Buddha

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Patung Buddha ti Sarnath.

Gautama Buddha dibabarkeun ku ngaran Siddhārtha Gautama (Sanskerta: Siddhattha Gotama; Pali: "turunan Gotama nu tujuanna katepikeun"), anjeunna salajengna jadi sang Buddha (dina hartian harfiah: jalma anu geus nepi ka Cahya nu Sampurna). Anjeunna ogé dipikawanoh salaku Shakyamuni ('urang bijak ti kaum Sakya') jeung salaku sang Tathagata. Siddhartha Gautama nya éta guru spiritual ti wilayah timur laut India nu ogé mangrupa nu ngadegkeun Agama Buddha.[1]

Déskripsi[édit | sunting sumber]

Anjeunna sacara umum dianggap ku pangagem Agama Buddha salaku Buddha Agung (Sammāsambuddha) di mangsa kiwari. Waktu babar jeung maotna teu pasti: sabagéan sajarahwan ti mimiti abad ka-20 nyawang kahirupanna antara taun 563 SM nepi ka 483 SM; anyar ayeuna, di hiji simposium sabagéan ti ahli jeung ilmuwan nu ngajelaskeun pamadeganna nyawang ti 20 taun antara 400 SM keur waktu maotna, sedengkeun nu séjén nyoko kana tanggal nu leuwih awal atawa sanggeusna.[2]

Siddhartha Gautama mangrupa figure utama dina ajaran agama Buddha, katerangan ngeunaan kahirupanna, khotbahna, jeung aturan kaagamaanna nu dipercaya ku pangagem agama Buddha diwengku sanggeus maotna jeung dihapalkeun ku pangagemn. Sababaraha kumpulan kalengkepan pangajaran Siddhartha Gautama dibéré sacara lisan, jeung bentuk tulisan nalika munggaran dilakukeun 400 taun salajengna. Pelajar-pelajar ti nagara Barat leuwih nyoko ka narima biografi sang Buddha nu ngajelaskeun naskah Agama Buddha salaku catetan sajarah.[3]

Roda Dharma.

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. (en) The Buddha
  2. (en) The Dating of the Historical Buddha: A Review Article
  3. (en) [Lopez (1995). Buddhism in Practice. Princeton University Press. pp. 16.
Nulis.jpg