Riba

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Bunga bank di Malawi, kaleuwihan anu kaasup kana riba

Riba dina basa Arab hartina ziyadah atawa ''nambahan".[1][2][3][4][5] Ku lantaran éta numutkeun Yusuf Al-Qardawi sagala injeuman anu aya sarat tambahan dina muamalah dingaranan riba.[2][3][6] Numutkeun istilah, riba hartina nambahan beban ka pihak anu boga hutang (disebutna riba dayn) atawa nambahan takeran waktu patukeur-tukeur 6 komoditi di antarana emas, pérak, gandrung, sya'ir, korma, jeung uyah kalawan jenis nu sarua atawa patukeur-tukeur emas jeung pérak atawa dahareun jeung dahareun kalawan cara anu henteu tunai/ langsung (disebut riba ba'i).[2][6] Sedengkeun numutkeun istilah fuqaha (ahli fiqih) riba nyaéta méré tambahan kana hal-hal anu husus.[5][7] Aya sababaraha pendapat ti ahli fiqih ngeunaan harti riba di antaranaː

  1. numutkeun Al-Mali harti riba nyaéta akad anu aya lantaran ayana patukeur-tukeur barang atawa komoditas nu tangtu anu henteu dipikanyaho imbagna numutkeun syara'; waktu akad atawa mungkas panukeuran kadua belah pihak atawa salah sahiji ti kaduana.[1]
  2. Numutkeun Abdul Rahman Al-Jaziri, harti riba nyaéta akad anu aya lantaran pertukaran nu tangtu, henteu sarua atawa telat salah sahijina.[1]
  3. Numutkeun Syeikh Muhammad Abduh, riba nyaéta tambahan-tambahan anu disaratkeun ku jalma nu boga harta ka jalma anu nginjeum hartana (duitna) lantaran diundurna jangji mayar ti nu nginjeum tina waktu anu geus ditangtukeun.[1]
  4. Numutkeun Qadi Abu Bakar ibnu Al Arabi dina bukuna Ahkamul Quran nétélakeun yén riba nyaéta unggal kaleuwihan antara niléy barang anu dibikeun jeung niléy barang anu ditarimana.[3] Intina mah riba nyaéta nyokot kaleuwihan boh dina transaksi atawa pinjam meminjam sacara bathil atawa patukangtonggong jeung ajaran Islam.[3]

Dina kitab Mughnil Muhtaaj disebutkeun yén riba mangrupa akad panukeuran barang nu tangtu kalawan henteu dipikanyaho (dua barang éta dituker) éta sarua dina kacamata syari'at boh dilakukeun waktu akad atawa ku cara ngakhirkeun dua barang anu ditukeurkeun atawa salah sahijina.[7]

Hukum Riba[édit | édit sumber]

Riba dina Agama Islam[édit | édit sumber]

Dina agama Islam hukum ngalakukeun riba nyaéta haram dumasar Al-Qur'an, sunnah, jeung ijmak para ulama.[4] Kaharamanana dikaitkeun jeung sistem bunga dina jual beuli atawa transaksi anu sipatna komersial.[4] Dina éta transaksi, aya kauntungan jeung bunga anu gedé ngaleuwihan wates wajar nepi ka ngarugikeun pihak-pihak nu tangtu.[4] Fuad Moch. Faruddin méré pendapat yén riba mangrupa transaksi pemerasan.[4]

Dasar hukum diharamkeunana nyaéta dawuhan Allah swt, sunnah, jeung ijmak para ulama di antarana.[1][4]

Dumasar Al-Qur'an[édit | édit sumber]

الَّذِينَ يَأْكُلُونَ الرِّبَا لا يَقُومُونَ إِلا كَمَا يَقُومُ الَّذِي يَتَخَبَّطُهُ الشَّيْطَانُ مِنَ الْمَسِّ ذَلِكَ بِأَنَّهُمْ قَالُوا إِنَّمَا الْبَيْعُ مِثْلُ الرِّبَا وَأَحَلَّ اللَّهُ الْبَيْعَ وَحَرَّمَ الرِّبَا فَمَنْ جَاءَهُ مَوْعِظَةٌ مِنْ رَبِّهِ فَانْتَهَى فَلَهُ مَا سَلَفَ وَأَمْرُهُ إِلَى اللَّهِ وَمَنْ عَادَ فَأُولَئِكَ أَصْحَابُ النَّارِ هُمْ فِيهَا خَالِدُونَ

Hartina:

"Orang-orang yang makan (mengambil) riba tidak dapat berdiri melainkan seperti berdirinya orang yang kemasukan syaitan lantaran (tekanan) penyakit gila. Keadaan mereka yang demikian itu, adalah disebabkan mereka berkata (berpendapat), Sesungguhnya jual beli itu sama dengan riba, Padahal Allah telah menghalalkan jual beli dan mengharamkan riba. orang-orang yang telah sampai kepadanya larangan dari Tuhannya, lalu terus berhenti (dari mengambil riba), Maka baginya apa yang telah diambilnya dahulu (sebelum datang larangan); dan urusannya (terserah) kepada Allah. orang yang kembali (mengambil riba), Maka orang itu adalah penghuni-penghuni neraka; mereka kekal di dalamnya (QS. Al Baqarah [2]: 275).

Dawuhan Allah Swt anu lainna nyaéta:

(يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لا تَأْكُلُوا الرِّبَا أَضْعَافًا مُضَاعَفَةً وَاتَّقُوا اللَّهَ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُونَ (١٣٠

Hartina:

"Hai orang-orang yang beriman, janganlah kamu memakan riba dengan berlipat ganda dan bertakwalah kamu kepada Allah supaya kamu mendapat keberuntungan (QS. Ali Imran [3]: 130)."

Dumasar Sunnah Rasul[édit | édit sumber]

Sasauran Rasulullah saw di antarana:

  • “Allah melaknat pemakan riba, orang yang memberi makan dengan riba, dua orang saksinya, dan penulisnya (sekretarisnya)”. (Imam Muslim rahimahullah ngariwayatkeun ti Jabir Radhiyallahu anhu) [1][7]
  • “Satu dirham riba yang dimakan seseorang dengan sepengetahuannya itu lebih berat dosanya daripada tiga puluh enam berbuat zina” (HR. Ahmad kalawan sanad shahih)[1]
  • Riba mempunyai tujuh puluh tiga pintu, pintu yang paling ringan adalah seperti seseorang menikahi ibu kandungan” (HR. Al Hakim)[1]

Dumasar Ijimak Para Ulama[édit | édit sumber]

Para ulama satuju yén sakabéh umat islam ngutuk jeung ngaharamkeun lantaran ngadatangkeun kamudorotan keur manusa.[4]

Riba henteu ngan saukur diulah ku agama Islam tapi ku agama lain saperti Hindu, Buddha, jeung Kristen ogé ngalarang ieu kalakuan.[1] Sakumaha anu aya dina perjanjian baru Injil Lukas ayat 34 anu nétélakeunː[1]

“Jika kamu menghutangi kepada orang yang kamu harapkan imbalannya, maka di mana sebenarnya kehormatanmu, tetapi berbuatlah kebaikan dan berikanlah pinjaman dengan tidak mengharapkan kembalinya, karena pahala kamu akan sangat banyak”.[1]

Sajarah Riba[édit | édit sumber]

Riba mangrupa panyakit ékonomi masarakat anu geus lila hirup dina kahirupan manusa.[2][6] Sababaraha pakar ékonomi nyebutkeun yén riba geus aya ti saprak manusa wawuh jeung nu ngaranna duit, emas jeung pérak.[2][6]

Riba dipikawanoh dina jaman peradaban Farao di Mesir, peradaban Sumeria, Babilonia, Asyuriya di Irak, jeung peradaban Ibrani Yahudi.[2][6] Hal ieu dijelaskeun dina perjanjian lama yén diharamkeun keur kaum Yahudi nyokot riba ti urang Yahudi deui, tapi maranéhna bisa nyokot riba ti jalma anu lain urang Yahudi.[2][6] Dina Al-Quran dijelaskeun yén Bani Israil (umat Nabi Musa AS) ngalakukeun riba jeung Allah ogé geus ngalarang maranéhna ngadahar riba.[6] Allah ngadawuhː [2][6]

“Maka disebabkan kezaliman orang-orang Yahudi, kami haramkan atas (memakan makanan) yang baik-baik (yang dahulunya) dihalalkan bagi mereka, dan karena mereka banyak menghalangi (manusia) dari jalan Allah, dan disebabkan mereka memakan riba, padahal sesungguhnya mereka telah dilarang daripadanya, dan karena mereka memakan harta benda orang dengan jalan yang batil. Kami telah menyediakan untuk orang-orang yang kafir di antara mereka itu siksa yang pedih.“ (QS. An Nisaa: 160-161)[2][6]

Tuluy umat Yahudi ngawanohkeun riba ka bangsa Arab di semenanjung Arabia, perenahna di kota Thaif jeung Yatsrib (anu ayeuna jadi kota Madinah).[2][6] Di dua kota ieu, Yahudi bisa ngahasilkeun kauntungan anu kacida gedéna, nepi ka urang Arab jahiliyah ngagadékeun anak, pamajikan, jeung diri maranéhna sorangan minangka jaminan hutang riba.[2][6] Lamun maranéhna teu bisa ngalunasan hutang mangka jaminan maranéhna dijadikeun budak Yahudi.[2][6]

Ti kota Thaif, prakték riba nambahan ka kota Makkah jeung dipraktékkeun ku para bangsawan kaum Quraisy jahiliyah nepi ka riba loba di kota Makkah.[2][6] Sakumaha khutbah Rasulullah di Arafah dina haji wada', anjeunna sasauran,[2][6]

“Riba jahiliyah telah dihapuskan. Riba pertama yang kuhapuskan adalah riba Abbas bin Abdul Muthalib, sesungguhnya riba telah dihapuskan seluruhnya”. (HR. Muslim)[2][6]

Wangun-wangun riba anu dilakukeun ku masarakat jahiliyah nyaéta[2][6] ː

  1. hiji jalma méré injeun 10 keping duit emas salila waktu anu ditangtukeun kalawan sarat engké dibayarna maké 11 keping duit emas.[2][6]
  2. Hiji jalma nginjeumkeun 10 keping duit emas, lamun geus waktuna dilunasan jeung manéhna (anu nginjeum) can bisa mayar manéhna ngomong, "Tambahan deui waktu keur mayarna, engké piutangna ditambahan".[2][6]
  3. Hiji jalma méré injeum modal usaha 100 keping duit emas. Unggal bulanna manéhna meunang bunga 2 keping duit emas.[2][6] Lamun geus nepi kana waktuna, anu nginjeum kudu malikkeun sakabéh modal anu diinjeumna anu lobana 100 duit emas.[2][6] Lamun manéhna telat ngalunasan, mangka manéhna kudu mayar denda telat mayar anu kadang-kadang rasiona leuwih gedé daripada bunga bulanan.[2][6]
  4. Hiji jalma meuli barang kalawan henteu tunai/langsung.[2][6] Lamun manéhna can ngalunasan hutang pas jeung waktuna mangka manéhna kudu mayar denda telat mayar salian ti ngalunasan hutang poko.[2][6]

Jenis-jenis Riba[édit | édit sumber]

Riba nyaéta tambahan duit dina hiji komoditas anu khusus.[1] Imam 'Ali bin Husain bin Muhammad atawa anu dipikawanoh ku sebutan as-Saghadi nyebutkeun dina kitab an-Nutf yén riba dibagi jadi tilu nyaéta:

  1. riba dina nginjeum.[7]
  2. Riba dina ngahutang.[7]
  3. Riba dina ngagadékeun.[7]

Tapi sacara gurat badag dina kahirupan sapopoé riba dibagi jadi dua bagéan nyaéta riba dina transaksi jual beuli (buyu') jeung riba dina hutang pihutang (ad-duyun).[1][8][9] Di handap ieu mangrupa rupa-rupa riba.[1]

Riba tambahan dina jual beuli (Riba Buyu')[édit | édit sumber]

Gandum, salah sahiji barang ribawi

Islam ngalarang riba (bunga) dina jual beuli atawa dina dagang, utamana dina barang-barang ribawi.[1] Barang ribawi nyaéta barang anu diharamkeun ayana tambahan.[5] Aya genep komoditi ribawi anu disebutkeun dina hadits di antarana emas, pérak, gandum lemes, gandum kasar, uyah, jeung korma.[5]

Ti Abu Sa’id Al Khudri, Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam sasauran,

الذَّهَبُ بِالذَّهَبِ وَالْفِضَّةُ بِالْفِضَّةِ وَالْبُرُّ بِالْبُرِّ وَالشَّعِيرُ بِالشَّعِيرِ وَالتَّمْرُ بِالتَّمْرِ وَالْمِلْحُ بِالْمِلْحِ مِثْلاً بِمِثْلٍ يَدًا بِيَدٍ فَمَنْ زَادَ أَوِ اسْتَزَادَ فَقَدْ أَرْبَى الآخِذُ وَالْمُعْطِى فِيهِ سَوَاءٌ

Jika emas dijual dengan emas, perak dijual dengan perak, gandum dijual dengan gandum, sya’ir (salah satu jenis gandum) dijual dengan sya’ir, kurma dijual dengan kurma, dan garam dijual dengan garam, maka jumlah (takaran atau timbangan) harus sama dan dibayar kontan (tunai). Barangsiapa menambah atau meminta tambahan, maka ia telah berbuat riba. Orang yang mengambil tambahan tersebut dan orang yang memberinya sama-sama berada dalam dosa” (HR. Muslim no. 1584).[5]

Tina éta hadits urang bisa nyindeukkeun dua hal nyaéta:

  1. lamun barang anu ditukeurkeunna sajenis, misal emas jeung emas atawa gandum jeung gandum, mangka aya dua sarat anu kudu dicumponan nyaéta langsung/ tunai jeung aya dina takaran atawa timbangan anu sarua..[5]
  2. Lamun barang anu masih sa'illah atawa sakelompok ditukeurkeun, mangka hiji sarat anu kudu dicumponan nyaéta tunai/langsung sanajan timbangan salah sahijina leuwih/ teu sarua..[5]

Riba dina jual beuli dibagi jadi dua nyaéta riba fadhl jeung riba nasi'ah.[10]

Riba Fadhl[édit | édit sumber]

Riba fadhl nyaéta jual beuli hiji jenis barang tina barang-barang ribawi kalawan barang anu sarupa kalawan harga anu leuwih.[1][10] Misalna jual beuli sakintal béas jeung hiji saparapat kintal béas nu sarupa, atawa jual beuli hiji sha' korma jeung hiji satengah sha' korma, atawa jual beuli saons pérak jeung saons pérak leuwih sadirham.[1]

Riba Nasi'ah[édit | édit sumber]

Riba nasi'ah nyaéta pamasrahan atawa panarimaan barang ribawi anu ditukeurkeun ku jenis barang ribawi lainna.[10] Riba nasi'ah aya lantaran ayana bébédaan, parobahan, atawa tambahan antara anu dipasrahkeun ayeuna jeung anu dipasrahkeun engké.[10]

Riba dina hutang pihutang (Riba Ad-Duyun)[édit | édit sumber]

Riba dina utang piutang dibagi jadi dua nyaéta riba jahiliyah jeung riba qardh.[1][3][8]

Riba Jahiliyah[édit | édit sumber]

Ieu riba aya dina hutang anu dibayar ngaleuwihan hutang pokona, lantaran nu nginjeum henteu bisa mayar saluyu jeung waktu anu geus ditangtukeun.[3][8] Nambahna hutang anu dibayarkeun bakal nambahan gedé babarengan jeung makin mundurna waktu ngalunasan hutang.[3] Ieu sistem dipikawanoh ogé ku istilah riba mudha'afah (ngalipetgandakaeun duit). Riba jahiliyah mangrupa riba anu diharamkeun ku Allah Swt sakumaha dawuhanana.[1]

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لا تَأْكُلُوا الرِّبَا أَضْعَافًا مُضَاعَفَةً

Hartina: "Hai orang-orang yang beriman, janganlah kamu memakan riba dengan berlipat ganda" (QS. Ali Imran [3]: 130).[1]

Conto riba jahiliyah misalna si A boga pihutang ka si B anu bakal dibayar dina hiji waktu nu geus ditangtukeun.[1] Pas geus ninggang kana waktuna, si A ngomong ka si B "Manéh rék ngalunasan hutang atawa dibéré deui waktu keur ngalunasan tapi maké duit tambahan." [1] Lamun si B henteu ngalunasan hutangna dina waktuna, si A ménta duit tambahan jeung méré deui waktu, tepi ka dina ahirna hutang si B beuki nambahan mangkali-kali leuwih gedé tina hutang awalna.[1]

Riba Qardh[édit | édit sumber]

Riba Qardh nyaéta kaleuwihan anu geus ditangtukeun ku pihak nu méré hutang ka pihak nu boga hutang waktu manéhna malikeun hutangna.[1] Misalna si A daék nginjeumkeun duit ka si B anu gedéna 300 rébu, tapi kalawan sarat si B kudu malikeun deui hutangna bareng jeung duit tambahan (riba) anu gedéna Rp. 350.000,-.[1][8]

Riba nasi'ah asalna tina kecap fi'il madli nasa'a anu hartina nunda, nungguan, atawa nyoko kana tambahan waktu anu dibikeun dina pinjaman kalawan méré tambahan atawa niléy leuwih.[1] Riba nasi'ah idéntik jeung bunga atawa pinjaman.[1] Contona hiji jalma ngajual sakintal korma jeung sakintal gandum atawa béas dina waktu nu tangtu atawa manéhna ngajual sapuluh dinar emas jeung saratus dua puluh dirham pérak nepi ka waktu nu tangtu/ henteu langsung.[1]

Salian ti jenis-jenis riba anu geus disebutkeun, ulama syafi'iah nambahkeun hiji jenis riba anu lain nyaéta riba yad.[4] Riba yad téh kaasup kana jual beuli anu ngakhirkeun pamasrahan (al-Qabdu).[4] Maksudna papisahna dua urang anu ngalakukeun akad saméméh serah terima, saperti nganggap sampurna jual beuli antara gandum anu syai'r tanpa kudu silih masrahkeun jeung narima di tempat akad.[4]

Numutkeun ulama syafi'iyah riba yad jeung riba nasi'ah sarua aya tutukeuran barang jeung henteu sajenis.[4] Bédana, riba yad mah ngakhirkeun narima barang sedengkeun riba nasi'ah mah hak jeung waktu akad ditétélakeun yén waktu mayar diakhirkeun sanajan sakeudeung.[4] Dasar hadits anu nétélakeun ditolakna ieu sistem nyaéta

"Tidak ada riba kecuali riba nasi’ah" (H.R. al-Bukhari dan Muslim: 2991).[4]

Conto Riba dina Kahirupan Sapopoé[édit | édit sumber]

Loba conto riba anu aya dina kahirupa urang sapopoé di antarana:[1]

  1. Budi rék nginjeum duit ka Héndri 100 rébu, tuluy Héndri méré nginjeum kalawan sarat Budi kudu daék mencetan Hendri salila sajam lantaran geus méré nginjeum duit.[1] Hal ieu gé kaasup riba lantaran salian ti kudu mayar kawajibanana nu 100 rébu, Budi kudu mencétan Hendri salila sajam.[1]
  2. Bunga bank konvensional. Waktu urang nginjeum duit ka bank konvensional, urang meunang bunga dina bayaran cicilan.[1]

Jual Beuli anu Ngandung Riba[édit | édit sumber]

Jual beuli 'inah[édit | édit sumber]

Aya sababaraha harti ngeunaan jual beuli 'inah anu ditepikeun ku sababaraha ulama.[5] Harti anu pangkasohorna nyaéta hiji jalma ngajual barang sacara henteu langsung ka nu meuli, tuluy manéhna meuli deui ti nu meuli tadi sacara tunai kalawan harga anu leuwih murah.[5] Tujuan tina ieu transaksi nyaéta keur ngakalan sangkan anu ngajual meunangkeun untung tina transaksi utang piutang.[5]

Misalna, anu boga lahan tanah hayang diinjeuman duit ku si miskin.[5] Lantaran harita kénéh manéhna teu boga duit sacara tunai, nu boga tanah ngomong ka si miskin, " Ieu tanah ku kuring dijual ka manéh sacara kiridit anu hargana 200 juta sarta kudu dilunasan dua taun ka hareup".[5] Sabulan sanggeus éta, anu boga tanah ngomong deui ka si miskin, "Ayeuna kuring rék meuli deui éta tanah kalawan harga 170 juta sacara tunai".[5]

Hartina, anu boga tanah ngan saukur ngakalan sangkan manéhna meunang untung.[5] Manéhna hayang nginjeumkeun duit 170 juta kalawan duit nu kudu dibalikeun 200 juta, nepi ka manéhna boga untung 30 juta.[5] Tanah ngan saukur jadi perantara, anu hayang ditéanganana mah ngan saukur untungna wungkul.[5] Ieu anu disebut transaksi 'inah.[5] Ieu hal kaasup kana riba lantaran unggal piutang anu ngadatangkeun kauntungan, éta kaasup riba.[5]

Ngeunaan hukum jual beuli 'inah, para fuqoha béda pamadegan lantaran penggambaran éta jual beuli anu béda-béda.[5] Imam Abu Hanifah, Imam Malik, jeung Imam Ahmad ngalarang éta jual beuli.[5] Sedengkeun sakumaha anu disaurkeun ku Imam Asy-Syafi'i, anjeunna membolehkan ieu jual beuli lantaran anjeunna ngan saukur ningali tina akad sacara lahiriyah nepi ka nganggap rukunna geus kacumponan sarta henteu merhatikeun ayana niat lain nu aya satukangeun éta.[5] Sawatara alesan anu ngaharamkeun ieu jual beuli nyaéta:

  1. keur nutup rapet-rapet jalan riba.[5] Lamun ieu jual beuli dihalalkeun, sarua waé jeung ngalalkeun transaksi nukeurkeun duit 200 juta ku 170 juta tapi anu salah sahijina katunda.[5] Ieu hal sarua waé jeung riba.[5]
  2. Larangan jual beuli 'inah disebutkeun dina hadits,[5]

إِذَا تَبَايَعْتُمْ بِالْعِينَةِ وَأَخَذْتُمْ أَذْنَابَ الْبَقَرِ وَرَضِيتُمْ بِالزَّرْعِ وَتَرَكْتُمُ الْجِهَادَ سَلَّطَ اللَّهُ عَلَيْكُمْ ذُلاًّ لاَ يَنْزِعُهُ حَتَّى تَرْجِعُوا إِلَى دِينِكُمْ

Jika kalian berjual beli dengan cara ‘inah, mengikuti ekor sapi (maksudnya: sibuk dengan peternakan), ridha dengan bercocok tanam (maksudnya: sibuk dengan pertanian) dan meninggalkan jihad (yang saat itu fardhu ‘ain), maka Allah akan menguasakan kehinaan atas kalian. Allah tidak akan mencabutnya dari kalian hingga kalian kembali kepada agama kalian” (HR. Abu Daud no. 3462. Syaikh Al Albani nyebutkeun yén ieu hadits shahih. Tingali ‘Aunul Ma’bud, 9: 242).[5]

Jual beli muzabanah jeung muhaqolah[édit | édit sumber]

Muzabanah nyaéta unggal jual beuli dina barang anu teu dipikanyaho takaran, timbangan, atawa jumlahna ditukeruan jeung barang lain anu geus puguh takaranana, timbangan, jeung jumlahna.[5] Contona nukeurkeun korma anu geus dikilo jeung korma anu masih kénéh dina tangkal.[5] Di dieu aya riba lantaran henteu jelasna takarana dua korma anu bakal ditukeur.[5] Padahal salah sahiji sarat lamun urang rék nukeuran barang ribawi nyaéta kudu sajenis, kudu tunai, jeung takaranna kudu sarua.[5]

Ti ‘Abdullah bin ‘Umar radhiyallahu ‘anhuma, anjeunna sasauran,[5]

أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ – صلى الله عليه وسلم – نَهَى عَنِ الْمُزَابَنَةِ . وَالْمُزَابَنَةُ اشْتِرَاءُ الثَّمَرِ بِالتَّمْرِ كَيْلاً ، وَبَيْعُ الْكَرْمِ بِالزَّبِيبِ كَيْلاً

Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam melarang dari jual beli muzabanah. Yang dimaksud muzabanah adalah seseorang membeli buah (yang masih di pohon) ditukar dengan kurma yang sudah dikilo atau membeli anggur yang masih di pohon ditukar dengan anggur yang sudah dikilo” (HR. Bukhari no. 2185 dan Muslim no. 1542).[5]

Muhaqolah nyaéta jual beuli kalawan nukeurkeun gandum anu masih kénéh jadi paré (anu aya dina mayang/bulir) jeung gandum anu geus bersih ku cara ngan saukur ditaksir takaranana.[5] Lamun ieu hal kajadianana dina gandum/barang ribawi, maka aya riba lantaran dina patukeur-tukeur gandum jeung gandum deui kudu dina takaran anu sarua.[5]

Ti Ibnu ‘Abbas radhiyallahu ‘anhuma, anjeunna sasauran,[5]

نَهَى النَّبِىُّ – صلى الله عليه وسلم – عَنِ الْمُحَاقَلَةِ وَالْمُزَابَنَةِ

Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam melarang dari jual beli muhaqolah dan muzabanah” (HR. Bukhari no. 2187 dan Muslim no. 1536).[5]

Tapi aya wangun jual beuli anu dihalalkeun padahal sarua jeung muzabanah ogé muhaqolah nyaéta anu disebut jual beuli 'aroya.[5] 'Aroya nyaéta patukeur-tukeur korma baseuh jeung korma garing waktu aya pangabutuh.[5] Ibnu Hajar sasauran,[5]

لَا تَجُوزُ الْعَرِيَّة إِلَّا لِحَاجَةِ صَاحِبِ الْحَائِطِ إِلَى الْبَيْعِ أَوْ لِحَاجَةِ الْمُشْتَرِي إِلَى الرُّطَبِ

Tidak boleh melakukan transaksi ‘aroya kecuali dalam keadaan hajat yaitu si penjual sangat butuh untuk menjual atau si pembeli sangat butuh untuk mendapatkan kurma basah” (Fathul Bari, 4: 393).[5]

Para ulama ngajelaskeun yén jual beuli aroyah bisa dilakukeun kalawan sarat:[5]

  1. bisa ditaksir pisabarahaeun korma baseuh lamun geus jadi garing.[5]
  2. Anu ditukeurkeun teu meunang leuwih ti lima wasaq (1 wasaq=60 sho, 1 sho= 2,176 kg, 1 wasaq= 130, 56 kg).[5]
  3. Dilakukeun ku jalma anu butuh kurma baseuh.[5]
  4. Jalma anu hayang kurma baseuh henteu boga duit, manéhna ngan ukur boga korma garing jeung manéhna bisa naksir (Manhajus Salikin, 142).[5]

Jual beuli daging jeung sato[édit | édit sumber]

Henteu meunang ngalakukeun jual beuli kawas kieu.[5] Anu kudu dilakukeun nyaéta saméméhna éta sato kudu beresih tina tulang, sanggeus éta bisa ditukeuran jeung daging.[5] Lamun aya leuwihna dina takaran atawa timbangan, maka hal ieu kaasup kana riba fadl.[5] Contona jual beuli embé anu hirup kénéh ditukeuran jeung daging embé.[5]

Ti Sa'id bin Al Musayyib, anjeunna sasauran.[5]

أَنَّ النَّبِىَّ -صلى الله عليه وسلم- نَهَى عَنْ بَيْعِ اللَّحْمِ بِالْحَيَوَانِ

Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam melarang dari jual beli daging dan hewan” (HR. Malik dina muwatho’na 2: 655, Al Baihaqi 5: 296, Hakim dina mustadroknya 5: 357.).[5]

Al Baghowo nyebutkeun yén hadits Ibnul Musayyib sanajan mursal tapi dikuatan ku amalan sahabat.[5] Imam Syafi'i sorangan nganggap hadits mursal ti Sa'id bin Al Musayyib

Tingali SyarhAs Sunnah 8: 77).[5]

Jual beuli kredit ngaliwatan pihak katilu (leasing)[édit | édit sumber]

Kartu kiridit, anu kaasup kana salah sahiji praktek riba di jaman kiwari

Jual beuli sacara krédit mimitina mah bisa salila henteu ngalakukeun hal anu dilarang.[5] Tapi perlu diperhatikeun yén jual beuli krédit kudu ningali sababaraha kritéria.[5] Lamun teu diperhatikeun, urang bisa asup kana riba.[5] kritériana di antarana nyaéta:[5]

  1. barang anu dikiriditkeun geus jadi milik anu ngajual misalna bank.[5] Contona krédit mobil, dina kondisi siga kieu, anu meuli bisa meuli éta mobil sacara krédit kalawan harga anu geus ditangtukeun tanpa ayana denda lamun telat mayar.[5] Antara nu meuli jeung nu ngajual geus satuju iraha rék mayar cicilan, naha unggal bulan atawa sarupaning kitu.[5] Dina ieu hal geus aya angsuran mimiti (DP) sarta sésana dibayarkeun di ahir.[5]
  2. Barangna lain milik anu ngajual (bank) tapi milik pihak katilu.[5] Anu meuli ménta ka bank keur pangmeulikeun heula éta barang.[5] Tuluy nu meuli nyieun kasapakatan jeung pihak bank yén manéhna bakal meuli éta barang ti bank.[5] Tapi kalawan sarat, éta barang geus jadi milik bank, lain milik pihak katilu.[5] Ku lantaran éta, anu ngajamin karuksakan jeung lain sajabana nyaéta bank, lain pihak katilu.[5] Ayeuna, anu meuli bisa meuli éta barang ti bank kalawan harga anu geus disatujuan ku dua pihak.[5] Tapi, ieu jual beuli kudu nyumponan dua sarat nyaéta hargana jelas di antara dua pihak, sanajan aya tambahan tina harga meuli bank ti pihak katilu; jeung euweuh denda lamun telat mayar cicilan.[5] Lamun salah sahiji tina dua sarat éta henteu kacumponan, maka bakal kaasup kana riba.[5] Anu kahiji, bisa jadi meuli hiji barang anu can dipasrahkeun sacara sampurna, hartina can jadi milik bank tapi geus dijual ka nu meuli.[5] Ti Ibnu 'Abbas radhiyallahu 'anhuma, Rasulullah sasauran,[5]

مَنِ ابْتَاعَ طَعَامًا فَلاَ يَبِعْهُ حَتَّى يَسْتَوْفِيَهُ

Barangsiapa yang membeli bahan makanan, maka janganlah ia menjualnya kembali hingga ia selesai menerimanya.” Ibnu ‘Abbas mengatakan, “Aku berpendapat bahwa segala sesuatu hukumnya sama dengan bahan makanan.” (HR. Bukhari no. 2136 dan Muslim no. 1525)[5]

Ibnu ‘Umar radhiyallahu ‘anhuma sasauran[5]

كُنَّا فِى زَمَانِ رَسُولِ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- نَبْتَاعُ الطَّعَامَ فَيَبْعَثُ عَلَيْنَا مَنْ يَأْمُرُنَا بِانْتِقَالِهِ مِنَ الْمَكَانِ الَّذِى ابْتَعْنَاهُ فِيهِ إِلَى مَكَانٍ سِوَاهُ قَبْلَ أَنْ نَبِيعَهُ.

Kami dahulu di zaman Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam membeli bahan makanan. Lalu seseorang diutus pada kami. Dia disuruh untuk memerintahkan kami agar memindahkan bahan makanan yang sudah dibeli tadi ke tempat yang lain, sebelum kami menjualnya kembali.” (HR. Muslim no. 1527)[5]

Atawa bisa jadi asup kana riba lantaran wangunna sarua jeung ngahutangkeun mobil ka nu meuli tuluy nyokot kauntungan tina hutang.[5] Padahal para ulama geus satuju kana haramna kauntungan anu dicokot tina hutang piutang.[5]

Jual beuli utang jeung utang[édit | édit sumber]

Wangunna nyaéta hiji jalma meuli hiji barang ka nu lain kalawan jangka waktu, tapi éta barang can dipasrahkeun.[5] Nalika waktuna geus datang, barang anu dipesen can jadi waé, tuluy anu meuli ngomong, "Jual éta barang ka urang nepi ka cunduk ka waktuna, engké urang bakal méré leuwihna".[5] Jual beuli kacumponan tapi can aya serah tarima barang.[5] Wangun jual beuli ieu nyaéta ngajual hiji barang anu can aya jeung barang anu can aya ogé, sarta ayana riba lantaran dibarengan ku aya leuwihna.[5]

Ti Ibnu 'Umar radhiyallahu 'anhuma, anjeunna sasauran,[5]

أَنَّ النَّبِىَّ -صلى الله عليه وسلم- نَهَى عَنْ بَيْعِ الْكَالِئِ بِالْكَالِئِ

Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam melarang dari jual beli utang dengan utang” (HR. Ad Daruquthni 3: 71, 72. Syaikh Al Alabni nyebutkeun yén ieu hadits dhoif sakumaha dina Dho'iful Jaami' 6061).[5] Tapi harti ieu hadits bener sakumaha anu geus disatujuan ku para ulama yén teu meunang jual beuli hutang jeung hutang.[5] Ku lantaran ieu dina jual beuli salam (duit heula karak barangna) lumaku aturan duit sacara utuh jeung tunal henteu meunang aya anu ditunda.[5]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af "Pengertian Riba dan Hukum Riba yang Harus Diketahui" (dalam bahasa en-US). MuhammadHafizh.com. 2015-05-15. http://www.muhammadhafizh.com/pengertian-riba/. Diakses pada 2018-01-28 
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w Tarmizi, Erwandi (Agustus 2016). Harta Haram Muamalat Kontemporer. Berkat Mulia Insani Publishing. pp. 329–331. ISBN 9786021974209. 
  3. a b c d e f g "Pengertian Riba dalam Islam dan Macam-macam Riba". syariahbank.com. Diakses tanggal 29 Januari 2018. 
  4. a b c d e f g h i j k l m "Pengertian, Hukum, dan Macam Riba". al-badar.net. Diakses tanggal 2 Pebruari 2018. 
  5. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd be bf bg bh bi bj bk bl bm bn bo bp bq br bs bt bu bv bw bx by bz ca cb cc cd ce cf Abduh Tuasikal, Muhammad. "Bentuk Jual Beli yang Terlarang". Rumaysho.com. Diakses tanggal 2 Pebruari 2018. 
  6. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w "Sejarah Riba | Sekolah Muamalah". sekolahmuamalah.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-01-28. 
  7. a b c d e f 'Isa, Syaikh. "Riba, Pengertian dan Macam-macamnya". almanhaj.or.id. Diakses tanggal 2 Pebruari 2018. 
  8. a b c d Abadi, Rizki. "Mengenal Riba dan Kaitannya dengan Bunga Bank". cermati.com. Diakses tanggal 2 Pebruari 2018. 
  9. Ad-Dien, Hisyam. "Pengertian Riba dan Jenis-jenis Riba". Globalmuslim. Diakses tanggal 2 Pebruari 2018. 
  10. a b c d "Jenis-jenis riba". Zona Ekonomi Islam. Diakses tanggal 2 Pebruari 2018.