Guguritan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Guguritan nyaéta salah sahiji wangun puisi buhun nu dianggit maké aturan pupuh atawa dangding.[1] Guguritan téh salah sahiji karya sastra anu diagungkeun waktu Mataram datang ka tatar Sunda dina abad ka-16. Jaman harita, pupuh téh mayuyu meumeujeuhna mekar ka sababaraha lingkungan, saperti pasantrén, yukirin, jeung masarakat literat Sayanee. Seni nganggit guguritan maké pupuh téh salah sahiji kamekaran tina rumpaka pupuh anu geus matok. Guguritan dijieun bisa dikasang tukangan ku karesep, kaayaan haté, jeung kereteg pangarang nu keur karasa harita.

Bédana Guguritan jeung Wawacan[édit | édit sumber]

  • Guguritan
    • Guguritan mah wangun karangan pondok. Contona guguritan karya H. Hasan Mustapa (1852-1930) aya nu panjangna nepi ka 500 pada, réréana panjangna kurang leuwih 200 pada. Kitu deui aya guguritan anu eusina mangrupa carita kayaning Kiamat Leutik karya Toebagoes Djajadilaga

Alus Tetep Alusna karya A. Kartawinata (dimuat dina mingguan Parahiangan, 1930).[1]

    • Guguritan mah ngan dianggit ku sapupuh wungkul.
    • Guguritan biasana nyaritakeun kaéendahan alam, papatah hirup, jeung kereteg haté pangarangna.
    • Istilah ngalagukeun guguritan téh nembang.
  • Wawacan
    • Wawacan mah wangun karangan panjang.
    • Wawacan dianggit ku sababaraha pupuh dina sajudulna.
    • Wawacan biasana nyaritakeun karajaan, kajadian penting, jeung carita husus lianna.
    • Istilah ngalagukeun wawacan téh biasa disebut ngabeluk.

Wangun basa[édit | édit sumber]

Wangun basa ugeran anu ditulis saluyu jeung aturan dangding. Biasana mangrupa rumpaka anu ngagambarkeun rasa pangarangna, tapi loba ogé nu eusina papatah atawa fiksi.[2] Guguritan biasana ukur sababaraha pada, tapi Dangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin kaasup rada panjang, kitu ogé guguritan H.Hasan Mustapa umumna 100-200 pada, aya ogé anu 400 pada panjangna.[2] Maca guguritan téh biasana dihariringkeun ku lagu-lagu tembang, aya ogé sababaraha guguritan nu dipaké salaku patokan nembangkeun pupuh, misalna pada kahiji Laut Kidul dipaké nyanyikeun lagu pupuh dangdanggula, sedengkeun pada kahiji Lahir Batin dipaké pikeun nyanyikeun lagu pupuh asmarandana.[2]

Éksisténsi[édit | édit sumber]

Dina mangsa saacan perang, murid-murid di sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normaalschool) diajarkeun nembang jeung nulis guguritan, nu matak maranéhanana calakan pisan, lain ngan ukur nyanyikeun luyu jeung lagu pupuh, tapi ogé bisa nyusun guguritan ku sorangan. Biasana dinyanyikeun dina acara nu tinangtu, misalna paturay tineung di sakola, miéling poé-poé husus, aya ogé dina susuratan.[2]

Kaparigelan nyieun guguritan dianggap salaku kapunjulan hiji jalma komo lamun manéhna pinter nembangkeunana, sabab dina mangsa sanggeus perang di sakola-sakola téh kana dangding jeung cara nembangna teu diajarkeun sacara inténsif.[2] Ku kituna, guguritan leungit popularitasna, iwal di kalangan ahli mamaos nu kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya wungkul.[2] Sanajan kitu guguritan sakapeung mah dimuat dina majalah atawa surat kabar.[2] Kumpulan guguritan anu munggaran, anyar terbit taun 1991, nyaéta Jamparing Hariring karya Dédi Widyagiri, sarta dituturkeun ku Guguritan Munggah Haji ku Yus Rusyana (1995), Ring-ring Ciawaking Wahyu Wibisana (1999), jeung Jaladri Tingtrim ku Dyah Padmini (2000).[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b (id) Rosidi, Ajip. Guguritan, Kiblat Buku Utama, Bandung,2011.
  2. a b c d e f g h (id) Énslikopedia Sunda.Pustaka Jaya.2000.