Saum

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Saom (Basa Arab: صوم) nyaéta kecap Basa Arab keur puasa nu diatur ku hukum Islam. Patukang tonggong jeung kapercayaan (non-Islam), ibadahna keur Muslim henteu diwatesan ku bulan suci Islam Ramadan wungkul. Dina bulan Romadon mah saum téh mangrupa salasiji tina Rukun Islam.

Etimologi[édit | édit sumber]

Kecap saom diturunkeun tina Basa Siriak sawmo.[rujukan?]

Sacara literal, saom hartina 'pantrang'. Dina istilah hukum Islam, Saom hartina 'dipantrang tina dahar, nginum jeung sapatemon [1]

Basa sejen[édit | édit sumber]

Keur lolobana Muslim, Basa Arab lain mangrupa basa kahiji, ku kituna, Muslim di tempat éta maké kecap séjén keur nyebutkeun Saum gumantung kana perenah jeung basana. Contona, Muslim di Apganistan, India, Iran, Bangladés, jeung Pakistan maké kecap rozah nu asalna tina Basa Pérsia. Di Turki, Saom disebut oruç, sedengkeun dina komunitas Malayu di Malaysia, dipaké kecap puasa, nu asalna tina Basa Sangsakerta, upvaasa. Puasa dipaké ogé di Indonésia jeung Sunda.

Definisi[édit | édit sumber]

Muslim dipantrang pikeun dahar, nginum, ngaroko, sarta sapatemon ti mimiti medalna fajar (Subuh) nepi ka surupna panonpoé (Magrib). Puasa téh hakekatna dimaksudkeun pikeun maluruh deukeutna urang ka Gusti Alloh sarta nambahan katakwaan ka Mantenna. salah sahiji tujuan tina puasa ogé nyaéta keur ngarasakeun kumaha rasana jalma nu henteu untung nu henteu salawasna mibanda dahareun jeung inuman nu nyampak. Oge, urang téh kudu ngajauhan gegelendeng sarta mikir pikiran-pikiran nu datangna ti setan. Puasa ogé bisa ditingali minangka hiji jalan keur ngadalikeun hawa napsu (lapar, halabhab, sahwat, amarah) sarta leuwih mokuskeun kana kataatan ka Pangeran.

Kondisi puasa[édit | édit sumber]

Niat (Niyyah)[édit | édit sumber]

Sangkan sah puasana, dina mangsa munggaran arek ngalakukeun saom, kudu dipiheulaan ku niat (niyyah); hal ieu bisa dianggep minangka ngawangun hiji sumpah.

Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun.

Wanci nu dipantrang pikeun puasa[édit | édit sumber]


Sanajan puasa téh mangrupa ibadah nu hadé dina Islam, aya sababaraha wanci nu dipantrang puasa keur urang, di antarana:

Puasa dina Qur'an[édit | édit sumber]

  • يٰأَيُّهَا ٱلَّذِينَ آمَنُواْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ

'Héy jalma-jalma nu ariman, geus diwajibkeun puasa ka aranjeun sakumaha diwajibkeunnana keur jalma-jalma saméméh anjeun, sangkan anjeun tarakwa.' [Surat Al Baqoroh, 183]

Tempo oge[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu luar[édit | édit sumber]