Al Baqoroh

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Al Baqoroh
سورة البقرة
Informasi
Harti Sapi Bikang
Ngaran séjén 'Fusthotul Qur'an
Alif Laam Miim
Sanamul Quran
Az-Zahrawaén
Golongan Madaniyyah,
Surah ka 2
Juz Juz 01
Waktu turun wahyu 87 [1]
Statistik
Jumlah ruku' 40 ruku'
Jumlah ayat 286 ayat
Jumlah kecap 6121
Jumlah aksara 25.500 [2]

Surat Al Baqoroh (Arab: البقرة , al-Baqarah, "Sapi Bikang") nyaéta surat ka-2 dina Al Qur'an. Surat ieu kawengku ti 286 ayat, 6.221 kecap, jeung 25.500 huruf jeung kaasup surat Madaniyah. Sabagéan gedé ayatna turun di awal hijrahna Nabi sa.w., iwal ti ayat 281 nu turun di Mina nalika Haji Wada'. Surah ieu pang panjangna dina Al Qur'an. Dingaranan Al-Baqoroh nu hartina Sapi Bikang dicandak tina carita Bani Isroil nu diparéntah Allah meuncit sapi bikang  (ayat 67-74). Surat ieu ogé disebut Fusthotul Qur'an (Puncakna Al-Qur'an) lantaran eusina  aya hukum-hukum nu teu disebutkeun dina surat nu lian atawa surat Alif Lam Mim  lantaran dimimitian Alif Lam dan Mim. Turun sabada Surat 83 Al Muthoffifin.

Asbabun Nuzul (Sabab Turunna)[édit | édit sumber]

Ti Ibnu Abbas r.a, saurna nalika turun dua siloka (مثلهم كمثل الذي استوقد نارا) hartina "siloka maranéhna (urang munafék) lir ibarat jalma nu ngahurungkeun seuneu (tapi teu nyaangan maranéhna, teu nempo)...", jeung (أو كصيب من السماء) hartina: "Atawa (urang munafék) lir ibarat hujan ngagebrét turun ti langit (bari poék peteng).." nu patali jeung urang munafék, pok maranéhna nyarita: Alloh leuwih luhung tibatan ieu dua siloka. Alloh nurunkeun ayat (إن الله لا يستحيي أن يضرب مثلا) hartina: "Alloh teu éra nyieun siloka (maké reungit)..".

Fadhilah ieu surat[édit | édit sumber]

Rosululloh saw, ngadawuh: (الآيتان من آخر سورة البقرة، من قرأهما في ليلة كفتاه) Dua ayat tina akhir surat Al-Baqoroh saha nu maca dina sapeuting nyukupan.[3]

Ayat jeung tarjamah[édit | édit sumber]


الۤـمۤ (1) Alif Laamiim.
ذَلِكَ ٱلْكِتَابُ لاَ رَيْبَ فِيهِ هُدًى لِّلْمُتَّقِينَ (2) Ieu kitab (Al Qur'an) teu sangsi deui di jerona, pituduh pikeun jalma-jalma nu takwa.
ٱلَّذِينَ يُؤْمِنُونَ بِٱلْغَيْبِ وَيُقِيمُونَ ٱلصَّلٰوةَ وَممَّا رَزَقْنَاهُمْ يُنْفِقُونَ (3) (nyaéta) nu iman (percaya ku haté) kanu ghoib, nanjeurkeun solat, jeung infak ku sabagian rejeki.
وٱلَّذِينَ يُؤْمِنُونَ بِمَآ أُنْزِلَ إِلَيْكَ وَمَآ أُنْزِلَ مِن قَبْلِكَ وَبِٱلآخِرَةِ هُمْ يُوقِنُونَ (4) Jeung jalma-jalma nu iman kana (wahyu) nu turun ka Anjeun (Nabi a.s) jeung kana (wahyu) nu turun saméméh Anjeun
أُوْلَـٰئِكَ عَلَىٰ هُدًى مِّن رَّبِّهِمْ وَأُوْلَـٰئِكَ هُمُ ٱلْمُفْلِحُونَ (5) Maranéhna éta jalma-jalma nu meunang pituduh ti Pangéran maranéhna tur maranéhna jalma-jalma nu aruntung

Pokok Eusina[édit | édit sumber]

Tilu Golongan Manusa dina Al Qur'an (1-20)
Taohid jeung kakawasaan Alloh SWT. (21-39)
Pépéling Alloh SWT. ka Bani Isroil (40-141)
  • Paréntah jeung panyarék Alloh SWT. ka Bani Isroil (40-48)
  • Ni'mat-ni'mat Alloh SWT. ka Bani Isroil (49-60)
  • Wawales kana laku lampah Bani Isroil (61)
  • Pahla nu ariman (62)
  • Wawales Bani Isroil nu sulaya kana jangji jeung Alloh SWT. (63-66)
  • Kisah/ Carita meuncit Sapi Bikang (67-74)
  • Iman urang Yahudi hésé diharepkeun (75-82)
  • Bani Isroil nyulayaan jangjina jeung Alloh SWT. (83-86)
  • Sikep Urang Yahudi ka para rosul jeung kitab-kitab nu turun ti Alloh SWT (87-91)
  • Meuncit anak sapi ku Bangsa Yahudi minangka tanda ponténgna kana dunya barana (92-96)
  • Musuh Malaékat Jibril A.S. hartina musuh Alloh SWT. nu ngutusna (97-101)
  • Urang Yahudi nuduh ka Nabi Sulaéman AS. (102-103)
  • Teu sopanna urang Yahudi ka Nabi Muhammad SAW. jeung sahabatna (104-105)
  • Nganasakh hiji ayat éta urusan Alloh SWT. (106-113)
  • Ngahalang-halang ibadah (114-118)
  • Larangan nuturkeun Yahudi jeung Nasroni (119-123)
  • Patali jangji jeung Nabi Ibrohim AS. (124-129)
  • Agama Nabi Ibrohim AS. (130-141)
Ka'bah nyaéta kiblat pikeun sakabéh umat Islam (142-214)
  • Ngalih kiblat ka Ka'bah (142-152)
  • Cocoba beurat dina nanjeurkeun bebeneran (153-157)
  • Manasik Haji (158)
  • Laknat ka jalma nu nyumputkeun ayat-ayat Alloh SWT. (159-162)
  • Alloh SWT. Nu Kawasa dan Nu Nangtukeun (163-171)
  • Kadaharan nu halal jeung nu haram (172-176)
  • Poko-poko kahadéan (177)
  • Qishos jeung hikmahna (178-179)
  • Wasiat (180-182)
  • Puasa (183-188)
  • Jihad ku jiwa jeung harta banda di jalan Alloh SWT. (189-195)
  • Haji (196-203)
  • Laku lampah munafék (204-210)
  • Hikmah diutusna para rosul jeung cocoba ka umatna (211-214)
Hukum Syaréat (215-252)
  • Nu dibéré nafakah (215)
  • Hukum perang dina Islam (216-218)
  • Arak, judi, harta nu dinafakahkeun jeung ngurus budak yatim (219-220)
  • Poko hukum pernikahan, pipirakan, jeung nyusuan (221-237)
  • Kewajiban migawé solat sanajan keur sieun (238-239)
  • Wasiat keur bojo jeung Mu'tah (240-242)
  • Wajibna jihad jeung harta di jalan Alloh SWT. (243-252)
Tumali rosul-rosul jeung kakawasaan Alloh SWT. (253-260)
  • Utama jeung béda darajat rosul-rosul (253)
  • Anjuran nasorufkeun harta banda (254)
  • Ayat Kursi (255)
  • Taya paksaan asup agama Islam (256-257)
  • Ngahudangkeun jalma nu paéh (258-260)
Cara ngagunakeun harta jeung hukum-hukumna (261-286)
  • Ngagunakeun harta di jalan Alloh SWT. (261-274)
  • Hukum Riba (275-281)
  • Saksi dina jeung sasama (Muamalah) (282-283)
  • Alloh SWT. muji ka urang mukmin jeung du'a maranéhna (284-286)

Tadabbur & Tadzakkur[édit | édit sumber]

Sa anjogna Kangjeng Nabi S.a.w sumping ka Madinah, ieu surat nu mimiti turun anu eusina di antarana ngécéskeun yén Al Qur'an mangrupa kitab pituduh pikeun anu tarakwa (muttaqin) kalayan sababaraha ciri, nyaéta iman kanu goib, migawé solat, méré infaq, iman kana kitab nu turun ka Nabi s.a.w. jeung nu saméméhna Nabi s.a.w, tur yakin kana poé ahérat. Rupa-rupa syaréat mimiti lumaku di masyarakat Islam.

Syaréat Puasa[édit | édit sumber]

Dina taun ka-2 (dua) hiriyah, disyaréatkeun puasa Romadhon. Turun surat ieu ayat ka-183 (يٰأَيُّهَا ٱلَّذِينَ آمَنُواْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ). Kalimah (يا أيُّها الَّذين آمَنُوا ) ngandung harti hé jalma-jalma nu ariman ka Alloh jeung rosul-Na, ngabenerkeun duanana tur ikror (ku lisan ku maca syahadat). Makna (كُتِبَ عَلَـيْكُمُ الصّيامُ ) nyaéta difardukeun ka aranjeun hé nu ariman puasa. Kecap (الصيام) tina kecap (صمت عن كذا وكذ) atawa (أصوم عنه صوماً وصياماً) kuring nahan tina anu tur anu, maksudna nahan tina saniskara nu Alloh maréntahkeun pikeun nahan. Ogé boga makna makna nahan teu ngomong, dina carita Siti Maryam nalika, dawuhna: ( إِنِّي نَذَرْتُ لِلرَّحْمَـٰنِ صَوْماً ) "Kuring nadar karana Nu Maha Welas puasa (ayeuna moal ngomong jeung saha ogé).[4] ku kituna (صوماً وصياماً) bisa boga dua harti, nyaéta puasa (صياماً) nahan tina saban perkara atawa puasa ngomong (صَوْماً)[5]. Ceuk syara puasa nyaéta (الإمساك عن المفطرات مع ٱقتران النية به من طلوع الفجر إلى غروب الشمس) Nahan tina nu ngabatalkeun dibarengan niat ti mimiti medalna fajar tepi ka surupna panon poé. Jeung sampurnana ku (وتمامه وكماله بٱجتناب المحظورات وعدم الوقوع في المحرّمات), ninggalkeun nu dilarang jeung nyingkahan ti nu haram.[6]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Mushaf al-Madinah an-Nabawiyah (bi-Riwayah Hafsh). Madinah: Mujamma' al-Malik Fahd li-Thiba'ah al-Mushaf asy-Syarif. Halaman Ba'
  2. Bashair Dzittamyiz Fi Lathaif al-Kitab al-Aziz, al-bab al-awwal at-thorf ats-tsany a-mawaqif, bashirat fi Alif Laam Miim dzalikal kitab, Mazdudin Fairuz Abadi Muhammad bin Ya’qub
  3. H.R. Muslim ti riwayat sohabat Abdullah bin Mas'ud r.a.
  4. Tafsir Jami'ul Bayan Fi Tafsiril Qur'an, At-Thobari (wafat 310), Suratul Baqoroh ayat 183: (يعنـي الله تعالـى ذكره بقوله: { يا أيُّها الَّذين آمَنُوا } بـالله ورسوله، وصدّقوا بهما وأقرّوا)
  5. Tafsir an-Nukat wal 'Uyun, Imam Al-Mawardy ( تفسير النكت والعيون/ الماوردي (ت 450 هـ)), Surotul Baqoroh ayat 183
  6. Tafsir al-Jami' li Ahkamil Qur'an, Imam Al-Qurthuby (تفسير الجامع لاحكام القرآن/ القرطبي (ت 671 هـ)) QS 2:183: Nurutkeun basa hartina (لإمساك) nahan, boga harti ogé puasa ngomong (إمساك عن الكلام) QS 19 Maryam ayat 26: Jibril a.s. ngabeberah, saurna:Mangga tuang, leueut, jeung haté guligah, mun papanggih jeung saurang manusa, omongkeun: Kuring nadar rék puasa moal ngomong jeung saha ogé.

Pranala luar[édit | édit sumber]

Surat sateuacanna:
Al Fatihah
Surat 2 Surat saparantosna:
Ali Imron
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit


Nulis.jpg