Pancasila

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Pancasila nyaéta lima perkara nu jadi dasar pamaréntah Républik Indonésia. Kecap Pancasila asalna tina basa sansekerta India (kasta brahmana). Tapi numutkeun Muh.Yamin, dina basa sansekerta , miboga dua harti leksikal nyaéta panca nu hartina lima jeung syila vokal pondok I nu hartina batu sendi, alas, atawa dadasar. Syiila vokal i panjang anu hartina aturan tingkah polah anu hadé jeung penting.[1]

Kekecapan éta dina basa Indonésia dihartikeun susila anu miboga hubungan jeung moralitas. Ku sabab kitu, sacara etimologi kecap pancasila anu dimaksud nyaéta istilah pancasyila anu vocal I na miboga makna batu anu miboga lima sendi atawa sacara harfiah nyaéta dadasar anu miboga lima unsur. Anapon istilah pancasyiila anu maké huruf Dewanagri I miboga makna lima aturan tingkah polah anu penting.

Kecap pancasila mimitina aya dina pabukon Budha India anu sumberna tina kitab Tri pitaka jeung Vinaya pitaka anu sakabéhna mangrupa ajaran moral pikeun ngahontal surga.Ajaran pancasila numutkeun Budha nyaéta mangrupa lima aturan atawa five moral principles.

Ajén-inajén pancasila sacara intrinsik anu sifatna filosofis jeung dina kahirupan masarakat Indonésia pancasila mangrupa falsafah hirup urang Indonésia. Ajén jeung fungsi falsafah pancasila geus aya saméméh Indonésia merdika. Hal ieu dibuktikeun ku sajarah majapahit 1293. Harita hindu jeung budha hirup babarengan sacara damai dina wengkuan hiji karajaan. Empu prapanca nulis kitab negara kertagama [1365] dina éta kitab kapanggih aya istilah pancasila.

Sila-sila Pancasila[édit | édit sumber]

1. Ketuhanan Yang Maha Esa.
2. Kemanusiaan yang adil dan beradab.
3. Persatuan Indonésia.
4. Kerakyatan yang dipimpin oleh Hikmat kebijaksanaan dalam permusyawaratan perwakilan.
5. Kéadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonésia.

Globalisasi[édit | édit sumber]

Dina mangsa modéren kawas kiwari utamana dina beuki ngaronjatna téhnologi dina sagala widang, salahsahiji anu pang onjoyna téhnologi perhubungan jeung télékomunikasi. Tangtuna baris méré pangaruh kuat dina sagala widang kahirupan, naha dina widang spiritual anapon dina widang material. Ayana palsapah pancasila ieu mangrupa hiji bénténg dina ngajaga sagala rupa pangaruh goréng anu datangna tiluar, geusan nanjeurkeun nagara anu adil jeung makmur. Pancasila ogé mangrupa hiji dadasar kuat pikeun ngabendung sagala rupa pangaruh global, sangkan tumuwuh hiji bangsa anu mandiri, makmur dina widang spiritual kitu deui dina widang material.[2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. Putra, Zulfikar (2021). Buku Ajar Pendidikan Pancasila dan Kewarganegaraan. Malang: Penerbit Ahlimedia. p. 16. ISBN 978-623-6089-22-4. 
  2. Suparman (2012). Pancasila. Jakarta: Balai Pustaka. p. 5. ISBN 979-690-989-8. 

Tingali ogé[édit | édit sumber]