Pasantrén

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Pasantren Tebuireng di Jombang

Pasantrén (aksara Sunda: ᮕᮞᮔ᮪ᮒᮢᮦᮔ᮪; Basa Indonésia: pesantren) atawa sok disebut ogé pondok pasantrén nyaéta sakola Islam nu maké kobong anu aya di Indonésia. Pasantrén téh mangrupa lembaga atikan nu dianggap pangheulana aya saméméh patingpucunghulna sakola-sakola formal jiga ayeuna. Tujuan pangatikan di jero pasantrén nyaéta pikeun neleban pangaweruh ngeunaan Al-Qur’an jeung Sunnah Rosul, ku jalan diajar basa Arab jeung aturan-aturan tata basa-basa Arab. Nu dialajar di pasantrén (nu disebut santri) dialajar di ieu sakola, sakalian hirup sapopoé di kobong anu geus disadiakeun ku pasantrén. Institusi anu sarupa jeung pasantrén ogé aya di nagara-nagara lian; misalna di Malaysia jeung Thailand anu disebut sekolah pondok, ogé di India jeung Pakistan anu disebut madrasa Islamia.[1] Pasantrén numutkeun kana définisi dasarna mah mangrupa tempat diajarna para santri, sedengkeun harti pondok nyaéta imah atawa tempat dumuk basajan dijieun tina awi. Di sagigireun éta, kecap pondok meureun asalna tina Basa Arab: فندقا‎ nu hartina kobong atawa hotél. Di Sunda, Jawa jeung Madura umumna dipaké istilah pondok jeung pasantrén, ari di Acéh mah dipikawanoh ku Istilah dayah atawa rangkang atawa ogé menuasa, mun di Minangkabau mah disebutna surau.[2] Pesantrén ogé bisa dipicangkem minangka lembaga atikan jeung pangajaran agama Islam, nu ilaharna mah ku cara nonklasikal, nu mana saurang ajengan ngajarkeun élmu agama Islam ka para santri dumasar kitab-kitab nu ditulis dina basa Arab ku para Ulama Abad pertengahan, jeung para santrina ilaharna dumuk di kobong éta pasantrén.[3]

Sajarah Umum[édit | édit sumber]

Umumna hiji pasantrén ditaratas ku ayana saurang ajengan di hiji patempatan, tuluy datang santri anu rék dialajar agama ka anjeunna.[4] Sabada beuki poé beuki réa santri anu daratang, jorojoy gagasan pikeun ngadegkeun pondok atawa kobong di gigireun imah éta ajengan. Jaman baheula mah ajengan teu ngarencanakeun kumaha ngawangun éta pondokna, ngan anu kapikiran sotéh ngan saukur kumaha ngajarkeun élmu agama sangkan bisa dicangking jeung dipikaharti ku para santri. Harita mah ajengan téh can neundeun perhatian kana patempatan anu dicicingan ku para santri, anu umumna leutik pisan jeung basajan. Maranéhna nempatan hiji gedong atawa imah leutik nu diwangun ku sorangan di sabudeureun imah ajengan. Beuki réa éta jumlah santri, beuki nambahan ogé éta kobong anu diwangun téh. Para santri tuluy mopilérkeun éta ayana pasantrén téh, nu antukna jadi kawentar ka mana-mana,contona baé siga pondok-pondok anu muncul di jaman Walisongo.[5]

Pondok Pasantrén di Indonésia mibanda peran anu pohara badagna, boh pikeun kamajuan Islam sorangan, boh pikeun kamajuan bangsa Indonésia sagemblengna. Dumasar kana catetan nu ngajénggélék, kagiatan atikan agama di Nusantara téh geus dipitembeyan ti taun 1596. Ieu kagiatan agama nu satuluyna dipikawanoh ku ngaran pondok pasantrén. Malah mah dina catetan Howard M. Federspiel, salah saurang nu neuleuman kaislaman di Nusantara, ngalincak abad ka-12 téh pusat-pusat atikan di Acéh (pesantren di Acéh mah disebut Dayah) jeung Palémbang (Sumatra), di Jawa Wétan jeung di Gowa (Sulawesi) geus ngahasilkeun tulisan-tulisan penting kalawan para santri téh kairut pikeun diajar.[6]

Wangenan Pasantrén[édit | édit sumber]

Étimologi[édit | édit sumber]

Istilah pasantrén téh asalna tina kecap “pa-santri-an”. Kecap “santri” hartina murid dina basa Sunda atawa basa Jawa. Ana pon istilah “pondok” asalna tina Basa Arab: فندقا‎ anu hartina pamondokan atawa tempat meuting. Husus di wewengkon Acéh, pasantrén téh disebutna dayah. Pasantrén biasana dipupuhuan ku saurang ajengan. Pikeun ngatur hirup kumbuh di pondok pasantrén, ajengan nunjuk saurang santri senior pikeun ngatur adi-adi kelasna, maranéhna biasa disebut lurah pondok. Tujuan para santri dipisahkeun ti kolot jeung kulawargana nyaéta sangkan maranéhna diajar hirup mandiri sakalian sangkan bisa ngaronjatkeun hubungan jeung ajengan ogé jeung Alloh SWT.

Ceuk sawangan lian, pasantrén asalna tina kecap pa-santri-an anu hartina tempatna para santri. Kecap santri sorangan asalna tina kecap “cantrik” (Sunda:Catrik) (Basa Sangsakerta, atawa mungkin basa Kawi) anu hartina jelema anu teu weléh nuturkeun guru, anu satuluyna dikembangkeun ku Paguron Taman Siswa kana sistem kobong anu disebut “pawiyatan” (Sunda: Pawiatan). Istilah santri ogé kapanggih dina basa Tamil, anu hartina guru ngaji. Ana pon C.C Berg mah boga sawangan yén éta istilah téh asalna tina istilah “shastri”, anu dina basa India mah hartina jelema anu nyaho buku-buku suci agama Hindu atawa saurang sarjana ahli kitab suci agama Hindu. Sakapeung sok dianggap minangka gabungan kecap saint (manusa hadé) jeung rarangkén tra (resep nulungan), jadi kecap pasantrén hartina bisa jadi tempat pangatikan jalma-jalma hadé.[7]

Peran[édit | édit sumber]

Pasantrén asalna mah mangrupa puseur panggodogan ajén-ajén jeung nyebarna agama Islam. Tapi dina kamekaranana, ieu lembaga téh wilayah garapanana beuki ngalegaan anu teu ngan saukur tuluy-tuluyan ngaronjatkeun mobilitas vértikal (ku dijejelan matéri-matéri kaagamaan), tapi ogé jeung mobilitas horizontal (kasadaran sosial). Kiwari pasantrén teu ngan saukur ulukutek dina kurikulum anu dumasar kana kaagamaan (religious-based curriculum) jeung leuwih condong “ngawang-ngawang” , tapi ogé kurikulum anu napak kana pasualan-pasualan kamasarakatan kiwari (society-based curriculum). Alatan kitu, pasantrén téh teu bisa dihakiman langsung ngan saukur minangka lembaga kaagamaan murni, tapi ogé (sakuduna) jadi lembaga sosial anu hirup jeung ngaréspon rupa-rupa pasualan masarakat di sabudeureunana.

Pondok pasantrén nyaéta lembaga pendidikan Islam pangkolotna anu mangrupa produk budaya Indonésia. Ayana pasantrén di Indonésia dimimitian ti saprak Islam asup ka ieu nagri kalawan ngadopsi sistem pangatikan kaagamaan anu sabenerna geus lila mekar saacan kadatangan Islam. Minangka lembaga pangatikan anu geus ngakar di ieu nagri, pondok pasantrén boga pangaruh anu gedé kana lalampahan sajarah bangsa.

Di Indonésia réa pasantrén anu ngan saukur ngabeungbeuratan ka para santrina ku biaya anu murah, sok sanajan aya sababaraha pasantrén modérn anu ngabeungbeuratan ku waragad anu leuwih mahal. Sanajan kitu, saupama dibandingkeun jeung sababaraha institusi pangatikan lian anu sajenis mah, pasantrén modérn téh jauh leuwih murah. Organisasi massa (ormas) Islam anu paling réa boga pasantrén téh nyaéta Nhadlatul Ulama (NU). Ormas Islam lianna anu ogé boga loba pasantrén nyaéta Al-Washliyah jeung Hidayatullah.

Jenis pasantrén[édit | édit sumber]

pra=https://id.wikipedia.org/wiki/Berkas:Murid_Pesantren.jpg|ka|jmpl|250x250px| Barudak santri bérés ngaji. Santri di sebuah pesantren. Usia yang tepat anak di pondok pesantren, sebaiknya paling cepat setelah lulus SD, atau di usia sekolah menengah (SMP) sekitar 12 tahun. Dan lebih baik anak telah memiliki dasar dasar pendidikan agama dengan lancar sejak usia kecil sebelumnya, seperti hafal surat al quran pendek, bisa tadarus, pidato dakwah, mengetahui struktur kitab suci Al Quran dan lain sebagainya (pendidikan PAUD, TK, SD).

Pasantrén anu ngan saukur ngajarkeun kaélmuan agama Islam disebut pasantrén salafi. Pola tradisional anu dilarapkeun dina pasantrén salafi nyaéta para santri digawé keur ajengan-bisa macul sawah, ngurus balong jsb. Lolobana mah pasantrén salafi nyadiakeun kobong pikeun tempat matuh para santrina kalawan waragad anu murah atawa tanwaragad (haratis). Para santri umumna mah méakkeun waktu nepi ka 20 jam dina sapoé kalawan pinuh ku kagiatan, ti mimiti solat shubuh dina wanci janari, nepi ka maranéhna saré deui peutingna. Wanci pabeubeurang para santri mangkat ka sakola umum pikeun diajar kaélmuan formal, pasosoré maranéhna hadir dina pangajian jeung ajengan atawa ustadz pikeun neleban pangatikan agama jeung Al-Qur’an.

Aya ogé pasantrén anu ngajarkeun pangatikan umum, anu proséntaseu atikanana réa kénéh élmu-élmu pangatikan agama Islam ti batan élmu umum (matématika, fisika jrrd). Anu kieu sok mindeng disebut minangka pondok pasantrén modérn, jeung umumna mah tetep nekenkeun ajén-ajén tina kabasajanan, kaihlasan, kamandirian, jeung ngadali diri. Dina pasantrén anu matéri atikanana campuran antara pangatikan élmu formal jeung élmu agama Islam mah para santri téh dialajarna siga di sakola umum baé atawa di madrasah. Pasantrén campuran pikeun tingkat SMP kadang-kadang ogé dipikawanoh minangka Madrasah Tsanawiyah, ana pon pikeun tingkat SMA mah ngaranna Madrasah Aliyah. Tapi bédana pasantrén jeung madrasah mah aya dina sistemna. Ari pasantrén mah santrina dikobongkeun, ari madrasah mah henteu.

Iwal ti éta ogé aya pondok pasantrén induk anu oga cabang di wewengkon lia, jeung biasana dikokolakeun ku alumni éta pasantrén induk. Contona baé, Pondok Pasantrén Modérn Darussalam Gontor anu perenahna di Ponorogo, Jawa Wétan boga cabang pondok alumni, di antarana:

Pungsi Pasantrén[édit | édit sumber]

Pondok pasantrén di Indonésia boga pungsi jeung mangpaat anu kacida gedéna, boh pikeun kamajuan Islam sorangan atawa keur bangsa Indonésia kalawan gembleng. Dumasar kana catetan anu aya, kagiatan pangatikan agama di Nusantara téh geus dimimitian ti taun 1596. Ieu kagiatan agama téh anu satuluyna disebut ku istilah Pondok Pasantrén. Komo dina catetan Howard M. Federspiel, salah sauran panalungtik ka-Islaman di Indonésia mah, dina awal abad ka-12 puseur-puseur studi di Acéh jeungPalémbang (Sumatra), di Jawa Wétan, jeung di Gowa (Sulawesi) téħ geus ngahasilkeun tulisan-tulisan penting jeung geus narik santri-santri pikeun dilajar.

Modérnisasi Pasantrén[édit | édit sumber]

Sabab-musabab ayana modérnisasi pasantrén téh di antarana: kahiji, munculna wacana panolakan taqlid kalawan “mulang deui kana Al-Qur’an jeung sunnah” minangka isu séntral anu mimiti ditadaruskeun ti taun 1900. Mangka ti wanci harita padungdengan antara kaum sepuh jeung kaum ngora atawa kalangan réformis jeung kalangan ortodoks/konsérvatif mimiti mukakeun hal éta jadi wacana publik. Kadua: beuki mukana wacana perlawanan nasional kana kolonialisme Walanda. Katilu, medalna kasadaran kalangan muslim pikeun ngaropéa organisasi kaislaman maranéhna anu leuwih konséntrasi kana aspék sosial ékonomi. Kaopat, dorongan kaum muslim pikeun ngaropéa sistem pendidikan Islam. Salah sahiji tina kaopat faktor nu kasebut dina sawangan Karel A. Steenbrink mah, nyaéta anu teu weléh jadi sumber inspirasi para “pembaru” Islam pikeun ngalakukeun parobahan Islam di Indonésia.

Pungsi Sosial[édit | édit sumber]

Minangka pungsi sosial, pasantrén geus boga peran anu penting di Indonésia jeung nagara-nagara lian anu pangeusina réa ngagem agama Islam. Alumni pondok pasantrén umumna geus sumebar di sakumna wewengkon Indonésia. Sababaraha alumnus pasantrén ogé geus boga kiprah di panggung nasional, anu kawentar di antarana:

Tingali ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Zamakhsyari Dhofier, Tradisi Pesantren Studi tentang Pandangan Hidup Kyai, LP3S, Jakarta, 1983, hlm.18.
  2. Nurcholis Madjid, Bilik-Bilik Pesantren Sebuah Potret Perjalanan, (Jakarta: Paramadina, 1997), hal. 5
  3. Sudjono Prasodjo, Profil Pesantren, (Jakarta: LP3S, 1982), hlm. 6.
  4. "Sejarah Pengertian Pondok Pesantren – Islam, Al Quran, Info | MohLimo" (dalam bahasa en-US). MohLimo.com. 2016-01-11. http://www.mohlimo.com/sejarah-pengertian-pondok-pesantren/. Diakses pada 2017-10-23 
  5. Wahab, Rochidin. Sejarah Pendidikan Islam di Indonesia (Bandung: Alfabeta, CV, 2004) hal. 153,154
  6. Hielmy, Irfan. Wancana Islam (ciamis:Pusat Informasi Pesantren,2000), hal. 120
  7. Fatah, H Rohadi Abdul, Taufik, M Tata, Bisri, Abdul Mukti. Rekontruksi Pesantren Masa Depan, (Jakarta Utara: PT. Listafariska Putra, 2005), hal. 11

Tutumbu luar[édit | édit sumber]

Artikel Pesantren, Portal Nahdlatul Ulama Indonesia
Pesantrennet.org, Portal jaringan pesantren Indonésia
Pesantren UII, Pesantren Universitas Islam Indonésia


Nulis.jpg