Imam Syafi'i

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dialihkeun ti Syafi'i)
Luncat ka: pituduh, paluruh
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Abū ʿAbdullāh Muhammad bin Idrīs Asy-Syafiʿī atawa Muhammad bin Idris asy-Syafi`i (Basa Arab: محمد بن إدريس الشافعي‎) anu nelah disebat Imam Syafi'i (Ashkelon, Gaza, Paléstina, 150 H / 767M - Fusthat, Mesir 204H / 819M)[1] nyaéta hiji mufti agung Sunni Islam ogé pangadeg madzhab Syafi'i. Imam Syafi'i ogé kaasup sadudulur ti Rasulullah, mantenna kaasup kana Bani Muththalib, nyaéta réréhan ti al-Muththalib, dulur ti Hasyim, anu mangrupa akina nabi Muhammad. Nalika yuswa 20 taun, Imam Syafi'i angkat ka Madinah pikieun guguru ka ulama agung mangsa harita, nyatana Imam Malik. Dua taun salajengna, mantenna ogé angkat ka Irak, pikeun guguru ka murid-murid Imam Hanafi di dinya. Imam Syafi`i miboga dua dasar nu beda pikeun Mazhab Syafi'i. Nu mimiti ngaranna Qaulun Qadim jeung Qaulun Jadid.[1]

Gumelaran jeung Kahirupan Kulawarga[édit | édit sumber]

Gumelaran[édit | édit sumber]

Imam Syafi’i gumelar dina jaman Dinasti Bani Abbas, nyatana dina jaman kakawasaan Abu Ja’far al-Mansyur.[2] Idris bin Abbas rumeujeung ka garwana dina hiji liliaran anu kawilang jauh, nyaéta ka pilemburan Gaza, Paléstina, nu harita umat Islam keur nyanghareupan perang ngabéla nagari Islam di kota Asqalan.Mangsa harita Fatimah al-Azdiyyah nuju ngandung, Idris bin Abbas bingah ku perkara éta, lajeng dikocapkeun ku anjeunna, "Saumpamana anu gumelar téh lalaki, mangka bakal disina ngaranan Muhammad, jeung bakal dijujuluk ku ngaran salasaurang akina nyaéta Syafi'i bin Asy-Syaib."[2]

Antukna Fatimah babar di Gaza, jeung kabuktian naon anu geus dicita-citakeun ku bapana téh. Budak éta dingaranan Muhammad, jeung sebutanna ku ngaran "asy-Syafi'i".[2] Nurutkeun ahli sajarah, Imam Syafi'i gumelar nalika dina sataun reujeung pupusna hiji ulama agung Sunni anu ngaranna Imam Abu Hanifah. Imam Syafi’i ngalih ka makkah sinareng biangna nalika mantenna yuswa 2 taun dina kayaan yatim.[1] Sawaktu Imam Syafi’i masih dina kandungan, biangna ngimpén yén hiji béntang tas kaluar tina padaharanna jeung terus naék ngawang luhur pisan, saterusna éta béntang ngahambur mawur nyaangan daérah-daérah sakurilingeunana. Ahli mimpi ngamaknaan impénan étu yén anjeunna bakal ngababarkeun hiji putra anu élmuna ngalingkung sakabéh jagat.[1]

Nasab[édit | édit sumber]

Idris, ramana Imam Syafi'i dumuk di taneuh Hijaz, anjeunna mangrupa réréhan ti al-Muththalib, jadi anjeunna kaasup kana Bani Muththalib.[2] Imam Syafi'i katurunan Quraisy ti nasab kolotna duanana, rama jeung biang.[2] Nasab rama nyaéta Abu Abdillah bin Muhammad bin Idris bin Abbas bin Syafi’i bin Sa’ib bin Ubaidillah bin Abu Yazid bin Hasyim bin Abdul Muththalib bin Manaf, anu nasab mantenna liwat ramana patepung jeung Rasulullah SAW dina bin Manaf.[2] Ngaran biangna jeung Nasab biangna nyatana Fatimah binti Abdullah bin Hasan bin Husain bin Ali bin Abu Tholib bin Abdul Muththalib, nasab mantenna liwat biangna patepung jeung Rasulullah SAW dina Abdul Muththalib nyaéta akina Rasulullah SAW.[2]

Tina nasab éta, Al-Mutthalib bin Abdi Manaf, akina Muhammad bin Idris Asy-Syafi`, nyaéta dulur kandung Hasyim bin Abdi Manaf akina Nabi Muhammad shallallahu `alaihi wa alihi wasallam.[2]

Ogé dulur kandung Abdul Mutthalib bin Hasyim, akina Nabi Muhammad shallallahu `alaihi wa alihi wasallam , ngaranna Syifa’, ditikah ku Ubaid bin Abdi Yazid, sangkan gumelar putra nu ngaranna As-Sa’ib, ramana Syafi’i.[2] Ka Syafi’i bin As-Sa’ib radliyallahu`anhuma ieu budak yatim nu dimaksud téh dinisbahkeun nasabna sahingga kasohor ku ngaran Muhammad bin Idris Asy-Syafi`i Al-Mutthalibi.[2] Ku kituna nasab yatim ieu kacida deukeutna jeung Nabi Muhammad shallallahu `alaihi wa alihi wasallam.

Kusabab Hasyim bin Abdi Manaf anu saterusna ngalahirkeun Bani Hasyim, nyaéta dulur kandung jeung Mutthalib bin Abdi manaf, anu ngalahirkeun Bani Mutthalib, mangka Rasulullah ngadawuh:

Mung ukur kami (nyaéta Bani Hasyim) jeung maranéhanana (nyaéta Bani Mutthalib) nu asalna ti hiji nasab. Sabari mantenna nyilang-nyilangkeun ramo dua panangan mantenna.

—HR. Abu Nu’aim Al-Asfahani dina Hilyah na juz 9 kaca 65 - 66

Waragad jeung Ahlak[édit | édit sumber]

Syaikh Ar-Rabi’ bin Sulaiman (Sohabat ogé murid imam Syafi’i) ngocapkeun, “Syafi’i pameunteuna kasép, sorana halimpu (macakeun Ayat-ayat suci al-qur’an, sangkan tiap-tiap jalma anu ngadanguna nyurucudkeun cimata malihan aya nu nepika pingsan), ahlakna éndah, béréhan (Syaikh Al-Humaidi ngocapkeun, “Syafi’i datang ti shana’a bebekelan duit lobana sapuluh rébu dinar (10.000 dinar = kurang leuwih Rp. 13.000.000.000, tilu belas milyar duit ayaeuna), lajeng mantenna ngadegkeun kémah di luar makkah, jalma-jalma ngadatangan mantenna, jeung dina peuting éta ogé duitna téh érép dibagikeun,”.[1] Syaikh Amr bin Sawad ngocapkeun, “Syafi’i nyaéta jalma anu pang béréhanana kana dinar, dirham jeung kadaharan”.[1] Ar-rabi’ ngocapkeun, “Syafi’i pernah naékkan keledéi terus pecutna murag dipangmulungkeun ku hiji jalma, mangka imam Syafi’i maréntahkeun ka pelayanna pikeun nyedekahkeun ka jalma éta duit gedéna tujuh dinar (luyu jeung Rp. 9.100.000, duit ayeuna).[1] Mantenna mah saderhana dina dangdanan, mahér dina pangubaran, lihéi dina numpak kuda ogé mahér papanahan ku keunana 100 persén, wawanén, nganggé cingcin dina ramo kéncana nu ditulisan “Cekap mung Allah minangka ageman Muhammad bin Idris”.[1]

Mangsa Diajar[édit | édit sumber]

Nalika yuswa 2 taun, Imam Syafi'i dicandak ku biangna ka negeri Hijaz kalayan ngahiji jeung pangeusi negeri éta anu loloba na mah urang Yaman, ku sabab ibuna asalna ti suku Azd.[1] Nincak yuswa 10 taun mantenna dicandak ku ibuna ka Makkah, ibuna melang nasabna anu kacida mulyana téh paur leungit jeung dipopohokeun.[1]

Nalika mangsa diajar jeung nyungsi guru pikeun mantenna, ibuna henteu kawasa pikeun ngaburuhan guruna. Tapi guruna tumarima jeung ridho pikeun ngadidik Imam Syafi'i ngora. Imam Syafi'i loba ngahadiran pangajian ogé patepung jeung para ulama pikeun diajar sawatara perkara agama. Mantenna nulis sagala hal anu didanguna dina tulang-tulang nu lamun tas pinuh jeung numpuk éta tulang téh dikana karungkeun.[1] ku sabab kaayaan ékonomina nu mangwaaskeun, pikeun tolab élmu téh Imam Syafi'i kudu ka perpustakaan jeung ngagunakeun bagéan luar tina kulit anu dipanggihan pikeun nyatet. Hasilna, dina yuswa 7 taun tas apal al-Qur'an 30 Juz, yuswa 10 taun tas apal kitab al-Muwaththa yasana Imam Malik ogé dina yuswa 15 taun tas dipercanten pikeun matwa ku guruna Muslim bin Khalid az-Zanji.[1]

Di Mekkah, sanggeus dipapatahan supaya neuleuman élmu fiqih, Imam Syafi’i guguru ka Muslim bin Khalid az-Zanji, salah sahiji mufti Mekkah. Sanggeus kitu, mantenna dicandak ku ibuna ka Madinah pikeun tolab élmu ka lmam Malik.[1] di dinya, mantenna guguru ka Imam Malik salila 16 taun nikakeun guruna ieu téh tilar dunya. Bareng jeung éta, anjeunna diajar ka Ibrahim bin Sa’d al-Anshary, Muhammad bin Sa’id bin Fudaik jeung ulama-ulama salian aranjeunna.[1]

Sapupusna Imam Malik, Imam Syafi’i mumbara ka wewengkon Najran minangka Wali (pangawasa) di dinya. Namung sakumaha adilna ogé, aya waé sawaréh jalma anu sirik mah jeung ngagogoréng ka Imam Safi’i sarta ngadu-ngadu ka khalifah Harun ar-Rasyid.[1] Nikakeun Imam Syafi’i téh ditalék di Dar al-Khilafah dina taun 184 H. Sajanan kitu, Imam Syaféi bisa ngabéla dirina di hareupeun para khalifah ku cara hujjah anu kacida ngantebna sangkan kacirina ku khalifah yén tutuduh anu ditojokeun ka Imam Syafi’i téh henteu ngadasar jeung teu mibanda alesan anu jelas, antukna khalifah ngabébaskeun ka Imam Syafi’i.[1]

Salajengna Imam Syafi’i mumbara ka Baghdad, di dinya anjeunna patepang sareng Muhammad bin al-Hasan asy-Syaibany, muridna Imam Abu Hanifah.[1] anjeunna maca kitab-kitabna jeung ngawanohan élmu AhIi Rayi (kaum Rasional), salajengna mulang deui ka Makkah sinaareng dumuk di dinya salila kurang leuwih 9 taun pikeun nyumebarkeun madzhabna liwat halaqah-halaqah élmu anu ditéangan ku para panungnut élmu di Haram, Makkah, kitu ogé liwat panglawungan jeung para ulama nalika lumangsungna usum haji.[1] Dina mangsa ieu, Imam Ahmad diajar jeung anjeunna.[1]

Saterusna Imam Syafi’i balik deui ka Baghdad taun 195 H. Kabeneran di dinya tas aya majelisna anu dihadiran ku para id:ulama jeung dipinihan ku para penungtut élmu anu datang ti pangjuru buana. Anjeunna dumuk di dinya salila 2 taun, waktuna dipaké pikeun ngarang kitab ar-Risalah.[1] Dina bukuna éta, anjeunna ngajabarkeun madzhab heubeulna (Qaul Qadim). Dina mangsa ieu, aya opat urang sohabat seniorna anu nyantri jeung anjeunna, nyaéta Ahmad bin Hanbal, Abu Tsaur, az-Za’farany jeung al-Karaabiisy.[1] Anjeunna balik ka Makkah jeung dumuk di dinya dina wanci anu sajorélat, sanggeus kitu angkat deui ka Baghdad, dina taun 198 H.[1] Di Baghdad, anjeunna ogé dumuk sakeudeung pikeun saterusna angkat ka Mesir.[1]

Anjeunna nepi di Mesir dina taun 199 H nu teu disangka-sangkana mah yén kasohoranna Imam Syafi’i téh tas miheulaan nepi kadinya. Dina iinditanna ieu, anjeunna dibaturan ku babaraha urang muridna, di antarana Ar-Rabi’i bin Sulaiman al-Murady jeung Abdullah bin az-Zubair al-Humaidy. Anjeunna sindang heula di Fushthath minangka tamu Abdullah bin Abdul Hakam anu mangrupa sohabat Imam Malik. Saterusna anjeunna mimiti ngeusian pangajianna di Jami Amr bin Ash. Sihoréng, lolobana mah nu tumut ka dua imam saméméhna, nyaéta nu tumut ka Imam Abu Hanifah jeung Imam Malik leuwih condong ka anjeunna jeung kasima ku kafaséhan sarta élmuna.[1]

Di Mesir, anjeunna dumuk salila 5 taun nu mana salila mangsa ieu digunakeun pikeun ngarang, ngajar, nyawala (Munazharah) ogé ngitung-ngitung pangedalan lawan sawalana.[1] Di negeri ieu, anjeunna neundeun madzhab anyarna (Qaul Jadid), nyaéta mangrupa hukum-hukum jeung fatwa-fatwa anu ku anjeunna diguar dalilna salila di Mesir, sawaréhna mah béda jeung kedalan fiqih anu tas diteundeun di Iraq.[1] Di Mesir ogé, anjeunna ngarang buku-buku agréngna, anu diriwayatkeun ku para muridna.[1]

Guru jeung murid-muridna[édit | édit sumber]

Guru-guru Imam Syafi'i[édit | édit sumber]

Imam Syafi’i ngawitan nungnut élmu jeung ulama-ulama anu aya di negerina, diantawisna nyaéta[1]:

  1. Muslim bin Khalid Az-Zanji mufti Makkah,
  2. Muhammad bin Syafiuwana nyalira,
  3. Abbas akina Imam Syafi’i,
  4. Sufyan bin Uyainah,
  5. Fudhail bin Iyadl, sarta sababaraha ulama nu séjén.

Anjeunna ogé nungtut élmu jeung ulama-ulama Madinah diantawisna nyaéta[1]:

  1. Malik bin Anas,
  2. Ibrahim bin Abu Yahya Al Aslamy Al Madany,
  3. Abdul Aziz Ad-Darawardi, Athaf bin Khalid, Ismail bin Ja’far dan Ibrahim bin Sa’ad sarta para ulama anu aya dina tingkatanna.

Imam Syafi’i ogé nungtut élmu jeung ulama-ulama negeri Yaman diantawisna[1]:

  1. Mutharrif bin Mazin
  2. Hisyam bin Yusuf Al Qadhi, jeung sababaraha ulama séjénna.

Jeung di Baghdad anjeunna nungtut élmu ti[1]

  1. Muhammad bin Al Hasan, ulamana bangsa Irak, anjeunna ngamulazamah barengan ulama éta, jeung nungtut élmu nu loba ti anjeunna,
  2. Ismail bin Ulayah,
  3. Abdulwahab Ats-Tsaqafy, sarta anu séjénna.

Murid-murid Imam Syafi’i[édit | édit sumber]

Anjeunna mibanda loba murid, anu umumna jadi inohong jeung gegedén ulama jeung imam umat islam, anu pangnyongcolangna nyaéta[1]

  1. Ahmad bin Hanbal, Ahli Hadits jeung sakaligus ogé Ahli Fiqih jeung imam Ahlus Sunnah jeung kasupaketan kaum muslimin.
  2. Al Hasan bin Muhammad Az-Za’farani,
  3. Ishaq bin Rahawaih,
  4. Harmalah bin Yahya,
  5. Sulaiman bin Dawud Al Hasyimi,
  6. Abu Tsaur Ibrahim bin Khalid Al Kalbi jeung loba deui nu séjén-séjénna.

Tilar Dunya[édit | édit sumber]

Imam Syafi’i tilar dunya di Fustat, Mesir dina malem juma’ah sanggeus magrib taun 204 H / 820 M.[1] Syaikh Ar-Rabi’i ngocapkeun, “Simkuring ngimpen ningal Nabi Adam AS, tilar dunya, nalika kuring nanya ngeunaan perkara éta, hiji jalma (ahli tafsir ngimpi) ngawaler yén éta téh cicirén yén hiji jalma anu pangalimna di dunya bakal pupus, margina Allah SWT ngajarkeun Adam AS sakabéh ngaran, teu lila sanggeus éta Imam Syafi’i rah.a tilar dunya.[2] Jasadna dikurebkeun dina poé juma’ah sanggeus ashar, poé panungtung dina bulan rajab.[2] Nalika Ar-Rabi’i mulang tina ngalayad anjeunna ningal hilal bulan sya’ban taun 204 Hijriyah.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag Asraka, Tawil. 2010. Mengenal Tokoh Ulama’ Terbesar Sepanjang Masa Al-Imam Abu Abdillah Muhammad bin Idris Rah.A, yang lebih dikenal dengan Imam Syafi’i. Jakarta.
  2. a b c d e f g h i j k l m Dr. Jaih Mubarok. 2000. Sejarah dan Perkembangan Hukum Islam. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.