Sastra

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
sastra tulis

Kecap sastra téh asalna tina kecap Sangsakerta; sas jeung tra. Sas téh akar kecap dina rundayan nu hartina : ngarahkeun; ngajarkeun; ngawulangkeun; méré pituduh atawa paréntah.[1] Tra téh mangrupa kecap ahiran nu biasana nuduhkeun alat; pakakas; sarana. Jadi Sastra hartina pakakas pikeun miwulang; buku pituduh; buku intruksi atawa buku pangajaran.[1] Dina budaya sunda aya nu disebut susastra anu hartina tulisan anu éndah.[1] Numutkeun A.Teeuw sastra téh etimologina tina basa Yunani téa littera; nu harti saujratna nya éta tulisan, éta kecap téh tuluy dipaké ku bangsa Latin, ti dinya nyebar ka sakuliah dunya, di antarana Inggris, Prancis, jeung Belanda.[2] Harti sastra (tulisan) téh kudu dipaluruh deui dina hubunganana jeung tujuh ciri basa tinulis. [2] Memang aya poténsi satra dina tujuh ciri basa tinulis tapi ogé sastra henteu idéntik jeung basa tinulis, lantaran aya sastra anu poténsina tina basa lisan nu disebut sastra lisan téa.[2]

Fungsi Sastra[édit | sunting sumber]

Sastra dipercaya ngandung rupaning mangpaat pikeun kahirupan manusa .[2] Ajén guna sastra anu paling kakoncara nya éta :

  • Éndah hartina sarua jeung méré hiburan atawa kasugemaan
  • Manpaat hartina lain saukur heuheureuyan tapi kagiatan anu dilaksanakeun kalawan bener mibanda tujuan.[2]

Wangun Sastra Sunda[édit | sunting sumber]

Aya tilu wangun sastra dina sastra sunda nya éta prosa, puisi, jeung drama.[1]

  • Prosa nta éta karangan dina rakitan basa sapopoé; lancaran, tanpa ngolah atawa ngatur intonasi anu matok.[1]

Warna prosa aya nu heubeul, jeung aya nu anyar. Karya sastra Sunda nu heubeul dina wangun prosa nya éta dongéng. [1]

  • Puisi nya éta karangan nu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ungkara kalimahna henteu lancaran. [1]

Puisi sunda dina wangun heubeul aya nu nagjujud carita saperti : pantun jeung wawacan, sedengkeun anu teu ngawangun sastra saperti : mantra, kakawihan, sair, jeung pupuh.[1]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h (id)Retty Isnendes. Panyawangan Sastra. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI. Bandung 2009.
  2. a b c d e (id)A.Teeuw. Sastera dan Ilmu Sastera. Pt Pustaka Jaya. Jakarta 1984.


Nulis.jpg