Lompat ke isi

Masigit

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i
Masjid Badshahi di Lahoré, Pakistan kalayan iwan di tengah, tilu kubah, jeung lima manara

Masigit, atanapi mesjid/masjid, nyaéta tempat ibadah pikeun pangagem agama Islam (Muslim). Lian ti paragi ibadah, masjid ogé dijadikeun puseur kahirupan muslim. Muslim sering ngarujuk masjid kana basa Arab, masjid (jamak masajid) (basa Arab: مسجد — dikecapkeun: /ˈmas.ʤid/ atawa /ˈmas.ˈɡʲid/). Kecap Inggrisna nyaéta "mosque" nu nunjukkeun sagala rupa wangunan pikeun ibadahna umat Islam, sanajan ari dina basa Arab mah aya pangbédaan antara tempat ibadah nu leutik (disebut musola) atawa masjid gedé pikeun solat berjama'ah (masjid jami) (basa Arab: جامع), nu mibanda komunitas sarta fasilitas nu leuwih loba.

Kagunaan utama masjid nyaéta mangrupa tempat solat berjama'ah pikeun sakumna Muslim. Sanajan kitu, kiwari masjid dipikawanoh minangka pintonan arsitéktur Islami pikeun komunitas Muslim. Masjid geus mekar ti saprak ayana rohangan tanpa hateup nyaéta Msjid Kuba jeung Masjid Nabawi dina abad ka-7. Kiwari, lolobana masjid marake momolo, munara, jeung bale pikeun solat. Masjid asalna ti Jajirah Arab, tapi kiwari geus aya di sakabéh buana nu dicicingan di sakuliah dunya. Masjid lain ngan saukur pamarantian ibadah jeung ngadoa, tapi ogé mangrupa tempat paranti diajar ngeunaan Islam sarta sakur jalma nu percaya.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Masjid geus diadegkeun saprak jaman Nabi Muhammad dina taun622 waktu hijrah ka dayeuh Madinah. Saterusna, sabot umat Islam meluaskan kakawasaanana nepi ka ka luar wewengkon Arab, mangka tumbuhlah jumlah-jumlah masjid di dunya. Kawas dayeuh Kairo, anu alatan jumlah masjidna anu amat réa, mangka Kairo digelari minangka dayeuh sarébu masjid. Masjid mimiti nangtung di Éropa dina abad 11 Masehi, seiring jeung datangna soldadu Bani Umayyah ka Gibraltar. Tapi, dina abad 15 Masehi, pasukan Conquistador Karajaan Spanyol ngancurkeun masjid-masjid di penjuru Éropa, hususna Spanyol. Sedengkeun, masjid mimiti datang di Cina saprak datangna sahabat Rasulullah saw, nyaéta Saad bin Abi Waqas datang minangka utusan pikeun Raja Dinasti T'ang di Karajaan Cina.

Pamakéan

[édit | édit sumber]

Pamakéan masjid ialah pikeun beribadah. Luyu kalawan firman Alloh dina surat At-Taubah, yén masjid didirikan ku jalma-jalma anu bertaqwa jeung pamakéan pikeun beribadah sarta nginget ngaran Alloh. Di Masjid, saban poé, diayakeun solat berjamaah. Saméméh solat berjamaah, biasana di Taneuh Pasundan, lolobana muazin ngajak jamaah pikeun solat kalawan pantun-pantun sarta syair, sarta sholawat.

Dina poé Jum'at, jumlah jamaah di masjid baris nambahan réa. Ieu disebabkan ayana ibadah solat Jum'at anu wajib pikeun sakumna lalaki. Aya talari has dina poé Jum'at, nyaéta ayana pasar ngadadak anu aya di kira-kira masjid.

Sajaba ti éta, masjid ogé boga fungsi minangka tempat diajar, utamana diajar élmu ageman. Madrasah Ulugh Beg di Uzbekistan ogé ngajarkeun élmu filsafat sarta astronomi minangka palajaran pikeun siswa-siswa di Madrasah Ulug Beg. Di Masjid Ayasofya ogé aya madrasah, komo laboratorium sarta bengkel gawé.

Sawatara masjid di Amérika Sarikat mibanda fasilitas pikeun publik sarta ngaladénan pendaftaran pikeun pemilu. Komo aya masjid anu mibanda tempat olahraga.

Tumbu Luar

[édit | édit sumber]