Lompat ke isi

Nyamplung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Nyamplung
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
C. inophyllum
Ngaran binomial
Calophyllum inophyllum

Nyampling; Calophyllum inophyllum nyaéta tutuwuhan anu asalna ti kulawarga calophyllaceae.[2] Mikaresep hirup dina taneuh anu loba keusik, saperti basisir laut anu loba keusik jeung batu karangan.[3]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Ditempo tina guna jeung mangpaatna, tangkal nyamplung hirup nyebar di sakuliah nagara urang sarta henteu kudu hésé miara. Nyamplunh buahan sapanjang taun henteu usum-usuman, tempona ngarekahkeun ogé henteu hésé, hartina nyamplung mibanda sipat "survival" anu alus kana lingkungan.[4]

Méh sakabéh bagéan tina tangkal nyamplung bisa dimangpaatkeun kalayan mibanda niléy ékonomi anu henteu saeutik, tangkal nyamplung bisa dimangpaatekun pikeun ngahalangan/ngurangan ngagelebugna angin (wind breaker).[5] Sipatna anu gancang hirup sarta henteu ogoan tangkal nyamplung sok ngahaja dipelak dimangpaatkeun pikeun konservasi basisir.[5] Kulit tangkalna bisa dimangpaatkeun pikeun ubar, kaina anu teuas ogé dimangpaatkeun pikeun nyieun parahu katut tihang-tihang di kapal.[6] Tangkal nyamplung ngahasilkeun buah anu bisa dimangpaatkeun pikeun nyieun biofuel ogé sikina mibanda rendemen 74% jadi henteu pati loba kapiceun, kitu deui dina prak a dimangpaatkeun siki nyamplung henteu ieuh ngaganggu kana kabutuhan pangan sapopoé.[7]


Tempat hirup[édit | édit sumber]

Nyamplung bisa dipelak sajinis dina satempat (monokultur) atawa dipelak bareng jeung pepelakan séjén (mixed-forest), nyamplung baris hirup subur di daérah anu iklimna garing. Tangkal nyamplung salahsahiji tina marga Calophyllum kalayan hirup sumebar di loba tempat, saperti: Madagaskar, Afrika Wétan , Asia Kidul jeung Tenggara, Kepuloan Pasifik, Hindia Kulon , sarta Amerika kidul. Di Indonésia, tangkal nyamplung kapanggih hirup di Sumatra Kulon , Riau, Jambi, Sumatra Kidul, Lampung, Jawa, Kalimantan Kulon , Kalimantan Tengah, Sulawesi, Maluku, nepika Nusa Tenggara Timur katut Papua.[8]

Ékonomi[édit | édit sumber]

Dimangpaatekunna buah nyamplung pikeun biofuel dina waktu lila bisa nurunkeun karuksakan leuweung jeung lingkungan, tangtuna siki nyamplung leuwih gedé niléy mangpaat tibatan kaina anu dijieun suluh.[8] Beubeunangan tina buah nyamplung leuwih onjoy batan nu séjén, tangkal jarak : 5 ton/ha, kalapa sawit 6 ton/ha, sedengkeun nyamplung 20 ton/ha.[8]

Dina prak na ngolah siki nyamplung, sarua waé jeung ngolah minyak sawit, kelapa, ogé jarak. [8]Pédah ari siki nyamplung mibanda hiji zat ekstraktif kawilang loba, ngabalukarkeun waktu anu dibutuhkeun dina nyeupan lebih lila kitu deui mangsa misahkeun leugeut/geutah (degumming) lumangsung leuwih lila.[8]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1.  Calophyllum inophyllum was first described and published in Species Plantarum 1:513. 1753. GRIN (March 8, 2012). "Calophyllum inophyllum information from NPGS/GRIN". Taxonomy for Plants. National Germplasm Resources Laboratory, Beltsville, Maryland: USDA, ARS, National Genetic Resources Program. Diakses tanggal April 26, 2012. --- 
  2. Mabberley, D.J. (1997). The plant book: A portable dictionary of the vascular plants. Cambridge: Cambridge University Press. 
  3. Blust, Robert; Trussel, Stephen (2013). "The Austronesian Comparative Dictionary: A Work in Progress". Oceanic Linguistics 52 (2): 493–523. doi:10.1353/ol.2013.0016. https://www.researchgate.net/publication/265931196. 
  4. Orwa, C.; Mutua, A.; Kindt, R.; Anthony, S. (2009). "Calophyllum inophyllum". Agroforestree Database:a tree reference and selection guide version 4.0 (PDF). World Agroforestry. 
  5. a b Damon, Frederick H. (2016). "A Story of Calophyllum: From Ecological to Social Facts". Trees, Knots, and Outriggers: Environmental Knowledge in the Northeast Kula Ring. Berghahn Books. pp. 180–246. ISBN 9781785332333. 
  6. "Arti kata nyamplung". Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa, Kemendikbud. KBBI Daring. Diakses tanggal 4 Agustus 2020. 
  7. Dweck, A.C.; Meadows, T. (2002). "Tamanu (Calophyllum inophyllum) – the African, Asian, Polynesian and Pacific Panacea". International Journal of Cosmetic Science 24 (6): 341–348. doi:10.1046/j.1467-2494.2002.00160.x. PMID 18494888. Diarsipkan on 2019-01-19. Kesalahan: If you specify |archivedate=, you must also specify |archiveurl=. https://pinkhorizons.com/content/Tamanu.2.pdf. Diakses pada 2019-01-18.  Archived 2019-01-19 di Wayback Machine
  8. a b c d e Halpern, Georges M.; Weverka, Peter (2002). The Healing Trail: Essential Oils of Madagascar. Basic Health Publications, Inc. pp. 43–50. ISBN 9781591200161. 

Tempo ogé[édit | édit sumber]