Al Jatsiyah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Al-Jatsiyah)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Al Jatsiyah
سورة الجاثية
Informasi
Golongan Makiyyah,
Surah ka 37
Juz Juz 25
Waktu turun wahyu 65 [1]
Statistik
Jumlah ayat 37 ayat
Jumlah kecap 480
Jumlah aksara 2190 [2]
Harf-e-Mukatta'at حم

Surat Al-Jatsiyah (Basa Arab:سورة الجاثية, "Al-Jatsiyah", Nu Deku bari hina) nyaéta surat ka-45 dina Al Qur'an. Surat ieu kaasup surat Makkiyah kawengku 37 ayat, turun sabada surat 44 Ad-Dukhon (Lebu), surat ka-64 dumasar turunna. Dingaranan surat Al-Jatsiyah (Nu Deku bari hina) dumasar ayat 28 nu ngiberkeun umat manusa carindeku dina poé kiamat. Ogé dingaranan As-Syariah dumasar ayat 18 nu ngiberkeun, hirup kudu nuturkeun syaréat Islam nu diajarkeun Nabi Muhammad saw.

Eusi Poko ieu Surat[édit | édit sumber]

Eusi pokok ieu surat, di antarana:

  • Ngéceskeun tauhid tina karaguan urang kafir jeung sombong
  • Ngécéskeun perkara manfaat, madarat jeung kagoréngan, kahadéan.
  • Ngécéskeun syariat Islam jeung iman, ancaman pikeun nu khianat
  • Ngécéskeun goréngna jalma nu ngumbar hawa nafsu, cilakana manusa di mahsyar
  • Ngécéskeun dihapuskeun catatan amal di lauhul mahfuzh
  • Ngécéskeun abadina kafirin di naraka
  • Ngécéskeun tahmid Gusti ku kecap anu pondok tapi eusi.

Ayat jeung tarjamah[édit | édit sumber]


حـمۤ

(1) Haamiim.


تَنزِيلُ ٱلْكِتَابِ مِنَ ٱللَّهِ ٱلْعَزِيزِ ٱلْحَكِيمِ

(2) (Ieu Kitab) Diturunkeun ti Gusti Alloh Nu Maha Gagah tur Maha Wijaksana.


إِنَّ فِي ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلأَرْضِ لأيَٰتٍ لِّلْمُؤْمِنِينَ

(3) Saéstuna di langit jeung bumi bener-bener jadi tanda-tanda pikeun jalma nu ariman.


وَفِي خَلْقِكُمْ وَمَا يَبُثُّ مِن دَآبَّةٍ ءَايَٰتٌ لِّقَوْمٍ يُوقِنُونَ

(4) Jeung dina nyiptakeun aranjeun tur sing sarwa nu ngarayap, jadi tanda-tanda pikeun kaum anu yaqin. jstrna.

Tadabbur jeung Tadzakkur[édit | édit sumber]

Cicirén[édit | édit sumber]

Ieu surat ngéceskeun yén Al-Quran téh lungsur ti Alloh SWT Nu Maha Gagah Maha Wijaksana. Di 7 sapatala langit ogé bumi jadi cicirén pikeun nu ariman. Ogé manusa, ciciptan Nu Maha Kawasa,jeung sing sakur nu kumelendang di bumi jadi cicirén pikeun kaom nu yakin. Silih antara beurang jeung peuting, sing sarwa nu turun ti langit mangrupa rejeki (cai), jadi cukang lantaran hirupna (pepelakan) bumi sabada paéh (sabab halodo), jeung angin nu ngahiliwir jadi cicirén pikeun kaom nu maké akalna (mikir). Ieu ayat Alloh diaoskeun ka Rosululloh Muhammad saw kalayan bener (ogé ka sakabéh umatna), cing ku naon deui maranéhna nu ingkar, supaya percaya ?

Cilaka[édit | édit sumber]

Cilaka pisan jalma nu sok wadul jeung loba dosa, saban ayat Alloh diaoskeun, gumedé sombong adigung ku payung butut. Béwarakeun tah nu kitu polah, siksa nu kacida peurih. Lamun apal ayat-ayat Alloh SWT malahan digeuhgeuykeun, dipaké guguyon, tah nu kitu polah, cawisna siksa nu kacida hina. Na'udzu billah, bararaid. Jahannam, dicawiskeun pinuh ku siksa nu kacida rohaka & kacida peurihna, Na'udzu billah, bararaid.

Alam sabudeureun[édit | édit sumber]

Alloh SWT nalukkeun laut ka manusa pikeun lalayaran bari néangan anugrah-Na supaya sukur. Langit miwah bumi sadayana, mangrupa tanda pikeun kaom nu mikir (tafakkur).

Wawales[édit | édit sumber]

Saha baé nu amalna hade, ogé nu nyieun amal goréng, pinasti bakal meunang wawales saluyu amalna, bari teu didholim saeutik ogé. Naha nyangka jalma nu deleka, maranéhna keur hirup jeung paéh, disaruakeun jeung jalma nu ariman tur amalna hadé. Goréng kacida kahayangna téh. Nu pinasti tiap jalma bakal meunang wawales saluyu kasabna.

Anak Incu Isroil[édit | édit sumber]

Anak turunan Isroil atanapi Bani Isroil (Isroil nami lain Nabi Yaqub as), éstu geus dilélér anugrah mangrupa kitab, hikmah, kanabian, rejeki nu hadé, jeung kautamaan ti antara manusa. Nanging sanggeus datang éta bukti-bukti bebeneran jeung élmu pngaweruh, éstu Bani Isroil pasalingsingan. Kukituna, baringsupagi mutuskeun nu dipasalingsingkeun dina poé kiyamah.

Syaré'at[édit | édit sumber]

Kangjeng Nabi Muhammad saw mawa syaré'at Islam pikeun dipiturut jeung ulah nurutkeun hawa nafsu bari teu maké élmu. Nu darolim moal bisa peta mun Alloh teu idin, sanajan maranéhna silih tulungan dek deleka. Alloh SWT nulungan jalma nu tarakwa (muttaqien), nu nyekel pageuh Al Qur'an minangka, padoman, pituduh sakabéh manusa, jeung rohmat pikeun kaom nu yakin.

Nafsu[édit | édit sumber]

Alloh SWT nu méré pituduh. Sedeng jalma nu nafsuna ngajurung amarah dipiturut baris sasar, ditutup pangreungeu, haté jeung panempona. Cing caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket. Ulah kabangbalér nu kedal ucap: "Dunya téh lawas, hirup ngan sakali ayeuna, bumen-bumen, meungpeung-meungpeung". Nu kieu poho ka purwadaksina, lamun datang ayat pépéling, geuwat ngagebés, pokna: "Cing mun bener datangkeun nu geus kolot nu geus paraéh". Alloh SWT nu medalkeun wahyu-Na, yén manusa hirup kumelendang di dunya, terus bakal paéh asup ka alam barzah, dikumpulkeun poé kiyamah, tapi kalolobaanana manusa teu nyaho kana ieu perkara.

Kiyamah[édit | édit sumber]

Kiyamah pasti datangna, ieu jangji Alloh SWT. Saban umat bakal madep ka Gusti Alloh SWT bari mawa kitabna masing-masing bari sideku, dibales sakabéh saluyu amalna.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Mushaf al-Madinah an-Nabawiyah (bi-Riwayah Hafsh). Madinah: Mujamma' al-Malik Fahd li-Thiba'ah al-Mushaf asy-Syarif. Halaman Ba'
  2. Bashair Dzittamyiz Fi Lathaif al-Kitab al-Aziz, al-bab al-awwal at-thorf ats-tsany a-mawaqif, bashirat fi حم. تنزيل الكتاب من الله العزيز الحكيم, Mazdudin Fairuz Abadi Muhammad bin Ya’qub

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Surat sateuacanna:
Ad Dukhon
Surat 45 Surat saparantosna:
Al Ahqof
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit
Nulis.jpg