Puisi sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search

Puisi nyaéta karangan anu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ungkara kalimahna henteu lancaran atawa cara basa sapopoé.[1] Puisi Sunda dina wangun heubeul aya : (1) Nungawujud carita, hartina teksna dina wangun puisi tapi eusina ngawujud carita, naratif, saperti pantun jeung wawacan sedengken (2) Teu ngawujudna carita nyaéta mantra ngawengku rajah, singlar, asihan, jampé, jangjawokan, jeung ajian, sisindiran ngawengku paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan, kakawihan, sa'ir ngawengku pupujian jeung sawér, pamungkas pupuh anu ngawengku dangding jeung guguritan.[1]

Ugeran[édit | édit sumber]

Puisi téh kauger ku wangunna jeung ku diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Lamun ngutamakeun diksi, aya istilah diksi puisi anu ngandung harti yén puisi téh ngagunakeun basa anu has, ngurung pilihan kecap, frasa, babandingan anu tara kapanggih dina basa paguneman (sapopoé), ngagedékeun konotasi, nyipta gabungan-gabungan (frasa) anyar, irit ku kecap, ukur déskripsi (dina sajak) nepi ka mindeng ngalantarankeun samar. Ku lantaran carita drama ogé pagunemanana téh aya anu dirakit dina wangun puisi, timbul istilah drama puisi. Lian ti éta, timbul istilah licencia poetika anu ngagambarkeun yén dina makéna wangun kecap téh keur panyajak mah diwenangkeun "ngarempak" anu ilahar. Kabeungharan puisi Sunda réa rupana, aya anu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya anu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya anu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita: rupa-rupa puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampé, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan), kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian, sawér, jsté.), pupuh (dangding, guguritan). Nu kaasup puisi anyar sajak (kiwari pangproduktipna).[2] 

Conto[édit | édit sumber]

Ieu di handap salah sahiji puisi Sunda karyana Chye Retty Isnendes.[3]

ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula
Hirup teh aci-acining:
Bagja!

Conto lianna:

hiji lalaki nyangcang parahu di basisir bulan
Geus jauh lalakonna
Manéhna pamayang terahing bumi
Hiji lalaki nincak latar emas tanah bulan
Geus panceg haténa
Demi asih nu sumirat ka bumi
Ku manéhna baris ditigas singsakur gulang-guling
Nu ngajagang ngahalangan jalan
Demi asih urang ka bumi
Nini Antéh
Hamo teurak sagala supata
Urang sorot bumi jeung bulan ku Sajatining Cahaya
Keur ngaberesihan reueuk-reueuk wasangka
Nu nyangcang parahu di basisir
Lain nu musapir
Moal nyingkir ku pangusir

Tingal ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b (id)Retty Isnendes. Panyawangan Sastra. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI. Bandung 2009.
  2. Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. p. 174. ISBN 9786027785786. 
  3. (id)Ano Karsana Spk. Lir Cahaya Nyorot Eunteung. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI : Sonagar Press. Bandung 2008.