Sa'ir

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search

Sa'ir téh nyaéta ngaran salah sahiji wanda puisi tradisional, asal tina sastra Arab (Islam). [1] Dina sapadana matok diwangun ku opat-opat padalisan, unggal padalisan angger jumlah engangna, murwakantina laraswekas.[1] Bédana jeung sisindiran, dina sa’ir mah euweuh bagian cangkang, kabéh mangrupa eusi, sarta biasana tara gembleng dina sapada digunakeun dina déskripsi atawa narasi, tapi dina wangun narasi mah kawilang teu produktip. Mimindengna dipaké dina wacana sawér atawa pupujian. [1]

Conto[édit | édit sumber]

Loba Éling

Regepkeun ieu pépéling
hirup kudu Ioba éling
sabab ajal pasli datang
urang moal bisa mungpang
Sing inget kana papasténn
hadé goréng urang yakin
éta kabéh paparinan
Allah nu hakkulyakin
Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peuting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Karasana keur sakarat
hanjakal kaliwat-liwat
henteu ngalampahan salat
kana ibadah sok elat

(Dicutat tina Puisi Pupujian dalam Bahasa Sunda, Tini Kartini, spk.).[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 9786027785786. 
  2. Kartini, Tini, spk. (1984). Puisi Pupujian dalam Bahasa Sunda. Bandung: Proyek Penelitian Bahasa dan Sastra Indonesia dan Daerah Jawa Barat.