Pupujian

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Pupujian nyaéta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian asalna tina sa'ir, nyaéta puisi anu asalna tina sastra Arab. Ku lantaran kitu, pupujian mah wangunna téh méh taya bédana jeung sa'ir, diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Tapi sanajan kitu, aya ogé anu diwangun ku dua padalisan, genep padalisan, dalapan padalisan dina sapadana. Purwakanti anu aya dina pupujian umumna purwakanti laras wekas [1]. Leuwih jéntréna pupujian téh asal kecapna tina puji nu ngalaman dirajék dwipurwa ditambahan rarangkén tukang -an, nu hartina kecap-kecap atawa ucapan pikeun ngagungkeun nu maha kawasa, lian ti éta aya ogé nu eusina muji ka Rosul-Na. [2].

Tempat jeung Waktu[édit | édit sumber]

Pupujian biasana dikawihkeun babarengan (rampak) ku para jama'ah bari ngadagoan solat magrib, ku para santri saréngséna ngaji, ku para jama'ah di pangajian (tablég) bari ngantay sasalaman. Intina mah pupujian téh jadi panyelang dina rupaning ibadah. Nilik kana médiana, pupujian téh hirupna sacara lisan (dikawihkeun), apalna ku pangrungu, mantak pantes wacanana parondok[3].

Pungsi Pupujian[édit | édit sumber]

Sacara gurat badagna mah, pungsi pupujian téh aya anu mibanda fungsi éksprési jeung aya nu mibanda fungsi sosial. Tapi dina kamekaranana, pungsi sosialna leuwih gedé tibatan fungsi éksprésina. Cara maca pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibacana téh di masjid saméméh solat jamaah, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung kaislaman.

Wanda Pupujian[édit | édit sumber]

Dumasar kana eusina, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan nyaéta, (1) muji ka Pangéran Alloh, (2) solawat ka Kanjeng Nabi, (3) do'a jeung tobat ka Pangéran, (4) pépéling, jeung (5) ajaran agama.

Conto pupujian pépéling[édit | édit sumber]

Éling-éling dulur kabéh
Éling-éling dulur kabeh
ibadah ulah campoléh
beurang peuting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkirkeun pati
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
Kaduhung kaliwat langkung
Tara nyembah ka Yang Agung
Sakarat nyeri kalangkung
Jasadna teu meunang embung
Kautamaan Solat Berjamaah
Éling-éling umat Muslimin muslimat
Hayu urang solat berjamaah Isa
Éstu kawajiban urang ker di dunia
Kanggo pibekelen jaga di akhérat
Anu ngalanggengken solat berjamaah
Éta aya lima rupa kauntungannana
Hiji dilengitkeun kapakirannana
Dua dilengitkeun siksaan kuburna
Tilu dibéré buku ti katuhuna
Opat bakal ngaliwatanna cukangna
Cara kilat nyamber bawaning kilat lepasna
Lima teu dihisab asup ka surgana.
Kakuping Suara Adzan
Kakuping suara adzan
Di Masjid ti katebihan
Singhoréng téh ngawartosan
Ngajak solat babarengan
Ulah sok solat di Imah
Salila aya masjid mah
Pribumi atawa sémah
Hayu solat berjamaah
Solat téh tihang agama
Nu pangpayunna ditaors
ku Gusti Allah Ta'ala
Hayu solat berjamaah
Ka jalma nu hayang bagja
nampa panggilan berharga
Yakin Allah pangagungna
Wajib dipayunkeunana
Sanajan keur tibra saré
Solat mah teu meunang peré
Ulah sok diengké-engké
Bisi Kaburu jadi bangké

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk.(1999). Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda. Bandung:Pustaka Setia
  2. LBSS.(2007).Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:CV.Geger Sunten
  3. Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 177.