAYA aya di Jalan Sindangjaya, Mangunjaya.
  • SMP NEGERI 3 CIMERAK aya di Jalan Sindangsari No. Km. 10, Cimerak.
  • SMP NEGERI 3 LANGKAPLANCAR di Jalan Langkaplancar.
  • SMP NEGERI 3 PADAHERANG aya di Jalan Bendung Manganti, Padaherang.
  • SMP NEGERI 3 PANGANDARAN aya di Jalan Karanganyar, Pangandaran.
  • SMP NEGERI 2 PANGANDARAN aya di Jalan Sukahurip No. 35, Pangandaran.
  • SMP NEGERI 2 PARIGI aya di Jalan Raya Cintaratu No. 52, Parigi.
  • SMP NEGERI 5 PADAHERANG aya di Jalan Sukanagara No. 60 Rt 20 / 05, Padaherang.
  • SMP NEGERI 4 PADAHERANG aya di Jalan Perintis, Padaherang.
  • SMP NEGERI 1 LANGKAPLANCAR aya di Jalan Raya Cigugur 94, Langkaplancar.
  • SMP NEGERI 1 MANGUNJAYA aya di Jalan Mangunjaya No 565, Mangunjaya.
  • SMP NEGERI 1 PADAHERANG aya di Jalan Si Kabayan Babakan Pikiran Rakyat, Padaherang.
  • SMP NEGERI 1 PANGANDARAN aya di Jalan Merdeka Nomor 321, Pangandaran.
  • SMP NEGERI 1 KALIPUCANG aya di Jalan Raya Kalipucang No. 247, Kalipucang.
  • SMP NEGERI 1 CIJULANG aya di Jalan Pasirsumbul No. 351, Cijulang.
  • SMP NEGERI 1 CIMERAK aya di Jalan Raya Sindangsari No. 174, Cimerak.
  • SMP NEGERI 2 CIJULANG aya di Jalan Pasirpandan No. 30, Cijulang.
  • SMP NEGERI 2 CIMERAK aya di Jalan Raya Ciparanti No.351, Cimerak.
  • SMP NEGERI 2 KALIPUCANG aya di Pamotan Kalipucang.
  • SMP NEGERI 2 CIGUGUR aya di Jalan Bunar No. 9, Cigugur.
  • SMP NEGERI 2 LANGKAPLANCAR aya di Jalan Pasirwaru No. 33, Langkaplancar.
  • SMPN SATU ATAP PARIGI aya di Jalan Cikohkol No. 1041, Parigi.
  • SMP NEGERI 2 SIDAMULIH aya di Jalan Raya Cijulang KM 07, Sidamulih.
  • SMP NEGERI SATU ATAP 1 LANGKAPLANCAR aya di Dusun Cintamukti Rt 06 / 03, Langkaplancar.
  • SMP NEGERI 2 PADAHERANG aya di Jalan Raya Pangandaran, Sindangwangi, Padaherang.
  • SMP TERPADU MAFATIHUL HUDA aya di Jalan Paledah No. 26, Padaherang.
  • SMP NEGERI 1 SIDAMULIH aya di Jalan Sidamulih No.26, Sidamulih.
  • SMP TERPADU JAMANIS aya di Jalan Cigugur Km. 03 Pasirkiara, Parigi.
  • SMP NEGERI SATU ATAP I SIDAMULIH aya di Jalan Karanganyar No.127 Kalijati, Sidamulih.
  • SMP NEGERI SATU ATAP CIGUGUR aya di Jalan Jurago Dusun Ciguha, Cigugur.
  • SMP NEGERI SATU ATAP 1 CIMERAK aya di Jalan Cireuma, Cimerak.
  • SMP NEGERI SATU ATAP 1 KALIPUCANG aya di Dusun Ciparakan, Kalipucang.
  • SMP NEGERI 6 PADAHERANG aya di Panyutran, Padaherang.
  • SMPS PLUS MA ARIF NU PANGANDARAN aya di Jalan Bani Husen No. 20 Wonoharjo.
  • SMPS MIFTAHUL HUDA MUSRI PANGANDARAN aya di Jalan Raya Babakan No. 60, Pangandaran.
  • SMPS IT IBNU AHKAM KALIPUCANG aya di Jalan Raya Banjarharja, Kalipucang.
  • SMPS PLUS MA ARIF NU PARIGI aya di Jalan Cintaratu Km. 03, Parigi.
  • SMP NEGERI 3 KALIPUCANG aya di Dusun Sukasirna Bagolo, Kalipucang.
  • SMPN 5 LANGKAPLANCAR aya di Jalan Raya Karangkamiri, Langkaplancar.
  • SMP NU AL-ITQON CIMERAK aya di Dusun Lebaksari Rt024/Rw008, Cimerak.
  • SMP IT CIBENDA aya di Jalan Raya Cijulang No 66 Cibenda, Parigi.
  • SMP PLUS NURUL BAYAN CIMERAK aya di Jalan Sindangsari Cidadap, Cimerak.
  • SMP MAARIF NU NURUL QURAN RANCAPASUNG aya di Dusun Gerewing Rt 25 Rw 03, Padaherang.
  • SMP NEGERI 6 LANGKAPLANCAR aya di Jalan Raya Bungur Raya, Langkaplancar.
  • SMP MAARIF NU DARUSSAADAH aya di Cipancur Rt 04/04, Langkaplancar.
  • SMP DHARMA KSATRIA aya di Dusun Patinggen 2 Rt 20 Rw 05, Padaherang.
  • SMP AL AMIN PANGANDARAN aya di Pondoklombok Rt 02 Rw 08, Pangandaran.
  • SMP TERPADU AL MUHAIMIN aya di Dusun Babakan Rt 07 Rw 02, Mangunjaya.
  • SMP AL-FURQON BOARDING SCHOOL aya di Dusun Cidadap Rt 017 Rw 005, Cimerak.

Madrasah Tsanawiyah[édit | édit sumber]

Jumlah madrasah tsanawiyah di Pangandaran anu negri téh aya 4 jeung anu swasta aya 30 sakola. Jumlah guru di sakola negri aya 146 urang jeung jumlah guru di sakola swasta aya 395 urang. Jumlah murid di sakola negri aya 1710 jeung di sakola swasta aya 3880. Jadi, rasiona nyaéta saurang guru ngajar 10 urang murid.[16]

Sakola Menengah Atas[édit | édit sumber]

Jumlah sakola menengan atas di Pangandaran anu negri téh aya 5 jeung anu swasta aya 3 sakola. Jumlah guru di sakola negri aya 212 urang jeung jumlah guru di sakola swasta aya 38 urang. Jumlah murid di sakola negri aya 4114 jeung di sakola swasta aya 453. Jadi, rasiona nyaéta saurang guru ngajar 18 urang murid.[16]

Daptar Sakola[édit | édit sumber]

Ieu di handap mangrupa daptar SMA di Pangandaran.[25]

  • SMAN 1 MANGUNJAYA aya di Jalan Raya Mangunjaya, Mangunjaya.
  • SMAN 1 PANGANDARAN aya di Jalan Raya Babakan No. 129, Pangandaran.
  • SMAN 1 PARIGI aya di Jalan Babakan Ardiyasa No.62, Parigi.
  • SMAS MUHAMMADIYAH PANGANDARAN aya di Jalan Merdeka No. 27 Pangandaran.
  • SMAN 1 LANGKAPLANCAR aya di Jalan Langkaplancar Dusun Cibeureum, Langkaplancar.
  • SMA KSATRIA NUSANTARA PADAHERANG aya di Dusun Patinggen 2, Padaherang.
  • SMA INFORMATIKA NURUL BAYAN aya di Jalan Sindang No.35 Cimerak.
  • SMA NEGERI 1 CIGUGUR aya di Jalan Jurago No. 178 Rt 33 Rw 11, Cigugur.

Sakola Menengah Kejuruan[édit | édit sumber]

Jumlah sakola menengan kejuruan di Pangandaran anu negri téh aya 6 jeung anu swasta aya 25 sakola. Jumlah guru di sakola negri aya 283 urang jeung jumlah guru di sakola swasta aya 369 urang. Jumlah murid di sakola negri aya 5118 jeung di sakola swasta aya 4547. Jadi, rasiona nyaéta saurang guru ngajar 15 urang murid.[16]

Daptar Sakola[édit | édit sumber]

Ieu di handap mangrupa sapuluhdata sakola menengah kejuruan di Pangandaran anu panghadéna.[26]

  • SMK NEGERI 1 PANGANDARAN aya di Jalan Raya Merdeka No. 222, Pangandaran.
  • SMK NEGERI 1 CIJULANG aya di Jalan Mayor Raswian, Cijulang.
  • SMK BAKTI KARYA PARIGI aya di Jalan Raya Cikubang, Parigi.
  • SMKS PASUNDAN PADAHERANG aya di Raya Pangandaran-Sambong RT18 RW 09 Dusun Sambong, Padaherang.
  • SMKS PUTERA PANGANDARAN aya di Jalan Barat Lapang Merdeka No. 323, Pangandaran.
  • SMKN 1 PADAHERANG aya di Jalan Raya Padaherang KM 1, Padaherang.
  • SMKS PASUNDAN CIJULANG aya di Jalan Raya Cijulang Nomer 222, Cijulang.
  • SMK NEGERI 1 KALIPUCANG aya di Dusun Cibuluh II RT 15/04, Kalipucang.
  • SMK PLUS DARUNNAJAH PADAHERANG aya di Jalan Bendung Manganti, Padaherang.
  • SMKS AL KAUTSAR KALIPUCANG aya di Jalan Raya Kalipucang No. 154, Kalipucang.

Madrasah Aliyah[édit | édit sumber]

Jumlah madrasah aliyah di Pangandaran anu negri téh aya 2 jeung anu swasta aya 14 sakola. Jumlah guru di sakola negri aya 68 urang jeung jumlah guru di sakola swasta aya 213 urang. Jumlah murid di sakola negri aya 854 jeung di sakola swasta aya 1860. Jadi, rasiona nyaéta saurang guru ngajar 10 urang murid.[16]

Paguron Luhur di Pangandaran[édit | édit sumber]

Paguron luhur anu aya di Pangandaran téh nyaéta Universitas Padjadjaran, Politeknik Kelautan Dan Perikanan Pangandaran (Poltek KP pangandaran), Sekolah Tinggi Ilmu Tarbiyah Nahdlatul Ulama (STITNU) Al-Farabi, Universitas Saleh Budiman jeung Universitas Galuh Cabang Pangandaran.[27]

Universitas Padjadjaran[édit | édit sumber]

Program Studi di Luar Kampus Utama (PSDKU) Universitas Padjadjaran diadegkeun taun 2016 anu alamatna di Jalan Cintaratu, Désa Cintaratu, Kacamatan Parigi, Kabupatén Pangandaran. Program studi anu aya téh nyaéta Perikanan, Peternakan, Ilmu Komunikasi jeung Keperawatan. Kahiji, program studi perikanan patali jeung paélmuan perikanan hususna di kawasan tropis. Prospék lulusan ieu program studi bisa jadi pangusaha di widang perikanan jeung ngokolakeun pariwisata di kawasan basisir, ngeusi posisi manajerial di instansi, konsultan di kawasan basisir jeung kawasan kamekaran perikanan. Kadua, program studi peternakan patali jeung kajian sumber daya alami jeung ternak tropis. Katilu, program studi ilmu komunikasi patali jeung paélmuan komunikasi pariwisata. Lian ti éta, élmu séjén ogé bakal integratif dina lawungan kuliah kayaning komunikasi politik, kaséhatan jeung komunikasi média. Kaopat, Keperawatan anu patali jeung élmu kaséhatan pariwisata (healt tourism) manusa boh keur wisatawan, masarakat, pagawé pamaréntah jeung pihak-pihak séjénna anu pakait.[28]

Politeknik Kelautan Dan Perikanan Pangandaran[édit | édit sumber]

Ieu politeknik aya di Jalan Raya Babakan KM 2, Désa Babakan, Kacamatan Pangandaran. Lajuning laku atikan di satuan pendidikan KKP leuwih ngutamakeun prakték kaparigelan batan tiori anu kaunggel dina kurikulum kalawan komposisi 30 persén tiori jeung 70 persén prakték. Atikan vokasional di satuan pendidikan di KKP nyaéta mekarna pangaweruh (knowledge), kaparigelan (skills) jeung karakter (character building). Atikan vokasional dilaksanakeun ngagunakeun pamarekan Teaching Factory (TEFA), nepi ka para mahasiswa boga kompeténsi dina sistem produksi kawas di dunya industri. Sistem panarimaan mahasiswa ngagunakeun perséntase 50 persén barudak palaku utama (kultivator, pamayang, pangolah lauk jeung patani uyah), sarta 50 persén masarakat umum. Jurusan anu aya nyaéta Budidaya Ikan, Pengolahan Hasil Laut, jeung Teknologi Kelautan.[29]

Dasar Hukum[édit | édit sumber]

Ieu politeknik diadegkeun dumasar Surat Menteri Riset, Teknologi, dan Pendidikan Tinggi Republik Indonesia No. 261/M/IX/2017 dina ping 26 Séptémber 2017 jadi awal ngadegna Politeknik Kelautan dan Perikanan Pangandaran. Keputusan Kepala Badan Riset dan Sumber Daya Manusia Kelautan dan Perikanan Nomor: 96/KEP-BRSDM/2017 tanggal 2 November 2017 ngeunaan Tim persiapan penyelanggaraan Tri Dharma paguron luhur dina POLITEKNIK KP, PERMEN KP No. 46/ Permen-KP/2018 tanggal 8 Nopémber 2018 ngeunaan Organisasi jeung tata kerja POLITEKNIK KP jeung PERMEN KP No. 59/ Permen-KP/2018ping 26 Désémber 2018 ngeunaan Statuta Politeknik Kelautan dan Perikanan Pangandaran.[29]

Sekolah Tinggi Ilmu Tarbiyah Nahdlatul Ulama (STITNU) Al-Farabi[édit | édit sumber]

Sakola Ilmu Tarbiyah Nahdatul Ulama Al Farabi Pangandaran nyaéta paguron luhur anu resmi ngadeg ti taun 2014 kalayan nomer Surat Katerangan Kementrian Agama Republik Indonesia Nomer 7052. STIT NU Al Farabi téh paguron luhur resmi munggaran di Pangandaran. STIT NU Al Farabi boga dua jurusan, nyaéta Manajemén Pendidikan Islam jeung Pendidikan Islam PAUD. Nyukcruk sajarah Sakola Tarbiyah Nahdlatul Ulama Al Farabi Pangandaran, dialpukahan taun 1983 ku K. H. Ahmad Tajudin. Anjeunna ahli mantiq anu medalkeun generasi Qur'an, mampuh nganalisis Al-Quran, Hadits, Ijma’, Qiyas dina rupa-rupa puseur implengan, utamana linguistik. Ngaran Al Farabi téh ulama anu aya dina widang logika, ku kituna ieu universitas dingaranan Al Farabi, sabab anjeunna jadi inohong dina widang logika jeung mudah-mudahan ka hareupna alumni STIT NU Al Farabi jadi individu anu unggul kawas Al Farabi.[30]

Universitas Saleh Budiman[édit | édit sumber]

Ieu universitas diadegkeun ku Yayasan HS Budiman.Program anu dicanangkeun téh nyaéta atikan, kaséhatan jeung politik.[27]

Universitas Galuh[édit | édit sumber]

Ieu universitas aya di Désa Margacinta, Kacamtan Cijulang, Pangandaran. Program studi anu geus dibuka nyaéta Ilmu sosial politik jeung pertanian.[31]

Pariwisata[édit | édit sumber]

Méga Téraséring[édit | édit sumber]

Méga Téraséring ayana di Cibuluh, Désa Sukamulya, Kacamatan Langkaplancar, Kabupatén Pangandaran. Ieu Kampung Reforma Agraria bisa jadi pilihan sabab bisa midangkeun suasana pasawahan jeung alam anu kacida éndah ciri utama daérah pilemburan. Aya tilu désa anu kaasup kana mega téraséring di antarana Désa Sukamulya, Désa Campaka jeung Désa Jadimulya kalayan lega wilayahna 1.200 héktar.[32]

Désa Sukamulya geus kaasup salah sahiji 80 Désa Budaya tina 74.000 Désa anu aya di Indonesia. dumasar SK  Kemendikbud Ristek ping 1 April 2022. Di sabudeureun méga téraséring ogé aya pasar sawah anu mangrupa inisiatif masarakat anu kréatif. Ieu pasar téh ngajual rupa-rupa kadaharan anu biasana jadi pangjugjugan wisatawatan anu datang utamana anu nyapédah ngamangpaatkeun kondisi jalan améga térasering anu tiis. Kadaharan anu dijual téh nyaéta saperti lahang, pecel, gula kawung asli, gegetuk, awug, surabi, cuhcur, dawegan, jeung wédang jahé. Salian ti éta, sok aya ogé sangu liwet sapuratina.[33]

Batu Lumpang[édit | édit sumber]

Objék wisata alam Batu Lumpang pernahna di Désa Parakanmanggu, Kacamatan Parigi, Kabupatén Pangandaran. Jarakna 21,4 Km atawa kurang leuwih 44 menit perjalanan ti puseur Dayeuh Pangandaran ngaliwatan Jalan Kacamatan Cigugur. Walungan Batu Lumpang ngamalir ti Ciwayang. Ieu lokasi wisata mangrupa salah sahiji tempat panghadéna keur aktivitas wisata dina cai, di antarana, body rafting, kayak atawa kano, nyalusur walungan jeung ngojay.[32] Wisata Batu Lumpang téh ayana di kawasan batuan kapur atawa ékosistem karst di Dusun Dukuh 1. Pasir kapur jeung lamping anu jararangkung jadi ciri utama wisatana, matak loba anu nyebut ogé Grand Cliff atawa lamping agung. Aktivitas wisata cai anu pangdipikaresepna nyaéta kayak kalayan rute jalan anu pondok jeung anu panjang kira-kira waktu tempuhna 1-4 jam. Waragadna ukur 100.000-250.000/saurang. Salian ti éta, wisatawan ogé bakal diuji adrenalinna ku cara luncat tina lamping kana cai walungan aya anu jangkungna 5 méter aya ogé anu 10 méter. Salila aktivitas wisata cai lumangsung, wisatawan ogé bisa nempoan guha landak kalayan kaéndah ukiran batu stalagtit jeung stalagmit anu lumayan baradag. Jerona guha kurang leuwih 400 méter.[34] Gua Landak téh dibuka keur kagiatan wisata taun 2020 kalayan saméméhna teu kahaja kapanggih ku masarakat sabudeureun tempat. Jarakna kurang leuwih 300 méter ti tempat parkir kandaraan.[35]

Santirah[édit | édit sumber]

Désa Wisata Santirah Bodyrafting mangrupa salah sahiji pilihan liburan di wewengkon pilemburan. Objek wisata alam Santirah mangrupa Curug atawa air terjun anu deukeut jeung surupan (cai walungan anu asup kana jero guha). Guhana mangrupa jalan cai walungan anu ngamalir ka arah Walungan Citumang nepi ka labas ka laut. Lokasina aya di Désa Selasari, Kacamatan Parigi, Kabupatén Pangandaran. Kira-kira 42 menit lalampahan atawa 24,7 km ti bunderan Marlin Pangandaran ngaliwatan Jalan Raya Cijulang jeung Jalan Cintaratu.[32] Ieu wisata buka ti senén nepi ka minggu jam 08.00 - 16.30 WIB. Anapon fasilitas anu aya nyaéta alat wisata cai jeung pemandu geus sayaga di tempatna. Lamun ngalakukeun nyalusur walungan, bakal katémbong pamandangan 4 lulurung alami tina batuan karst, 5 curug alami anu éndah, lamping batu anu rupa-rupa wangunna jeung ngagolontorna cai anu hérang ngagenclang.[36]

Jojogan[édit | édit sumber]

Objék wisata alam Jojogan jadi salah sahiji pilihan liburan ka Pangandaran. Jojogan mangrupa tempat wisata di Gunung Tilu, Désa Cintaratu, Kacamatan Parigi, Kabupatén Pangandaran. Wisata alam pagunungan anu midangkeun kaéndahan alam anu liuh ku tatangkalan jeung panorama alam basisir Pangandaran bisa katempo ti ieu pasir. Ieu objék wisata aya di 1000 MdPL atawa kurang leuwih 1660 saluhureun beungeut laut.[32]

Body Rafting di Cukang Taneuh.

Green Canyon[édit | édit sumber]

Green Canyon salah sahiji objék wisata keur nguji adrenalin anu pernahna di Désa Kertayasa, Kacamatan Cijulang, Kabupatén Pangandaran anu jarakna kira-kira 57 menit lalampahan kalawan jarak tempuh jarak tempuh 28,9 km ngaliwatan Jalan Raya Cijulang. Green Canyon midangkeun kaéndahan alam ngagolontorna cai walungan anu digédéng ku dua pasir babatuan anu narabas ka guha. Tah, dina lawing guhana aya ngaririncik cai abadi anu teu kungsi saat sanajan usum halodo. Aktivitas wisata cai anu bisa dilakukeun nyaéta bodyrafting, ngojay, naék parahu jeung nyalusur walungan.[32]

Ngaran Green Canyon mimiti diwanohkeun ku wisatawan ti Prancis anu ngaranna Bill Jhon anu matalikeun kaayaan alam di cukang taneuh jeung Arizona, Amérika Serikat. Warga lokal nyebut cukang taneuh sabab aya cukang tina taneuh anu panjangna 3 méter kabentuk sacara alami nepi ka ngahubungkeun lamping walungan Kacamatan Cijulang jeung Kacamatan Cimerak. Anapon keur atraksi wisata mah aya sababaraha tempat anu bisa didatangan nyaéta guha cukang taneuh, Batu Tengah, Batu Payung jeung Pamandian Putri. Harga tikét asup nyaéta 10.000, tapi lamun hayang body rafting mah aya pakét 200.000 nepi ka 450.000.[37]

Basisir Madasari Pangandaran.

Basisir Madasari[édit | édit sumber]

Basisir Madasari blok Bulak Benda pernahna di Désa Masawah, Kacamatan Cimerak. Kurang leuwih 20 km ti puseur dayeuh Pangandaran. Basisir Bulak Benda teu bisa dipaké ngojay sabab lambakna anu gedé pisan. Ngan bisa digunakeun keur surfing wungkul komo pamaén surfing kidal mah. Bulak Benda kawentar ku Tugu Tsunami Singkil anu jadi ciri utamana.[32] Ieu basisir téh lila teu kajangkau ku manusa, malah saacan diresmikeun jadi tempat wisata mah ngaranna téh Madang Nyari. Ngan ku Daéng Danto urang Bugis dirobah ngaranna jadi Madasari. Mada téh hartina kadaharan, ari sari hartina rasa. Anapon sajarah lengkepna kieu, Jaman baheula ieu wilayah téh mangrupa pakaburan Kuda Ngapung nu Sultan Agung ti Mataram. Kuda téh jalu jeung dibawa langsung ti Mekah waktu ngalakukeun ibadah haji. Di pilemburan kuda téh ngawin kuda bikang. Hanjakal kuda anu dikawin téh paéh. Sabab kudana paéh nu bogana nepi ka teu nyari dahar atawa teu mirasa lamun dahar téh. Tah ti harita di wewengkon madasari mah ulah miara kuda jalu da matak sial jeung picilakaeun wungkul.[38]

Lulurung Hiu mun asup ka Pulo Leutik.

Basisir Batu Hiu[édit | édit sumber]

Batu Hiu pernahna di Désa Ciliang, Kacamatan Parigi, Kabupatén Pangandaran. Ieu basisir téh nyanghareup ka kidul Pulo Jawa. Lokasina kurang leuwih 14 kilométer ti puseur dayeuh Pangandaran. Salah sahiji tempat anu mideng dipikaresep ku wisatawan nyaéta pulo leutik, ti dinya bisa nempo biruna laut jeung gunukan batu karang anu méh akur jeung sirip lauk hiu. Keur ngajangkau pulo leutik téh kudu ngaliwatan heula lulurung anu jiga sungut lauk hiu. Salian ti aya pulo leutik, di dieu gé aya puseur miara penyu atawa kuya leutik anu dikokolakeun ku Kelompok Pelestari Biota Laut. Lian ti éta, aya ogé makam karamat jeung bentangan lamping karang anu sakitu éndahna jiga di Tanah Lot, Bali.[39]

Pulo Leutik anu batuna jiga sirip Hiu.

Dongéng[édit | édit sumber]

Kacaritakeun dina abad ka sawelas, datang rombongan ti karajaan mataram nu di pimpin ku Aki Gedé jeung Nini Gede. Rombongan téh mangrupa prajurit-prajurit ti Mataram. Ku sabab, kasakténna marénahna di usir ku karajaan sabab para luluhur karajaan sieun kasaingan tanding lamun éta Aki jeung Nini Gedé masih kénéh aya di sabuderun karajaan mataram mah. Geus lila ngalalakon ahirna nepi ka daérah basisir laut kidul (ayeuna jadi batu hiu) Aki jeung Nini Gedé istirahat. Nalika istirahat Aki nitah ka rombonganana néangan lauk jang dahar rombonganana. Basa éta prajurit nu di titah téh nyaéta Galuh Oder jeung Galunggung Kuning. Aranjeunna néngan nepi ka tengah laut nu ahirna eta prajurit nu duaan tadi meunangkeun lauk anu kacida gédéna. Kabungah maranéhna karasa nepi ka éak-éakan. Tuluy wé di bawa ka sisi basisir pikeun diasakan ku rombongan nu séjénna tapi saacan éta lauk di asakan eta lauk ditingali heula ku Aki jeung Nini Gedé. Saprak éta di tingali ku Aki jeung Nini Gedé maranehna ngarasa reuwas ningali lauk badag nu miboga sisit kasar jeung heuras. Aki jeung Nini Gedé nyebut Lauk Hiu. Saprak Aki jeung Nini nyebutkeun kekecapan éta, lauk robah jadi batu badag nu jiga lauk hiu. Tah ti harita éta lembur katelah waé Batu Hiu nu perenahna di Désa Ciliang kecamatan, Kabupatén pangandaran.[40]

Keusik bodas di Karapyak sarua jeung di Pangandaran.

Basisir Karapyak[édit | édit sumber]

Basisir Karapyak anu katelahna paradise beach mangrupa tempat wisata anu aya di Désa Bagolo, Kacamatan Kalipucang, Kabupatén Pangandaran. Jarakna kira-kira 7,9 kilométer kalayan waktu tempuh 14 menit ti Tugu Emplak Kalipucang atawa ti Bunderan Marlin Pangandaran anu jarakna kira-kira 19,6 kilométer. Pamandangan di Karapyak mah nyaéta keusik bodas jeung sapanjang garis basisirna diwuwuh ku batu karang anu kacida éndahna. Ku sabab, loba batu karang jadi di sisi basisir téh loba sasatoan laut kayaning lauk laleutik jeung biota laut lianna. Salian ti fasilitas alami tadi aya ogé Hotel Melati atawa Pondok Wisata, restoran, lokasi rest area, coffee shop, mushola jeung camping ground. [41]

Dongéng[édit | édit sumber]

Ngaran Karapyak téh mangrupa jujuluk anu dimimitian ku saudagar munding. Kacaturkeun baheula aya saudagar anu sakti manggulang-manggaling kaceluk kamamana. Anjeunna boga munding anu disiapkeun jeung dipiara, tapi keur didadago rék diurus téh kalah teu datang waé ka kandang. Antukna ambek jeung ngaruksak kandangna. Urut kandang munding éta dirobah jadi batu atawa guha dan mundingna teu balik-balik. Ku urang sabudeureun bagolo tempat éta dingaranan Panembahan Kandang Munding anu dina taun 1975 nepi ka 1981 mah mindeng loba anu ngadatangan keur néangan nomer kupon jitu SDSB. Ti harita, wilayah bagolo meunang supata yén anu nalanjak miara munding pasti bakal paéh jeung mawa sial anu ngukutna.[42]

Alternatif wisata[édit | édit sumber]

Salian ti éta, aya ogé wisata alternatif di Karapyak nyaéta Karapyak Glamping and Lodges jeung Teras Karacak Valley. Karapyak Glamping and Lodges mah mangrupa tempat tempat ulin, swafoto jeung tempat kémah anu jarakna ukur 240 méter ti basisir karapyak. Lega lahanna 7.467 méter persegi. Arsitékturna ngagunakeun jawa klasik jeung modérn. Ti ieu tempat bisa katempo gugusan Pulo Nusakambangan, Pasir Gunung, Batuan Karang, Teluk Nusawere, Muara Walungan Citanduy, Cagar Alam Teluk Pananjung Pangandaran jeung Samudra Hindia. Di jero hotél aya dua kolal paranti ngojay jeung spa.[43] Ari Teras Karacak Valley tempat dipoto anu pamandanganana langsung satungtung deuleu basisir karapyak.[41]

Kaayaan di Batukaras.
Batu damar jeung batu anu ti baheula teu robah wangunna ti baheula.

Basisir Batukaras[édit | édit sumber]

Basisir Batukaras pernahna di Désa Batukaras, Kacamatan Cijulang, Kabupatén Pangandaran. Jarak tempuhna 34,1 kilométer ti Bunderan Marlin Pangandaran kalawan kurang leuwih lalampahan 56 menit. Ieu basisir mimiti diwanohkeun dina taun 1970-an ku Ucup ka turis urang Australia. Jaman harita ukur anjeunna anu lancar basa inggrisna. Turis anu diwanohkeun téh kacida resepna sabab basisir batukaras mah tenang lambakna jeung mangrupa teluk. Tuluy kakara taun 1980-an, basisir dibuka keur umum boh wisatawan lokal, boh internasional. Sabab beuki ramé anu datang, diwangun wé hotél munggaran anu dingaranan Legok Pari (kiwari Hotél Teratai). Ngaran batukaras téh asalna tina dua kecap nyaéta batu jeung karas. Batu mah barang anu teuas tapi lain logam, ari karas mah hartina papan kai atawa dadampar batu keur sastrawan kuno ngukir atawa nulis karyana. Lian ti éta, batukaras gé batu anu teuas. Sabab di ieu tempat mah loba batu teuas, anu kawentar nyaéta batu damar. Dingaranan damar sabab lamun geus peuting mah batu téh jiga hurung jeung pangcaangna ti batan batu anu séjén. Di Batukaras ogé aya konsérvasi mangrove di blok sanghyangkalang kira-kira sakilométer ti basisir batukaras. Lamun disalusur deui salian ti wisata konsérvasi, aya deui Situ Cisamping di Désa Mandala jeung Pasir Bintaos anu jadi panghubung ti basisir batukaras ka madasari.[44]

Basisir Karang Nini[édit | édit sumber]

Basisir Karang Nini pernahna di Désa Emplak, Kacamatan Kalipucang, Kabupatén Pangandaran. Di ieu basisir dipahing pisan ngojay sabab lambakna anu gedé jeung loba batu karang anu bisa ngabahayakeun. Wisatawan ukur bisa dipoto, nempo pamandangan basisir keusik bodas anu kacida éndahna jeung nempo biota laut di sisi basisir anu kajebak ku batu karang. Lamun hayang ngajugjug ka Karang Nini kurang leuwih 12 kilométer ti puseur dayeuh Pangandaran atawa 30 menit lalampahan. Di sabudeureun Karang Nini pinuh ku leuweung konsérvasi tatangkalan kayaning mahoni, jati jeung albu. Lian ti éta, urang bisa nempo torowongan urut karéta api anu pangpanjangna di Indonesia kira-kira panjangna 1,2 kilométer anu dingaranan torowongan Wihelmina.[45]

Dongéng[édit | édit sumber]

Harita di Desa Karangtanjung, mun ayeuna mah katelahna Désa Emplak. Hirup sapasang  salaki pamajikan. Katelahna Aki Argapati Ara jeung Nini Ambu Kolot, anu najan mangpuluh-puluh taun geus rarabi can waé kasinugrhan boga turunan. Tapi najan kitu, teu ieuh ngurangan kana kasugeman lalayaran dina sagara rumah tangga, tetep silih pikanyaah, pikadeudeuh lain bobohongan. Demi nutupan pangabutuh sapopoéna, unggal peuting Ki Argapati Ara sok kalaut néangan lauk keur deungeun sangu. Dina hiji waktu Ki Argapati Ara seja indit ka laut, mung hanjakal cuacana keur butut. Ti dinya Ambu Kolot teu ngawidian ka salakina, tapi angger Ki Argapati Ara naék kana parahu mangkat ka laut néangan lauk.

Ku hariwang kacida Nini Ambu kolot tetep nyaram, oge tetep Ki Argapati Ara merekedeweng hayang ngala lauk. Sanggeus kitu Ki Argapati Ara ka tengah lautan. Ngadak-ngadak langit angkeb, cuaca mendung, gumpalan ombak ageung neunggar parahu Ki Argapati Ara. Barang di neunggar parahu teh ancur, Ki Argapati Ara kabawa lambak ka hilir ka girang, ka buntang-banting. Rarasaan Ambu Kolot teu genah, sabab inget ka salakina bisi aya nanaon, sabab cuacana butut téa. Sanggeus kitu, Nini Ambu Kolot lumpat ka Basisir bari ngagaeroan salakina, kadéngé ku tatanggana yén Ki Argapati Ara teu aya. Terus ditéangan bari di bantuan ku tatanggana, tapi weléh teu kapanggih. Nini Ambu Kolot diuk dina batu karang unggal poé laju sok bari ngadu'a, “Nun Gusti, mudah-mudahan salaki abdi upami masih keneh hirup, dimana ayeuna upami parantos maot hoyong ditingalikeun jasadna. Margi abdi tos jangji badé sauyunan dugi ka pati, sabagja sacilaka jeung salaki abdi.”

Gusti nu maha agung ngaijabah du’ana Nini Ambu Kolot. Katingali  batu karang dihareupeun Ambu Kolot. “Sing yakin, batu karang anu ngambang di hareupeun téh asalna tina jelmaan Ki Argapati Ara. Jadi, ulah ngaharepkeun deui salaki anjeun bisa hirup kawas sabihara-sabihari”. Kitu nu kadéngé ku Nini Ambu ti sora anu ghaib téh. Nini Ambu ukur bisa olohok. Teu nyangka sacongo buuk lamun salaki anu dipikacintana ngalaman nasib nu pait kawas kitu. Tapi, Nini Ambu kolot sadar, yén sakabéh anu tumiba ka diri jeung salakina teh takdir tu nu Kawasa nu teu bias di pungpang. Nya Nini Ambu diuk dina batu karang téa, bari nyurucud cisoca. Gedé kanyaah jeung duriatna ka nu jadi salaki. Nini Ambu lungsur tina batu karang. Brek deku mayunan batu karang anu aya dihareupeunana. Nini Ambu Kolot ngadu’a, “Nun Pangéran abdi sadaya, abdi kalintang nyaahna ka salaki abdi, salamina hoyong sasarengan. Jadikeun abdi kawas salaki abdi.”  Beuki murubut cisocana. Paménta Nini Ambu diijabah ku Pangéran. Ngadak sakala langit nu tadi lenglang jadi ceudeum. Paul ngajanggélék jadi pulas hideung, pihujaneun. Kingkilaban ting bérébét silih samber, jiga nu sukan-sukan jeung angina anu tingsaléor kukurayeun. Bareng jeung kajadian kitu, Nini Ambu jleg ngajanggélék jadi batu karang. Persisna pahareup-hareup jeung batu karang jelmaan salakina. Bentukna kawas awak nini-nini. Nya ti harita ku warga sapanjang basisir, éta patempatan dingaranan Karang Nini ,Sedengken batu anu aya di hareupeunana nyaéta Balé Kambang.[46]

Rusa di Cagar Alam Pangandaran.

Cagar Alam[édit | édit sumber]

Cagar Alam Pangandaran nyaéta cagar alam anu aya di Désa Pangandaran, Kacamatan Pangandaran, Kabupatén Pangandaran, Provinsi Jawa Barat. Cagar Alam Pananjung Pangandaran téh padeukeut jeung Taman Wisata Alam Pangandaran anu jadi tempat wisata di Jawa Barat. Sajarah kabentukna kawasan konservasi Pangandaran dimimitian nalika Residen Priangan (Y. Eycken) ngawasa dina taun 1922, kalayan ngajukeun pikeun ngarobah wewengkon anu tadina mangrupa wewengkon tani jadi taman moro.GB No. 19-669 dikaluarkeun ku Diréktur Van Scomishe Zoken dina ping 7 Désémber 1934. Taun 1961 robah status tina Suaka Margasatwa jadi Cagar Alam Pangandaran anu legana 457 héktar dumasar kana SK Menteri Pertanian No. 34/KMP/1961, ping 20 April 1961 sanggeus kapanggihna kembang Padma Raflesia. Luyu jeung kabutuhan masarakat kana rékréasi, sawaréh lahan anu legana kana legana 37,70 héktar dijadikeun Leuweung Pariwisata dina wangun Taman Wisata Alam (TWA), antukna lega cagar alam téh nambahan jadi 419,3 héktar dumasar kana Surat Keputusan Menteri Pertanian Nomer 170/Kpts/Um/1978 ping 10 Maret 1978.[47] Ku ayana gunukan karang anu alus di sabudeureun basisir Cagar Alam, dumasar kana SK Mentri Kehutanan No. 225/Kpts-II/1990 tanggal 8 Maret 1990, basisir anu legana 470 héktar ditunjuk jadi Cagar Alam Laut Pananjung Pangandaran.[48]

Monyét anu dibébaskeun di Cagar Alam Pangandaran.

Sasatoan[édit | édit sumber]

Fauna anu bisa kapanggih nyaéta monyét (Macaca fascicularis), monyét (Trachipytecus auratus), landak ( Hystrix bracyura), pangolins (Manis Javanica), kijang (Cervus Timorensis) jeung kijang (Tragulus Javanicus). Sedengkeun pikeun jenis manuk, di wewengkon ieu bisa kapanggih manuk tulungulung (Magalaema javensis), manuk Kangkareng (Anthracoceros convexus), unggas leuweung (Gallus varius), Tando (Chynocephalus variegatus) jeung oray piton (Python molurus). [49]

Tutuwuhan[édit | édit sumber]

Kira-kira 80% tina tutuwuhan mangrupa végétasi leuweung sekundér heubeul jeung sésana mangrupa leuweung primér. Tangkal anu dominan di antarana Laban (Vitex pubescens), Kiségél (Dilenia excelsea), jeung Marong (Cratoxylon formosum). Sajaba ti éta, aya ogé jenis tangkal kayaning Reungas (Buchanania arborencens), Kondang (Ficus variegata), teureup (Artocarpus elsatica) jeung sajabana. Tina formasi Baringtonia diwangun ku Nyamplung (Callophylum inophylum), waru laut (Hibiscus tiliaceus), Ketapang (Terminia cattapa), jeung Butun (Baringtonia aistica). Di dataran handap aya perkebunan anu mangrupa pepelakan éksotika, anu diwangun ku jati (Tectona grandis), Mahoni (Swietenia mahagoni) jeung Komis (Acacia auriculiformis).[49]

Plang di Cagar Alam.

Biota laut[édit | édit sumber]

Potensi biota laut di kawasan Cagar Alam Laut Pangandaran didominasi ku jenis karang batu (Scleractinia), Acropora sp., Fungia sp., Goniopora sp., Alveopora sp., sarta sababaraha lauk hias jeung sasatoan anu bisa hirup dina karang kayaning Heniochus sp., Chactodon sp., Plectorhyncus sp., jeung Apolemichtys sp.[48]

Guha jeung titinggal sajarah[édit | édit sumber]

Di cagar alam aya guha lanang, guha panggung, guha parat, guha sumur mudal, guha jepang. Anapon prasasti titinggal sajarah aya batu kaldé.[50]

Guha lanang[édit | édit sumber]

Ieu guha pangpanjangna lamun dibandingkeun jeung guha parat atawa panggung. Ieu guha dingaranan lanang sabab baheulana jadi tempat pangreureuhan budak lalaki jeung jaman karajaan.

Guha panggung[édit | édit sumber]

Guha panggung téh miboga stalagnit jeung stalagtit anu éndah jeung nyanghareup langsung ka laut. Disebut guha panggung sabab dina bagian guhana aya bagian anu jiga pisan panggung.

Guha parat[édit | édit sumber]

Baheulana guha parat téh tempat muja semédina para Bangsawan Mesir, Pangéran Maja Agung, Pangéran Kanoman (Syekh Muhammad), jeung Pangéran Kesepuluh (Syekh Ahmad).

Batu Kaldé[édit | édit sumber]

Ieu batu kaldé mangrupa prasasti jaman hindu kuna. Batu kaldé téh mangrupa prasasti anak sapi. Ieu prasasti mangrupa titinggal Karajaan Pananjung keur mitineung Radén Arya Sapi Gumarang anu geus hasil ngaraharjakeun masarakat waktu harita. Di sabudeureun batu kaldé aya makam para luluhur karajaan pananjung.

Guha Sumur Mudal[édit | édit sumber]

Ieu guha mangrupa sumber utama cinyusu waktu jaman karajaan pananjung. Cinyusu ti ieu tempat kacida mudal jeung jadi sumber kahirupan jaman harita.

Guha Jepang[édit | édit sumber]

Ieu guha dijieun tina témbok beton anu disamarkeun ku taneuh. Ieu guha mangrupa pertahanan Tentara Jepang (Dai Nippon). Dina ieu guha aya liang keur ngintip pergerakan musuh ti laut. Ieu guha dijieun kira-kira taun 1941-1945 ku pagawé paksa (romusa).

Lauk dina Akuarium Gedé kawas di Piamari Pangandaran.

Piamari[édit | édit sumber]

Pangandaran Integrated Aquarium and Marine Research Institute (Piamari) dibuka ping 17 Désémber 2022. Ieu tempat wisata dijieun keur tujuan édukatif utamana sangkan nu daratang téh wanoh kana wanda-wanda lauk.[51] Ieu Gedung diwangun dina taun 2017 kalayan miboga tilu wangunan utama nyaéta gedung aquarium, gedung riset jeung gedung asrama keur para mahasiswa atawa staf anu ngalaksanakeun panalungtikan. Di jero wangunan aya torowongan anu panjangna 47,895 méter. Wahana wisata téh aya tilu wangunan anu eusina biota laut. Tuluy aya deui touchpool (tina cai laut) tunnel aquarium (tina cai biasa) jeung theater aquarium (tina cai laut). Lian ti éta, aya museum barang muatan tenggelam anu ngawengku keramik-keramik jaman dinasti abad 17 nepi ka18, botol-botol jaman baheula, jeung barang séjénna. Anggaran anu digunakeun keur ngawangun ieu Piamari nepi ka 93 Milyar. Keur ngokolakeunana ku Balai Pelatihan dan Penyuluhan Perikanan (BP3) Tegal anu bakal jadi nu boga akuarium raksasa Piamari Pangandaran, sabab BP3 Tegal aya dina garis komando Badan Riset dan Sumber Daya Manusia Kelautan dan Perikanan.[52]

Tempat wisata lianna[édit | édit sumber]

Tempat wisata anu lianna diurutkeun dumasar kacamatan di Pangandaran.

Kacamatan Cimerak[édit | édit sumber]

Di Cimerak aya wisata alam, wisata budaya jeung wisata buatan kalawan wincikan ieu di handap.[16]

  • Curug Cigayor aya di Dusun Sirnagalih RT 07 RW 05, Désa Limusgede.
  • Curug Sawer aya di Dusun Ciwalini RT 016 RW 005, Désa Ciparanti.
  • Basisir Madasari aya di Dusun Madasari, Désa Masawah.
  • Basisir Bukit Panon Nyampai (Sebrotan) aya di Dusun Madasari, Désa Masawah.
  • Basisir Karang Seugeul aya di Dusun Madasari, Désa Masawah.
  • Basisir Legok Gandu aya di Dusun Madasari, Désa Masawah.
  • Basisir Batu Leuit aya di Dusun Madasari, Désa Masawah.
  • Basisir Cariu aya di Alam Dusun Madasari, Désa Masawah.
  • Basisir Panon Nyampai aya di Dusun Madasari, Désa Masawah.
  • Pacuan Kuda aya di Dusun Cidadap RT 01 RW 06, Désa Legokjawa.
  • Muara Singkil aya di Dusun Cidadap RW 07 RT 04, Désa Legokjawa.
  • Guha Cirawun aya di Alam Désa Masawah Dusun Masawah RT 09 RW 03.
  • Guha Gunung Randa aya di Dusun Masawah Désa Masawah RT 06 RW 02.  
  • Guha Ciperengut aya di Désa Masawah Dusun Babakan RT 15 RW 05.
  • Leuweung Lindung aya di Désa Masawah Dusun Masawah RT 06 RW 03.
  • Pemakaman Sembah Sukayatma aya di Dusun Babakan, Désa Masawah RT 15 RW 05.
  • Basisir Cidahon aya di Cimanuk, Kertamukti.
  • Basisir Keusik aya di Dusun Cidahon, Désa Kertamukti RT 18 RW 05.
  • Basisir Cikaracak aya di Dusun Cireuma, Désa Kertamukti RT 07 RW 03.
  • Basisir Muara Gatah aya di Dusun Cireuma, Désa Kertamukti RT 08 RW 03.
  • Basisir Balekambang aya di Dusun Cidahon, Désa Kertamukti RT20 RW 06.
  • Curug 100 Ubin aya di Dusun Sukamanah, Désa Kertamukti RT 27 RW 08.
  • Wisata Air Jojongor aya di Désa Legokjawa Rw 04 RT 06, Dusun Legok.
  • Makom Syeh Malik Ibrahim Cijulang Sajati aya di Dusun Legok RT 06 Rw 04, Désa Legokjawa.
  • Basisir Pasir Gede aya di Dusun Cikuya Rw 05 RT 04, Désa Legokjawa.
  • Wisata Walungan Masigit aya di Dusun Liunggunung RT 03 Rw 08, Désa Legokjawa.
  • Basisir Legok aya di Dusun Legok RT 05 RW 04, Désa Legokjawa.
  • Basisir Muara Citotok aya di Dusun Citotok RT 001 RW 001, Désa Ciparanti.
  • Wisata Pasir Sereh aya di Dusun Patrol RT 06 RW 02, Désa Sukajaya.
  • Guha Hayam aya di Dusun Patrol RT 06 RW 02, Désa Sukajaya.
  • Guha Bagong aya di Dusun Patrol RT 06 RW 02, Désa Sukajaya.
  • Guha Kolor aya di Dusun Patrol RT 06 RW 02, Désa Sukajaya.
  • Cagar Budaya Kebun Dukuh aya di Dusun Ranto batang, Désa Mekarsari.
  • Cagar Budaya Guha Kramat aya di Dusun Rantobatang, Désa Mekarsari.
  • Curug Penganten aya di Dusun Cikondang RT 15 RW 06, Désa Kertaharja.
  • Makom Syekh Jampang aya di Dusun Jampang RT 40 RW 15, Désa Kertaharja.
  • Curug Dendeng aya di Dusun Jampang RT 42 RW 16, Désa Kertaharja.
  • Curug Indradila aya di Dusun Jampang RT 39 RW 14, Désa Kertaharja.
  • Curug Ciareuy aya di Dusun Purwasari RT 31 RW 12, Désa Kertaharja.
  • Makom Syekh H.Basyarudin aya di Dusun Karanganyar RT 01 RW 01, Désa Kertaharja.
  • Pangapungan aya di Dusun Kutakanyere RT 43 RW 09, Désa Sindangsari.

Kacamatan Cijulang[édit | édit sumber]

Di Cijulang aya wisata alam, wisata budaya jeung wisata buatan kalawan wincikan ieu di handap.[16]

  • Situ Cisamping aya di Jalan Basisir Indah, Batukaras.
  • Mangrove Batukaras atawa Broad Walk aya di Désa Batukaras, Dusun Sanghiangkalang.
  • Basisir Batu Nunggul aya di Désa Batukaras.
  • Muara Jaya Cibodas aya di Désa Kertayasa.
  • Guha Bahu aya di Désa Kertayasa.
  • Jembatan Cinta Margacinta aya di Désa Margacinta.
  • Makam Dalem Sembah Agung aya di Désa Batukaras, Dusun Pasuketan RT 28 RW13.
  • Bukit Muntuk Wereng aya di Dusun Cibunian Désa Margacinta RT 04 RW 08.
  • Désa Wisata Budaya Margacinta atawa Kampung Badud aya di Dusun Margajaya RT 01 RW 12, Désa Margacinta.
  • Cijoelang Rafting aya di Dusun Pangancraan RT 02 RW 11, Désa Margacinta.
  • Taman Budaya Sagati aya di Dusun Balembeng RT 01 RW 01, Désa Margacinta.
  • Guha Patra aya di Dusun Cibodas RT 01 RW 07, Désa Cibanten.
  • Kawasan Leuweung Pondok Patra aya di Dusun Cibodas RT 01 RW 07, Désa Cibanten.
  • Situs Sumur Bandung aya di Désa Kondangjajar Dusun Binangun RT 11 RW 03.
  • Curug Taringgul aya di Dusun Cicurug, RT 01 RW 09 Cijulang.

Kacamatan Cigugur[édit | édit sumber]

Di Cigugur aya wisata alam, wisata budaya jeung wisata buatan kalawan wincikan ieu di handap.[16]

  • Ciwayang Body Rafting aya di Jalan Jurago Km. 0, Dusun Cikoranji, Désa Cimindi.
  • River Tubbing Muara Kacapi aya di Dusun Tegalega, Désa Cigugur.
  • Guha Angin atawa Goa Cidaringo aya di Dusun Cilembu, Désa Cilembu.
  • Danau Cioe aya di Jalan Ciakar Dusun Cicurug, Désa Bunisari
  • Situs Buyut Alpi aya di Dusun Burujul Désa Campaka.
  • Pacinan Campaka aya di Dusun Ciguha, Désa Campaka.
  • Curug Maung KeRTajaya aya di Dusun Cikuya, Désa KeRTajaya, RT 03 RW 01.
  • Curug Leuwi Leutak Harumandala aya di Leuwi Leutak, Désa Harumandala.
  • Guha Cilalay aya di Dusun Karanganyar, Désa Cigugur.
  • Kampung Ekologi Leuwi Polo aya di Jalan Pagerbumi-Campaka, Dusun Pagerbumi, Désa Pagerbumi.
  • Leuwi Sipatahunan aya di Désa Cempaka, Dusun Cempaka.
  • Ciboralang aya di Dusun Jelat, Désa Harumandala.
  • Gunung Haur aya di Dusun Cimapag, Désa Harumandala.
  • Walungan Cisalak/Jebulan/ Cisodong aya di Dusun Cisalak, Désa Bunisari.
  • Walungan Cibadodon aya di Jalan Leuwi Jati, Dusun Cilembu, Désa Cigugur RT 13 RW 04.
  • Muara Cijalu aya di RT 14 RW 15 Dusun Mandalamekar, Désa Harumandala.
  • Leuwi Rangkong aya di Dusun Cigugur, Désa Campaka.
  • Situs Radén Ridwan Leuwi Badak aya di Dusun Sindangsari, Désa Campaka.
  • Curug Tonjong aya di Dusun Sindangsari, Désa Campaka.
  • Leuwi Bulet aya di Dusun Cigugur, Désa Campaka.
  • Situs Matra Wadana/ Makam Eyang Langlang Buana aya di Dusun Ciguha, Désa Campaka.
  • Situs Buyut Jimah aya di Dusun Burujul, Désa Campaka.
  • Makam Aki Gede Nini Gede aya di Désa Campaka.

Kacamatan Langkaplancar[édit | édit sumber]

Di Langkaplancar aya wisata alam, wisata budaya jeung wisata buatan kalawan wincikan ieu di handap.[16]

  • Guha Sinjang Lawang aya di Dusun Panineungan, Désa Jadimulya.
  • Curug Luhur aya di Dusun Cimanggu, Désa Cimanggu RT 05 R2 02.
  • Curug Bilik aya di Dusun Mekarsari, Désa Jayasari RT 02 RW 01.
  • Curug Tilu Haurangrang aya di Dusun Langkaplancar, Désa Langkaplancar.
  • Curug Ki Muhtar aya di Dusun Cipancur RT 06 RW 04, Désa Langkaplancar.
  • Situs Wisata Gunung Singkup aya di Dusun Désa, Désa Bojongkondang RT 08 RW 03.
  • Situs K.H Abdul Hamid aya di Dusun Désa, Désa Bojongkondang RT 08 RW 03.
  • Situs Wisata Gunung Parang aya di Dusun Jayasari, Désa Jayasari RT 02 RW 05.
  • Gunung Bedogan aya di Dusun Cimanyeti RT 02 RW 03, Désa Jayasari.
  • Situs Wisata Gunung kelir aya di Dusun Cibeureum, Désa Cimanggu RT 07 RW 02 .
  • Wisata Alam Pasir Kisegel aya di Dusun Cimanggu, Désa Cimanggu RT 06 RW 02.
  • Guha Reregan aya di Désa Bungur Raya, Dusun Karangpawitan RT 02 RW 04.
  • Guha Langkob aya di Dusun Karangbungur RT 04 RW 02, Désa Bangunkarya.
  • Dataran Jeruk (DJ) aya di Dusun Désa, Désa Bojongkondang RT 30 RW 04.
  • Susukan Jero (SSJ) Buatan aya di Dusun Désa RT 29 RW 03, Désa Bojongkondang.

Kacamatan Sidamulih[édit | édit sumber]

Di Sidamulih aya wisata alam, wisata budaya jeung wisata buatan kalawan wincikan ieu di handap.[16]

  • Curug Bebek aya di Dusun Sangkabawang RT 018 RW 008, Désa Kalijati.
  • Curug Taringgul aya di Dusun Karanganyar RT 004 RW 002, Désa Kalijati.
  • Curug Luhur aya di Dusun Muaratiga RT 04 RW 01, Désa Kersaratu.
  • Curug Pule aya di Dusun Muaratiga RT 04 RW 01,Désa Kersaratu.
  • Situ Cirangkong aya di Dusun Citambelang RT 02 RW 06, Désa Kersaratu.
  • Guha Parangpang aya di Dusun Cibeureum RT 004 RW 009 Désa Sidamulih
  • Cikembulan Pass aya di RT 01 RW 02 Désa Cikembulan.
  • Pantai Karang TiRTa aya di Dusun Cipari RT 006 RW 002 Désa Sukaresik.
  • Guha Sodong Panjang aya di Dusun Cikalong, RT 05 RW 02, Désa Cikalong.
  • Kampung Budaya Cijumleng aya di Désa Cikalong, Kacamatan Sidamulih.

Kacamatan Pangandaran[édit | édit sumber]

Di Pangandaran aya wisata alam, wisata budaya jeung wisata buatan kalawan wincikan ieu di handap.[16]

  • Curug Bojong aya di Dusun Cihandiwung, Désa Sukahurip.
  • Curug Jambé Anom aya di Dusun Mungganggondang RT05 RW 04, Désa Purbahayu.
  • Wisata Air Cipingit aya di Dusun Mungganggondang RT05 RW 04, Désa Purbahayu.
  • Sentra Seafood jeung Kampung Turis aya di Jalan Pamugaran, Désa Pananjung.
  • Kawasan pantai Bulak Setra aya di Désa Babakan, Kecamatan Pangandaran.
  • Gua Kaca aya di Désa Sidomulyo Dusun Pasirkored RT 03 RW 16.
  • Bukit Galau aya di Désa Sidomulyo, Dusun Pasirkored RT 03 RW 16.
  • Guha Walet aya di Désa Sidomulyo, Dusun Pasirkored.
  • Guha Junti aya di Désa Sidomulyo, Dusun Pasirkored.
  • Bendungan Matras aya di RT 02 RW 03 Dusun Cikuluh, Désa Sukahurip.
  • Guha Bojong Lekor aya di RT 02 RW 03 Dusun Cikuluh, Désa Sukahurip.
  • Guha Surupan Daya aya di RT 03 RW 16 Dusun Pasirkored, Désa Sidomulyo.
  • Makam Ki Juru Simpen aya di Dusun Mungganggondang, Désa Purbahayu.
  • Makam Raksa Wedana aya di Dusun Mungganggondang, Désa Purbahayu.
  • Makam Eyang Paju aya di Dusun Mungganggondang RT 05 RW 04 Désa Purbahayu.
  • Guha Badak Paeh aya di Dusun Bengkekan Désa Sukahurip.
  • Rumah Uyeng aya di Jalan Raya Pangandaran, Désa Babakan, Kecamatan Pangandaran.
  • Museum Nyamuk aya di Jalan Raya Pangandaran Km. 3 Désa Babakan.
  • Hooba aya di Dusun Karangsari, Désa Pananjung.
  • Guha Cirangkis aya di Dusun Pondok Mangir, Désa Sidomulyo.
  • Guha Surupan aya di RT 03 RT 02 Dusun Cikuluh, Désa Sukahurip.

Kacamatan Kalipucang[édit | édit sumber]

Di Kalipucang aya wisata alam, wisata budaya jeung wisata buatan kalawan wincikan ieu di handap.[16]

  • Guha Donan aya di Dusun Cintamaju, Désa Tunggilis.
  • Basisir Palatar Agung aya di Dusun Ciawitali RT 07 RW 08.
  • Basisir Tangkisan aya di Dusun Sindangmangu RT 07 RW 09, Désa Bagolo.
  • Basisir Karang Kuda aya di Dusun Sulasirna RT 10 RW 03, Désa Bagolo.
  • Curug Puringis aya di Dusun Bojong RT 03 RW 06, Désa Putrapinggan.
  • Basisir Lembah Putri aya di Dusun Karangsari RT 04 RW 01, Désa Putrapinggan.
  • Situs Galuh Pangauban aya di Dusun Karang Sari RT 01 RW 02, Désa Putrapinggan.
  • Curug Guling Sapi aya di Dusun Karangsari RT 03 RW 02, Désa Putrapinggan.
  • Guha Jepang aya di Dusun Karangsari RT 04 RW 01, Désa Putrapinggan.
  • Bungker Jepang aya di Area Ciputrapinggan, Dusun Karangsari RT 04 RW 01, Désa Putrapinggan.
  • Bungker Jepang Area Waterpark aya di Dusun Karangsari RT 04 RW 01, Désa Putrapinggan.
  • Muara Ciparanekean aya di Dusun Karangsari RT 04 RW 01, Désa Putrapinggan.
  • Walungan Ciputrapinggan aya di Dusun Karangsari RT 04 RW 01, Désa Putrapinggan.
  • Guha Lalay aya di Dusun Karangsari RT 04 RW 01, Désa Putrapinggan.
  • Guha Menir aya di Dusun Karangsari RT 04 RW 01, Désa Putrapinggan.
  • Guha Ronggeng aya di Dusun Karangsari RT 04 RW 01, Désa Putrapinggan.
  • Batu Bangkong aya di Dusun Karangsari RT 04 RW 01, Désa Putrapinggan.

Kacamatan Padahérang[édit | édit sumber]

Di Padahérang aya wisata alam, wisata budaya jeung wisata buatan kalawan wincikan ieu di handap.[16]

  • Saung Ranggon aya di Désa Bojongsari, Kacamatan Padaherang.
  • Situs Cipatat aya di Dusun Sapuangin, Désa Karangsari.
  • Situs Dayang Sumbi aya di Dusun Paledah, Désa Paledah.
  • Paliken Hills aya di Désa Pasirgeulis, Dusun Paliken.
  • Situs Paliken aya di Dusun Paliken, Désa Gunung Putri.
  • Pemandian air panas kedungwuluh aya di Désa kedungwuluh.
  • Curug Kedung Lumpang aya di Désa kedungwuluh.
  • Makam Embah Gedeng Mataram aya di Dusun Paledah, Désa Paledah, RT 01 RW 01.
  • Jogjogan Ciganjeng aya di Désa Bojongsari.
  • Curug Bunton aya di Désa Kedungwuluh, Dusun Kedungwuluh RT 23 RW 09.
  • Situs Astana Budha aya di Désa Pasirgeulis, Dusun Grewing RT 23, Rw 04.
  • Situs Pasirgeulis aya di Désa Pasirgeulis, Dusun Grewing RT 13 RW 04.
  • Situs Lingga Kencana aya di Dusun Sentul, Désa Sukanagara RT 01 RW 01.
  • Situs Eyang K.H Santarudin aya di Dusun Sentul, Désa Sukanagara RT 01 RW 01.
  • Makam Kyai Syech Muchtar aya di Dusun Paledah, Désa Paledah.

Kacamatan Mangunjaya[édit | édit sumber]

Di Mangunjaya aya wisata alam jeung wisata budaya kalawan wincikan ieu di handap.[16]

  • Rawa Cogekan aya di Dusun Cogekan RT 10 RW 03 Désa Kertajaya.
  • Situs Candi Mangunjaya aya di Dusun Pasirlaja, Désa Mangunjaya.
  • Situs Pranayaga atawa Watu Gimbal aya di Dusun Gimbal, Désa Mangunjaya.
  • Tugu Ki Gandul Manggala aya di Dusun Gimbal, Désa Mangunjaya.
  • Tugu Pangéling-éling aya di Dusun Cogekan RT 10 RW 03, Désa Kertajaya Cungkuk.

Kacamatan Parigi[édit | édit sumber]

Di Parigi aya wisata alam, wisata buatan jeung wisata budaya kalawan wincikan ieu di handap.[16]

  • Imah Zaman Kolonial Parigi aya di Jalan Raya Cijulang No 776, Désa Parigi.
  • Guha Lalay aya di Dusun Salekambang, Désa Selasari.
  • Guha Peteng aya di Dusun Salekambang, Désa Selasari.
  • Guha Panjang aya di Dusun Salekambang, Désa Selasari.
  • Guha Citalun aya di Dusun Salekambang, Désa Selasari.
  • Guha Panyipuhan aya di Désa Cintaratu.
  • Guha Umin Daya aya di Désa Cintakarya
  • Guha Ilin aya di Désa Karangbenda.
  • Guha Sahyo aya di Désa Karangbenda.
  • Batulawang aya di Dusun Cikadu, Désa Selasari.
  • Situs Jagaraksa aya di Dusun Salakambang, Désa Selasari.
  • Situs Patapaan aya di Dusun Banjarsari, Désa Selasari.
  • Situs Cipancur aya di Dusun Banjarsari, Désa Selasari.
  • Situs Gunung Karang aya di Dusun Banjarsari, Désa Selasari.
  • Leuwi Astana aya di Dusun Giriharja, Désa Selasari.
  • Batu Paneker aya di Dusun Karangmukti, Désa Selasari.

Budaya[édit | édit sumber]

Budaya anu diguar téh nyaéta kasenian jeung tradisi.

Kasenian[édit | édit sumber]

Kasenian anu aya di Pangandaran téh kalintang lobana, ngan anu ciri has mah ukur aya 3 nyaéta ronggéng gunung, badud jeung lebon. [53]

Nu nari ronggéng gunung.

Ronggéng gunung[édit | édit sumber]

Ieu kasenian téh mimiti mekar di Désa Ciparakan, Kacamatan Kalipucang.[53] Wangun kesenianana mangrupa salah sahiji tarian buhun (kuna) anu dipidangkeun ku konsép pintonan minimalis. Ronggéng asalna tina kecap Renggana (Sanskerta) anu hartina wanoja anu dipikacinta. Awéwé anu dimaksud téh penari anu dipilih pikeun ngabagéakeun sémah karajaan anu sok dipirig ku alat musik tradisional.[54] Ari kecap gunung patali jeung wewengkon Désa Ciparakan (pagunungan) salaku tempat asalna jeung tumuwuhna ieu tari. [55] Dina dasarna, ieu tari dipaké minangka sarana ritual désa pikeun ngahormatan Dewi Sri sarta hiburan sanggeus réngsé waktu melak paré. Tapi, sanggeus sistem perkebunan kolonial Walanda aya, éta hal jadi robah fungsina kalah jadi sarana hiburan pikeun awéwé pribumi keur pagawé kontrak ahli anu dibawa ku Walanda (Dogér Kontrak). [56] Tari Ronggéng Gunung medal tina gabungan kasenian Bajidor jeung Pencak Silat. [57] Ronggéng Gunung biasana dilaksanakeun dina waktu 2 nepii ka 12 jam sakaligus. Dina hiji pidangan biasana dipigawé 6 nepi ka 8 lagu. Sacara umum, téma tembang dina ieu kasenian téh nyaritakeun rasa sono ka lalaki jeung nyindiran para bajak laut anu maéhan Anggalarang.[54] Dina awalna, ronggéng gunung dijadikeun sarana pikeun ngawanohkeun upacara adat saperti panén, narima tamu, nikahan, jeung nyunatan anu matak pikaresepeun pisan sabab ngajajah unsur érotis penari. Sanajan kitu, dina periode ti taun 1904 nepi ka 1945, sababaraha ajén-inajén jeung konsép nampilkeun ronggéng gunung ngalaman parobahan luyu jeung norma-norma jeung tatakrama anu beuki hadé di masarakat. Salah sahiji conto parobahan aturan nyaéta mahing penari kontak langsung jeung penari lalaki atawa panongton lalaki anu milu dina tari ronggéng.[58]

Ronggéng Gunung Pangandaran dina acara helaran.
Pamaén[édit | édit sumber]

Pamaén dina rongéng gunung téh ukur nu nari, sindén jeung pamaén alat musik. Penari utama dina ronggéng gunung nyaéta awéwé anu maké kostum kabaya, sagigireun kebat (kain batik), salendang mangrupa aksesori penting nalika nari. Fungsi ieu karémbong nyaéta pikeun ngondang lawan (lalaki) anu asalna ti panongton anu hadir dina éta acara . Lamun karémbong dipaké dina beuheung salah sahiji panongton, hartina jalma nu geus dipilih jadi penari lalaki.[59] Penari lalaki jumlahna 10 urang. Kostum anu dipaké nyaéta sarung, iket jeung bedog anu disorén dina cangkéng. Penari lalaki ngurilingan penari awéwé dina pola gerak sirkular kawas arah jarum jam. [60]Sindén lulugu (utama) nyaéta wanoja sepuh anu miboga sora anu has sarta halimpu. Biasana, bisa mawa lagu-lagu anu henteu ditembangkeun ku sindén biasa. Ngan tilu urang anu wajib maénkeun alat musik, sabab alat musik anu dimaenkeun ngan ukur ketuk, goong, jeung kendang.[59]

Lagu[édit | édit sumber]

Lagu-lagu anu biasa ditembangkeun ku sindén dina rupa-rupa pintonan ronggéng Gunung nyaéta 18 lagu anu disebut tari kuduk anu ngandung sisindiran jeung wawangsalan.[59] Lagu kudupturi, ladrang, sisigaran, goléwang, kawungan banter, parutan, dengdet, ondai, liring, kawungan kulonan, manangis, mangonét, urung-urung, tunggul kawung, trondol, cacar manuk, kidung, raja mudik. Papasingan tembang téh dibagi jadi tilu bagian, nyaéta bubuka, inti jeung panutup. Pikeun bagian bubuka, nyaéta wangsalan ladrang jeung kudupturi. Bagian utama wawangsalan golewang, kawungan banter, parutan, ondai, liring, kawungan kulonan, manangis, mangonet, urung-urung, tunggul kawung, trondol, cacar manuk, tembang. Bagian panutup dengdet wangsalan, raja mulih sisigaran. Lagu-lagu Ronggéng gunung mibanda wirahma bébas kalawan rumpaka tur wangunna pupuh. Wangun sekar, kaasup wangun tembang anu ngagunakeun nada luhur (meluk) pinuh ku sora (legeto) kalawan rumpaka minangka média pagelaran wungkul. Loba anu nganggap lagu-lagu ieu saluyu sareng wangun tembang Sunda, wirahma buhun, sabab hésé pisan ngatranskripsikeun ieu lagu-lagu atawa nyieun catetan bareng. Éta hal jadi salah sahiji faktor anu nyababkeun ronggéng gunung hésé pisan regenerasi dina pamaén sindén[61]

Kontéks pidangan[édit | édit sumber]

Dina pintonan Ronggéng Gunung, unsur dinamisme bisa katitén tina anggota kelompok kasenian Ronggéng Gunung, boh ronggéng boh nayaga. Maranéhna miboga isim salaku objék anu boga fungsi minangka alat pikeun nahan bahaya atawa musibah anu diakibatkeun ku kalakuan jalma séjén anu sirik atawa lantaran aya kompetisi antara pamaén sorangan jeung kelompok séjén. Salian ti éta, fungsi séjénna nyaéta pikeun ngajaga kawibawaan pribadi pamingpin rombongan Ronggéng Gunung sangkan dipikahormat boh ku bawahan boh ku batur. Unsur-unsur sulap kaagamaan animisme dina pagelaran Ronggéng Gunung bisa katitén dina papasingan sesajén anu disusun saméméh pintonan dimimitian. Bacaan du’a dilaksanakeun ku pingpinan rombongan (rombongan) sarta diiluan ku sakumna anggota katut ronggéng. Disadiakeunana sesajén miboga maksud sangkan roh-roh jahat moal ngaganggu jeung ménta ngajaga kasalametan para nayaga jeung ronggéng, narik simpati hadirin pikeun pagelaran sarta sangkan acara lancar nepi ka réngsé, dijauhkeun tina gangguan ti roh jahat sabudeureun tempat pintonan sarta gangguan cuaca salila acara. Para pamaén Ronggeng Gunung, hususna para penari wanoja, biasana mibanda mantra atawa du’a asihan (pélét) pikeun maksud nu hadé, upamana sangkan panongton resep. Mindeng kajadian panongton lalaki kagégéloan ku penari ronggéng sarta sanggeus lalajo bakal salawasna inget ka awéwé anu nari. Dina ngagunakeun mantra pikeun narik simpati panongton, para ronggéng ngagunakeun basa Sunda kuna, sangkan hartina henteu dipikawanoh deui ku nu mapatkeun. Tapi beuki teu ngarti kana harti mantra, beuki sakral aranjeunna ngarasa.[61]

Badud[édit | édit sumber]

Badud asalna ti Dusun Margajaya, Desa Margacinta, Kecamatan Cijulang, Kabupaten Pangandaran. Lokasi utamana aya di tepi ngarai, di gigireun pangkal rawayan gantung anu manjang luhureun walungan. Éta wilayah dijadikeun Kampung Budaya atawa mindeng disebut Kampung Badud.[62] Seni Badud mimiti suciptakeun taun 1868 anu didadasaran kasieun masarakat ku sasatoan leuweung waktu rék ngala paré atawa panén. Ku kituna, dijieun alat anu ngaranna dogdog, dijieun tina awi anu dijadikeun alat musik pamirig kasenian badud. Dina taun 2013, seni badud ngalaman tumpur jeung kakara ahir taun 2014 mimiti dimekarkeun deui kalayan inisiatif padepokan seni badud. Sanggeus kitu, pamarintah Désa Margacinta mimiti museurkeun paniténna kana ieu kasenian buhun ku cara dijadikan kagiatan ekstrakurikuler di sakola di sabudeureun Désa Margacinta. Pargelaran seni Badud dijieun keur ngareuah-reuah ritual panén di sawah. Konsép peran anu ditampilkeun nyaéta pamaén maké atribut kedok sasatoan anu wujudna monyet, lutung, jeung maung anu dijieun tina bahan basajan luyu jeung kamampuh patani. Para pamaén ngalakukeun gerakan luyu jeung karakter kedok anu dipakéna, rombongan pamaén seni badud leumpang ngareuah-reuah rombongan patani anu mawa hasil panén anu bakal diasupkeun kana lumbung di désa. Salian ti éta, seni Badud ogé mangrupa salah sahiji cara ngusir hama anu bakal ngarusak paré. Ieu hal dilakukeun waktu usum nuar tatangkalan jeung melak binih paré anu dimimitian ku bacaan du'a, mantra jeung rupa-rupa sasajén.[63] Pagelaran kasenian Badud lumangsung sapoé sapeuting. Saacan ieu seni dimimitian, dijieun heula sasajén keur ngahargaan para karuhun anu geus tilar dunya atawa rupa-rupa kakuatan anu nangtayungan masarakat sabudeureun Margacinta. Sasajénna ngawengku parupuyan atawa menyan, rujak kembang ros, endog, rujak cau, daging atah, gula batu, roko bangjo, roko surutu, jeung roko warna coklat dua batang. Waktu lakon pagelaran rék dimimitian isuk, sasajén anu geus kakumpul diteundeun di tengah-tengah tempat pagelaran. Lamun aya pamaén anu kaancikan jeung hayang wanda dahareun tinggal nyokot dina tempat éta sasajén. Sakabéh pamaén anu geus kaancikan bakal mikahayang kadaharan anu béda-béda. Contona maung anu geus kaancikan bakal milih daging atah, lamun barongsay atawa ébég bakal milih rupa-rupa wanda rujak. Kabéh pamaén ngalakukeun kabéh gerakan di luar kadalina sabab geus kaancikan.[64] Alat musik anu digunakeun nyaéta dalapan angklung laras saléndro ti mimiti panghandapna nepi ka nada pangluhurna. Ieu angklung dipaénkeun kalayan cara dicekel hiji éwang ku nu maénna.[65] Wanda angklung anu dipaké ngawengku angklung roel hiji, roel dua, aclik, sorolok, ambruk satu, ambruk dua, penerus, jeung jenglong. Alat musik angklung miboga peran salaku melodi rumpaka lagu anu dipaénkeun. Salian ti éta, aya genep dogdog anu dipaénkeun ku genep urang kalayan nada anu pangluhurna nepi ka anu panghandapna. Alat musik endol, nyaéta dogdog pangleutikna dipaké keur ketukan bubuka ku dalang. Dogdog sedeng atawa dungdung, nyaéta dogdog anu leuwih gedé tibatan dogdog endol kajaba cara nabeuhna dibédakeun. Dogdog bondol atawa kentrung hiji, miboga peran méré ketukan tetap atawa ketukan tesis, Dalang atawa kentrung dua (ambruk), bajidor hiji (badublag), bajidor dua (badublag), nyaéta dogdog anu panggedéna di antara dogdog bajidot hiji jeung dua, miboga peran méré warna tepakan kendang, biasana dogdog badublag méré tanda bakal aya gong atawa méré sora ahir lamun aya goongan. Ieu dogdog miboga sora jiga kendang, sabab sora anu dimunculkeunna ampir sarua jeung tepak kendang. Ngan alat musik dogdog bakal méré nada anu leuwih variatif.[66]

Lebon kaasup béladiri.

Lebon[édit | édit sumber]

Kasenian Lebon mangrupa salasahiji kasenian has Kabupatén Pangandaran anu mimiti dipikawanoh sarta dimekarkeun di Pangandaran dina taun 1950. Ieu kasenian kungsi leungit alatan ayana gerakan DITII.[67] Kasenian Lebon mangrupa salah sahiji tradisi jawara antar désa jeung salah sahiji kabudayaan pikeun ngaréngsékeun pasualan-pasualan saperti sengketa lahan, téritorial, papaséaan anu geus teu bisa ditarima deui dipungkas jaman baheula mah dipungkas ku kasenian Lebon.[68] Kecap Lebon sacara etimologis dicokot tina sisipan basa Jawa jeung Sunda, nyaéta lebboni (basa Jawa) anu hartina diboéhan jeung lebokna (bahasa Sunda) anu hartina dilebok atawa dikurebkeun kana taneuh (kuburan atawa dikubur).[67] Dina kasenian Lebon asli jaman baheula keur nu éléh atawa nu maot dina perang langsung dikubur di tempat. Ku alatan éta, dua pihak anu meunangna dina unggal perang nyiapkeun boéh, pacul jeung sekop pikeun ngubur lawan anu éléh dina perangna. Sanajan kitu, bareng jeung parobahan jaman, Seni Lebon geus robah jadi hiji pementasan seni drama tina adegan perang Lebon sabenerna kalawan alur carita dijieun sangkan tetep saperti aslina. Pikeun ngurangan atawa ngahalangan tatu dina pangperangan antar jawara maké alat kasalametan dina sababaraha bagian awakna. Bagian awak anu dihalangan nyaéta sirah, ngagunakeun daun jambé anu dibungkus ku lawon, leungeun nepi ka siku jeung suku ngagunakeun kulit sasatoan. Lian ti éta, pikeun ngéléhkeun lawan, unggal nu tarung dibéré alat paneunggeul tina rotan. Para palaku kasenian Lebon dina tarung biasana nunjukkeun gerak-gerak anu tangtu saperti dina pencak silat. Gerak-gerik pencak silat dikolaborasikeun jeung iringan ketuk saperti pencak silat. Dina pintonan kasenian Lebon, nu tarung bisa neunggeul leungeun lawan kalayan jumlah anu tangtu nepi ka bisa dianggap pinunjul. Salila pagelaran, unggal nu tarung dibéré du'a sarta ngaduruk menyan jeung kurban sasatoan salaku ritual indit sarta ngadu'a babarengan sangkan jawara balik kalawan awak salamet. Skénario dina kasenian Lebon kiwari geus diatur antara nu meunang jeung nu éléh geus ditangtukeun, ahirna masing-masing sponsor bajoang pikeun ngabéla jawarana. Balukarna, para sponsor tuluy dipisahkeun ku para jawara nu tarung jeung ahirna damai. Patempuran Lebon anu tadina hésé kacida ayeuna robah jadi sarana hiburan anu ditataan sangkan bisa terus dimumulé dibarengan ku kamajuan jaman. Kasenian Lebon anu tadina mangrupa tarung bebas antara jawara, tuluy robah jadi seni pintonan. Dina prak-prakanana, pintonan kasenian Lebon biasana dihijikeun jeung gondang buhun, beluk, ronggéng gunung, angklung Lebon, jeung kasenian séjénna. Harta utama nyaéta iteuk rotan anu dicekel dina leungeun katuhu. Dina leungeun kéncana dibungkus ku leungeun baju anu seukeut dijieun ogé tina rotan. Pamaén maké leungeun baju panjang jeung calana panjang lengkep jeung panutup sirah dijieunna tina lawon. Pikeun ngamumulé kasenian Lebon, mindeng dipentaskeun dina poé Kamerdikaan Indonesia di tingkat désa jeung kacamatan, atawa sanggeus usum panén. Salian ti éta, kasenian Lebon biasana dipidangkeun dina Hajat Leweung di Désa Pepedan, Désa Selasari, Kabupatén Pangandaran.[68]

Tradisi[édit | édit sumber]

Tradisi di Pangandaran téh aya nampaling, kaliwonan jeung hajat laut.h

Simeut anu sok jadi hama di sawah.

Nampaling[édit | édit sumber]

Ieu tradisi dilakukeun ku masarakat Désa Cikalong, Kacamatan Sidamulih, Kabupaten Pangandaran. Nampaling mangrupa kagiatan néwak simeut anu dilaksanakeun unggal usum panén paré kira-kira bulan Séptémber-Oktober. Dina mangsa harita hama simeut loba pisan. Ieu tradisi geus aya kira-kira taun 1600-an. Tadina mah ukur kagiatan biasa, ngan dijadikeun festival budaya sangkan leuwih ceuyah deui. Ngaran nampaling dicokot tina alat anu digunakeun keur néwak simeutna dijieun tina anyaman awi, bentukna kerucut jeung dikaitkeun kana gagang. sanggeus simeut ditéwak diasupkeun kana wadah tina awi (kembu). Sanggeus diala, simeut langsung diolah jadi kadaharan kayaning goréng simeut jeung oséng simeut. Lian ti éta, waktu tradisi lumangsung biasa aya anu meuli di tempat ka nu geus ngala.[69]

Kaliwonan mangrupa tradisi ngamandian orok.

Kaliwonan[édit | édit sumber]

Tradisi Kaliwonan mangrupa kabudayaan ngamandian orok umur lima bulan (balita) anu dilaksanakeun turun-tinurun ti kolotna ka turunanana anu masih dipiara ku masarakat Pangandaran. Ieu tradisi mangrupa salasahiji kabudayaan anu can ngalaman parobahan dimimitian tina tata cara jeung prak-prakanana. Ti baheula henteu dilaksanakeun unggal poé kaliwon, tapi ukur tanggal anu pasaranana ninggang dina Kaliwon anu jangkep. Tradisi ngamandian dina Kaliwonan dipercaya jadi salasahiji tradisi sangkan kahirupan orok leuwih barokah, hirup aman, séhat jasmani sarta miboga haté anu beresih jeung mawa kahadéan ka sasama, kulawarga, nagara katut agamana. Cai anu digunakeun keur ngamandian téh nyaéta cai kembang anu geus dibacakeun du’a bari dipencet atawa diurut sababaraha bagian awak orok bari mapatkeun rupaning jampé. Cai kembang keur ngamandian budak dina Kaliwonan ogé kudu aya dibekelan, di antarana duit récéh heubeul anu dijieun tina logam bengkok kalayan gambar Ratu Wihelmina sarta batu alam husus anu dianggap geus karamat. Tradisi kaliwonan dijadikeun sarana silaturahmi jeung sawala pikeun babagi pangalaman antara ibu-ibu bari ngasuh budakna sangkan aya mangpaatna sacara sosial. Ieu tradisi dilaksanakeun sabulan opat kali unggal kaliwon jeung sabulanna aya istilah kaliwon gedé anu lumangsung dina poé Jumaah kaliwon.[70]

Wayang Golék jadi pagelan pamungkas upacara hajat laut.

Hajat laut[édit | édit sumber]

Hajat Laut mangrupa tradisi turun-tinurun anu biasa dilaksanakeun ku masarakat basisir, hususna di wewengkon basisir kidul. Warga basisir Pangandaran biasana ngayakeun acara hajat laut saban poé Kemis saméméh malem Jumaah Kaliwon, awal bulan Muharam atawa bulan Syura. Ieu tradisi dilaksanakeun minangka wujud rasa sukur para pamayang ka Gusti anu parantos maparin rezeki jeung kasalametan dina ngalaksanakeun pagawéanana di laut.[71] Hajat laut téh turunan tina hajat leuweung, sabab sasajén anu dipalidkeun ka tengah laut téh hasil tatanén anu mangrupa kadaharan jeung rupa-rupa hasil séjénna. Lamun dina basa Sunda Hajat Laut téh asalna tina dua kecap nyaéta Hajat anu hartina kahayang, pamaksudan jeung laut anu hartina ciptaan Nu Maha Kawasa dina wujud cai asin anu anu ngaplak lega. Hajat Laut bisa dihartikeun mangrupa niat syukur jeung kahayang ka Nu Maha Kawasa kana anugrahna nyaéta laut anu dijerona bisa jadi sumber kahirupan, atuh kasalametan dipiharep dina nyiar kipayah sing salamet jeung sapopoéna diriksa tina bancang pakéwuh anu bisa datang ti laut iraha waé. Tina bentangan 91 Kilométer basisir Pangandaran, Hajat Laut biasana dilaksanakeun di basisir Karapyak, Basisir Pangandaran, Basisir Bojés, Basisir Batukaras jeung Basisir Madasari. Runtuyan acarana téh para pamayang mawa Dongdang (pawai) anu dijerona nyangkaruk hasil tatanén, di antarana bungbuahan jeung tumpeng dibawa ka basisir, tuluy diasupkeun kana parahu, jeung dilarung dibawa ka laut. Dina Larung téh aya simbol wujud rasa sukur ka Nu Maha Kawasa, ngabakti ka Nu Maha Kawasa, jeung miboga fungsi utama anu bisa dibuktikeun ngaliwatan larung sasajén (nyésa-nyésa keur nu sejen). Sa Ajen ari sa téh hiji, Ajén teh ageman, falsafahna aya patalina jeung katunggalan Allah.[72] Ieu upacara salah sahiji anu dilaksanakeun di Batukaras dua poé kalayan wincikan kawas kieu.

Tatahar[édit | édit sumber]

Nataharkeun upacara adat Hajat Laut dimimitian ku latihan maén musik, nyiapkeun sasajén jeung latihan nari. Patali jeung ngabagéakeun taun anyar Islam, upacara hajat Laut dilaksanakeun dina wangun kagiatan dina hal-hal anu patali jeung agama Islam.[73]

Poé kahiji[édit | édit sumber]

Para pamayang henteu ka laut salila dua poé saméméh ritual laut dimimitian, ku kituna para pamayang bisa ilubiung dina kagiatan (tabligh akbar) di lapang Batu Karas. Dina ieu acara kacida ceuyahna kanyat dipasangan korsi loba jeung panggung.[73]

Poé kadua[édit | édit sumber]

Réa jalma nu daratang ka lapang Batukaras. Di basisir loba parahu anu geus dihias pararantes. Geus loba jalma nu datang, tapi upacara bubuka arak-arakan ka tengah laut dilaksanakeun pabeubeurang, masarakat masih nungguan di sisi basisir. Acara dimimitian ku bubuka, biantara, maca ayat suci Al-Qur'an jeung Yasin, tuluy upacara adat. Persiapan arak-arakan ku ngondang Bupati anu diiringkeun ku penari jeung papayung ka basisir jeung di tukangeunana aya sasajén anu siap dilarung kalawan diteundeun dina wangun imah leutik anu katutup. Masarakatna riweuh pisan waktu arak-arakan rék dimimitian. Di tengah-tengah laut kabéh parahu eureun sarta sasajén dilarungkeun bari dibarengan ku bacaan ayat suci Al-Qur'an heula, tuluy masarakat mimiti nyokot cai laut pikeun silih simbeuh ti hiji parahu ka parahu séjénna. Sanggeus prosési réngsé tuluy balik deui ka darat, acara di laut geus lekasan. Soréna aya hiburan keur masarakat, nyaéta pagelaran wayang golék nepi ka sapeuting jeput.[73]

Ékonomi[édit | édit sumber]

Dina widang ékonomi aya poténsi wisata kuliner atawa kadaharan, puseur oléh-oléh jeung hasil bumi masarakat.

Kadaharan[édit | édit sumber]

Kadaharan has Pangandaran téh aya Asin Jambal Roti, Opak Cikalong, jus honjé, pindang gunung jeung liwet jolem.

Lauk Jambal Roti.
Lauk asin jambal roti keur dipoé.
Lauk Kadungkang atawa Manyung bahan Lauk Asin Jambal Roti.
Lauk asin jambal roti jeung sangu haneut sapuratina.

Asin jambal roti[édit | édit sumber]

Ngaran jambal roti téh tina dua kecap nyaéta jambal anu hartina lauk anu diasinkeun jeung roti anu mangrupa kadaharan anu kandel jeung gedé dagingna.[74] Lauk asin jambal roti téh aya tilu wanda nyaéta asin jambal roti mantéga, jambal roti tuban jeung jambal roti bodas. Lamun asin jambal roti mantéga asalna tina lauk kadukang atawa manyung.[75] Di wewengkon lianna sok aya anu nyebut Kedukan, Keropak, Dukang, Badukang, Bedukang, Pedukang, Babukan, Kedapang Waru jeung Lauk cucuk. Ieu lauk biasana hirup di walungan, basisir anu leutakan jeung laut. Keur nyumponan pangabutuh kulinér biasana lauk kadungkang sok dibantuan pasokanana ti wewengkon Cirebon.[74] Jambal roti tuban asalna tina lauk tuban jeung jambal roti bodas asalna tina lauk anu warna bodas. Harga lauk asin jambal roti mantéga 140.000 sakilogramna, lauk jambal bodas hargana 120.000 sakilogramna jeung anu pangmahalna mah lauk asin jambal roti Tuban hargana nepi ka 150.000 sakilogramna. Prosés nyieun lauk asin jambal téh kieu, lauk anu rék dijadikeun asin jambal dibeulah tuluy diberesihan. Campurkeun uyah kristal kana beuteung jeung bagian awak lauk nepi ka rata. Uyah kristal dipilih sabab miboga asin anu maksimal. Sanggeus kitu dipoé nepi ka garing dina morérétna cahya panonpoé. Husus lauk asin jambal Tuban prosésna lumayan lila, ti mimiti ngeueuman dina cai jeung diuyahan, dipoé nepi ka layak jual téh mikabutuh waktu 10-12 poé.[75]

Opak cikalong[édit | édit sumber]

Opak ketan legit.

Geus lila ieu kadaharan dijieun tina ketan kalawan sok dijadikeun oléh- oléh tradisional ku nu geus pakanci ti Pangandaran. Kalayan rasa has, tékstur anu lemes tina tipung ketan, rasa anu unik jeung rangu sabab prosés masakna henteu ngagunakeun katél tapi digarang sacara langsung dina seuneu. Lolobana anu nyieun opak Cikalong dilakukeun ku ibu rumah tangga ti Désa Cikalong, Kacamatan Sidamulih, Kabupatén Pangandaran. Ngaliwatan prosés jeung ngagunakeun pakakas basajan, opak Cikalong salawasna bisa ngarojong ékonomi désa jeung kahirupan masarakat anu nyieunna. Ku kituna, nu nyieun ieu mah tangtu tirun-tinurun ti kulawargana ka sababaraha générasi. Nyieun opak téh henteu hésé teuing, saha waé bisa ngalakukeunana. Carana campurkeun tipung ketan jeung cipati tuluy ditambah uyah sacukupna. Sanggeus jadi adonan, dicetak laju digaringkeun dina panonpoé. Sanggeus garing tuluy digarang dina seuneu sacara langsung.[76]

Jus honjé[édit | édit sumber]

Honjé bisa jadi jus.

Jus honje mimiti disebut minangka inuman has Pangandaran, nalika Pangandaran masih jadi Daerah Otonom Baru (DOB). Endjang Naffandy, anu harita diangkat jadi Plt. Bupati Pangandaran, ngahadiran acara di Kementrian. Waktu keur anteng ngobrol jeung pajabat séjén ti luar wewengkon, Endjang ditanya naon kadaharan jeung inuman has Pangandaran. Salah saurang babaturan Endjang anu ngaranna Gumilar kabeneran aya di gigireunana. Gumilar tuluy ngaharéwos, inuman khas Pangandaran nyaéta jus honjé. Ari kadaharan has Pangandaran nyaéta pindang gunung. Endjang tuluy ngajawab pananya para pejabat bari ngajelaskeun rasa has tina jus honjé jeung pindang gunung. Nalika status Pangandaran masih DOB, jus honjé jeung pindang gunung jadi utama dina acara-acara resmi. Keur ngajaga kualitas jus honje sangkan rasana tetep unik dina létah. Bahan bakuna kudu ngagunakeun honjé laka beureum (etlingera hemisphaerica). Cara nyieunna, honjé laka nu warnana beureum dikumbah nepi ka beresih. Tuluy dipipil atawa dipocél, ditutu laju dicampur cai diasakan nepi ka ngagolak. Sanggeus asak laju disaring jeung diamisan ku gula bodas sacukupna. Ukuran 20 botol 330 mililiter jus honjé bisa dihasilkeun tina sakilogram honjé laka beureum. Harga bahan bakuna nyaéta honjé sakilona ukur 20.000, tapi lamun keur usum halodo mah bisa undak kana harga 25.000 nepi ka 30.000. Ieu jus lamun disimpen dina botol jeung teu kana kulkaskeun sanajan teu maké bahan pangawét bisa kuat nepi ka sabulan teu kadaluarsa. Tapi, lamun diteundeun dina kulkas mah bisa kuat nepi ka 10 bulan[77] Khasiat jus honjé lamun dikonsumsi rutin bakal nambahan stamina jeung daya tahan awak jadi wedel, ngaleungitkeun teu ngareunah awak ku sabab asup angin jeung ngurangan koléstrol anu aya dina awak.[78]

Lauk kakap beureum bisa diolah jadi pindang gunung.

Pindang gunung[édit | édit sumber]

Ngaran pindang gunung téh asalna tina dua kecap nyaéta pindang jeung gunung. Pindang hartina sayuran atawa sop anu bahan dasarna lauk laut, ari dingaranan gunung sabab dina prosés nyieunna ngagunakeun bungbu anu asalna ti pilemburan atawa bungbu anu biasana aya jeung tumuwuh di wewengkon pagunungan, saperti honjé jeung daun kadongdong. Ieu kadaharan geus aya ti taun 1970-an, ngan mahabu jeung dipikawanoh ku masarakat mah sanggeus Pangandaran remi jadi kabupatén pamekaran ti Ciamis dina taun 2012. Salah sahiji promosi wisata kulinér anu panggedéna nyaéta dina festival kulinér anu dialpukahan ku Program Studi di Luar Kampus Utama (PSDKU) Universitas Padjajaran (UNPAD) Pangandaran, dina 24 November 2018 anu bisa ngahasilkeun 2018 porsi pindang gunung. Cara anu dilakukeun téh geus diasupkeun jadi rékor Museum Rekor Indonesia (MURI).[79] Ieu kadaharan téh sabenerna mah sop lauk, ngan anu jadi ciri hasna nyaéta kuahna anu warna konéng jeung rasana beunghar ku bungbu-bungbu tradisional. Ieu kadaharan téh sabenerna resép basajan ti para pamayang anu hayang basajan ngolah lauk anu unggal poé aya di dapurna. Lauk anu digunakeun bahan bakuna bébas, bisa lauk balong (guramé jeung kancra) atawa lauk laut. Tapi leuwih pédo mah lamun digunakeun lauk kakap beureum, mangmung, kerapu, karokod jeung tongkol. Bungbu anu diperelukeun keur masak pindang gunung nyaéta konéng, honjé, daun kadongdong, tarasi jeung céngék. Cara masakna, golakkeun heula cai dina panci. Lauk anu rék diasakan diberesihan heula tuluy dikeureutan luyu jeung kahayang. Réndos tarasi, konéng, uyah jeung céngék nepi ka lembut. Sanggeus cai ngagolak, asupkeun bahan anu geus diréndos tadi. Sangkan rasa bungbuna teu peuheur, saméméh diasupkeun cai dina panci kudu bener-bener ngagolak. Sanggeus kitu, asupkeun lauk. Utamakeun huluna heula sabab éta anu asakna rada lila. Geprék kembang honjé sacukupna asupkeun kana panci. Tungguan 15-20 menit. Pamungkas asupkeun daun kadongdong. Sanggeus cai ngagolak jeung lauk asak karasa hipu angkat pindahkeun kana piring saji.[80]

Liwet jolem ti Cijulang.

Liwet jolem[édit | édit sumber]

Liwet jolem asalna ti Kacamatan Cijulang, Kabupatén Pangandaran. Anu jadi ciri has tina ieu liwet ti batan jeung sangu liwet anu séjén nyaéta dipakéna oér atawa jantung cau kepok jeung cau siem keur bahan panambahna. Lian ti éta, lauk anu digunakeunana jaér guramé jeung kancra, lain peda jeung teri cara sangu liwet biasa. [81] Bungbu anu digunakeun dina sangu liwet jolem nyaéta séréh, tomat,céngék jeung bungbu konéng anu geus diréndos. [82] Keur nambahan rasa, ieu sangu liwet leuwih ngeunah lamun didahar bareng jeung pencok kacang Ieu kadaharan biasana loba di rumah makan sabudeureun wisata basisir batu karas jeung green canyon.[81]

Puseur Balanja[édit | édit sumber]

  • Atlantik. Ieu tempat ayana di Jalan Raya Banjar-Pangandaran Nomer 16, Putrapinggan, Kacamatan Kalipucang, Kabupatén Pangandaran. Ieu toko kawilang kumplit jeung buka unggal poé senén nepi ka poé jumaah jam 07.00-22.00 WIB jeung poé minggu mah 24 jam.
  • Oléh-oléh Basisir Pangandaran téh ayana di Jalan Bulak Laut, Pananjung, Kacamatan Pangandaran, Kabupatén Pangandaran. Bukana unggal poé ti jam 07.00-22.00 WIB.
  • Owen Résto aya di Jalan Raya Babakan, Kacamatan Pangandaran, Kabupatén Pangandaran. Buka unggal poé ti jam 08.00 nepi ka 21.00 WIB.
  • Puseur oléh-oléh Pangandaran Ibu Ros anu aya di Kidang Pananjung No.133, Kacamatan Pangandaran, Kabupatén Pangandaran.[83]
Jagong hasil tani panglobana salian ti paré di Pangandaran.

Tatanén[édit | édit sumber]

Dina taun 2020, produksi tatanén sayuran taunan panglobana nyaéta bonténg 4.768 kintal. Ari produksi bungbuahan didominasi ku cau 118.532 kintal. pikeun tutuwuhan biopharma atawa anu miboga khasiat keur ubar, produksi pangbadagna nyaéta kapulaga 4.486.649 kilogram jeung jahé anu lobana 90.704 kilogram. Keur kadaharan poko salian ti paré mah produksi panglobana nyaéta jagong nepi ka 11.857,11 Ton. Ieu di handap jumlah lahan sawah anu dikokolakeun ku masarakat di Pangandaran. Legana lahan sawah anu diolah di Kacamatan Cimerak aya 1427 héktar (9%), Kacamatan Sidamulih aya 1025 héktar (6%), Kacamatan Kalipucang aya 918 héktar (5%), Kacamatan Padahérang aya 3670 héktare (22%), Kacamatan Pangandaran aya 1095 héktar (5%), Kacamatan Mangunjaya aya 1761 héktar (11%), Kacamatan Parigi aya 2095 héktar (13%), Kacamatan Langkaplancar aya 2269 héktar (14%), Kacamatan Cijulang aya 1404 héktar (8%), Kacamatan Cigugur aya 899 héktar (5%). [16]

Daging sapi hasil ternak panggedéna di Pangandaran.

Ternak[édit | édit sumber]

Ingon-ingon anu loba dikukut di Kabupatén Pangandaran téh aya anu awakna gedé, leutik jeung jangjangan. Dina taun 2020, jumlah sapi potong 18.137, kuda 138, 318 munding, embé 12.299 jeung 26.317 domba. Unggas anu dipiara téh nyaéta hayam endog, broiler campur, hayam ras, jeung éntog. Jumlah hayam endog aya 320.252, campuran broiler 297.072, hayam ras 338.177 jeung éntog aya 28.575. Ari produksi daging ingon-ingon pangbadagna nyaéta sapi anu lobana 662.696 kilogram. Produksi panggedéna daging sato anu jangjangan nyaéta hayam ras anu lobana 3.875.714 kilogram.[16]

Transportasi[édit | édit sumber]

Jalur karéta api ka Pangandaran ukur bisa diaksés nepi Stasion Banjar.

Di Kabupatén Pangandaran panjang jalanna dina taun 2020 nyaéta 504,31 kilométer. Tina sakabéh panjangna jalan 78,77% dina kaayaan alus, 6,32% dina kaayaan sedeng, 3,87% dina kaayaan ruksak jeung11,04% dina kaayaan ruksak beurat.[16]

Plang Karéta Api Pangandaran-Bandung.
Karéta Api Pangandaran.

Transportasi darat[édit | édit sumber]

Terminal téh di Kabupatén Pangandaran téh aya di Désa Pananjung, Kacamatan Pangandaran. Dina sapoé mobilisasi kandaraan di terminal téh nepi ka 60 unit angkutan. Angkutan pedésaan 20 angkutan, bus antar kota dalam provinsi (AKDP) aya 26 angkutan jeung bus antar kota antar provinsi (AKAP) aya 16 angkutan. Terminal Pangandaran kaasup kana tipe C anu bakal ditaékkeun statusna ku Pamaréntah Provinsi Jawa Kulon kana tipe B sanggeus diréhab deui.[84] Salian ti terminal aya ogé aksés ngagunakeun karéta api ti Stasion Banjar. Ngan ayeuna mah masih non-aktif kénéh. Baheula mah aya cabang jalur ti Stasion Banjar ka Pangandaran tuluy ka Cijulang, ngan kiwari keur ngalaman prosés réaktivasi ku pamaréntah.[85]

Transportasi Udara[édit | édit sumber]

Di Pangandaran aya bandara nyaéta Nusawiru di Kacamatan Cijulang. Ieu bandara nyadiakeun jasa transportasi udara ti Pangandaran ka Bandung jeung Pangandaran ka Jakarta.[11]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b "Selayang Pandang Kabupaten Pangandaran". portal.pangandarankab.go.id. Diakses tanggal 2023-02-10.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  2. Firdaus, Enang Muhammad. 2013. Pembentukan Daerah Otonomi Baru Kabupaten Pangandaran Provinsi Jawa Barat. Yogyakarta: UIN Sunan Kalijaga (no publish)
  3. "Selayang Pandang Kabupaten Pangandaran". portal.pangandarankab.go.id. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  4. a b c Fadilah, Aldi Nur. "Menelisik Makna Logo Kabupaten Pangandaran: Tentram di Antara Laut-Gunung". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-15.  Archived 2023-02-15 di Wayback Machine
  5. Suhendra, Endan. "Makna Lambang Daerah Kabupaten Pangandaran". galajabar.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-02-17 di Wayback Machine
  6. a b Fadilah, Aldi N. "Arti dan Makna Logo Kabupaten Pangandaran, Nyiur Bentangan Alam dalam Wujudkan Kesejahteraan - Daily Pangandaran - Halaman 2". Arti dan Makna Logo Kabupaten Pangandaran, Nyiur Bentangan Alam dalam Wujudkan Kesejahteraan - Daily Pangandaran - Halaman 2 (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-02-17 di Wayback Machine
  7. Diva Kautsar, Nurul. "Ikan Blue Marlin Jadi Ikon Kabupaten Pangandaran, Begini Asal Usulnya". merdeka.com. Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-02-17 di Wayback Machine
  8. a b Maarif (MG-340), Syamsul. "Tugu Ikan Marlin di Pangandaran Antara Filosofi dan Simbol Penyambutan Wisatawan - TIMES Indonesia". timesindonesia.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-02-17 di Wayback Machine
  9. Fadillah, Aldi Nur. "Ini Makna Tugu Marlin yang Menjadi Ikon Khas Kabupaten Pangandaran". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-02-17 di Wayback Machine
  10. "Sistem Informasi Masjid". simas.kemenag.go.id. Diakses tanggal 2023-02-17. [tumbu nonaktif]
  11. a b c Nugraha, Burhan Aris (2021-09-06). "Begini Wujud Bandara Nusawiru Penunjang Pariwisata dan Perekonomian di Ciamis Jawa Barat" (dalam bahasa id-ID). Solopos.com. https://m.solopos.com/begini-wujud-bandara-nusawiru-penunjang-pariwisata-dan-perekonomian-di-ciamis-jawa-barat-1152065/amp. Diakses pada 2023-02-18  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  12. a b Geken, Fransisco Rosarians Enga. "Singapore Airshow, ST Electronics Justru Jual Pagar". Tempo. Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  13. "Sejarah Singkat Berdirinya Kabupaten Pangandaran". Seputar Pangandaran (dalam id-id). Diakses tanggal 2022-02-11.  Archived 2022-02-11 di Wayback Machine
  14. a b Maarif, Syamsul. "Pangandaran dahulu merupakan pusat kerajaan?" (dalam bahasa id-ID). daerah.sindonews.com. https://daerah.sindonews.com/berita/847231/21/pangandaran-dahulu-merupakan-pusat-kerajaan. Diakses pada 2023-02-14  Archived 2022-02-11 di Wayback Machine
  15. Mukhaer, Afkar Aristoteles. "Cagar Alam Pananjung Pangandaran: Konservasi dan Situs Sejarah - Semua Halaman - National Geographic" (dalam Indonesian). nationalgeographic.grid.id. Diakses tanggal 2023-02-14.  Archived 2022-02-11 di Wayback Machine
  16. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w Hendri, Nevi. "Kabupaten Pangandaran Dalam Angka" (PDF). https://www.apindojabar.or.id/. CV. Rikma Karya. Diakses tanggal 2023-02-10.  Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  17. "UNDANG-UNDANG REPUBLIK INDONESIA NOMOR 21 TAHUN 2012 TENTANG PEMBENTUKAN KABUPATEN PANGANDARAN DI PROVINSI JAWA BARAT" (PDF). Diakses tanggal 2023-02-10.  Archived 2017-06-28 di Wayback Machine
  18. Kementerian Dalam Negeri Indonesia (2018-12-29). Permendagri No. 137 Tahun 2017. 
  19. Sumaryadi, Adi. "Pangandaran Akhirnya Resmi Jadi Kabupaten, Endjang Affandi Jadi Pj Bupati". news.mypangandaran.com. Diakses tanggal 2023-02-22.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  20. Madlani. "Gantikan Endjang, Daud Achmad Dilantik Jadi Penjabat Bupati Pangandaran". Harapan Rakyat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-22.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  21. "GUBERNUR JAWA BARAT LANTIK BUPATI DAN WAKIL BUPATI PANGANDARAN". humas.pangandarankab.go.id. Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  22. Nurroni, Andi. "PDIP Kuasai 15 dari 40 Kursi DPRD Pangandaran, Ini Daftarnya". detiknews (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  23. Fadilah, Aldi N. "Daftar Alamat Puskesmas di Kabupaten Pangandaran, Lengkap dengan Nama Akses Jalan - Daily Pangandaran". Daftar Alamat Puskesmas di Kabupaten Pangandaran, Lengkap dengan Nama Akses Jalan - Daily Pangandaran (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-22.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  24. a b "RS Online". sirs.kemkes.go.id. Diakses tanggal 2023-02-22. 
  25. a b "Daftar Lengkap SMP di Kab. Pangandaran Beserta Alamatnya". DATA PENDIDIKAN. Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  26. Haq, Khitob Nur. "Keren! 10 SMK Unggulan di Kabupaten Pangandaran ini Dapat Rating Google Terbaik, Berapa Akreditasi Sekolahmu? - Halaman 3". cilacap.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  27. a b Lestari, Ayu Ika. "5 Universitas di Pangandaran Jawa Barat, Ada Perkuliahan ala Militer". iNews.ID (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  28. Zulfikar, Fahri. "Mau Kuliah di Unpad? Ini Daftar Prodi di Kampus Pangandaran dan Keunggulannya". detikedu (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  29. a b "PKPP – Politeknik Kelautan dan Perikanan Pangandaran" (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  30. "SEJARAH". STITNU AL-FARABI PANGANDARAN (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  31. Madlani. "Ini Daftar Program Studi Kampus 2 Unigal Pangandaran". Harapan Rakyat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  32. a b c d e f Fadillah, Aldi Nur. "Liburan ke Pangandaran, Jangan Lupa Jajal 14 Objek Wisata Ini". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-02-17 di Wayback Machine
  33. Madlani. "Pasar Sawah Mega Terasering, Wisata Berbasis Budaya di Pangandaran". Harapan Rakyat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-02-17 di Wayback Machine
  34. Tuswanto. "Hoby Naik Kayak Atau Kano, Batu Lumpang Garden Pangandaran Bisa Jadi Pilihan Untuk Body Rafting - Sumsel 24". www.sumsel24.com. Diakses tanggal 2023-02-18.  Archived 2023-02-18 di Wayback Machine
  35. Samudra, Gema Bayu. "Serunya Susur Sungai Dan Gua Di Batu Lumpang Pangandaran". https://www.validnews.id/. Diakses tanggal 2023-02-18. 
  36. Sukmah, Fenti. "Green Santirah, Wonderfull River Tubing di Pangandaran - NativeIndonesia.com". www.nativeindonesia.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-19.  Archived 2023-02-19 di Wayback Machine
  37. Fadillah, Aldi Nur. "Rute, Lokasi dan Harga Tiket Green Canyon Pangandaran". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-19.  Archived 2023-02-19 di Wayback Machine
  38. Ambarsari, Novi. "Pantai Madasari Pangandaran: Lokasi, Foto, Penginapan" (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-19.  Archived 2023-02-19 di Wayback Machine
  39. Haris. "Pantai Batu Hiu". Tribunnewswiki.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-19.  Archived 2023-02-19 di Wayback Machine
  40. Humaira, Megan Asri (2015-10-10). "LEGENDA BATU HIU: ANALISIS STRUKTUR, KONTEKS PENUTUR, FUNGSI, DAN MAKNA" (dalam bahasa en). DIDAKTIKA TAUHIDI: Jurnal Pendidikan Guru Sekolah Dasar 2 (2): 108–120. doi:10.30997/dt.v2i2.308. ISSN 2550-0252. https://ojs.unida.ac.id/index.php/jtdik/article/download/308/188.  Archived 2018-04-14 di Wayback Machine
  41. a b Saepudin, Ana. "Destinasi Wisata Pantai Karapyak". tourism.pangandarankab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-19.  Archived 2023-02-19 di Wayback Machine
  42. Rachman, Entang Saeful. "Ternyata, Begini Cerita Dibalik Nama Pantai Karapyak Pangandaran". Harapan Rakyat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-19.  Archived 2023-02-19 di Wayback Machine
  43. Padni. "Wisata Pantai Pangandaran Terbaru, Karapyak Glamping Lodges Jadi Destinasi dengan View yang Lengkap". Tribunjabar.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-19.  Archived 2023-02-19 di Wayback Machine
  44. Fadilah, Aldi Nur. "Sejarah dan Potensi Pantai Batukaras, Spot Wisata Favorit Pangandaran". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-19.  Archived 2023-02-19 di Wayback Machine
  45. Lisaholith, Lu'un Aulia. "Serunya Berlibur di Pantai Karang Nini di Pangandaran, Bisa Jadi Spot Foto dan Tempat Berkemah". tribunpriangan.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-19.  Archived 2023-02-19 di Wayback Machine
  46. Nugraha, Galih Cipta. "Sejarah Asal Usul Pantai Karang Nini Pangandaran, Ada Kisah Cinta Sehidup Semati Dua Insan Manusia". priangantimurnews.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-19.  Archived 2023-02-19 di Wayback Machine
  47. "Cagar Alam Pananjung". disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2023-02-22.  Archived 2020-05-31 di Wayback Machine
  48. a b "Cagar Alam Laut Pananjung Pangandaran" (PDF). bbksdajabar.ksdae.menlhk.go.id.  Archived 2023-02-01 di Wayback Machine
  49. a b Khatulistiwa. "Green Canyon Pangandaran". Green Canyon Pangandaran. Diakses tanggal 2023-02-22.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  50. Tuswanto. "Ada Apa Saja Objek Wisata di Taman Wisata Cagar Alam Pangandaran - Sumsel 24". Ada Apa Saja Objek Wisata di Taman Wisata Cagar Alam Pangandaran - Sumsel 24 (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-22.  Archived 2023-02-22 di Wayback Machine
  51. Adji P, Bayu. "Piamari Ditarget Jadi Daya Tarik Baru Wisatawan ke Pangandaran". Republika Online (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  52. Anisa, Iis. "Aquarium Raksasa Piamari Buka! Pangandaran Selalu Bikin Candu - Urban Jabar". Aquarium Raksasa Piamari Buka! Pangandaran Selalu Bikin Candu - Urban Jabar (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  53. a b Kuswandi, Rio. "4 Jenis Kesenian Tradisional Pangandaran yang Tetap Dilestarikan Hingga Kini". https://www.faktaindonesianews.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  54. a b S, Euis Thresnawaty (2016-06-02). "RASPI SANG MAESTRO RONGGENG GUNUNG" (dalam bahasa ID). Patanjala: Journal of Historical and Cultural Research 8 (2): 235–250. doi:10.30959/patanjala.v8i2.75. ISSN 2598-1242. http://ejurnalpatanjala.kemdikbud.go.id/patanjala/index.php/patanjala/article/view/75.  Archived 2022-07-26 di Wayback Machine
  55. Nopianti, Risa (Maret 2014). "Dari Ronggeng Gunung ke Ronggeng Kaler". Patanjala 6 (1): 81-92. https://www.researchgate.net/publication/323791096_DARI_RONGGENG_GUNUNG_KE_RONGGENG_KALER_PERUBAHAN_NILAI_DAN_FUNGSI.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  56. Ratih, Dewi; Sondarika, Wulan (2017-09-05). "ANALISIS POTENSI DESA DITINJAU DARI SOSIAL BUDAYA KESENIAN TRADISIONAL RONGGENG GUNUNG DALAM MENINGKATKAN PENDAPATAN MASYARAKAT PRASEJAHTERA (Studi kasus di desa Ciulu Kec. Banjarsari Kab. Ciamis Jawa Barat)" (dalam bahasa id). Jurnal Artefak 4 (2): 161–166. doi:10.25157/ja.v4i2.909. ISSN 2580-0027. https://jurnal.unigal.ac.id/index.php/artefak/article/view/909.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  57. Maarif, Syamsul. "Ronggeng Gunung Miliki Sejarah dan Perkembangan di Pangandaran". SINDOnews.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  58. Teguh, Irfan. "Raspi, Ronggeng Gunung yang Lahir dari Penderitaan". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  59. a b c Pendidikan dan Kebudayaan, Departemen (1986). Ensiklopedi Tari Indonesia Seri P-T (dalam Indonesian). Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. p. 41. 
  60. Nopianti, Risa (Maret 2014). "Dari Ronggeng Gunung ke Ronggeng Kaler". Patanjala 6 (1): 81-92. https://www.researchgate.net/publication/323791096_DARI_RONGGENG_GUNUNG_KE_RONGGENG_KALER_PERUBAHAN_NILAI_DAN_FUNGSI.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  61. a b Kusumah, S. Dloyana (1982). RONGGENG GUNUNGSEBUAH KESENIAN RAKYAT DIKABUPATEN CIAMIS, JAWA BARAT (PDF). Jakarta: DEPARTEMEN PENDIDIKAN DAN KEBUDAY AAN. p. 26.  Archived 2023-04-06 di Wayback Machine
  62. Andi Nurroni. "Ficer: Seni Badud Menolak Punah". Swarapangandaran.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2019-04-24 di Wayback Machine
  63. https://warisanbudaya.kemdikbud.go.id/dashboard/media/Buku%20Penetapan%20WBTb%202018.pdf Archived 2023-04-06 di Wayback Machine
  64. irvansetiawan. "Badud Margacinta". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-23.  Archived 2023-02-23 di Wayback Machine
  65. Direktorat Warisan dan Diplomasi Budaya (2018). Penetapan Warisan Budaya Takbenda Archived 2023-04-06 di Wayback Machine . Hal. 133
  66. Permana,Ruwendi. Kesenian Tardisional Badud Di Kecamatan Cijulang Kabupaten Ciamis Archived 2019-04-26 di Wayback Machine. Universitas Pendidikan Indonesia.
  67. a b Sofyan, Agus Nero; Sofianto, Kunto; Sutirman, Maman; Suganda, Dadang (2021-07-06). "REGENERASI KEARIFAN LOKAL KESENIAN LEBON SEBAGAI BUDAYA LELUHUR PANGANDARAN, JAWA BARAT" (dalam bahasa id). Sosiohumaniora 23 (2): 158–166. doi:10.24198/sosiohumaniora.v23i2.24855. ISSN 2443-2660. https://jurnal.unpad.ac.id/sosiohumaniora/article/view/24855.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  68. a b Admin_BPK_Wil_IX. "Seni Lebon Kabupaten Pangandaran". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-24.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  69. Fadilah, Aldi Nur. "Mengenal Tradisi Nampaling, Menangkap Belalang Jelang Panen di Pangandaran". detikTravel (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-24.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  70. Maarif, Syamsul. "Tradisi Kaliwonan yang Masih Dipertahankan Masyarakat Pangandaran : Okezone Travel". https://travel.okezone.com/ (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  71. Ramdiansyah, Irfan. "Warga Pesisir Pantai Selatan Pangandaran Gelar Hajat Laut dengan Prokes Ketat". iNews.ID (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  72. Fadillah, Aldi Nur. "Filosofi Ritual Hajat Laut Pangandaran, Wujud Syukur dari Laut Selatan". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  73. a b c Syarifuddin, Didin; Nurlatipah, Lisna (April 2015). [https://ejournal.upi.edu/index.php/jurel/article/viewFile/1050/702 "DAYA TARIK WISATA UPACARA TRADISIONAL HAJAT LAUT SEBAGAI NILAI BUDAYA MASYARAKAT BATU KARAS"]. Jurnal Manajemen Resort & Leisure 12: 105. https://ejournal.upi.edu/index.php/jurel/article/viewFile/1050/702. Diakses pada 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  74. a b SE, Ketih. "Ikan Asin Jambal Roti Pangandaran Dari Ikan Apa? Dan Kenapa Disebut Jambal Roti ? - Sumsel 24 - Halaman 2". Ikan Asin Jambal Roti Pangandaran Dari Ikan Apa? Dan Kenapa Disebut Jambal Roti ? - Sumsel 24 - Halaman 2 (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  75. a b Padna. "Kalau Main ke Pantai Pangandaran, Jangan Lupa Oleh-olehnya, Ikan Asin Jambal Roti, Maknyus". Tribunjabar.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  76. AS, Anton. "OPAK CIKALONG MASIH TETAP JADI OLEH-OLEH KHAS PANGANDARAN". Diakses tanggal 2023-02-24.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  77. Enceng. "Sejarah Jus Honje Jadi Minuman Khas Pangandaran". Harapan Rakyat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-24.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  78. Sumarwoto. "myPangandaran - Informasi Pangandaran Terlengkap". www.mypangandaran.com. Diakses tanggal 2023-02-24.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  79. Setiawan, Irvan. "Pindang Gunung". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-24.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  80. Somantri, Ria Andayani. "Pindang Gunung di Kabupaten Pangandaran". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-24.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  81. a b SISWANDINI, NOVIANTI. "GenPI.co". GenPI.co (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-24.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  82. Fadilah, Aldi Nur. "Juara Sedapnya! Nasi Liwet Jolem Khas Pangandaran Topping Ikan Mas". detikfood (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-24.  Archived 2023-02-24 di Wayback Machine
  83. Diah. "5 Pusat Oleh-Oleh Pangandaran untuk Keluarga Tercinta". kumparan (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  84. Hilmansyah (MG-312), Hilman. "Rencana Pembangunan Terminal Pangandaran dalam Tahap Kajian - TIMES Indonesia". timesindonesia.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28. 
  85. Novriansyah, Dudy. "Wow.. Reaktivasi Rel KA Banjar-Pangandaran Bakal Habiskan Rp1 Triliun". arahkata.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2022-02-11 di Wayback Machine