Sajarah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Sajarah asalna tina basa Arab, nyaéta syajarotun nu hartina tangkal, turunan, atawa asal-usul. Ieu kecap téh asup kana basa Malayu dina abad ka-13 Masehi. Ari asupna kana basa Sunda mah kira-kira dina abad ka-17 Masehi, patali jeung agama Islam di wilayah Sunda. Pentingna sajarah atawa turunan téh dina budaya masarakat Arab mah jéntré pisan. Hal ieu kagambar dina susunan pancakaki urang Arab nu tepi ka 20 tingkatan. Patali jeung pancakaki katut sajarah, silsilah Raja Yogya disusun dina wangun tangkal. Ari di Sumedang mah aya Kitab Pancakaki nu disusun ku Raden Arya Suryalaga. Ieu kitab téh kiwari jadi koléksi Museum Pangéran Geusan Ulun, Sumedang. Sajarah geus ilahar digunakeun salaku watesan umum pikeun béja atawa émbaran ngeunaan jaman baheula, saperti dina "sajarah géologis Bumi". Lamun dilarapkeun salaku hiji widang ulikan, sajarah hartina sajarah manusa, nyaéta ingetan atawa kajadian kahirupan sosial manusa baheula nu karékam atawa kacatet. Harti sajarah dina basa-basa Nusantara mekar jadi carita, kisah, hikayat, riwayat, babad, tambo, tutui teteek. Dina basa Sunda éta ngaran téh di antarana carita, sajarah, babad, carios, hikayat, lalakon, jeung wawacan. Pikeun éta istilah téh dina basa Arab mah disebutna qosos. Sajarawan ngagunakeun sabararaha rupa sumber, kaasup tulisan atawa rekaman citak, wawancara (sajarah oral), jeung arkéologi. Pamarekan pikeun ngulik sajarah dina unggal jaman bisa béda-béda. Kajadian-kajadian nu lumangsung méméh ayana catetan manusa disebut prasajarah.[1]

Harti[édit | édit sumber]

Harti sajarah téh aya dua rupa, nyaéta harti sacara tradisional jeung harti sacara modérn. Sacara tradisional sajarah téh dihartikeun bagian tina sastra. Ku kituna karya sastra dina wangun légenda, mitos, jeung séjénna kaasup sajarah. Contona Ilios jeung Odise di Eropa, Carita Mahabarata jeung Ramayana di India, Hikayat Hang Tuah, Babad Balambangan, jeung Carita Parahyangan. Sacara modérn, harti sajarah leupas tina widang sastra. Di dieu mah sajarah téh ngandung harti ieu di handap.

  • Peristiwa nu dialaman ku manusa dina mangsa nu geus kaliwat.
  • Lalakon ngeunaan peristiwa nu dialaman ku manusa nu kajadianana dina mangsa nu geus kaliwat.
  • Élmu ngeunaan peristiwa jeung lalakon peristiwa.

Sajarah tradisional jeung sajarah modérn kaalaman ku sakumna manusa di dunya. Di Eropa, abad ka-18 dianggap masa peralihan tina sajarah tradisional kana sajarah modérn. Sedengkeun di Indonésia awal abad ka-2O nu dianggap masa peralihan téh. Aya anggapan yén sajarah modérn di Indonesia téh asalna ti kulon, hususna Walanda. Dina basa Walanda kecap sajarah téh nya éta geschiedenis, nu asalna tina kecap gesclzieden, nu hartina teh kajadian anu dipigawé. Ari dina basa Jérman mah sejarah téh nyaéta geschiclzte, nu asalna tina kecap geschehen nu hartina kajadian. Jadi geschichte hartina nu geus kungsi kajadian. Dina basa Inggris aya istilah history, nu asalna tina basa Yunani, istoria, nu hartina élmu atawa hiji pedaran sistematis ngeunaan gejala alam. Sanggeus muncul istilah Scientia pikeun pedaran nu non-kronologis, kecap istoria husus pikeun pedaran sistematis nu kronologi ngeunaan gejala-gejala nu patali jeung kahirupan manusa. Ku kituna muncul pamadegan kritis (modérn) dina karangan sajarah nu disusun ku Pangéran Wangsakerta dina akhir abad ka-17 Masehi.[1]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Mangpaat sajarah bisa ditilik tina segi téoritis jeung segi Praktis-pragmatis.

  • Teoritis: bisa ngawewegan fakta-fakta anyar dina kahirupan manusa nu geus kalarung kalawan dibuktikeun sacara ilmiah.
  • Praktis-pragmatis: ngandelan kareueus tur kacinta, bangsa katut lemah cai, ngalegaan ambahan, sawangan, jeung wawasan dina nyanghareupan kiwari jeung jaga, miboga ajén pikeun cecekelan hirup dina jero pakumbuhan nepi ka bisa jauh tina balai, hirup-hurip atawasalamet, jeung parek rejeki.

Salian ti éta, sajarah teh miboga tilu mangpaat séjén di antarana pikeun ngawétkeun idéntitas kelompok jeung mageuhan daya tahan kelompok sangkan hirup terus lumangsung, nyokot pelajaran jeung tuladan tina rupa-rupa kajadian dina mangsa nu geus kaliwat, jeung sarana pikeun mikawanoh ngeunaan ma'na hirup jeung maot, atawa ngeunaan tempat manusa di dunya.[1]

Sumber jeung Bukti[édit | édit sumber]

Aya rupa-rupa sumber jeung bukti sajarah di tatar Sunda, boh nu lengkep kénéh boh nu henteu. Tapi duanana oge silih lengkepan. Tina rupa-rupa titinggal téh bisa diklasifikasikeun jadi lima katégori, nyaéta:

  • nya sumber nya bukti, nyaéta prasasti, naskah (upamana Sanghiyang Siksa Kandang Karesian), arsip, duit, jeung palaku sajarah;
  • sumber lain bukti, contona naskah (karya Pangéran Wangsakerta, nu ditulis salila 21 taun, 1677-1698, sanajan tepi ka kiwari masih kénéh dipadungdungkeun, tokoh nu apal kana kajadian tapi teu ngalaman, karya, jeung dongéng (aya bagian anu bisa dipaké maluruh sajarah, misalna gambaran dina carita Sangkuariang téh kahirupan dina jaman nu tangtu).
  • bukti minangka sumber, contona barang, tokoh, jeung naskah.
  • sumber asli jeung teu asli, contona prasasti, naskah, jeung arsip.
  • sumber pituin jeung kosta.[1]

Data sejarah[édit | édit sumber]

Data sajarah téh rupa-rupa, nyaéta paleolitik, alat obsidian (batu kaca), situs néolitik perundagian, punden berundak, taman purbakala/ prasasti, candi, arca ganésa, situs budaya Islam, kampung adat, gedung bersejarah, situs perundagian, jeung cagar alam. Data sajarah téh lengkep upama aya sumberna jeung buktina. Tapi hal éta téh teu salawasna kacumponan. Dina kanyataanana, bisa jadi saperti ieu di handap.

  • Sagala teu nyampak, teu nyampak di dieu maksudna can atawa teu kapanggih, teu nyésa, teu dijieun, teu kapuluk, teu katalingakeun, jeung teu kacatet.
  • Sagala teu rempeg , bisa jadi data sajarah téh aya tapi teu rempeg, ngan ukur sesemplékan, ancal-ancalan, atawa teu ngaleunjeur, nepi ka hésé disusunna.
  • Sagala teu kaharti Sanajan datana aya ogé sakapeung mah teu kaharti alatan dumukna éta sumber jeung bukti, perenahna, atawa gunana dina mangsa nu geus kaliwat téh teu jelas.[1]

Papasingan[édit | édit sumber]

Dina Wikipédia aya loba émbaran ngeunaan sajarah, sababaraha cara papasinganana bisa ditempo ieu di handap.

Klasifikasi sajarah dumasar wewengkonna

Klasifikasi sajarah dumasar waktu:

Klasifikasi akademis[édit | édit sumber]

Klasifikasi campuran[édit | édit sumber]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Ruhaliah. ([2010]). Sajarah Sunda samemeh taun 1945. [Bandung]: JPBD FPBS UPI. ISBN 978-602-8460-09-5. OCLC 708356930. 

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]