Fiksi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Fiksi nyaéta salah sahiji istilah anu dipaké dina sakumna karya sastra nu wujudna naratif (carita), boh dina wangun prosa, boh dina wangun puisi, meunang ngaréka atawa nyusurup, lain nyaritakeun kajadian nu nyata (sajarah). Tapi, kadieunakeun istilah fiksi disaruakeun jeung istilah jeung prosa naratif (novel atawa roman jeung carita pondok). [1]

Karangan fiksi nu diréka dumasar kana fakta atawa kanyataan, ngabalukarkeun ayana istilah roman sajarah atawa novel sajarah, roman biografis atawa novel biografis.[1]

Étimologi[édit | édit sumber]

Fiksi téh asal kecapna tina basa Inggris fiction, tina basa Francis Kuna jeung Latin fictio nu hartina jieunan nu asalna tina fingerie nu hartina nyieun atawa ngaréka.[1]

Ciri prosa fiksi[édit | édit sumber]

Dina karya fiksi nyangkaruk aspék atawa ciri mandiri di antarana kieu.[2]

  • Unsur Carita.
  • Kaayaan basa téks fiksi henteu homogén.
  • Kajadian nu dicaritakeun.
  • Ayana runtuyan kajadian anu ngéntép seureuh (galur).

Fiksi mangrupa carita kahirupan manusa nu sipatna fiktif, ku sabab diréka ku pangarang. Gaya nyarita pangarang henteu homogén, pangarang henteu kudu jadi jalma kahiji nu nyarita, tapi bisa méré kasempetan keur panyatur sékunder keur cumarita nepi ka ngahasilkeun dialog nu hadé. Carita nu dipidangkeun dina fiksi mangrupa carita fiktif, lamun miboga sasaruaan jeung kanyataan, éta téh ukur kabeneran wungkul. Dina wengkuan carita biasana dipidangkeun sacara ngaruntuy keun ngagambar konflik jeung kapanasaran nu maca. [2]

Struktur téks fiksi[édit | édit sumber]

  • Abstrak mangrupa téks inti dina carita fiksi.[3]
  • Oriéntasi eusina patali jeung téma, kasang tukang téma, jeung palaku dina carita fiksi. Oriéntasi téh minangka jadi pamuka dina carita fiksi[3].
  • Komplikasi téh klimaks tina téks carita. Dina ieu bagian biasana mimiti muncul pasualan anu bakal metot panitén nu maca[3].
  • Pangajén téh mangrupa bagian nu nepikeun bongbolongan tina konflik atawa pasualan nu ditémbongkeun ku pangarang saméméhna.[3]
  • Résolusi patali jeung matotoskeun pasualan anu karandapan ku palaku utama dina carita fiksi.[3]
  • Koda (réorientasi) patali jeung amanat nu eusina teu jauh tina ajén moral nu bisa dilarapkeun dina kahirupan nya ku nu maca dina naskah téks carita fiksi.[3]

Bédana fiksi jeung non-fiksi[édit | édit sumber]

Fiksi jeung non-fiksi sanajan sarua naratif, tapi aya bédana lebah wangun, eusi, jeung basa anu dipakéna. Leuwih jelasna dijéntrékeun kieu.[4]

Fiksi Non-fiksi
Imajinasi pangarang nu sipatna fiktif.[4] Fakta, réalitas, nyata dina kahirupan sapopoé.[4]
Wangunna bisa novel atawa roman, carpon, jeung carita nyambung.[4] Wangunna bisa ésai, feature, kolom, opini, artikel, jeung résénsi.[4]
Gambaran Subjéktifitas pangarang nu bakal ngahudang rasa nu maca.[4] Gambaran objéktifitas keur ngahudang pikiran jeung logika nu maca.[4]
Basana bisa konotatif jeung denotatif kalawan ngahudang tafsiran nu rupa-rupa.[4] Basana dénotatif kalawan neueulkeun kana konsép nu kawatesanan (moal salah tafsir).[4]

Struktur Fiksi[édit | édit sumber]

Téma dina carita[édit | édit sumber]

Téma nyaéta inti carita atawa jejer anu diwangun tina runtuyan kajadian carita dina prosa[5]. Téma téh asal kecapna tina thema < tithenai nu hartina téh neundeun. Téma téh aspék carita nu sajajar jeung ma'na dina pangalaman manusa nu salawasna miboga kesan jeung pantes diinget-inget. Ku kituna, téma téh béda jeung judul[6]. Téma leuwih neueulkeun kana gagasan jeung amanat nu ngawangun eusi karangan sagemblengna[7]

Fakta carita[édit | édit sumber]

Fakta carita téh hal-hal nu patali jeung carita fiksi. Fakta carita téh ngawengku palaku, karakter palaku, galur, jeung latar. Éta opat unsur kaasup kana fakta carita téh ku sabab sacara faktual bakal ngawangun kajadian jeung  éksisténsina dina prosa fiksi.[8]

Palaku jeung Watek[édit | édit sumber]

Palaku téh individu rékaan nu ngalaman rupaning kajadian dina carita. Ari karakter palaku mah pidangan paripolah atawa kawangunna citra palaku dina karya sastra. Ditilik tina peranna, palaku diwincik jadi dua nyaéta protagonis jeung antagonis.[9]

  • Protagonis, gambaran palaku nu lempeng atawa salawasna aya dina jalur bebeneran.[9]
  • Antagonis, gambaran palaku nu pateungteung jeung protagonis. Hartina, jalurna dina kamunkaran atawa kajahatan.[9]
Gambaran Watek Palaku[édit | édit sumber]
  • Diskursif / analitik, pengarang sacara langsung nyaritakeun karakter palaku-palaku dina carita.[8]
  • Dramatik, pangarang nembrakkeun karakter palakuna ngaliwatan kekecapan jeung paripolah dina carita. Saperti ngaliwatan dialog, jalan pikiran palaku, rasa palaku, jsb.[8]
  • Kontékstual, pangarang ngagambarkeun karakter palaku ngaliwatan lingkungan carita nu ngarojongna.[8]
  • Campuran, metodeu konvensional kalawan tujuan éféktifitas carita.[8]

Galur[édit | édit sumber]

Galur téh mangrupa runtuyan kajadian dina carita nu patali jeung sabab-akibat. Galur téh kabagi tilu.[6]

  • Munggaran, ngajéntrékeun pamuka carita.
  • Bobok Tengah, dimimitian ku ayana konflik, jeung klimaks.
  • Ahir, ngawengku denoument atawa peleraian. Denoument mangrupa awal tina klimaks nu tujulna kana matotoskeun pasualan dina carita

Latar[édit | édit sumber]

Latar/setting nuduhkeun tempat, waktu, jeung kaayaan (situasi) hiji kajadian nu karandapan ku palaku. Latar téh dianggap tatapakan keur ngajéntrékeun tempat, patalina waktu sajarah, jeung lingkungan sosial rupaning kajadian nu dicaritakeun.[10]

Sarana Sastra[édit | édit sumber]

            Sarana sastra nyaéta metode (pangarang) nyarungsung jeung milih rincian csrita keur ngahontal pola-pola anu miboga ma’na. Sarana sastra téh ngawengku simbol, gaya basa, jeung puseur implengan.[10]

Simbol[édit | édit sumber]

Dina fiksi simbol téh bakal ngabalukarkeun dua akibat. Kahiji, simbol nu aya dina kajadian téh nuduhkeun ma’na tina éta kajadian. Kadua, simbol nu diulang-ulang bakal jadi panginget-nginget nu maca keur ngahontal ma’na nu gembleng tina carita. Katilu, simbol nu kapanggih kalayan intensitas nu mindeng téh bisa mantuan nu maca manggihan téma carita. [10]

Gaya basa[édit | édit sumber]

Dalam sastra, gaya téh patali jeung cara atawa kamampuh pangarang ngaébréhkeun gagasan dina carita. Basa nu dipaké téh bisa humor, konkrit, imajinatif, jeung métafor. Campuran basa nu dipilih ku pangarang téh bakal ngahasilkeun gaya basa nu miboga ciri mandiri.[10]

Puseur Implengan[édit | édit sumber]

Puseur implengan téh nuduhkeun carita nu dipidangkeun. Ieu unsur mangrupa cara atawa sawangan nu dipaké ku pangarang salaku sarana keur midangkeun carita ka nu maca.[10]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 60. 
  2. a b Semi, Atar (2008). Buku Pendukung Pengajaran Sastra. Magelang: Indonesia Tera. pp. 77–78. 
  3. a b c d e f "“Teks Cerita Fiksi” Pengertian & ( Jenis – Unsur – Struktur – Kaidah )" (dalam bahasa en-US). DosenPendidikan.Com. 2017-01-13. http://www.dosenpendidikan.com/teks-cerita-fiksi-pengertian-jenis-unsur-struktur-kaidah/. Diakses pada 2017-10-11 
  4. a b c d e f g h i Krismarsanti, Ermina (2009). Karangan Fiksi dan Nonfiksi. Surabaya: PT. JePe. p. 7. 
  5. Rosidi, Ajip (2012). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. p. 224. 
  6. a b Stanton, Robert (2012). Teori Fiksi (DItarjamahkeun ku Sugihastuti & Rossi). Yogyakarta: Pustaka Pelajar. p. 32. 
  7. Sugiana, Yodi (18 Maret 2016). "Pengertian Tema dalam Cerita atau Novel". http://www.sridianti.com. Diakses tanggal 09 Oktober 2017. 
  8. a b c d e Nurgiyantoro, Burhanudin (2012). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: UGM Press. p. 178. 
  9. a b c Harianto, P, Rahmanto, B (1998). Materi Pokok Cerita Rekaan dan Drama. Jakarta: Depdikbud. p. 15. 
  10. a b c d e Abrams, M. H. (1999). A Glossary of Literary Terms. USA: Heinle & Heinle. p. 284.