Idul Fitri

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Idul Fitri
Ngaran resmi Eid, Eid ul-Fitr Arab: عيد الفطر
Ngaran lian Lebaran, Boboran Siam
Dirayakeun ku Umat Muslim
Jenis Hari libur agama
Ma'na Tandaning mungkasna bulan Romadan, bulan puasa
Parayaan Ibadah, silaturahmi, mudik
Kagiatan Silat Id
Tanggal 1 Syawal
Taun 2019 5 Juni
Patali jeung Romadon nu lumangsung lilana 29-30 poé sanggeus surup panonpoé di poé pangungtung.

Idul Fitri (Basa Arab: عيد الفطرʻĪd al-Fiṭr, IPA: [ʕiːd al fitˤr])[1] leuwih dipikawanoh ku istilah lebaran atawa boboran nyaéta poé raya kaagamaan umat Islam anu nandakeun yén bulan Romadon atawa bulan puasa geus lekasan. Idul Fitri ragrag dina tanggal 1 Syawal dina pananggalan Hijriyah anu mana umat Islam teu meunang puasa dina ieu poé téh. Poénan lebaran Idul Fitri ditangtukeun ku cara noong hilal sahingga ragragna 1 Syawal di saban tempat tangtu moal bareng. Lian ti kitu, ku sabab loba cara hisab jeung ru'yat téh nyumebabkeun varéatifna panangtuan tanggal 1 Syawal di unggal tempat.[2]

Dina tanggal 1 Syawal, umat Islam ngariung isuk-isuk sarta milampah solat id bajamaah di masigit, ku sabab lobana jamaah sahingga teu kawadahan di masigit antukna mah dipilampah di taneuh lapang malah nepi ka jalan sagala. Umumna umat Islam di Indonésia ngajadikeun poé Idul Fitri minangka poé raya utama, tradisi pikeun ngariung balik babarengan kulawarga anu disebut mudik.[3]

Umat Muslim percaya yén puasa di bulan Romadon mangrupa paréntah langsung ti gusti Allah, sakumaha anu disebut dina Al-Quran, pikeun ngalakonan puasa Romadon sabulan campleng,[4] sarta di akhir milampah solat id jeung mayar zakat fitrah.

Sajarah[édit | édit sumber]

Ibadah Idul Fitri dicontoan ku Kangjeng nabi Muhammad SAW. Ieu perkara dititénan ti poé munggaran bulan Syawal atawa poé pamungkas bulan Romadon, nu mana lalampahan puasa umat Islam rék lekasan.[5]

Ceuk sakaol mah, ieu poé raya téh dimimitian di Madinah satutasna Kangjeng Nabi hijrah ti Mekah ka Madinah. Anas (RA) ngalaporkeun: Nalika Kangjeng Nabi dugi di Madinah, anjeunna mendakkan jalma-jalma nuju ngarayakeun dua dinten tinangtu nu mana aréta jalma téh biasa ngahibur diri ku rékréasi sarta kagumbiraan. Anjeunna tumaros ka aréta jalma ngeunaan watek ti ieu parayaan nu tuluy diwaler ku maranéhna téh yén ieu poé raya téh mangrupa kasempetan nu pikasenangeun sarta rékréasi. Ti harita, Kangjeng Nabi cumarios yén Gusti Allah parantos netepkeun dua dinten parayaan tinimbangan ieu pikeun aranjeun anu leuwih hadé batan ieu: Idul Fitri sareng Idul Adha.[6]

Lampah ibadah[édit | édit sumber]

Zakat fitrah[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: zakat fitrah.
Idul Fitri di Istiqlal, Jakarta.

Zakat fitrah saenyana mah bisa dipilampah ti saprak tangtu tanggal bulan Romadon, ngan kalolobaana mah sok di serentekkeun ka poé motong, malah mah nikakeun saméméh solat id. Dalah waktu nu pangafdolna pikeun zakat fitrah téh nya nu tadi téa, saanggeus solat subuh nepi ka saméméh solat id.[7] Zakat fitrah diwajibkeun ka sakumna umat islam ti mimiti orok nepi ka kolot rémpo, iwal ka para mustahiq zakat.[7] Zakat fitrah sifatna individual lantaran ieu mah zakat badan seja ngabersihan awak, sahingga nu dipaké pikeun zakat téh mangrupa kadaharan pokok urang sorangan, saupama di Sunda kiwari mah nyaéta mangrupa béas, ari lobana nyaéta sakulak atawa sarua jeung 3,5 léter.

Takbiran[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: takbiran.

Takbir mimiti ditanjeurkeun sanggeus tangtu ragragna tanggal 1 Syawal.[8] Takbiran pas idul fitri dimimitian ti samet magrib maleman tanggal 1 syawal nepi ka réngséna solat id. hal ieu dumasar kana dalil Al-Qur'an[9]

“…geura anjeun jejegkeun wilanganana (puasa) sarta geura anjeun agung-agungkeun asma Allah (takbiran) kalawan pituduh-Na anu (tas) ditepikeun ka anjeun.” (Qs. Al Baqoroh: 185)

Ieu ayat ngadadarkeun yén nalika jalma geus réngsé milampah ibadah puasa di bulan Romadon mangka disaréatkeun pikeun ngagungkeun asma Allah ku cara takbiran[9].

Ibn Abi Syaibah ngariwayatkeun yén Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam kaluar bumi angkat ka lapangan tuluy anjeunna takbiran nepi ka dugi di lapangan. Anjeunna tumetep takbir dugi ka réngsé solat. Saatos ngaréngsékeun solat, anjeunna mungkasan takbir. (HR. Ibn Abi Syaibah dina Al Mushannaf 5621)

Tina hadits di luhur cindekna mah ieu takbiran idul fitri téh mangrupa ibadah nu bisa dipilampah dimana baé sarta iraha baé. Hartina teu kudu ulukutek takbiran di masigit waé. Kacida dianjurkeunana pikeun ngalobakeun takbir nalika leumpang ka lapangan. Lantaran ieu mangrupa kabiasaan Kangjeng Nabi jeung para sohabat. Ari lafad babacaan takbir dina poénan lebaran nyaéta saperti di handap ieu:

Allahu akbar, Allahu akbar, Allahu akbar الله أكبر الله أكبر الله أكبر
la ilaha illa Alloh لا إله إلا الله
Allahu akbar, Allahu akbar الله أكبر الله أكبر
wa li-illahi al-hamd ولله الحمد

Babacaan takbir antara Idul Fitri jeung Idul Adha sarua kawas nu di luhur, ngan aya nu ngabédakeunna nyaéta waktu lumangsung takbiranana. Idul Fitri takbiranna kawilang sakeudeung nyaéta ti mimiti ditangtukeunna tanggal 1 Syawal biasana ti surup panon poé dina ahir tanggal bulan Romadon, nepi ka réngsé solat id di isuk poéna, paling lila gé nika soré méméh tanggal kadua.[10] Ari takbiran di lebaran Idul Adha éta kawilang lila, lantaran waktuna ti mimiti tanggal 10 bulan Rayagung nepi ka solat asar tanggal 13 Rayagung (poé tasrék).[10]

Solat id[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: solat id.

Hukum shalat id sunat muakad, saprak disaréatkeun ti taun kadua hijriyah, Kangjeng Rosul teu pernah ninggalkeunana tug dugi ka tilardunyana, satuluyna mah ieu gelaran ibadah téh diteruskeun ku para sohabatna.[11] Ieu solat id téh umum baé siga solat-solat séjénna, nu ngabédakeunana mah nyaéta takbir, babacaan jeung waktuna. Waktu solat id di poé Idul Fitri ti mimiti moncorongna panonpoé nepi ka asup waktu lohor.[11] Solat id dipilampah sacara bajaamaah sarta aya khutbah sanggeusna solat téh. Solat id dimimitian ku niat mun diucapkeun mah saperti kieu

أُصَلِّي رَكْعَتَيْنِ سُنَّةً لعِيْدِ اْلفِطْرِ (مَأْمُوْمًا\إِمَامًا) لِلهِ تَعَــــالَى

“seja kawula niat solat sunat Idul Fitri dua rokaat (jadi ma'mum/imam) karna Allah ta’ala.”
Solat id di lapang di Somalia.

Prakték ibadah solat id boh Idul Fitri boh Idul Adha saéstuna teu pati béda, ngan aya sawatara hal anu ngabédakeun nyaéta waktu lumangsung solat sarta sisiapan saméméh solat. Demi solat Idul Adha dianjurkeun supaya diawalwaktukeun, tujuanna pikeun méré lolongkrang waktu nu laluasa ka masarakat nu mana sanggeus solat téh tangtu loba nu rék kalurban.[11] Sedengkeun demi solat Idul Fitri mah disunatkeunna supaya diperalkeun waktu mulaina. Ieu téh dimaksudkeun pikeun méré kasempetan jang jalma nu aracan zakat fitrah.[11] Lian ti waktu lumangsung solat, nu ngabédakeun deui téh nyaéta sisiapan solat, nu mana Kangjeng Rasul téh nyontoan supaya mumuluk heula saprakna rék indit solat Idul Fitri, sok sanajan kur ngadahar sababaraha guruntul korma.[10] Sedengkeun mun rék solat Idul Adha mah Kangjeng Rosul teu mumuluk heula.

Nyawalan[édit | édit sumber]

Salah sahiji ibadah anu dianjurkeun saprak bérés lebaran Idul Fitri nyaéta puasa genep poé di bulan Syawal atawa disebut nyawalan. Nyawalan dipilampah sanggeus poénan lebaran Idul Fitri, ulah pas poénan lebaranna lantaran dina pas poénan Idul Fitrina mah teu meunangkeun ku Kangjeng Rosul.[12] Demi waktu puasana nu paling afdol nya sacara ngaruntut ti tanggal 2 Syawal nika tanggal 7. Tapi teu jadi patokan, bisa ogé selang seling, sarta bisa ogé di tengah atawa di ahir bulan Syawal. Saupama boga qodoaneun mah, mangka nu diutamakeun nyaéta puasa qodo heula, kakara mun réngsé ngodoan dituluykeun kana puasa nyawalan.[12]

Silaturahmi[édit | édit sumber]

Silaturahmi di poénan lebaran geus jadi budaya ti baheulana.

Silaturahmi dina poénan Idul Fitri geus jadi kabiasaan umat Islam, biasana samulangna solat id langsung silih pénta hampura ka papada kulawarga ogé ka tatangga boh deukeut boh jauhna. Utamana mah ka kolot indung bapa sarta kulawarga deukeut nu sagulung-sagalang. Mangrupa ibadah hablumminannas, lantaran ti sataun saméméh lebaran jeung papada jalma bisi aya salah nu teu karasa, di poé éta jadi momen pikeun silih ngihlaskeun kasalahan-kasalahanna séwang-séwangan. Lantaran ari perkara hablumminallah na mah anggeus ditarékahan dina sabulan saméméhna, nyaéta dina bulan Romadon ku cara puasa nahan lapar, halabhab jeung nafsuna. Saupama jalma tara silaturahmi sumawona ménta hampura, mangka jalma kitu ngalelebar ganjaran ibadahna, lantaran moal ditampa ku Gusti Allah sagala amal-amalanana.[13]

Di mana urang silaturahmi sok diucapkeun dua Minal 'Aidin wal-Faizin, nu sabenerna ieu téh tradisi masyarakat Asia Ngétan-ngidul. Mungguh lolobana ulama ngamandanan yén éta ucap-ucapan téh lain dumasar kana uucapan ti Kangjeng Nabi Muhammad. Ieu ucapan téh mulana mah ti saurang panyair di mangsa Al-Andalus, nu ngaranna Shafiyuddin Al-Huli, nalika manéhna mawakeun sair nu kontéksna nyaritakeun haleuang awéwé di poé raya.[14] Anapon uucapan nu disunahkeun mah nyaéta Taqabbalallahu minna wa minkum ("Mugia Allah nampi amal kami jeung aranjeun") atawa Taqabbalallahu minna waminkum wa ahalahullahu ‘alaik ("Mugia Allah nampi (amalan) ti kami jeung ti anjeun sakumna jeung muga Allah nyampurnakeunna ka anjeun" jeung samisilna.”).[15][16][17][18]

Sodakoh[édit | édit sumber]

Dina poénan remen jalma nu kawilang mampuh babagi ka barudak leutik utamana mah ka nu kurang mampuh atawa ka yatim. Ari babagina biasana mah mangrupa duit. Jalma-jalma nu rék babagi sodakoh ngahaja ngadatangan ka bank pikeun nukeuran duitna kana duit nu alanyar. Sangkan barudak nu dibaréré duit téh aratoheun lantaran meunang duit anyar nu hareuras tur rarengkeng kénéh. Hukum babagi duit kieu aya nu nyebut teu meunang saupamana niat babagi duit téh ngan saukur hayang némbongkeun yén urang téh beunghar.[19] Tapi diheugbaékeun saupamana babagi téh niatna enggoning sodakoh ka jalma-jalma nu teu mampuh. Aya ogé nu babagi téh ngan ka dulur-dulur deukeutna hungkul, anu kieu kautamaanna teu siga nu sodakoh kanu teu mampuh atawa yatim.[19]

Tradisi masarakat[édit | édit sumber]

THR[édit | édit sumber]

THR (dibaca: té-ha-ér) mangrupa singgetan tina basa Indonésia nyaéta Tunjangan Hari Raya. Unggal taun ieu THR kacida dianti-antina ku para karyawan atawa ku para langganan balanja. Nu méré THR aya ti pausahaan ka para karyawanna, aya ti para padagang ka para langgananna jeung saterusna ti éta. Ieu THR téh loba rupana, kumadaékna nu méré wéh, aya nu mangrupa bahan-bahan piolaheun, aya ogé nu mangrupa duit, aya ogé nu mangrupa kadaharan nu jaradi. Namung THR anu diatur ku pamaréntah mah nyaéta THR mangrupa duit, nu lumakuna pikeun PNS, TNI, pajabat Nagara jeung Pénsiunan.[20] Taun 2019 mah diatur ku Palaturan Pamaréntah Nomer 36 Taun 2019 ngeunaan Paméréan THR Pikeun PNS, TNI, Polri, Pajabat Nagara, jeung Pénsiunan.[20]

Mudik[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: mudik.
Mararudik

Saupama bulan Romadon geus tompér, tradisi mudik tangtuna lumaku di puseur dayeuh. Kagiatan mudik téh baralikna para pangumbara/pagawé migran ka lemburna séwang-séwangan. Mudik geus jadi tradisi saupamana geus deukeut ka poénan lebaran, salah sahijina nyaéta lebaran Idul Fitri. Sacara harfiah istilah mudik téh asalna tina kecap udik nu hartina méh sarua jeung girang, lantaran kalolobaanana nu daratang ka Batawi mangsa awal téh ti belahan Bogor, jadi nyebut ka Batawi téh ku istilah hilir, sarta nyebut lemburna ku istilah udik. Kecap udik dirarangkénan pi- jeung N- (nasal) jadi piudik tuluy jadi miudik. Saterusna ieu kecap dipaké ku sakumna pangumbara di Batawi pikeun nyebut istilah balik ka lemburna sorangan, sangkan bijil ogé istilah milir-mudik (mihilir-miudik).

Kaolahan disiapkeun ti poé motong

Dina ieu kasempetan mudik para pangumbara anu baralik ngarumpul di imah kolotna, nepungan indung bapa, dulur deukeut, dulur salembur, malah nepungan babaturan nu lawas arang panggih. Intina mah pikeun silih hampura sarta manjangnkeun tali silaturahmi. Transportasi anu dipaké nalika mudik téh kiwari réa jinisna ayanu maké pasawat terbang, karéta api, kapal laut, beus, jeung kandaraan pribadi kayaning mobil jeung sapédah motor, malah mah aya nu maké treuk. Tradisi mudik kieu teu ngan di Indonésia wungkul, nagara séjén ogé aya nu mikawanoh kagiatan nu modél kieu kawas nagara Bangladés.

Poé motong[édit | édit sumber]

Poé motong téh mun ceuk ayeuna mah disebut H-1 lebaran atawa sapoé saméméh lebaran. Dina ieu poé masarakat muslim tatahar kaolahan jang bawaeun munjungan/nganteuran atawa jang suguhkeuneun engké dina poé lebaranana. Poé motong éstu dipaké jang olah wéh, ogé mun kaburu mah dipaké jang untar-anteur rantang munjungan ka dulur-dulur. Sanggeus poé motong, peutingna tangtu asup kana maleman takbiran.

Munjungan[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: munjungan.
Rantang jang munjungan

Munjungan atawa nganteuran mangrupa tradisi untar-anteur kaolahan jang lebaran ka sadérék nu dareukeut ogé nu jarauhna. Munjungan biasana lumangsung dina poé motong atawa H-1 lebaran. Saanggeusna olah kadaharan dina poénan motong, kaolahanna téh dihancenganan pikeun bagikeuneun ka dulur-dulur téa. Ari wawadahan jang ngabagikeunna biasana maké rantang, dianteurkeun ka imah-imahna langsung sarta sok dipulang deui eusi rantangna ku kaolahan nu dianteuranana.[21] Tradisi kieu masih ramé dilakonan di suklak-sikluk pilemburan, da ari di wewengkon nu geus rada kota mah geus arang langka nu masih munjungan atawa nganteuran téh. Jalma paburisat jangjang-jingjing rantang kaditu-kadieu, eusi rantangna loba rupana, aya sangu, semur daging, rendang daging, bihun atawa emih, sambel goréng kentang, dééng, tumis buncis jeung sajabana.[21]

Ngadulag[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: ngadulag.
Nabeuh bedug taun 1980

Parabot bedug jadi ciri mandiri nu dipimilik ku umat Islam di Tatar Sunda, umumna di Tatar Nusantara, lantaran di nagara-nagara mayoritas Islam séjén mah (kocapkeun Wétan Tengah) teu miboga ieu parabot. Nalika surup panon poé nu satuluyna asup kana tanggal 1 Syawal, di masigit mimiti réang sora takbiran nu ngahandaru ti unggal sapéker masigit. Éta sora takbiran anu ngahandaru téh diigelan ku sora tabeuhan bedug, nu leuwih dipikawanoh ku istilah ngadulag. Tradisi ngadulag kieu téh geus jadi tradisi taunan dina poénan lebaran, utamana mah dina maleman takbiranana.[22] Ilaharna mah ngadulag téh lumansung di lingkungan masigit, ngan kiwari mah aya ogé nu ngadulag sarta takbiran téh nguriling ka jalan-jalan.[22] Meureun ku alatan gampangna transportasi kayaning mobil toring, treuk, sarta sapédah motor pikeun ngajalanana.

Ngadulag dilakonan dina maleman takbiran sapeuting jeput, minangkana mah pangreuah-reuah pikeun ngigelan anu talakbiran. Ari anu ditabeuhna lain ngan bedug hungkul, aya kohkolna sarta sagala alat nu kirana bisa ngasilkeun sora nu ngawirahma saupamana ditabeuh bareng jeung bedug.

Pakéan anyar[édit | édit sumber]

Mareuli baju anyar.

Teu budak teu kolot, heuleut sawatara poé méméh poénan lebaran téh biasana geus pada riweuh mikiran baju anyar jang lebaran. Ieu tradisi téh geus ngulit ngadaging, hartina lebaran teu bisa disebut lebaran lamun can boga baju anyar mah. Ieu lumaku pikeun sawatara jalma, da ari jalma nu ngarti kana bag-bagan agama mah teu pati mentingkeun teuing kana pasualan baju mah, sok sanajan tina ieu tradisi baju anyar lebaran téh ngandung siloka. Siloka anu dimaksud nandakeun yén dina poé Idul Fitri téh sakur jalma muslim geus diberesihkeun kabéh kaasup awakna ku dizakatfitrahan, kitu ogé pakéanna nu sarwa anyar téa.

Ieu tradisi baju anyar téh geus lumangsung ti taun 1950-an.[23] Manahoréng ieu tradisi baju anyar nalika lebaran téh geus aya dina buku Sajarah Nasional Indonésia yasana Marwati Djoened Poesponegoro jeung Nugroho Notosusanto.[23] Kacaturkeun yén ieu tradisi mimitina mah aya di wewengkon kasultanan Banten, nu satuluyna sumebar ka Tatar Sunda, saterusna sa-Nusantara. Geus teu bireuk deui yén Kasultanan Banten kasohor ku wawasan ka-Islamanna dina mangsa harita.[23] Maksud awalna mah pikeun ngareuah-reuah poénan lebaran, sakumna warga masarakat nyiar baju alanyar. Ngan sacara umum ieu tradisi jadi kontrovérsi, lantaran ku ieu tradisi téh leuwih saeutik mangpaatna, utamana mun ngarandapan ka jalma nu kawilang kurang mampuh. Ngan mangsa harita diakalanna téh ku cara ngajait sorangan,[23] mantak di unggal imah sok baroga mesin jait sorangan.

Kulinér lebaran[édit | édit sumber]

Kupat[édit | édit sumber]

Kupat na luhur méja

Kupat geus jadi susuguh has di poénan lebaran. Ieu kupat dijieun tina bahan utama béas nu dibungkus ku pamungkus nu dijieun tina anyaman daun kalapa ngora (janur). Kupat disayagakeun dina poénan lebaran minangka batur dahar opor atawa kaolahan daging lianna. Aya dua jinis kupat, aya nu wangunna juru tujuh (pangilaharna) sarta jajaran génjang nu juru genep. Galur anyaman séwang-séwangan béda, mun upamana rék nyieun kupat kudu dipilah-pilah janur nu kualitas daunna hadé, nya nu panjang jeung rubak, teu pati kolot ogé teu pati ngora.

Ulén beunang ngagarang

Ieu kupat geus jadi kadaharan wajib pikeun lebaran, sabab kurang afdol mun di masing-masing imah teu euweuh kupat nu disuguhkeun téh. Malah mah ieu kupat téh geus jadi ikon has poénan lebaran di Nusantara, mun dina sagala gambar-gambar nu ngeunaan lebaran téh tangtuna nu digambarkeunana téh nyaéta gambar kupat téa. Di wewengkon saluareun Nusantara kawasna mah teu mikawanoh ieu kaolahan kupat.

Ulén[édit | édit sumber]

Bahan pikeun nyieun ulén nyaéta tina béas ketan. Ieu béas ketan digigihan tuluy ditutuan nikakeun lemes. Saupama geus lemes, tuluy dibentuk wangun lonyod ipis, saterusna mah dipoé sangkan garing jadi teu cepel. Di sawaréh wewengkon nyebutna ulén, aya ogé nu nyebutna oli. Nu pasti ieu kadaharan téh geus kawilang wajib aya mangsa deukeut ka poénan lebaran mah. Ieu ulén biasana didaharan bareng jeung deungeun séjénna, kayaning rendang, semur, opor, sambel goréng kentang jeung mun geus rada lila mah sok dicocol kana bebeyé atawa beleketek.

Kaolahan daging[édit | édit sumber]

Semur daging kentang

Semur mangrupa kadaharan has Sunda mun geus asup ka lebaran. Dijieunna tina bahan utama daging sapi, samarana maro ku kécap nikakeun warnana jadi hideung. Lian ti semur aya ogé rendang, nu sarua tina bahan utama daging sapi samarana maro ku cabé sahingga jadi lada. Aya ogé kaolahan has Batawi nyaéta opor, maro cai santenna ari opor mah, didaharna bareng jeung kupat téa. Opor mah bahan dasarna dijieun tina daging hayam lain daging sapi. Lian ti éta, aya ogé di poénan lebaran téh anu nyaté.

Kukuéhan[édit | édit sumber]

Kue Nastar

Poénan lebaran tangtu di unggal imah téh loba ku kuéhna, boh kuéh nu beunang nyieun sorangan atawa kadaharan beunang meuli. Kuéh lebaran nu sok nyieun sorangan biasana kayaning siki katapang, bidara, dodol, rangginang, ranggining, dapros, opak, nastar, putri salju jsté.

Bebeyé[édit | édit sumber]

Saupama kaolahan daging geus 2 ka 3 poéna téh teu béak biasana teterusan dihaneutkeun, tah ieu kaolahan daging jeung batur-baturna nu dihaneutkeun téh sok nyirorot cai kuahna. Geus kitu mah jadi ngaley, tapi ngeunah kénéh jang dahareun mah. Nu kieu disebut bebeyé atawa beleketek, nu tuluy ieu bebeyé téh dipaké jang cocol ulén atawa cocol kupat. Malah mah sok dihijikeun kaolahan daging jeung bihun atawa emih téh ngahaneutkeunana barengan. Atuh nikakeun hideungna éta nu beunang ngahaneutkeun téh, najan kitu teu weléh wé raresep nyocolanana.

Idul Fitri na Maséhi[édit | édit sumber]

Dina pananggalan Hijriyah, nangtukeun poé Idul Fitri téh tangtuna bakal akur dina unggal taunna, ngan mun disurupkeun kana kalénder Masehi bakal moal akur, nu nyumebabkeun unggal taunna téh di Maséhi mah poénan lebaran téh béda-béda. Dina kalénder Islam, ganti bulan téh ditangtukeun dumasar kana faseu bulan (kalénder candra), nu mantak ayana sistem ru'yat téa. Ku sabab kitu, poénan Idul Fitri téh sok robah-robah unggal taunna di kalénder Maséhi mah, nyaéta kurang leuwih robah 11 poé leuwih anggal ti unggal taunna.

Di handap mangrupa runtuyan poénan Idul Fitri dina kalénder Maséhi ti taun 1928-2026:

Maséhi Hijriyah 1 Romadon 1 Syawal Lila (poé)
1928 1346 23 Pébruari 24 Maret 30
1929 1347 9 Pébruari 10 Maret 30
1930 1348 31 Januari 2 Maret 30
1931 1349 20 Januari 19 Pébruari 30
1932 1350 10 Januari 9 Pébruari 30
1933 1351 28 Désémber 28 Januari 30
1934 1352 17 Désémber 17 Januari 30
1935 1353 7 Désémber 7 Januari 30
1935 1354 27 Nopémber 27 Désémber 30
1936 1355 16 Nopémber 16 Désémber 30
1937 1356 5 Nopémber 5 Désémber 30
1938 1357 25 Oktober 24 Nopémber 30
1939 1358 15 Oktober 14 Nopémber 30
1940 1359 3 Oktober 2 Nopémber 30
1941 1360 22 Séptémber 21 Oktober 30
1942 1361 11 Séptémber 11 Oktober 30
1943 1362 1 Séptémber 1 Oktober 30
1944 1363 20 Agustus 19 Séptémber 30
1945 1364 10 Agustus 9 Séptémber 30
1946 1365 30 Juli 30 Agustus 30
1947 1366 20 Juli 19 Agustus 30
1948 1367 8 Juli 7 Agustus 30
1949 1368 27 Juni 27 Juli 30
1950 1369 17 Juni 17 Juli 30
1951 1370 6 Juni 6 Juli 30
1952 1371 25 Méi 24 Juni 30
1953 1372 15 Méi 14 Juni 30
1954 1373 4 Méi 3 Juni 30
1955 1374 24 April 24 Méi 30
1956 1375 12 April 12 Méi 30
1957 1376 1 April 1 Méi 30
1958 1377 22 Maret 21 April 30
1959 1378 11 Maret 10 April 30
1960 1379 28 Pébruari 29 Maret 30
1961 1380 16 Pébruari 18 Maret 30
1962 1381 6 Pébruari 8 Maret 30
1963 1382 27 Januari 26 Pébruari 30
1964 1383 16 Januari 15 Pébruari 30
1965 1384 4 Januari 3 Pébruari 30
1966 1385 23 Désémber 23 Januari 30
1967 1386 13 Désémber 13 Januari 30
1968 1387 2 Désémber 2 Januari 30
1968 1388 21 Nopémber 21 Désémber 30
1969 1389 11 Nopémber 11 Désémber 30
1970 1390 31 Oktober 30 Nopémber 30
1971 1391 20 Oktober 19 Nopémber 30
1972 1392 8 Oktober 7 Nopémber 30
1973 1393 27 Séptémber 27 Oktober 30
1974 1394 17 Séptémber 17 Oktober 30
1975 1395 6 Séptémber 6 Oktober 30
1976 1396 26 Agustus 25 Séptémber 30
1977 1397 16 Agustus 15 Séptémber 30
1978 1398 5 Agustus 4 Séptémber 30
1979 1399 25 Juli 24 Agustus 30
1980 1400 13 Juli 12 Agustus 30
1981 1401 3 Juli 2 Agustus 30
1982 1402 22 Juni 22 Juli 30
1983 1403 12 Juni 12 Juli 30
1984 1404 31 Méi 30 Juni 30
1985 1405 21 Méi 20 Juni 30
1986 1406 10 Méi 9 Juni 30
1987 1407 29 April 29 Méi 30
1988 1408 16 April 16 Méi 30
1989 1409 7 April 7 Méi 30
1990 1410 27 Maret 26 April 30
1991 1411 17 Maret 16 April 30
1992 1412 5 Maret 4 April 30
1993 1413 23 Pébruari 25 Maret 30
1994 1414 12 Pébruari 14 Maret 30
1995 1415 1 Pébruari 3 Maret 30
1996 1416 22 Januari 21 Pébruari 30
1997 1417 10 Januari 9 Pébruari 30
1998 1418 31 Désémber 30 Januari 30
1999 1419 20 Désémber 19 Januari 30
2000 1420 9 Désémber 8 Januari 30
2000 1421 27 Nopémber 27 Désémber 30
2001 1422 16 Nopémber 16 Désémber 30
2002 1423 6 Nopémber 6 Désémber 30
2003 1424 27 Oktober 25 Nopémber 29
2004 1425 15 Oktober 14 Nopémber 30
2005 1426 4 Oktober 3 Nopémber 30
2006 1427 24 Séptémber 24 Oktober [24] 30
2007 1428 13 Séptémber 13 Oktober 30
2008 1429 1 Séptémber 1 Oktober 30
2009 1430 22 Agustus 20 Séptémber 29
2010 1431 11 Agustus 10 Séptémber[25] 30
2011 1432 1 Agustus 31 Agustus[26] 30
2012 1433 21 Juli 19 Agustus 29
2013 1434 10 Juli 8 Agustus[27] 29
2014 1435 29 Juni 28 Juli[28] 29
2015 1436 18 Juni 17 Juli[29] 29
2016 1437 6 Juni 6 Juli 30
2017 1438 27 Méi[30] 25 Juni[31] 29
2018 1439 17 Méi 15 Juni 29
2019 1440 6 Méi 4 Juni 29
2020 1441 24 April 24 Méi 30
2021 1442 13 April 13 Méi 30
2022 1443 4 April 3 Méi 29
2023 1444 24 Maret 22 April 29
2024 1445 13 Maret 11 April 29
2025 1446 2 Maret 31 Maret 29
2026 1447 19 Pébruari 20 Maret 29

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Elias, Jamal J. (1999). Islam. Routledge. p. 75. ISBN 0415211654. 
  2. Online, N. U. "Beda Pendapat Ulama soal Penetapan Awal Ramadhan". NU Online (dalam en-us). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  3. "Tradisi Mudik Bermula dari Momen Pengakuan Kesuksesan Diri". gaya hidup. Diakses tanggal 2019-06-02. 
  4. Citakan:Cite quran
  5. Ghamidi, Javed Ahmad. Mizan: A Comprehensive Introduction to Islam. Lahore: Al-Mawrid. 
  6. Ahmad ibn Hanbal, Musnad, vol. 4, 141–142, (no. 13210).
  7. a b "Pengertian Zakat Fitrah dan Syarat-syaratnya". Lembaga Amil Zakat Dompet Dhuafa (dalam en-US). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  8. Weigers, Gerard."Ibadat". Encyclopedia of Islam and the Muslim world, hal. 327
  9. a b "Takbiran Hari Raya". Muslim.Or.Id (dalam en-US). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  10. a b c Imron, Mawardi. "Dua Hal yang Membedakan Shalat Idul Fitri dan Shalat Idul Adha - Bincang Syariah". BincangSyariah | Portal Islam Rahmatan lil Alamin (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  11. a b c d Online, N. U. "Tata Cara Shalat Idul Fitri". NU Online (dalam en-us). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  12. a b "Puasa Enam Hari di Bulan Syawal". Muslim.Or.Id (dalam en-US). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  13. Adawiya, Silmi. "Anjuran Silaturahmi Setelah Idulfitri - Bincang Syariah". BincangSyariah | Portal Islam Rahmatan lil Alamin (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  14. Dawawin Asy-Syi’ri Al-’Arabi ‘ala Marri Al-Ushur, 19:182.
  15. Muhammad bin Ziyad, berkata: "Ketika itu aku bersama Abu Umamah Al-Bahili radhiallahu anhu dan sebagian sahabat Nabi shallallahu alaihi wasallam yang lain, lalu apabila mereka pulang sebagian mengucapkan kepada sebagian lainnya: (Taqabbalallahu minna waminkum) (Semoga Allah menerima amal kami dan kalian), Imam Ahmad bin Hanbal berkata: "Sanadnya baik." Dari Ibnu At-Turkimani dalam kitabnya Al-Jauhar An-Naqiy Hasyiah Al-Baihaqi (3/320-321).
  16. Syeikh Al-Albani rahimahullah dalam kitab Tamamul Minnah (356).
  17. Ibnu Qudamah dalam kitab Al-Mughni (2/259).
  18. Al-Ashbahani dalam kitabnya At-Targhib Wa At-Tarhib (1/251).
  19. a b Ningrum, Desi Aditia. "Bagi uang saat Lebaran dianjurkan jika tujuannya sedekah". merdeka.com. Diakses tanggal 2019-06-02. 
  20. a b "Inilah PP No. 36/2019 tentang Pemberian THR Bagi PNS, TNI, Polri, Pejabat Negara, dan Pensiunan" (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  21. a b Simanjuntak, Tania Natalin. "Munjung dan Nganteuran, Tradisi Menukar Makanan di Hari Raya Khas Indonesia". detikfood (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  22. a b Liputan6.com. "Menabuh Bedug, Bagian dari Tradisi Malam Takbiran". liputan6.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  23. a b c d "Ternyata Seperti Ini Awal Mula Tradisi Baju Baru Saat Lebaran, Kamu Pasti Kaget". Boombastis.com | Portal Berita Unik | Viral | Aneh Terbaru Indonesia (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  24. Pemerintah Tetapkan Idul Fitri 24 Oktober 2006
  25. Pemerintah Resmi Tetapkan Idul Fitri 10 Séptémber 2010
  26. MUI Tunggu Penetapan Idul Fitri Pemerintah
  27. "Menteri Agama Pimpin Takbiran di Masjid Istiqlal". MetroTV. Citakan:ISO date/fr1. http://news.metrotvnews.com/read/2013/08/07/173748/Menteri-Agama-Pimpin-Takbiran-di-Masjid-Istiqlal. Diakses pada 27 Juli 2014 
  28. Ferdyansyah, Rizky (Citakan:ISO date/en). "Pemerintah Tetapkan Idul Fitri 1 Syawal 1435 H Jatuh Pada Senin 28 Juli 2014". MetroTV. http://ramadan.metrotvnews.com/read/2014/07/27/271174/pemerintah-tetapkan-idul-fitri-1-syawal-1435-h-jatuh-pada-senin-28-juli-2014. Diakses pada 27 Juli 2014 
  29. Fauzi, Intan (Citakan:ISO date/en). "Pemerintah Tetapkan Jumat 17 Juli Lebaran". MetroTV. http://ramadan.metrotvnews.com/read/2015/07/16/148239/pemerintah-tetapkan-jumat-17-juli-lebaran. Diakses pada 16 Juli 2015 
  30. Nadlir, Moh. (Citakan:ISO date/fr2). "Pemerintah Tetapkan 1 Ramadhan 1438 H Jatuh pada Sabtu 27 Méi 2017". Kompas.com. http://nasional.kompas.com/read/2017/05/26/18535331/pemerintah.tetapkan.1.ramadhan.1438.h.jatuh.pada.sabtu.27.Méi.2017. Diakses pada 24 Juni 2017 
  31. Kuwado, Fabian Januarius (Citakan:ISO date/en). "Pemerintah Tetapkan Idul Fitri 1438 H pada Minggu 25 Juni 2017". Kompas.com. http://nasional.kompas.com/read/2017/06/24/18514181/pemerintah.tetapkan.idul.fitri.1438.h.pada.minggu.25.juni.2017. Diakses pada 24 Juni 2017