Lompat ke isi

Liwet

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sangu Liwet
Sangu liwet Sunda anu disajikeun dina kastrol.
Sangu liwet Sunda nu komplit jeung deungeun sanguna.
Tipe Olahan sangu / Hidangan utama
Asal Sunda (Jawa Kulon)
Alat masak Kastrol
Bahan utama Béas, uyah, salam, séréh
Palengkep (Deungeun) lauk Peda, teri, jéngkol, sambel, lalab
Karakteristik Rasana gurih kusabab beasna dikulub sareng bumbu
Variasi Liwet Sunda, Liwet Solo (béda pisan)

Liwet téh téhnik ngolahkeun béas jadi sangu ku cara diasakan henteu dikarih heula. Biasana mah ngasakan ku cara diliwet téh kudu disamaraan lengkep saméméh ditagenkeun kana luhur seuneu téh. Samarana téh di antarana bawang bodas, bawang beureum, cabé, céngék, salam, séréh, uyah jeung pécin. Aya ogé anu ukur disamaraan uyah, salam jeung séréh ungkul. Kagiatan nyieun liwet jeung ngadahar liwet kieu téh sok disebut ngaliwet. Lamun geus asak, sanguna téh sok disebut sangu liwet.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Baheula sangu liwet téh olahan masarakat anu digarawé di perkebunan, sangkan bekelna tetep haneut nepi ka beurang. Sangu na sok di bekel dina panci/kastrol, ari cara ngolahna sangu téh ku diliwet heula. [2]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Susanto, Banu (2021). Masakan Rumahan Lezat dan NikmatSusanto. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. hlm. 28. ISBN 9786020654195. Disungsi12 Peb 2022
  2. Nuraidah, Siti (2021). TATA BOGA Aneka Resep Masakan Tradisional Khas JawaNuraidah. Jakarta: Penerbit KBM Indonesia. hlm. 42. ISBN 9786236965191. Archived 2022-02-12 di Wayback Machine Disungsi12 Peb 2022