Séréh
| Séréh | ||||||||||||
|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Séréh | ||||||||||||
| Klasifikasi ilmiah | ||||||||||||
| ||||||||||||
| Spésiés | ||||||||||||
|
tempo téks |
Séréh (Cybopogon cytratus) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Poacéae. Ieu mangrupa sabangsaning tutuwuhan jujukutan nu daunna panjang siga eurih.[1] bédana, rumpun séréh leuwih gedé jeung sok tumuwuh ngagorombol.[1] Daun séréh miboga wangun ipis, lempeng, tulang daun sajajar, tungtung daun nyungcung jeung sisina keusrak.[1] Sok kapanggih bagian luar jerona warna beureum.[1] Sistim akarna kuat pisan jeung jero.[1] Séréh resep kana tempat nu jemlék jeung deukeut kana cai, taneuh nu gembur/ngeprul, antukna teu héran mun tutuwuhan séréh loba tumuwuh di aréa pasawahan, irigasi, wahangan, jeung sajabana.[2] pikeun ngalobakeun ieu tutuwuhan bisa dilakonan ku cara neukteuk rimpangna/anakna atawa ku cara misahkeun dapuranna tuluy dipelak.[2] séréh miboga loba ngaran di daérah-daérah, saperti sere (Jawa); sarai, sorai, sange-sange (Sumatera); Tonti, sare (Sulawesi); hisa, isa (Maluku).[2]
Sifat Kimiawi
[édit | édit sumber]Séréh ngandung minyak atsiri kalawan ngandung citral, geraniol, citronrllal, methylheptenone, eugenol methyleter, dipenten, eugenol kaninen, kadinol jeung limonene, Salian éta, sérh ngandung alkaloid, flavonoid, jeung polifenol.[2]
Mangfaat
[édit | édit sumber]Séréh dipaké minangka bungbu dapur pikeun nyeungitkeun kadaharan; minyak séréh mangrupa minyak atsiri meunang nyuling tina pepelakan ieu.
Salah sahiji kagunaan lianna tina séréh nyaéta bauna nu bisa dipaké keur ngusir reungit, boh pepelakannana, atawa ogé minyakna.
Ciri manditi
[édit | édit sumber]Séréh tumuwuh mangrupa rungkun anu miboga akar serabut sarta tangkal anu mangrupa kumpulan pelepah daun (batang semu).
Kagunaan salaku Ubar
[édit | édit sumber]Dina buku Tumbuhan Obat Sunda, séréh miboga mangpaat pikeun: 1. Ubar Nyeuri Awak: Cai kuluban séréh tiasa dipaké pikeun mandi atanapi diinum pikeun ngaleungitkeun rasa cangkeul. 2. Ubar Batuk: Bagian akar sarta tangkalna dikulub pikeun ngubaran gangguan pernapasan. 3. Panyeri Beuteung: Ngubaran mules sarta masuk angin (karasa kembung). 4. Antisépstik: Minyak séréh sering dipaké pikeun ngusir reungit sarta ngubaran ateul-ateul dina kulit.[4][5]
Ngaran Daérah
[édit | édit sumber]- Sunda: Séréh
- Jawa: Sere
- Madura: Sere
Bacaeun salajengna
[édit | édit sumber]- Dalimartha, Setiawan. (2000). Atlas Tumbuhan Obat Indonesia Jilid 1. Jakarta: Trubus Agriwidya.
- Heyne, K. (1913). De nuttige planten van Nederlandsch-Indië. Batavia: Ruygrok & Co.
Tutumbu ka luar
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]Referensi
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 Sa'adah, Sumiati. 2004. Mengenal Tanaman yang Berkhasiat Obat. Jakarta:Ganesa Exact ISBN 9791211124 ISBN 9789791211123
- 1 2 3 4 Suryo, Joko. 2010. Herbal Sistem Pernafasan. Yogyakarta:Bentang Pustaka ISBN 9792438777 ISBN 9789792438772
- ↑ Pusat Studi Biofarmaka Tropika IPB. (2014). Database Tanaman Obat IPB Archived 2026-02-02 di Wayback Machine. Bogor: IPB University.
- ↑ Salah ngutip: Tanda
<ref>tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama "jajat" - ↑ Fakultas Farmasi UI. (2021). Cymbopogon citratus[tumbu nonaktif]. Database Tanaman Obat Magister Farmasi UI.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |