Pupuh

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun[1]. Lian ti éta, dina istilah karawitan sarua jeung sekar irama merdika nyaéta, wirahma bébas nu kauger ku aturan nu tangtu tur mibanda watek nu ngagambarkeun masing-masing pupuh[2].

Ugeran Pupuh[édit | édit sumber]

Pupuh téh kauger ku wangun jeung eusina. Dumasar wangunana, pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan. Ari patali eusina, pupuh kudu ngagambarkeun sipatna séwang-séwangan, naha patali jeung kabungah, kasedih, atawa heureuy[3]. Rakitan/ugeran pupuh téh biasa dipaké dina karangan-karangan pondok (dangding, guguritan, jeung rumpaka sawér). Lian ti éta, aya ogé nu makée rakitan pupuh dina karangan panjang atawa naratif (wawacan). Maca wacana puisi dina wangun pupuh téh biasana dihariringkeun atawa ditembangkeun[4].

Rupa-rupa Pupuh[édit | édit sumber]

Pupuh aya tujuh welas rupa anu dijéntrékeun ieu di handap.

  • Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
  • Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
  • Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.
  • Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
  • Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
  • Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
  • Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
  • Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
  • Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
  • Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
  • Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
  • Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
  • Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
  • Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul ku lantaran teu panuju haté.
  • Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
  • Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
  • Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.

Bédana Sekar Ageung jeung Sekar Alit[édit | édit sumber]

  • Sekar Ageung mah geus maké wanda tembang jeung rumpakana panjang, saperti ieu di handap.
  *Pupuh Kinanti: Kidung, Balaka, Layar Putri, jsb.
  *Pupuh Sinom: Banjarsinom, Ciawian, Cirebonan, jsb.
  *Pupuh Asmarandana: Bangkong, Candrawulan, jsb.
  *jst.
  • Sekar Alit mah cara nembangkeunana kurang variatif jeung lolobana rumpakana parondok[5].


Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

  • Tujuh Welas Pupuh ti Sundanét.com
  • Kosasih, E. (2003). Panglengkep Pangajaran Pupuh. Bandung: CV. Walatra
  • Suryani, E. (2003). Maher Budaya Sunda. Sumedang. ALQA Print, kc. 39
  • Iskandarwassid. (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung:CV. Geger Sunten, kc. 119
  • Suryani, E. (2003). Maher Budaya Sunda. Sumedang. ALQA Print, kc. 40